A A A A A

Dosa: [Onani]


1 Korintus 9:27
Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

1 Yohanes 2:16
Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.

1 Petrus 2:11
Dulur-dulur! Kaula rek mepelingan. Aranjeun di dunya teh ibarat anu ngumbara! Ulah nurutkeun pangajak napsu, anu salawasna ngalawan kana budi rasa.

1 Korintus 6:18
Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.

2 Timotius 2:22
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.

Galatia 5:16
Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.

Roma 8:6
Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.

Roma 13:14
Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.

Yakobus 1:13-14
[13] Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ”Ieu cocoba teh ti Allah.” Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.[14] Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

1 Korintus 7:3-5
[3] Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun.[4] Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana.[5] Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu.

1 Tesalonika 4:3-5
[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.[4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,[5] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.

Matius 5:27-30
[27] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼUlah ngaranyed.ʼ[28] Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed.[29] Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka.[30] Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society