A A A A A

Dosa: [Zina]


1 Korintus 6:18
Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.

Keluaran 20:14
Ulah ngaranyed.

Ibrani 13:4
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

Yakobus 4:17
Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.

Yeremia 13:27
Kalakuan anjeun anu sakitu najisna teh ku Mantenna katingali. Katingalieun yen di pasir-pasir, di tegalan-tegalan, anjeun muru-muru brahala, kawas lalaki anu kaedanan ku pamajikan batur, atawa kawas kuda lapar ku bikang. Eh urang Yerusalem, cilaka aranjeun! Iraha aranjeun rek beresih teh?

1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

Lukas 16:18
Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin ka awewe sejen, eta lalaki teh jinah; kitu deui lalaki anu ngawin awewe anu geus diserahkeun, eta oge lalaki teh jinah.”

Matius 19:9
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”

Amsal 6:32
Ari jinah mah istuning lampah teu jeung pikiran. Sasat nyilakakeun maneh,

Roma 7:2-3
[2] Contona, awewe kabeungkeutna ku hukum ka salakina teh ngan satungtung salakina hirup keneh.[3] Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.

Markus 10:11-12
[11] Ari saur-Na, ”Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed ti pamajikanana.[12] Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”

Matius 5:27-32
[27] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼUlah ngaranyed.ʼ[28] Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed.[29] Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka.[30] Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.”[31] ”Aya deui kieu: ʼAnu nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak.ʼ[32] Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”

1 Korintus 6:9-16
[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,[10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.[11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.[12] Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.[13] Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.[14] Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.[15] Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas![16] Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.”

Lukas 18:18-20
[18] Aya hiji pamingpin urang Yahudi naros ka Yesus, ”Pa Guru nu sae manah, sim kuring teh kedah kumaha supaya tiasa nampi hirup anu langgeng?”[19] Waler Yesus, ”Ku naon Kami disebut hade hate? Anu sae manah mah teu aya deui ngan Allah.[20] Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ʼManeh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.ʼ ”

1 Tesalonika 4:3-5
[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.[4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,[5] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.

Markus 7:20-23
[20] Saur-Na deui, ”Anu matak najis teh anu kaluar ti jelema.[21] Sabab anu asal ti jero bijil kaluar mah kaluarna ti jero hate, nya eta rupa-rupa pikiran goreng anu mawa kana lampah tuna susila, maling, maehan,[22] ngaranyed, hawek, migawe rupa-rupa kajahatan, nipu, nyieun kaaeban, mitenah, dengki, gede hulu, teu bisa diwarah.[23] Ieu sipat-sipat jahat, kabeh bijilna ti jero hate, matak najis ka diri.”

Matius 15:17-20
[17] Piraku teu ngarti, yen nu asup kana sungut terusna ka jero beuteung, ti dinya kaluar deui.[18] Sabalikna anu kaluar tina sungut asalna ti jero hate, matak najis kana diri.[19] Sabab timbulna pikiran-pikiran jahat teh ti jero hate, ngalantarankeun jelema nepi ka maehan, ngaranyed jeung nyieun kalakuan-kalakuan anu ingkar tina susila, maling, merdaya, jeung mitenah batur.[20] Eta kabeh matak najis kana diri. Ari dahar teu ngumbah heula leungeun mah sanajan ceuk urang Parisi kudu, teu matak najis diri.”

Amsal 5:18-23
[18] Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin,[19] mojang manis jeung tangginas lir mencek; sing katarik ku geulisna, jeung sing bagja ku cintana.[20] Keur naon anaking micinta awewe sejen? Keur naon leuwih kapincut ku kageulisan pamajikan batur?[21] PANGERAN maha uninga kana sagala kalakuan hidep. Ka mana ka mana ge hidep hamo leupas tina panalingaana-Na.[22] Dosana jelema jahat teh lir tataheunan nu bakal ngajiret dirina sorangan,[23] tungtungna paeh lantaran teu bisa ngawasa diri. Ku tina bodo-bodona ahirna tigebrus ka liang kubur.

Yohanes 8:4-11
[4] Eta awewe ditangtungkeun hareupeun sarerea. ”Guru,” ceuk maranehna, ”ieu awewe katangkep keur jinah.[5] Awewe kitu nurutkeun Hukum Musa kudu dipaehan, dibaledogan ku batu. Kumaha ari ceuk Pa Guru?”[6] Maranehna saenyana ngadoja, ngarah kalepatan Anjeunna. Tapi Anjeunna anggur dongko, curat-coret dina taneuh ku rema-Na.[7] Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, ”Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe.”[8] Anjeunna dongko deui curat-coret dina taneuh kawas tadi.[9] Diwaler kitu jelema-jelema anu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nungtutan ti nu kolotan heula, ahirna ngan kari Yesus jeung awewe tea.[10] Yesus cengkat tuluy ngalahir, ”Ka marana maranehna? Euweuh anu ngahukum ka maneh?”[11] ”Sumuhun teu aya, Juragan,” walonna. ”Kami oge moal ngahukum,” saur Yesus, ”jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa.”]

Amsal 6:20-35
[20] Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung.[21] Gumatikeun salawasna, cangcang dina sanubari.[22] Piwurukna baris nungtun ari keur lumaku, purah ngaping ari ti peuting, mere luang ari ti beurang.[23] Pituahna ibarat cahya ngagebray. Panggeuingna lir guru pituduh hirup,[24] anu baris nyandet hidep sangkan teu ka awewe bangor, sangkan teu kagembang ku pangwujuk pamajikan batur.[25] Tong kagoda ku kelet matana, tong kataji ku geulisna.[26] Awewe palacuran bisa disewa ku harga dahareun sapiring, tapi jinah jeung awewe batur mah kudu dibayar ku nyawa.[27] Bisa hidep mawa seuneu dina harigu, bari baju teu kaduruk?[28] Lamun hidep leumpang nincak ruhak, piraku dampal suku teu melepuh.[29] Tah bahlana jinah ka pamajikan batur teh ibarat kitu. Anu mirucaan kitu moal teu cilaka.[30] Maling dahareun onaman pedah ku bawaning lapar, moal dihina-hina teuing;[31] najan kitu ari kacerek mah kudu mere ganti, malah nepi ka kudu tujuh kalieun, kapaksa nguculkeun pangaboga.[32] Ari jinah mah istuning lampah teu jeung pikiran. Sasat nyilakakeun maneh,[33] bakal dihina jeung diteunggeulan, ngaran jadi goreng sapapanjangna.[34] Moal aya anu nandingan ngentabna hate salaki anu dipangnyelewengkeun. Ngunek-ngunekna taya basakeuneunana.[35] Ditebus ku naon bae oge asa najis narimana. Amarahna moal punah ku pangruruba.

Amsal 5:3-22
[3] Biwir pamajikan batur kareueutna lir madu, nyiumna lemes lir lemesna minyak jetun.[4] Tapi dina sanggeusna, ngan kari paitna, kari peurihna.[5] Awewe kitu bakal nyered maneh ka tempat nu maot, da leumpangna ge moro ajal.[6] Dirina henteu tetep dina jalan anu nuju kana hirup, tapi sasab ngalantur, tapi teu ngarasaeun yen ngalantur.[7] Ku sabab eta dengekeun, barudak! Bapa arek ngomong deui. Kade ulah aya anu poho.[8] Awewe kitu singkiran! Malah ka imahna ge ulah deukeut.[9] Lamun maraneh ngalayanan, tangtu leungit kahormatan, tur bakal paeh ngora-ngora ku jalma nu taya karunya.[10] Kakayaan maraneh bakal dicokot ku batur, beubeunangan usaha bakal kapiboga ku nu sejen.[11] Tungtungna ari awak geus beak ku panyakit, maraneh ngan bisa udah-aduh,[12] bari ngomong, ”Ku naon atuh aing teh ijid kana nasehat? Ku naon make embung dipepelingan?[13] Aing embung ngagugu ka guru-guru, embung nurut ka aranjeunna.[14] Nyaho-nyaho aing teh geus hina dina panenjo jalma rea.”[15] Anu matak sing satia ka pamajikan. Kanyaah teh tamplokkeun ka dinya wungkul.[16] Anak ti awewe sejen mah moal aya pigunaeunana ka hidep.[17] Anak sah nu kudu dimumule teh, sina gede, ngarah engkena bisa ngabantu-bantu, lain nu sejen.[18] Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin,[19] mojang manis jeung tangginas lir mencek; sing katarik ku geulisna, jeung sing bagja ku cintana.[20] Keur naon anaking micinta awewe sejen? Keur naon leuwih kapincut ku kageulisan pamajikan batur?[21] PANGERAN maha uninga kana sagala kalakuan hidep. Ka mana ka mana ge hidep hamo leupas tina panalingaana-Na.[22] Dosana jelema jahat teh lir tataheunan nu bakal ngajiret dirina sorangan,

1 Korintus 7:1-40
[1] Ayeuna ngeunaan masalah anu ditulis dina surat aranjeun. Lalaki alus lamun teu kawin.[2] Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.[3] Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun.[4] Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana.[5] Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu.[6] Sakadar nasehat bae ieu mah, lain parentah.[7] Saenyana sim kuring leuwih satuju lamun aranjeun cara sim kuring, teu karawin. Tapi da bakat urang ti Allah teh beda-beda, nu itu kitu nu ieu kieu.[8] Ayeuna nasehat pikeun anu tacan kawin, jeung awewe randa. Hadena mah angger nyorangan cara sim kuring.[9] Tapi ari teu tahan mah pek bae kawin, sabab ti batan marudah napsu mending kawin.[10] Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.[11] Tapi lamun nepi ka ninggalkeun kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki, kitu deui salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.[12] Nasehat ka anu sejenna (ieu mah nasehat ti sim kuring, lain ti Gusti): Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun.[13] Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.[14] Sabab sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.[15] Tapi lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae, meunang. Dina hal kieu, boh lalakina boh awewena anu Kristen bisa bebas, sabab kahoyong Allah umat-Na teh hirup rukun.[16] Sabab anjeun, bojo anu percaya ka Kristus, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun salaki? Kitu keneh salaki anu Kristen, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun pamajikan?[17] Masing-masing kudu hirup nuturkeun panuyun Allah, sakumaha anu geus diatur ku Mantenna waktu masing-masing mimiti disaur. Hal ieu diajarkeun ku sim kuring di unggal jamaah.[18] Upamana, jelema anu waktu disaur ku Allah enggeus disunat, teu kudu ihtiar supaya tanda sunatna leungit. Jelema anu waktu disaur ku Allah tacan disunat, ulah menta disunat.[19] Disunat teu disunat teu jadi sual, nu utama mah nurut kana parentah-parentah Allah.[20] Sing tetep-tetep hirup sakumaha waktu mimiti meunang panyaur Allah.[21] Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.[22] Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.[23] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh mahal, anu matak ulah jadi abdina sasama manusa.[24] Kitu dulur-dulur, sing tetep-tetep aya di Allah sakumaha kaayaan waktu disaur ku Mantenna.[25] Ayeuna sual nu tacan karawin. Tina sual ieu sim kuring teu meunang pituduh naon-naon ti Gusti. Tapi ku karana rahmat Gusti, sim kuring bisa bae dipercaya, rek mere nasehat.[26] Ngingetkeun ayeuna teh jaman susah, ceuk pangrasa sim kuring mah nu tacan karawin teh mending tetep lalagasan.[27] Geus kawin? Ulah pepegatan. Can kawin? Tong hayang boga pamajikan.[28] Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.[29] Kieu sababna: Ieu jaman teh geus cueut. Jadi ti ayeuna keneh anu geus baroga pamajikan kudu cara nu teu boga;[30] anu ceurik ulah kaciri nalangsa, anu seuri ulah kaciri meunang kabungah, anu barangbeuli ulah asa geus boga naon-naon,[31] anu icikibung dina pausahaan ulah siga aya patalina jeung eta. Sabab dunya ieu dina kaayaanana kiwari, umurna moal lila deui.[32] Kahayang sim kuring aranjeun ulah aya karidu naon-naon. Lalaki anu teu kawin tangtu bisa museurkeun pikiran kana hal-hal anu tumali jeung Gusti, pikeun nyenangkeun manah-Na.[33] Ari geus rumah tangga mah tangtu teu kaur kitu balas ngurus rumah tangga, malar pamajikanana senangeun hatena;[34] pikiranana jadi ngarancabang. Awewe anu teu kawin atawa parawan, bisa laluasa ngawulakeun diri ka Gusti, ngabaktikeun jiwa ragana. Ari boga salaki mah tangtu moal kaur kitu, repot ku urusan rumah tanggana, malar kapake ku salakina.[35] Nganasehatan soteh hayang ngentengkeun. Lain ngalarang kitu ngalarang kieu, hayang memener hirup aranjeun, supaya aranjeun bisa museurkeun pikiran ka Gusti.[36] Lamun aya lalaki anu mutuskeun moal tulus kawin padahal eukeur tunangan, kieu: Lamun eta lalaki ngarasa putusanana kitu teh ngaraheutan hate kakasihna, tur manehna ge geus teu kuat hayang kawin, ngarasa wajib ngawin kakasihna, kawin bae. Eta lain dosa.[37] Tapi lamun putusan hatena moal kawin teh lain putusan kapaksa sarta bener henteu kawin, memang kitu hadena, asal kuat.[38] Cindekna, lalaki anu kawin teh alus, tapi anu henteu kawin leuwih alus.[39] Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.[40] Tapi bakal leuwih bagja lamun manehna tetep lelengohan. Kitu pangrasa sim kuring, anu ceuk rarasaan mah meunang ngalelempeng Roh Allah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society