A A A A A

Dosa: [Benci]


1 Yohanes 1:6
Jadi lamun urang ngakukeun geus aya dina kasatunggalan jeung Mantenna tapi hirup di nu poek, eta teh bohong nya ucap nya lampah.

1 Yohanes 2:9-17
[9] Sing saha anu ngakukeun geus aya di nu caang tapi ngewa ka dulur, saenyana hirupna nepi ka ayeuna di nu poek keneh.[10] Sing saha anu nyaah ka dulur, eta ciri hirup di nu caang, jeung moal matak jadi pidosaeun batur.[11] Sabalikna sing saha anu ngewa ka dulur, hirupna teh di nu poek, lumakuna di nu poek, teu nyahoeun rek ka mana da teu nenjoeun naon-naon lantaran poek.[12] Barudak, anaking! Bapa nulis ieu ka maraneh teh ku sabab dosa maraneh geus dihampura, ku karana Kristus.[13] Kaom bapa! Sim kuring nulis ieu teh lantaran aranjeun geus tarerang ka Anjeunna anu geus jumeneng ti barang mimiti. Para perjaka, bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh garagah geus bisa ngelehkeun pangajak si Jahat.[14] Barudak, anaking! Bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh geus tarerang ka anu jumeneng Rama. Kaom bapa! Sim kuring nulis ieu teh ku sabab aranjeun geus tarerang ka Anjeunna anu geus jumeneng ti barang mimiti. Para perjaka! Bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh garagah, geus kaancikan ku sabda Allah, jeung geus bisa ngelehkeun si Jahat.[15] Ulah kagendam ku perbawa dunya, atawa naon bae anu asal ti dunya. Lamun kagendam, tanda aranjeun teu nyaraah ka anu jumeneng Rama.[16] Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.[17] Dunya ieu jeung sagala eusina anu dicileuk ku manusa teh ayeuna keur maju kana euweuh, tereh leungit; sabalikna anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna.

Ef 4:31
Ulah nyerian hate, ulah ngunek-ngunek, ulah ngumbar amarah. Ulah sentak sengor, ulah aya rasa kangewa atawa anu sabangsa jeung eta.

Amsal 8:13-25
[13] Sieun ku PANGERAN, eta cua kana dosa. Adigung reujeung gumede kacua kami, kitu deui adat jahat reujeung omongan palsu.[14] Kami nu ngarang tarekah, kami anu ngajalankeunana. Kami nu boga pangarti. Tur kami digjaya.[15] Kami nyokong raja-raja, ngaping ngatur karajaan, ngabantu para pangagung nyusun hukum kaadilan.[16] Pamarentah-pamarentah di dunya, ahli-ahli nagara jeung para gegeden, jarenengna teh ku lantaran kami.[17] Kami nyaah ka anu nyaah ka kami. Sing saha nu neangan kami, tangtu bisa papanggih.[18] Kami bisa mere kasugihan, harkat, kaharjaan katut kayaktian.[19] Sagala perkara anu ti kami, punjul ti emas nu pangendahna, punjul ti perak nu pangmurnina.[20] Kami nyorang jalan anu bener, nuturkeun jalan kaadilan.[21] Jalma nu nyaah ka kami, ku kami diwaris kakayaan, imahna dipinuhan dunya brana.[22] Di antara ciciptan PANGERAN katut dadamelana-Na, kami anu pangheulana dicipta ti jaman purwa.[23] Kami digelarkeun pangheulana, memeh gumelarna alam dunya.[24] Samemeh aya sagara, samemeh aya cinyusu-cinyusu, kami geus lahir ti jaman beh ditu.[25] Medal saheulaeun gunung-gunung, lahir memeh pasir-pasir tingjalegir.

Amsal 10:12-18
[12] Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.[13] Jalma nu luhur pangarti, omonganana ngareusi. Jalma gejul mah geus sapantesna mun kahukum.[14] Jalma pinter sanggup ngudag sagala pangarti. Sabalikna anu gejul mah saucap-ucapna teh dareukeut ka pibahlaeun.[15] Kakayaan ngabenteng jalma baleunghar. Kamiskinan mah ngabinasa nu mariskin.[16] Kahadean teh ganjaranana hirup jamuga. Ari dosa mah kalah ka nungtun kana dosa deui.[17] Jalma nu daek nampa panggeuing tangtu salamet. Anu embung disalahkeun mah hirupna dina bahaya.[18] Jalma anu nyumputkeun kangewa, eta ngabohong. Jalma anu resep ngupat mah eta teh jelema gejul.

Mazmur 5:5
Margi Gusti sanes Allah nu seneng kaawonan, Gusti moal ngantep kajahatan.

Mazmur 31:6
Abdi masrahkeun diri kana pangrawat Gusti. Gusti tangtos kersa nyalametkeun, Gusti teh Allah nu satia.

Mazmur 36:2
Dosa teh ngomong di jero hate jelema jahat. Hate jelema doraka teu weleh kaangsonan ku dosa, ka Allah teu sieun-sieun, Allah ku manehna ditoker.

Mazmur 45:7
Karajaan Gusti paparin ti Allah, bakal langgeng nanjeur, Gusti baris ngereh kalayan adil.

Mazmur 97:10
PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan. Mantenna nangtayungan hirup umat-Na, diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.

Mazmur 119:163
Abdi ceuceub sareng geuleuh kana bohong, sawangsulna cinta kana hukum Gusti.

Roma 12:9
Tembongkeun kanyaah reujeung iklas. Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade.

Imamat 19:17-18
[17] Lamun keur pasalingsingan jeung batur ulah panas, mending ngelehan, ulah nepi ka matak jadi dosa ku hal manehna.[18] Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN.

Lukas 6:27-28
[27] ”Ka maraneh, anu ayeuna ngadarengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh.[28] Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan.

Matius 5:23-24
[23] Ku sabab kitu, lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh,[24] tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.

1 Yohanes 3:14-15
[14] Urang terang yen urang mah geus pindah tina paeh kana hirup. Terang yen kitu teh lantaran urang mikanyaah ka dulur-dulur. Anu teu boga kanyaahan mah masih keneh dikawasaan ku paeh.[15] Sing saha anu ngewa ka dulur, eta teh maehan. Ari jelema anu maehan teh teu kaancikan ku hirup langgeng.

1 Yohanes 4:19-20
[19] Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.[20] Lamun aya anu majar nyaah ka Allah tapi ngewa ka dulurna, eta teh bohong. Sabab lamun ka dulur anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.

Pengkhotbah 3:1-8
[1] Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.[2] Aya waktuna lahir, aya waktuna maot. Aya waktuna melak, aya waktuna ngala.[3] Aya waktuna mergasa, aya waktuna nyageurkeun. Aya waktuna ngaruag, aya waktuna ngadegkeun.[4] Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.[5] Aya waktuna mikacinta, aya waktuna henteu mikacinta. Aya waktuna ngarangkul, aya waktuna henteu ngarangkul.[6] Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan. Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.[7] Aya waktuna ngabedahan, aya waktuna ngaput. Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.[8] Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society