A A A A A

Dosa: [Gosip]


2 Korintus 12:20
Sim kuring paur, sieun ari jol ka dieu nyampak aranjeun sulaya tina kahayang sim kuring, sabalikna sim kuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun timbul pacogregan seug garelut, sieun engke padengki-dengki, silih pikajengkel, silih hualkeun, silih upat jeung paagul-agul nepi ka jadi rusuh.

Ef 4:29
Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.

Keluaran 23:1
”Ulah ngaliarkeun beja teu puguh. Ulah daek biluk ka nu salah, nyimbutan kasalahanana.

Yakobus 1:26
Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.

Yakobus 4:11
Aranjeun ulah sok silih cawad jeung papada batur. Anu nyawad jeung nyalahkeun ka batur sakapercayaan, eta nyawad kana Hukum Allah. Lamun geus nyawad kana Hukum Allah, tandaning geus henteu nurut kana Hukum Allah, malah nyalahkeun.

Imamat 19:16
ulah bari ngagogoreng ngupat batur. Jeung lamun aya jelema kaancam hirupna teh belaan, terangkeun halna nu saenyana kumaha, malak mandar panyaksi maneh jadi pitulung. Kami teh PANGERAN.

Amsal 10:18-19
[18] Jalma anu nyumputkeun kangewa, eta ngabohong. Jalma anu resep ngupat mah eta teh jelema gejul.[19] Beuki loba omong beuki loba masiat. Jalma lantip budi mah resep keneh balem.

Amsal 11:9-13
[9] Omongan jalma jahat matak binasa, sabalikna hikmah jelema saleh mah matak salamet.[10] Anu jujur ana meunang bagja, sanagara milu suka. Sabalikna jalma jahat mah ana paeh pada nyurakan.[11] Ku restuna jalma-jalma jujur, kota bisa alus. Sabalikna ku omongan jalma-jalma jahat mah kota teh ruksak.[12] Ngahina batur kalakuan anu gejul. Nu lantip mah sungutna repeh.[13] Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.

Amsal 16:28
Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan.

Amsal 17:9
Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.

Amsal 18:8-21
[8] Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.[9] Jalma kedul sarua gorengna jeung jelema nu ngaruksak.[10] Jenengan PANGERAN lir benteng anu tohaga. Jalma anu ibadah bisa muru ka dinya, tangtu rahayu.[11] Ari ceuk pangrasa nu baleunghar, harta bandana teh bisa ngajaga dirina, lir kuta tohaga ngabudeur nagara.[12] Ari hayang dihormat kudu rendah hate. Ari angkuh mah baris tijungkel.[13] Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.[14] Kahayang kana cageur ari keur gering, bisa nunjang kakuatan. Leungit eta, harepan ge musna.[15] Jelema pinter mah kana nyiar elmu teh mani nyongsrong tur junun.[16] Anjeun rek ngadeuheus ka jelema penting? Bawakeun tanda katineung, moal teu lungsur-langsar.[17] Nu nyarita ti heula di pangadilan, memeh lawanna ngabantah mah caritana sok siga enya.[18] Lamun dua jalma nu sarua kawasana padu di pangadilan, bisa disapih ku ngalung dadu.[19] Kudu nulung ka dulur, engke manehna ngabela ka urang lir kuta anu tohaga ngabenteng nagara. Sabalikna lamun digetrengan, kaanjangan ge embungeun.[20] Jamuga moalna urang, gumantung kana omongan sorangan.[21] Sabab hirup teh goreng ku omong hade ku omong. Balukar tina omongan urang, nu nanggungna urang-urang keneh.

Amsal 20:19
Nu beuki ngobrol mah teu bisa dibawa nyekel rasiah. Anu loba omong leuwih hade dijauhan.

Amsal 26:20
Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun.

Mazmur 34:13
Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?

Mazmur 41:7
Rajeun ngaralayad mung dapon bae, sareng ngumpulkeun wartos-wartos awon hal abdi, seug diuar-uar ka mana-mana.

Mazmur 141:3
Nun PANGERAN, tempatkeun pangawal dina sungut abdi, tempatkeun nu kemit dina biwir abdi.

Amsal 18:6-7
[6] Lamun nu gejul geus mimiti ngasongkeun alesan, eta sarua jeung menta paneunggeul.[7] Nu gejul mah ana geus nyarita sok terus ngocoblak, nepi ka karingkus ku ucap-ucapna keneh.

1 Timotius 5:13-14
[13] Jeung ongkoh sok dialajar natangga ka saban imah. Malah aya nu leuwih goreng ti kitu, dialajar ngupat, campur kana urusan batur, jeung ngobrolkeun anu teu parantes.[14] Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.

1 Timotius 3:9-11
[9] kudu ngaku ku budi rasa anu beresih yen agamana teh nyata benerna.[10] Anu matak kudu diuji heula tabeatna, lamun lulus kakara jenengkeun.[11] Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.

Amsal 26:20-22
[20] Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun.[21] Ruhak lamun diarengan ruhay, seuneu lamun disuluhan ngagedur, pasea lamun dihucuhkeun beuki rongkah.[22] Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.

Roma 1:29-32
[29] Hatena pinuh ku napsu-napsu jahat, doraka, sarakah, licik, pinuh ku kasirik, ku napsu hayang maehan, ku napsu gelut, ku tipu daya, jeung ku napsu ngunek-ngunek, silih gorengkeun,[30] silih omongkeun, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung, gede omong; pinter kana kagorengan, basangkal ka indung bapa;[31] ka batur embung ngarti, lanca-linci kana jangji, ka batur taya karunya.[32] Maranehanana nyarahoeun yen ceuk hukum Allah anu kalakuanana kitu teh maot bagianana. Tapi salian ti angger kalakuanana teh, malah bari panuju ka anu kalakuanana cara maranehanana.

Titus 2:2-5
[2] Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

Roma 1:28-32
[28] Ku sabab maranehanana ngarasa teu perlu nyaho kana hal Allah, pipikiranana ku Allah diantep sina ruksak, nepi ka marigawe kalakuan anu kuduna dicegah.[29] Hatena pinuh ku napsu-napsu jahat, doraka, sarakah, licik, pinuh ku kasirik, ku napsu hayang maehan, ku napsu gelut, ku tipu daya, jeung ku napsu ngunek-ngunek, silih gorengkeun,[30] silih omongkeun, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung, gede omong; pinter kana kagorengan, basangkal ka indung bapa;[31] ka batur embung ngarti, lanca-linci kana jangji, ka batur taya karunya.[32] Maranehanana nyarahoeun yen ceuk hukum Allah anu kalakuanana kitu teh maot bagianana. Tapi salian ti angger kalakuanana teh, malah bari panuju ka anu kalakuanana cara maranehanana.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society