A A A A A

Dosa: [Aborsi]


1 Korintus 1:27
Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap bodo, pikeun ngera-ngera anu palinter. Ngahaja milih anu ku dunya dianggap lemah, pikeun ngera-ngera anu garagah perkasa.

Ulangan 24:16
Kolot teu meunang dipaehan ku lantaran kajahatan anakna. Kitu deui anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan.

Ulangan 30:19
Ayeuna Bapa menta disaksian ku langit jeung bumi, mana anu rek dipilih ku maraneh ti PANGERAN, berkah-Na atawa panyapa-Na, rek milih hirup atawa rek milih paeh. Pilih anu pijamugaeun!

Galatia 1:15
Tapi sihoreng ti samemeh dijurukeun oge sim kuring ku Allah nu sipat murah geus ditangtukeun kudu ngabdi ka Mantenna. Sanggeus ditangtukeun kitu,

Yesaya 43:25
Najan kitu Kami teh Allah anu daek ngahampura dosa-dosa maraneh, sabab kitu sipat Kami. Dosa maraneh ku Kami moal diinget-inget.

Yesaya 44:24
”Kami PANGERAN, jurusalamet maraneh. Nya Kami anu ngajadikeun maraneh. Kami teh PANGERAN, nu nyiptakeun saniskara. Nya Kami anu ngabeberkeun cakrawala. Kami ngajadikeun bumi teu dibantu ku sasaha.

Ef 1:7
Sabab ku pupusna Kristus teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha agung rahmat Allah

Keluaran 4:11
Timbalan PANGERAN ka anjeunna, ”Saha anu maparin letah ka manusa? Saha anu ngersakeun manusa torek atawa pireu? Saha anu ngersakeun manusa boga panenjo atawa merem? Nya Kami, PANGERAN.

Yesaya 64:8
Nanging nun PANGERAN, Gusti teh rama abdi sadaya. Abdi-abdi teh dadamelan Gusti, sapertos taneuh lempung ku panjunan.

Yeremia 1:5
”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”

Mazmur 100:3
Embarkeun yen PANGERAN teh Allah. Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na, urang umat-Na, domba-domba Mantenna.

Mazmur 127:3
Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.

Lukas 2:6-7
[6] Sanggeus aya di Betlehem, Mariam teh nepi kana waktuna rek babar,[7] seug bae babar, nyikalan. Putrana pameget, tuluy dibedong ku lalamakan, sarta diebogkeun dina pamakanan, wadah parab domba. Nu matak nepi ka kitu lantaran di losmen teu kabagian tempat.

Ef 1:3-4
[3] Urang ngahaturkeun nuhun ka Allah Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Sabab urang anu geus jadi hiji jeung Kristus dipaparin sagala berkah rohani ti sawarga.[4] Malah ti memeh dunya gumelar, urang geus dipilih baris dijadikeun milik kagungan Mantenna ku disatunggalkeun jeung Kristus, supaya suci jeung mulus di payuneuna-Na. Ku karana asih-Na,

1 Korintus 6:19-20
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Yesaya 45:9-11
[9] Ari pariuk atawa barang gagarabah lianna, wanieun ngalawan ka nu nyieunna? Ari taneuh liket sok nanyakeun ka panjunan rek dijieun naon? Ari pariuk sok nyawad ka nu nyieunna, nyebutkeun yen nu nyieunna euweuh kabisa?[10] Naha aya anu wani ngomong ka kolotna, ”Ku naon kuring dijieun kieu?”[11] PANGERAN, Allah Israil nu suci, nu iasa ngadamel mangsa pikahareupeun, nimbalan, ”Maneh taya kawasa nanyakeun ka Kami perkara putra-putra Kami, jeung taya hak nuduhkeun pidameleun Kami.

Keluaran 21:22-25
[22] Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.[23] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,[24] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,[25] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.

Mazmur 139:13-16
[13] Gusti nu nyipta saban babagian raga abdi, Gusti nu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang.[14] Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan.[15] Waktos tulang-tulang abdi dirakit, ati-ati diteundeun di jero kandungan pun biang, waktos abdi kalayan rasiah tumuwuh di dinya, Gusti uninga yen abdi aya di dinya.[16] Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti, samemeh eta poe-poe ngawitan.

Lukas 1:41-44
[41] Barang Elisabet ngadangu salamna Mariam, bayi di jero kandunganana ngulisik. Elisabet dilebetan ku Roh Suci,[42] terus nyaur tarik, ”Nya Nyai anu pangdiberkahanana ti sadaya istri. Mugia wilujeng putra nu baris medal ti Nyai.[43] Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu?[44] Barang Nyai uluk salam, jabang bayi di jero kandungan Ibu dugi ka ajrug-ajrugan atoheun.

Keluaran 20:1-13
[1] Ti dinya Allah nimbalan, kieu timbalana-Na,[2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.[3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.[4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.[7] Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.[8] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna.[9] Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe,[10] ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh.[11] Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN.[12] Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.[13] Ulah maehan.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society