A A A A A

Dosa: [Keserakahan]


1 Yohanes 2:16
Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.

2 Korintus 9:7
Ku sabab kitu mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.

Pengkhotbah 5:10
Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh. Eta kabeh ge mubadir.

Ibrani ๑๓:๕
Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”

Lukas 12:15
Sasaurana-Na diteruskeun ka sarerea, ”Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae; sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”

Matius 6:24
”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.

Amsal ۱۱:۲۸
Nu umangkeuh ku kabeungharan baris ragrag ngoleang, lir daun murudul usum muguran. Sabalikna jalma bageur baris subur, lir tangkal gomplok daunna.

Amsal ๑๓:๑๑
Banda mah beuki gampang dialana, beuki gampang beakna. Beuki wekel ngalana, beuki nambahan lobana.

Amsal 14:31
Ngagencet ka nu miskin, eta teh ngunghak ka Allah nu ngadamelna. Welas asih ka nu miskin, eta teh hiji bakti ka Mantenna.

Amsal ۱۵:۲۷
Nyokot untung bari teu jujur, matak susah anak rabi. Tong daek nampa panyogok sangkan bisa hirup mayeng.

Amsal 20:21
Harta banda mah beuki gampang disiarna, beuki kurang mangpaʼatna.

Amsal ๒๒:๑-๙
[๑] Lamun kudu milih, mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.[๒] Nu beunghar jeung nu miskin aya kasaruanana, nya eta duanana oge PANGERAN anu nyiptakeunana.[๓] Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.[๔] Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.[๕] Betah keneh hirup mah ulah nyorang jalan anu aya balahina, anu sok ngajiret jelema jahat.[๖] Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.[๗] Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.[๘] Lamun melak kacurangan, bahla pijadieunana, eureun nindes ka batur ge.[๙] Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.

Amsal 28:22-25
[22] Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.[23] Terus bae elingan jelema teh, lila-lila ge narima, ti batan dialem-alem.[24] Majarkeun teh maling ti kolot mah teu naon-naon. Padahal taya bedana ti bangsat.[25] Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.

1 Petrus 5:2-3
[2] Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.[3] Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.

1 Korintus 4:11-13
[11] Tepi ka waktu ieu ge rasul-rasul mah kalaparan, kahanaangan, barangpake rubag-rabig, utrak-atrok teu boga tempat;[12] awak asa pasiksak ku gawe beurat. Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah;[13] dipoyokan, rasul-rasul mah kudu angger amis budi. Rasul-rasul mah nepi ka ayeuna ge teu leuwih ti runtah anu ngabalaan jagat, barang piceuneun!

1 Timotius ๖:๖-๑๙
[๖] Memang agama teh hiji kauntungan gede lamun urangna tumarima ka nu geus aya mah.[๗] Urang lahir ka dunya teh mawa naon? Teu mawa naon-naon! Mulang ti dunya rek mawa naon? Moal mawa naon-naon![๘] Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna.[๙] Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun, matak ambrug ngagurubag.[๑๐] Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.[๑๑] Tapi hidep mah milik Allah ulah kitu. Sing jadi jelema bener, ibadah, percaya ka Gusti, nyaahan, tabah, someah.[๑๒] Kudu ihtiar meunangkeun ganjaran iman, nya eta hirup anu langgeng. Sabab hidep disaur ku Allah basa ngikrarkeun pangaku kapercayaan disaksian ku jalma loba teh, nya geusan meunangkeun eta hirup anu langgeng.[๑๓] Di payuneun Allah anu ngahirupkeun saniskara, jeung di payuneun Kristus anu geus nganyatakeun panyaksiana-Na nu sayakti sakitu mantepna ka Pontius Pilatus, bapa meredih ka hidep:[๑๔] Gumatikeun ieu parentah-parentah, pupusti, nepi ka sumpingna Gusti urang Yesus Kristus,[๑๕] anu wancina geus dipastikeun ku Allah sumberna berkah, Panguasa esa, Rajaning sakabeh raja, Gustining sakabeh gusti.[๑๖] Ngan Mantenna nyalira anu teu keuna ku pati, anu jumeneng di jero cahaya anu hamo bisa didatangan. Can aya anu geus nenjo ka Mantenna, moal aya anu bisa nenjo ka Mantenna. Hormat jeung kakawasaan dibaktikeun ka Mantenna salalanggengna.[๑๗] Anu baleunghar elingan ulah adigung, ulah muhit kana barang anu sipat fana, kabeungharan upamana. Muhit teh kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kagenahan.[๑๘] Sina nyieun kahadean, sina sugih ku sipat asih beunghar ku sipat berehan,[๑๙] minangka nyengcelengan harta langgeng keur jaman engke, supaya bisa ngamilik hirup sajati.

Yakobus ๕:๑-๖
[๑] Ari aranjeun, anu baleunghar, kudu nyeungceurikan diri lantaran bakal balangsak.[๒] Kabeungharan aranjeun geus buruk, papakean geus rarenyah ku geget,[๓] emas perak geus tarai hiangan, tai hiangna bakal jadi saksi perkara aranjeun, bakal ngahakan daging aranjeun nepi ka beak kawas ku seuneu. Geus ahir jaman kieu numpuk-numpuk bae kabeungharan.[๔] Ngagawekeun jelema sina migawe rajakaya aranjeun, ari kulianana henteu dibayar. Tah dengekeun mani tinglalengis! Tingkoceakna jalma-jalma anu digarawekeun metik hasil bumi aranjeun geus nepi kana cepil Allah, Pangeran Nu Maha Kawasa.[๕] Kahirupan aranjeun di ieu dunya nya senang nya murub mubyar. Aranjeun geus kokomoan ngalintuhan awak sorangan, ngadago waktu dipeuncit.[๖] Aranjeun geus nyiksa, geus maehan ka jelema nu tanpa dosa, anu teu kuateun ngalawan!

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society