A A A A A

Dosa: [Kutuk]


Kolose 3:8
Piceun kabiasaan kitu teh ayeuna mah. Ulah ngumbar amarah, ulah unek-unekeun, ulah nurutkeun kangewa, ulah supu-sapa, ulah ngomong kotor,

Kolose 4:6
Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.

Ef 4:29
Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.

Ef 5:4
Ulah ngucapkeun deui basa anu cawokah, kotor, atawa teu pantes, leuwih hade muji sukur ka Allah.

Keluaran 20:7
Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.

Yakobus 1:26
Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.

Yakobus 3:10
Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur!

Yakobus 3:5-12
[5] Letah oge nya kitu, sakitu lembutna, bet bisa dipake nyombongkeun diri ku perkara-perkara anu galede. Cipta, sakumaha gedena leuweung bisa disina kahuruan ku seuneu anu leutik![6] Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.[7] Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.[8] Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.[9] Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.[10] Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur![11] Teu aya cinyusu anu ngaburialkeun cai tawar ongkoh cai pait ongkoh tina liang eta-eta keneh.[12] Tangkal kondang moal buahan jetun, tangkal anggur moal buahan kondang, cinyusu asin moal ngabijilkeun cai tawar.

Imamat 20:9
Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, ”Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.

Lukas 6:28
Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan.

Matius 5:22
Ayeuna ceuk Kami, anu ngambek ka batur kudu dihukum. Nyarekan nyebut ʼSi Belegugʼ kudu dibawa ka Majelis Agama. Nyarekan nyebut ʼSi Burungʼ manjing siksa seuneu naraka.

1 Petrus 3:10
Ceuk Kitab Suci: ”Nu hayang senang hirupna jeung hayang lulus jamuga, ulah bijil ucap jahat atawa linyok jeung bohong.

Matius 15:11
Anu ngalantarankeun diri jadi najis teh lain anu asup kana sungut, tapi anu kaluar ti dinya.”

Amsal 18:21
Sabab hirup teh goreng ku omong hade ku omong. Balukar tina omongan urang, nu nanggungna urang-urang keneh.

Mazmur 109:17
Karesepna nyumpahan — mangka dirina sorangan sing aya anu nyumpahan. Cadu ngaberkahan — mangka dirina ge sing ulah aya anu ngaberkahan!

Roma 12:14
Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu!

2 Raja 2:23-24
[23] Ti Yeriho Elisa angkat ka Betel. Di jalan, waktu anjeunna keur nanjak, aya barudak kalaluar ti nagara eta, seug maroyokan ka anjeunna, pokna, ”Euy gundul, geuwat nyingkir!”[24] Elisa ngareret, socana merong ka eta barudak anu lobana opat puluh dua urang, seug disapa bari nyambat pajenengan PANGERAN. Torojol ti leuweung aya nu bijil, dua biruang bikang, seug nyasaak eta barudak.

Matius 15:10-11
[10] Geus kitu Yesus miwarang jalma rea kumpul, tuluy saur-Na, ”Darengekeun, halartikeun![11] Anu ngalantarankeun diri jadi najis teh lain anu asup kana sungut, tapi anu kaluar ti dinya.”

Yakobus 3:8-10
[8] Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.[9] Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.[10] Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur!

Matius 15:18-20
[18] Sabalikna anu kaluar tina sungut asalna ti jero hate, matak najis kana diri.[19] Sabab timbulna pikiran-pikiran jahat teh ti jero hate, ngalantarankeun jelema nepi ka maehan, ngaranyed jeung nyieun kalakuan-kalakuan anu ingkar tina susila, maling, merdaya, jeung mitenah batur.[20] Eta kabeh matak najis kana diri. Ari dahar teu ngumbah heula leungeun mah sanajan ceuk urang Parisi kudu, teu matak najis diri.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society