A A A A A

Misteri: [पिछले दिनों का भविष्य]


1 Korintus ४:५
इसलिए ठीक समय आने से पहले अर्थात् जब तक प्रभु न आ जाये, तब तक किसी भी बात का न्याय मत करो। वही अन्धेरे में छिपी बातों को उजागर करेगा और मन की प्रेरणा को प्रकट करेगा। उस समय परमेश्वर की ओर से हर किसी की उपयुक्त प्रशंसा होगी।

1 Yohanes 2:18
Anaking, ayeuna teh geus tereh kiamat. Maraneh geus dibejaan yen di ahir bakal aya musuh Kristus. Ayeuna musuh-musuh Kristus teh geus mimiti narembongan, ciciren geus rek ahir jaman.

Daniel 12:4
Saurna deui, ”Daniel, ayeuna tutupkeun eta kitab, tuluy segel sing rapet nepi ka ahir jaman. Sajeroning kitu bakal loba jelema anu nyoba-nyoba ngahartikeun hal-hal anu eukeur kajadian, tapi cumah moal hasil.”

Yesaya 46:10
Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh. Kami geus ngadawuh yen pangersa Kami moal mencog, yen sakur anu ku Kami geus dikudukeun, moal teu dibuktikeun.

Yohanes 6:39
Ari pangersa-Na teh nya eta, saha bae, anu ku Mantenna dipaparinkeun ka Kami, saurang oge ulah aya anu lapur, dina Poe Kiamat kabeh kudu dihudangkeun ku Kami.

Yudas 1:7
Nya kitu deui halna urang Sadumu jeung Gomora jeung kota-kota anu dareukeut ka dinya. Eta oge cara malaikat-malaikat anu jarahat tea, jeung baroga kabiasaan sambung sahwat henteu wajar sarta kacida aebna. Maranehna manjing siksa seuneu langgeng, conto goreng pikeun ngelingan manusa.

Lukas 18:8
Sing percaya: Mantenna bakal gancang ngabela perkara maranehna. Tapi engke dina waktu Putra Manusa sumping, naha bakal mendak jelema anu percaya di ieu bumi?”

Wahyu 21:8
Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang.”

Roma 10:13
Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Saha-saha anu sasambat neda pitulung ka Mantenna tangtu disalametkeun.”

Ibrani 1:1-2
[1] Jaman baheula Allah sering ngandika ka karuhun urang, make rupa-rupa cara, ditepikeunana ku nabi-nabi.[2] Ayeuna, dina jaman ahir, ngandika-Na ka urang ku perantaraan Putra-Na, anu geus digadangkeun bakal diserenan hak kana saniskara hal. Allah ngajadikeun langit jeung bumi oge ku perantaraan Putra-Na,

2 Petrus 3:3-4
[3] Babakuna aranjeun kudu terang, yen dina mangsa-mangsa ahir jaman ieu bakal aya jelema-jelema tukang ngajujur napsu anu bakal maroyok ka aranjeun,[4] pibasaeunana, ”Kristus teh lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!”

1 Timotius 4:1-3
[1] Roh Suci geus netelakeun yen ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan,[2] anu diliarkeun ku tukang-tukang merdaya, anu batinna ibarat geus tutung ku beusi hurung, geus paeh bebeneranana.[3] Ceuk pangajaranana, jalma teu meunang kawin, jeung kudu pantrang kana sawatara rupa kadaharan. Padahal eta kadaharan teh diciptakeun ku Allah sangkan ku urang didahar sanggeus urang muji sukur heula ka Mantenna. Kitu ari nu percaya jeung geus nyaraho kana kayaktian Mantenna mah.

Wahyu 13:16-18
[16] Geus kitu jalma-jalma teh nu gede nu leutik, nu beunghar nu miskin, badega, lain badega, ku sato anu kadua dipaksa kudu dicap leungeunna anu katuhu atawa tarangna,[17] cap ngaran eta sato atawa cap angka anu ngalambangkeun ngaranna. Anu henteu make eta cap ngaran teu meunang barangbeuli atawa barangjual.[18] Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.

2 Timotius ൩:൧-൫
[൧] Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.[൨] Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;[൩] taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;[൪] resep ngahianat,, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;[൫] ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.

Wahyu 1:1-7
[1] Ieu kitab medar wahyu ti Allah ka Yesus Kristus ngeunaan perkara-perkara anu geus meh kajadian, supaya ku Anjeunna ditembongkeun ka abdi-abdi-Na. Kristus ngutus malaikat-Na nembongkeun ieu wahyu ka Yohanes, abdi-Na.[2] Yohanes medar sagala titingalianana anu diebrehkeun ku Yesus Kristus, nya eta amanat Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina.[3] Bagja anu maca ieu kitab, anu ngadenge ieu ucapan nubuat sabda Allah, jeung ngimankeun ka sakur anu ditulis dina ieu kitab! Sabab sakur anu diwahyukeunana teh geus tereh bukti.[4] Dulur-dulur di tujuh jamaah di wilayah Asia! Kaula Yohanes. Mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ti Allah, Allah nu keur aya, nu geus aya, jeung nu aya saterusna, jeung ti tujuh roh anu aya di hadirat tahta Allah,[5] jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,[6] sarta urang dijadikeun hiji karajaan imam-imam anu kumureb ka Allah, Panutan jeung Rama Anjeunna. Kaagungan, kakawasaan, kasanggakeun ka Yesus Kristus salalanggengna! Amin.[7] Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti!

Matius 24:36-44
[36] ”Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.[37] Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman Enoh.[38] Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal.[39] Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.[40] Dina mangsa eta, dua jelema anu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.[41] Dua awewe anu keur ngagiling gandum, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.[42] Ku sabab eta sing iyatna, sabab maraneh teu nyaho iraha pisumpingeunana Gusti maraneh.[43] Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran.[44] Jadi maraneh kudu caringcing salalawasna, sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh ku maraneh moal kasangka-sangka.”

Matius 24:1-14
[1] Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana.[2] ”Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo,” saur Yesus. ”Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun.”[3] Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, ”Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?”[4] Waler Yesus, ”Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.[5] Sabab engke bakal loba anu ngaku-ngaku, ʼKami Kristus, Jurusalamet!ʼ Loba nu bakal katipu.[6] Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat.[7] Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana.[8] Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.[9] Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.[10] Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh.[11] Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun.[12] Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.[13] Tapi sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.[14] Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”

Mazmur 91:1-16
[1] Anu nyalindung ka Nu Maha Agung, anu aya dina pangraksa Nu Maha Kawasa,[2] bisa unjukan ka Mantenna, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.”[3] Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni.[4] Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na.[5] Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak.[6] Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang.[7] Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu.[8] Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat.[9] Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan.[10] Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun.[11] Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana.[12] Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu.[13] Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan.[14] Allah ngandika, ”Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan.[15] Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana maranehna kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan.[16] Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.”

2 Timotius ३:१-१७
[१] Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.[२] Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;[३] taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;[४] resep ngahianat,, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;[५] ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.[६] Aya anu nyulusup ka imah batur, mikat awewe hengker anu beurat ku dosa jeung kasalahan sarta diudag-udag ku rupa-rupa kahayang,[७] awewe-awewe anu haben bae menta diajar, tapi teu datang ka nyaho kana hal anu bener.[८] Eta jelema-jelema teh pikir benerna geus teu jalan, imanna geus runtag, kawas Yanes jeung Yambres anu ngalawan ka Musa tea.[९] Tapi kituna teh moal laju deui, kageloanana bakal tereh katara ku sarerea, cara Yanes jeung Yambres.[१०] Sukur hidep mah geus nuturkeun pangajaran bapa, kalakuan bapa, jeung tujuan hirup bapa. Geus nyaho kana iman bapa, kasabaran bapa, kanyaah bapa, jeung kapengkuhan bapa.[११] Geus nenjo bapa dikaniaya, geus nenjo bapa sangsara. Geus nyaho kumaha bapa dikaniaya di Antioki, di Ikonium, jeung di Listra, estu matak ginggiapeun! Tapi Gusti geus ngajait bapa tina eta panganiayaan-panganiayaan.[१२] Da kitu ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.[१३] Ari anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat, beuki nyasabkeun ka batur, bari dirina sorangan nyasab.[१४] Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep.[१५] Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.[१६] Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpaʼat pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,[१७] supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade.

Kisah Para Rasul 2:1-17
[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat.[2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan.[3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya.[4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea.[5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah.[6] Barang ngadarenge sora ngaguruh kitu, jalma-jalma teh ngadareugdeug ka dinya. Maranehna pohara karageteunana ngadarenge rasul-rasul salasauran dina basa-basa maranehna masing-masing,[7] kabeh ngarasa helok. Pok ngaromong, ”Eta nu ngaromong dina basa-basa sejen teh lain urang Galilea?[8] Aneh, kumaha pangna barisaeun basa-basa urang?[9] Urang teh aya anu ti Partia, ti Media, jeung ti Elam; ti Mesopotami, ti Yudea, jeung ti Kapadokia; ti Pontus, jeung ti Asia;[10] ti Prigia jeung ti Pampilia, ti Mesir, jeung ti daerah-daerah Libia deukeut Kirena. Aya anu ti Rum,[11] boh bangsa Yahudi, boh bangsa-bangsa sejen anu arasup agama Yahudi; aya oge anu ti Kreta jeung ti Arab, tapi kabeh ngarti ka nu diucapkeun ku aranjeunna dina basa urang masing-masing, nyaurkeun hal padamelan Allah anu arajaib![12] Alamat naon ieu teh?” ceuk maranehna tingpelengek heran.[13] Tapi aya oge anu maroyok pokna, ”Wah, eta mah nu keur marabok! Loba teuing nginum anggur!”[14] Neut Petrus ngadeg direncangan ku sawelas rasul deui, pok sasauran ka jalma rea, ”Dulur-dulur sasama urang Yahudi, jeung sakumna urang Yerusalem!” saurna bedas. ”Geura regepkeun! Kaula rek nerangkeun alamat ieu kajadian.[15] Kaula teh lain marabok, saperti panyangka aranjeun, sabab ayeuna teh kakara pukul salapan isuk.[16] Ieu kajadian teh enyana mah geus disaurkeun ti heula ku Allah make parantaraan Nabi Yoel, kieu:[17] ʼDawuhan Allah, Kieu pidameleun Kami dina ahir jaman. Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma. Anak-anak maraneh lalaki, awewe, ngembarkeun dawuhan Kami. Nu ngarora bakal mareunang tetenjoan, nu karolot bakal mareunang impian.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society