A A A A A

Dosa: [Perceraian]


Matius 19:9
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”

Matius 5:32
Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”

Lukas 16:18
Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin ka awewe sejen, eta lalaki teh jinah; kitu deui lalaki anu ngawin awewe anu geus diserahkeun, eta oge lalaki teh jinah.”

1 Korintus 7:10-11
[10] Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.[11] Tapi lamun nepi ka ninggalkeun kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki, kitu deui salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.

Matius 5:31-32
[31] ”Aya deui kieu: ʼAnu nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak.ʼ[32] Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”

Matius 19:3-9
[3] Aya urang Parisi anu nyalampeurkeun ka Anjeunna rek ngadoja, nyual kieu, ”Ari Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun bojona ku lantaran naon bae?”[4] Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?[5] Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ[6] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”[7] Ceuk urang Parisi, ”Geuning Musa ngayakeun aturan yen lalaki kudu mere surat talak ka pamajikanana anu diserahkeun?”[8] Waler Yesus, ”Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.[9] Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”

Markus 10:2-12
[2] Urang Parisi ge aya nu daratang, niatna rek ngadoja ka Anjeunna. ”Kumaha Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikanana?” maranehna nyual.[3] Ku Yesus diwaler ku sual deui, ”Parentah Musa ka aranjeun kumaha?”[4] Jawabna, ”Musa ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikan, asal mere surat talak.”[5] Saur Yesus, ”Musa pang ngayakeun aturan kitu ka aranjeun teh lantaran aranjeun hese pisan diajar.[6] Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ’Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe.[7] Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’[8] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.[9] Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”[10] Sanggeus araya di imah, hal eta ku murid-murid ditanyakeun ka Anjeunna.[11] Ari saur-Na, ”Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed ti pamajikanana.[12] Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”

1 Korintus 7:10-16
[10] Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.[11] Tapi lamun nepi ka ninggalkeun kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki, kitu deui salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.[12] Nasehat ka anu sejenna (ieu mah nasehat ti sim kuring, lain ti Gusti): Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun.[13] Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.[14] Sabab sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.[15] Tapi lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae, meunang. Dina hal kieu, boh lalakina boh awewena anu Kristen bisa bebas, sabab kahoyong Allah umat-Na teh hirup rukun.[16] Sabab anjeun, bojo anu percaya ka Kristus, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun salaki? Kitu keneh salaki anu Kristen, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun pamajikan?

Matius 19:3-12
[3] Aya urang Parisi anu nyalampeurkeun ka Anjeunna rek ngadoja, nyual kieu, ”Ari Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun bojona ku lantaran naon bae?”[4] Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?[5] Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ[6] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”[7] Ceuk urang Parisi, ”Geuning Musa ngayakeun aturan yen lalaki kudu mere surat talak ka pamajikanana anu diserahkeun?”[8] Waler Yesus, ”Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.[9] Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”[10] Ari ceuk murid-murid ka Anjeunna, ”Upami antawis salaki sareng pamajikan kitu sualna mah atuh langkung sae henteu kawin.”[11] Waler Yesus, ”Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.[12] Sababna jelema teu bisa kawin teh rupa-rupa, aya nu geus perbawa ti barang lahir, aya anu dilantarankeun ku pada jalma nepi ka teu bisa kawin, aya oge anu ku tekadna sorangan ngarah lugina kumawulana ka Allah. Anu bisa narima ieu pangajaran, pek lampahkeun kitu.”

Markus 10:12
Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”

Ulangan 24:1-4
[1] ”Upamana, hiji lalaki ngawin hiji awewe tuluy beak kasukaan lantaran pamajikanana nyieun teu pikaresepeun, seug bojona teh dibere surat talak sarta diusir ti imahna.[2] Upamakeun eta awewe boga salaki deui ka nu sejen,[3] tapi ku nu ieu ge diserahkeun sarta diusir ti imahna dumeh geus beak duriat. Atawa, upamana bae salakina anu pandeuri teh tilar dunya.[4] Eta awewe anu pisah ti salakina anu pandeuri teh boh ku sabab diserahkeun, boh ku sabab katilar maot, teu meunang diruju ku salakina anu ti heula, kudu dianggap awewe anu geus ceda. Mun dibalikan deui matak cua ka PANGERAN. Peupeujeuh ulah nyieun kanistaan kawas kitu di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.”

Maleakhi 2:16
”Kami ijid kana pepegatan,” timbalan PANGERAN Allah Israil. ”Kami geuleuh lamun ti maraneh aya anu nyieun peta telenges kitu ka pamajikanana. Jaga, ulah nepi ka maraneh ingkar tina jangji satia ka pamajikan maraneh.”

1 Korintus 7:39
Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.

Roma 7:2-5
[2] Contona, awewe kabeungkeutna ku hukum ka salakina teh ngan satungtung salakina hirup keneh.[3] Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.[4] Tah aranjeun oge kitu, dulur-dulur! Aranjeun tina Hukum Agama Yahudi geus maraot, sabab geus ngahiji jeung salira Kristus, jadi kagungan Anjeunna anu geus digugahkeun tina maot, supaya hirup aranjeun dipake kumawula ka Allah.[5] Waktu hirup urang nurutkeun keneh kahayang sorangan, eta kahayang-kahayang teh timbulna ku lantaran aya Hukum Agama anu mangaruhan diri urang. Ku lantaran kitu harita urang teh jadi ngawula kana maot.

Ibrani 13:4
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

Ulangan 24:1
”Upamana, hiji lalaki ngawin hiji awewe tuluy beak kasukaan lantaran pamajikanana nyieun teu pikaresepeun, seug bojona teh dibere surat talak sarta diusir ti imahna.

Matius 19:4-6
[4] Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?[5] Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ[6] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”

Matius 18:15-17
[15] ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.[16] Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ʼPikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.ʼ[17] Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.

Maleakhi 2:14-16
[14] Maraneh nanyakeun naon sababna Mantenna teu kersaeun nampi. Sababna lantaran uningaeun, maraneh ingkar jangji ka pamajikan anu dikawin ti jaman maraneh ngora. Maraneh ingkar tina jangji arek satia ka pamajikan, ka batur hirup maraneh, jangji anu diikrarkeunana di payuneun Allah.[15] Jiwa raga maraneh jeung pamajikan teh lain geus disatunggalkeun Allah? Naon maksud Mantenna kitu teh? Nya eta sangkan maraneh boga anak, anu baris jadi umat Allah anu tulen. Ku sabab eta kudu dijaga, sangkan ti lebah maraneh saurang ge ulah aya anu ingkar tina jangji satia ka pamajikan.[16] ”Kami ijid kana pepegatan,” timbalan PANGERAN Allah Israil. ”Kami geuleuh lamun ti maraneh aya anu nyieun peta telenges kitu ka pamajikanana. Jaga, ulah nepi ka maraneh ingkar tina jangji satia ka pamajikan maraneh.”

Ef 5:22-23
[22] Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.[23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.

1 Timotius 5:8
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.

1 Korintus 7:17-24
[17] Masing-masing kudu hirup nuturkeun panuyun Allah, sakumaha anu geus diatur ku Mantenna waktu masing-masing mimiti disaur. Hal ieu diajarkeun ku sim kuring di unggal jamaah.[18] Upamana, jelema anu waktu disaur ku Allah enggeus disunat, teu kudu ihtiar supaya tanda sunatna leungit. Jelema anu waktu disaur ku Allah tacan disunat, ulah menta disunat.[19] Disunat teu disunat teu jadi sual, nu utama mah nurut kana parentah-parentah Allah.[20] Sing tetep-tetep hirup sakumaha waktu mimiti meunang panyaur Allah.[21] Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.[22] Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.[23] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh mahal, anu matak ulah jadi abdina sasama manusa.[24] Kitu dulur-dulur, sing tetep-tetep aya di Allah sakumaha kaayaan waktu disaur ku Mantenna.

Matius 23:23
Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

Roma 7:1-3
[1] Dulur-dulur! Aranjeun geus tarerang kana hukum. Tangtu tarerang, hukum teh kakuatanana ngan sapanjang urang keur hirup keneh.[2] Contona, awewe kabeungkeutna ku hukum ka salakina teh ngan satungtung salakina hirup keneh.[3] Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.

Lukas 6:30
Anu barang penta kudu dibere, jeung lamun kaboga maraneh naon bae aya nu nyokot, ulah dipenta deui.

Matius 19:6-12
[6] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”[7] Ceuk urang Parisi, ”Geuning Musa ngayakeun aturan yen lalaki kudu mere surat talak ka pamajikanana anu diserahkeun?”[8] Waler Yesus, ”Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.[9] Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”[10] Ari ceuk murid-murid ka Anjeunna, ”Upami antawis salaki sareng pamajikan kitu sualna mah atuh langkung sae henteu kawin.”[11] Waler Yesus, ”Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.[12] Sababna jelema teu bisa kawin teh rupa-rupa, aya nu geus perbawa ti barang lahir, aya anu dilantarankeun ku pada jalma nepi ka teu bisa kawin, aya oge anu ku tekadna sorangan ngarah lugina kumawulana ka Allah. Anu bisa narima ieu pangajaran, pek lampahkeun kitu.”

Ef 5:31
Ceuk Kitab Suci, ”Ku sabab kitu lalaki teh bakal ninggalkeun indung bapana, terus ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana bakal jadi hiji.”

Yeremia 3:8
Katenjoeun deuih yen Israil ku Kami dipirak, terus diusir, lantaran henteu balik deui ka Kami tur jadi awewe bangor. Tapi eta dulurna Israil, Yuda nu teu satia, henteu sieuneun. Manehna oge jadi awewe dayang,

Kisah Para Rasul 2:38
Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.

Roma 4:15
Hukum Agama Yahudi teh jadi lantaran Allah bendu. Tapi moal aya palanggaran lamun papagonna teu aya.

1 Korintus 7:14-15
[14] Sabab sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.[15] Tapi lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae, meunang. Dina hal kieu, boh lalakina boh awewena anu Kristen bisa bebas, sabab kahoyong Allah umat-Na teh hirup rukun.

Matius 19:1
Sanggeus nyarios kitu Yesus angkat ti Galilea ka daerah Yudea peuntaseun Walungan Yordan.

1 Korintus 7:8-9
[8] Ayeuna nasehat pikeun anu tacan kawin, jeung awewe randa. Hadena mah angger nyorangan cara sim kuring.[9] Tapi ari teu tahan mah pek bae kawin, sabab ti batan marudah napsu mending kawin.

Maleakhi 2:13-16
[13] Aya deui kalakuan maraneh. Maraneh geus ngeueum altar PANGERAN ku cimata maraneh; maraneh ngaradon ceurik jeung sasambat di dinya, lantaran Mantenna geus teu kersaeun narima deui pangbakti maraneh.[14] Maraneh nanyakeun naon sababna Mantenna teu kersaeun nampi. Sababna lantaran uningaeun, maraneh ingkar jangji ka pamajikan anu dikawin ti jaman maraneh ngora. Maraneh ingkar tina jangji arek satia ka pamajikan, ka batur hirup maraneh, jangji anu diikrarkeunana di payuneun Allah.[15] Jiwa raga maraneh jeung pamajikan teh lain geus disatunggalkeun Allah? Naon maksud Mantenna kitu teh? Nya eta sangkan maraneh boga anak, anu baris jadi umat Allah anu tulen. Ku sabab eta kudu dijaga, sangkan ti lebah maraneh saurang ge ulah aya anu ingkar tina jangji satia ka pamajikan.[16] ”Kami ijid kana pepegatan,” timbalan PANGERAN Allah Israil. ”Kami geuleuh lamun ti maraneh aya anu nyieun peta telenges kitu ka pamajikanana. Jaga, ulah nepi ka maraneh ingkar tina jangji satia ka pamajikan maraneh.”

Roma 7:2
Contona, awewe kabeungkeutna ku hukum ka salakina teh ngan satungtung salakina hirup keneh.

Matius 9:13
Mangga lenyepan pihartieunana ayat Kitab Suci anu kieu: ʼAnu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.ʼ Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema nu diaranggap hina.”

Roma 7:3
Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.

1 Korintus 7:27-28
[27] Geus kawin? Ulah pepegatan. Can kawin? Tong hayang boga pamajikan.[28] Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.

Kejadian 2:18-24
[18] GUSTI Allah ngandika, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.”[19] Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.[20] Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.[21] Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging.[22] Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.[23] Seug eta lalaki teh ngucap kieu, ”Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. ’Awewe’ bakal disebutna, sabab asal ti lalaki.”[24] Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society