A A A A A

Dosa: [Iri]


1 Korintus 13:4
Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.

Galatia 5:26
Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.

Yakobus 3:14-16
[14] Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.[15] Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.[16] Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.

Roma 1:29
Hatena pinuh ku napsu-napsu jahat, doraka, sarakah, licik, pinuh ku kasirik, ku napsu hayang maehan, ku napsu gelut, ku tipu daya, jeung ku napsu ngunek-ngunek, silih gorengkeun,

1 Petrus 2:1
Ku sabab kitu jaga diri tina sagala kajahatan. Ulah sok ngabohong deui, ulah sok pura-pura deui, ulah sok hiri dengki deui, ulah make deui basa anu nyararogok.

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

Titus 3:3
Urang sorangan ge bareto mah bodo, bantahan, sasar, jadi budakna hawa napsu jeung rupa-rupa kasukaan, hirup dikepung ku rasa timburu jeung dengki, batur ngewa ka urang, urang ngewa ka batur.

1 Timotius 6:4
eta teh guminter padahal taya kanyaho. Panyakitna teh bantahan, resep parebut omong nepi ka nimbulkeun dengki, resep pasea, resep nyawad, timburuan,

Yakobus 3:14-16
[14] Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.[15] Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.[16] Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.

1 Petrus 2:1-2
[1] Ku sabab kitu jaga diri tina sagala kajahatan. Ulah sok ngabohong deui, ulah sok pura-pura deui, ulah sok hiri dengki deui, ulah make deui basa anu nyararogok.[2] Sing saibarat orok anu anyar medal, anu salawasna aus ku cisusu murni, aranjeun kudu salawasna aus ku ”cisusu murni” anu sipatna rohani, nya eta sabda Allah. Sabab lamun nginum eta aranjeun bakal tumuwuh reujeung salametna.

Filipi 1:15
Memang aya anu ngawawarkeunana hal Kristus teh kajurung ku hate sirik jeung hayang cekcok. Tapi karereaanana mah kajurung ku kaihlasan

1 Timotius 6:4-5
[4] eta teh guminter padahal taya kanyaho. Panyakitna teh bantahan, resep parebut omong nepi ka nimbulkeun dengki, resep pasea, resep nyawad, timburuan,[5] papaduan teu eureun-eureun jeung anu saruana, jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna. Jeung panyangkana agama teh bisa dipake jalan cari untung.

Roma 1:28-32
[28] Ku sabab maranehanana ngarasa teu perlu nyaho kana hal Allah, pipikiranana ku Allah diantep sina ruksak, nepi ka marigawe kalakuan anu kuduna dicegah.[29] Hatena pinuh ku napsu-napsu jahat, doraka, sarakah, licik, pinuh ku kasirik, ku napsu hayang maehan, ku napsu gelut, ku tipu daya, jeung ku napsu ngunek-ngunek, silih gorengkeun,[30] silih omongkeun, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung, gede omong; pinter kana kagorengan, basangkal ka indung bapa;[31] ka batur embung ngarti, lanca-linci kana jangji, ka batur taya karunya.[32] Maranehanana nyarahoeun yen ceuk hukum Allah anu kalakuanana kitu teh maot bagianana. Tapi salian ti angger kalakuanana teh, malah bari panuju ka anu kalakuanana cara maranehanana.

Galatia 5:19-26
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.[22] Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,[23] handap asor, nahan napsu. Ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum.[24] Napsu badan jeung sagala pangajakna teh ku jelema anu geus jadi kagungan Kristus Yesus mah geus dipaehkeun.[25] Ku sabab urang hirup teh ku Roh Allah, tangtu kudu nurut kana panuyunna.[26] Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.

Yakobus 3:14-15
[14] Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.[15] Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.

Amsal 14:30
Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.

Ayub 5:2
Aral ku diri, hayang paeh awahing ku jengkel-jengkelna, eta mah nya bodo nya tanpa guna.

Pengkhotbah 4:4
Jeung ku kami geus kaharti naon sababna jelema-jelema paropohoan malar usahana hasil. Taya lian ti sirik, kabita ku batur. Ieu oge mubadir, ibarat ngajaring angin.

Amsal 3:31
Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan.

Amsal 23:17
Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN.

Amsal 24:1
Ulah sirik ka nu jahat, jeung ulah hayang nyobat,

Ayub 5:2-3
[2] Aral ku diri, hayang paeh awahing ku jengkel-jengkelna, eta mah nya bodo nya tanpa guna.[3] Kuring geus manggih aya nu garejul nararanjung, tapi harita keneh ge tempat tinggalna ku kuring disapa.

Amsal 27:4
Amarah teh bengis tur ngaruksak. Tapi sirik-pidik mah leuwih-leuwih.

1 Korintus 3:3
lantaran hirup aranjeun masih keneh nurutkeun tabeat dunya. Silih dengkian, cekcok ngadu omong jeung pada batur, lain nyirikeun masih keneh hirup nurutkeun hawa dunya ari kitu teh?

Roma 13:13
Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.

Matius 27:18
Mariksana kitu lantaran uninga enya-enya, yen nu matak eta para kekentong urang Yahudi nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh lantaran ngarasa dengki.

Kisah Para Rasul 13:45
Nenjo anu karumpulan sakitu lobana, urang Yahudi kacida darengkieunana, tuluy ngahina ka Paulus, piwulang anjeunna dibarantah.

Mazmur 37:1
Ti Daud. Ulah salempang ku lampah jalma jahat, ulah kabita ku talajak jalma goreng.

Kisah Para Rasul 7:9
Putra Yakub anu jenenganana Yusup dipikasirik ku raka-rakana, dijual ka urang Mesir sina jadi badega. Nanging Yusup diaping ku Allah,

Markus 15:10
Anjeunna uninga pisan yen anu darengki jeung nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh imam-imam kapala.

Kisah Para Rasul 17:5
Tapi urang Yahudi darengki, tuluy ngumpulkeun jalma-jalma galandangan ti jalan-jalan, sanggeus meunang loba tuluy nyieun rusuh di sakuliah kota. Imah Yason ditarajang neangan Paulus jeung Silas, rek disered ka jalma rea.

Yakobus 4:5
Ulah dikira tanpa alesan Kitab Suci nyebutkeun, ”Di jero diri urang Allah nempatkeun roh anu keras kahayangna.”

Kejadian 26:14
Barang urang Pelisti nyarahoeun yen Ishak kagungan ingon-ingon embe, domba, kitu deui badega-badega sakitu lobana, seug jadi malik sirik.

Yohanes 8:32
sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.”

Mazmur 73:3
lantaran kaula teh panas ka nu karumaki, dumeh nu daroraka teh sararenang hirupna.

Yesaya 26:11
Musuh-musuh Gusti teu gaduh pangira yen ku Gusti bakal dihukum. Sina areraeun nun PANGERAN, sina sangsara, sina nandangan nyerina hukuman, anu ku Gusti parantos dipastikeun. Pintonkeun kumaha nyaahna Gusti ka umat Gusti.

Yehezkiel 35:11
Demi Kami teh PANGERAN, Allah anu jumeneng, eta kaangkaraan, rasa sirik jeung kageuleuh maneh ka umat Kami, ku Kami tangtu dibales. Umat Kami sina nyarahoeun yen peta maneh kitu ka maranehanana ku Kami dibales.

Keluaran 20:17
Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur.”

1 Timotius 3:15
Tapi bisi bae elat, hidep geus nyaho tina ieu surat kudu kumaha lampah hirup di kalangan warga Allah, nya eta di gareja Allah anu jumeneng, anu jadi tihang jeung panyangga kayaktian.

Ester 5:13
Tapi ana geus nenjo si Mordekai, si Yahudi, diuk di lawang karaton, les bae eta kabagjaan teh leungit, asa taya hartina.”

Galatia 5:1
Urang geus bebas, merdeka, geus dibebaskeun ku Kristus! Sing tetep jadi jelema bebas, ulah daraek dibudakkeun deui.

Yudas 1:24
Ka Mantenna, anu kawasa ngaraksa ka aranjeun sangkan hirup aranjeun henteu labuh, anu kawasa nyandak aranjeun ka payuneun kamulyaana-Na dina kaayaan bagja jeung tanpa cela,

Mazmur 73:17-20
[17] Tungtungna abdi asup ka Bait Gusti, nembe ngartos bakal kumaha engkena eta nu jarahat teh.[18] Maranehna baris ditempatkeun di nu laleueur, sina lalabuh carilaka.[19] Ku Gusti ditumpur sakedat netra, kitu tungtung panganggeusanana, pikagimireun.[20] Sapertos impian, bray isuk teh buyar; barang Gusti cengkat, les maranehna musna.

Kejadian 31:1
Hiji mangsa Yakub ngadangu diupat ku putra-putra Laban, cenah, ”Yakub geus ngarampogan sagala rupa ti bapa urang. Beunghar soteh bane beunang nyokotan ti bapa urang.”

Bilangan 16:3
Ngaronom ka Musa jeung Harun sarta nangtang kieu, ”Andika geus kaleuleuwihi! Bangsa Israil teh kagungan PANGERAN. Anu disarengan ku PANGERAN teh urang, kabeh. Jadi naon leuwihna andika, he Musa, make munjulkeun maneh ti sapakumpulan umat PANGERAN?”

Mazmur 106:16
Waktos di gurun keusik, maranehna sirik ka Musa sareng ka Harun, abdi PANGERAN.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society