A A A A A

Dosa: [Kerakusan]


1 Korintus 6:12
Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.

1 Korintus 10:7
ulah nyarembah brahala kawas sabagian maranehanana. Kitab Suci nyebutkeun, ”Eta jelema-jelema dariuk dahar nginum, tuluy marotah marabok inuman jeung igel-igelan.”

1 Korintus 15:32
Lamun ngan nurutkeun timbangan manusa bae mah naon untungna sim kuring di Epesus sasat kudu tarung jeung sato-sato galak? Sabab lamun bener nu geus maot moal dihirupkeun deui, nya mending sakumaha ceuk kacapangan, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.”

Ulangan 21:20
Kecap nyerenkeunana kieu, ’Ieu pun anak teh bedang, wangkelang tukang ngalawan, awuntah kana artos, sareng resep mabok.’

Yehezkiel 16:49
Adi maneh saanak-anakna awewe teh kamagungan, rasa maneh lubak-libuk ku hakaneun, rasa maneh aman taya pikahariwangeun, embung malire ka nu kekere, embung ha’at ka nu malarat,

Kejadian 3:6
Seug tangkal teh ku eta awewe dipelong, pohara endahna, buahna bangun pohara ngeunahna. Ceuk pamikirna, tada teuing ahengna mun bisa terang kana sagala hal. Tuluy bae metik buahna seug didahar. Sok carogena dibere, tuluy milu ngadahar.

Filipi 3:19
Sabab anu karitu teh geus tangtu carilaka, da miallahna kana kabeuki badani. Ngalampahkeun nu aeb teh maranehna mah malah agul, jeung ngan malikiran kadunyaan bae.

Amsal 23:2
Najan pohara laparna kudu nyengker maneh.

Amsal 23:21
Sabab pamabokan jeung tukang nyatu mah temahna matak malarat. Hirup ngan nyatu jeung hees bae mah alamat rudin ruwang-rawing.

Amsal 28:7
Budak ngora anu tigin kana aturan, cingcirining pinter. Tapi anu nyobat jeung anu baragajul mah tangtu ngerakeun bapana.

Mazmur 119:70
Maranehna teu ngalartieun kana hukum Gusti, nanging abdi mah malah bagja ku eta.

Roma 13:14
Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.

Titus 1:12
Samalah kungsi aya hiji nabi, urang Kreta keneh, nyarita kieu: ”Urang Kreta mah sapapanjangna barohong bae, jeung rarakus saperti sato galak, turug-turug ngaredul!” Da saenyana atuh! Nu matak ku hidep kudu diweweleh, sina sehat deui imanna,

Amsal 23:20-21
[20] Poma ulah pipilueun jeung jalma-jalma anu barareuki teuing anggur, atawa tukang ngadedetan bae beuteung.[21] Sabab pamabokan jeung tukang nyatu mah temahna matak malarat. Hirup ngan nyatu jeung hees bae mah alamat rudin ruwang-rawing.

1 Korintus 6:19-20
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Mazmur 115:4-8
[4] Aallahan maranehna mah tina perak, tina emas, bubuatan leungeun jelema.[5] Sungutan tapi teu lemek, mataan tapi teu nenjo,[6] ceulian tapi teu ngareungeu, irungan tapi teu ngambeu,[7] leungeunan tapi teu bisa rarampa, sukuan tapi teu bisa leumpang, genggerongan tapi teu bisaeun nyoara.[8] Sing cara kitu sakur anu nyarieunna jeung anu nyarembahna, sing cara arca-arca bubuatanana.

Roma 14:13-17
[13] Ku sabab kitu enggeus urang teh ulah silih cawad deui. Anggur sabalikna sing sabisa-bisa ulah nyieun lantaran dulur tikosewad labuh kana dosa.[14] Tina ngahiji jeung Gusti Yesus teh sim kuring meunang kayakinan, yen dasarna mah kadaharan teh teu aya anu najis. Tapi pikeun jelema anu nganggap aya sawatara kadaharan anu najis, tangtu bae pikeun manehna mah eta kadaharan teh jadi najis.[15] Lamun aranjeun nganyerikeun hate dulur tina sual kadaharan, kalakuan kitu teh nandakeun aranjeun geus taya kanyaah. Ulah ngaruksak hate dulur ku sual anu didahar ku aranjeun, da Kristus pupus teh kapan keur manehna oge![16] Hal anu ku aranjeun dianggap hade teh ulah matak jadi goreng kasebutna.[17] Di Karajaan Allah mah nu penting teh lain hal anu didahar jeung diinum, tapi nya eta bener lampah, hirup rukun, narimakeun reujeung suka sakur anu dipaparinkeun ku Roh Suci.

Mazmur 78:26-31
[26] Sarta Mantenna miwarang angin wetan ngahiuk, sarta ku pangawasa-Na angin kidul ngagelebug,[27] ngintun manuk ka umat-Na, lobana tanding keusik di basisir,[28] murubut ka tengah pasanggrahanana di sakuliah tempat maranehna.[29] Umat-Na disina sareubeuh dahar, sakahayangna ditumutkeun.[30] Tapi tacan ge puas napsu maranehna, sabot keur dalahar keneh,[31] geus matak bendu PANGERAN. Heug jelema-jelema anu pangbaredasna, pamuda-pamuda Israil, ku Mantenna dibinasa.

2 Timotius 3:1-9
[1] Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.[2] Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;[3] taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;[4] resep ngahianat,, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;[5] ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.[6] Aya anu nyulusup ka imah batur, mikat awewe hengker anu beurat ku dosa jeung kasalahan sarta diudag-udag ku rupa-rupa kahayang,[7] awewe-awewe anu haben bae menta diajar, tapi teu datang ka nyaho kana hal anu bener.[8] Eta jelema-jelema teh pikir benerna geus teu jalan, imanna geus runtag, kawas Yanes jeung Yambres anu ngalawan ka Musa tea.[9] Tapi kituna teh moal laju deui, kageloanana bakal tereh katara ku sarerea, cara Yanes jeung Yambres.

Bilangan 11:18-34
[18] Pek ka ditu bejakeun ka jelema-jelema, kieu kituh, ’Ari harayang daging, maraneh isukan kudu susuci. Maraneh ngeceblek majar hayang teuing nyatu daging, majar ngeunah keneh ge di Mesir. Omongan maraneh teh kadangu ku PANGERAN, sarta Mantenna tangtu engke maparin daging, sangkan maraneh nyaratu daging.[19] Lain sapoe dua poe, lain ngan lima poe atawa sapuluh poe atawa dua puluh poe,[20] tapi sabulan campleng bakal nyaratu daging, nepi ka daging teh barijilan deui tina ceuli, nepi ka maraneh garering utah-utahan. Bongan maraneh keneh anu geus teu ngahiding ka PANGERAN anu aya di tengah maraneh. Bongan maraneh keneh anu geus ngarasula ka Mantenna, majar mending ge tong budal ti Mesir.’ ”[21] Musa miunjuk, ”Anu diurus ku abdi teh 600.000 jalmi. Saur Gusti sadayana bade dipaparin daging dugi ka sasasih campleng. Kumaha?[22] Na cekap sapina, dombana, peunciteun dugi ka maranehna sareubeuheun? Na cekap lauk di laut kanggo diteda ku maranehna?”[23] PANGERAN ngawaler, ”Ari pangawasa Kami na aya watesna? Tenjokeun ku maneh, timbalan Kami teh baris bukti atawa moal!”[24] Bral Musa angkat nepangan jelema-jelema nepikeun timbalan PANGERAN tea. Anjeunna ngumpulkeun tujuh puluh urang pamingpin, tuluy sina ngariung Kemah Suci.[25] Seug PANGERAN lungsur dina mega nimbalan ka Musa, ti dinya nyandak sabagian pangawasa anu ngancik di Musa diancikkeun ka anu tujuh puluh pamingpin tea. Barang Roh tea ngancik, maranehna ujug-ujug ngagarero kawas nabi, ngan teu lila.[26] Ti nu tujuh puluh urang tea aya duaan anu ninggalkeun maneh di pasanggrahan henteu marilu indit ka Kemah Suci, ngaranna Eldad jeung Medad. Maranehna oge kaancikan Roh, seug deuih ngagarero kawas nabi, di pasanggrahan.[27] Tuluy aya budak ngora lumpat ka Musa bebeja hal Eldad jeung Medad kitu.[28] Pok Yosua bin Nun anu gagandek ka Musa ti ngongora unjukan ka anjeunna, ”Hulag, Juragan!”[29] Waler Musa, ”Pipilueun teuing kana urusan kami! Kahayang kami mah malah sing saban jelema ku PANGERAN diancikan Roh, sina barisa ngucap kawas ucapan nabi!”[30] Geus kitu Musa jeung para pamingpin tea marulang deui ka pasanggrahan.[31] Gelebug aya angin ti PANGERAN, mawa manuk puyuh ti laut, haliberna harandap pisan, teu sameter-meter acan tina taneuh, tuluy tarurun ka pasanggrahan, nakleuk sakuriling bungking nepi ka sababaraha kilometer jauhna.[32] Sapoe eta nepi ka sapeupeuting, nepi ka isukna deui jelema-jelema narewakan puyuh. Beubeunangan saurangna paling saeutik sarebu kilogram. Dagingna diparoe sakuriling pasanggrahan.[33] Tacan beak eta daging didalahar, PANGERAN bendu, seug narajangkeun pagebug ngabasmi ka maranehna.[34] Ti dinya eta tempat dingaranan Kibrot Taawa, anu hartina ”Kuburan Kahawekan”, sabab jadi kuburan jelema-jelema anu harawek kana daging.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society