1 Tawarikh 16:30 |
tillbed Herren i helig skrud.Bäva inför honom, alla länder.Jorden står fast, den kan inte rubbas. |
|
1 Samuel 2:8 |
Nu sangsara ku Mantenna dijait tina lebu, nu balangsak dijait tina kabalangsakanana, dijadikeun mitra-mitra para bangsawan ditempatkeun di tempat anu kaajen. Dadasar bumi kagungan PANGERAN, nya di dinya Mantenna ngadegkeun jagat. |
|
Yesaya 11:12 |
Pangeran bakal ngelebetkeun bandera, tanda yen Mantenna keur ngempelkeun deui urang Israil jeung urang Yuda anu pabalencar, baris dipulangkeun ti opat pojok jagat. |
|
Yesaya 40:22 |
Anu ngadamelna teh Mantenna, nu linggih dina tahta-Na, luhureun bumi luhureun langit, jalma di handap tembongna sagede sireum. Langit ku Mantenna dibeberkeun kawas layar, dibeberkeun lir kemah keur tempat cicing. |
|
Ayub 26:7 |
Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung. |
|
Ayub 26:10 |
Caang dipisahkeun ti nu poek, wawatesanana ngagulimeng tepung gelang luhureun sagara. |
|
Ayub 28:24 |
Kawantu Mantenna mah awas ka saampar jagat, tingali ka sakolong langit. |
|
Ayub 37:3 |
Jorelat kilat meulah langit, ti tungtung jagat ka tungtung jagat. |
|
Ayub 37:18 |
Sanggup Bapa mantuan Allah mentangkeun langit, nepi ka kuatna lir logam beunang ngecor? |
|
Matius 4:8 |
Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana. |
|
Amsal 8:27 |
Kami nyaksian Mantenna ngadegkeun langit, nyaksian Mantenna mentangkeun cakrawala luhureun sagara. |
|
Mazmur 75:3 |
Allah ngandika, ”Kami geus nangtukeun waktu pangadilan, Kami rek ngahakiman kalawan adil. |
|
Mazmur 93:1 |
PANGERAN teh Raja. Mantenna diraksukan kaagungan jeung kakawasaan. Bumi teteg diadegkeun dina tempatna, moal kaoyag kagedag. |
|
Mazmur 104:5 |
Gusti ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung. |
|
Wahyu 7:1 |
Sanggeus kitu aya opat malaikat narangtung di opat juru bumi, nahan angin anu opat supaya henteu nebak ka bumi atawa ka laut atawa kana tatangkalan. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |