A A A A A

Misteri: [Mimpi]


1 Samuel 28:15
撒母耳对扫罗说: “你为什么搅扰我,把我招上来呢?”扫罗说: “我非常苦恼,非利士人正在攻打我,神又离开了我,不再借着先知或异梦回答我。所以我请你上来,指示我应该怎样行。”

Kisah Para Rasul 2:17
ʼDawuhan Allah, Kieu pidameleun Kami dina ahir jaman. Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma. Anak-anak maraneh lalaki, awewe, ngembarkeun dawuhan Kami. Nu ngarora bakal mareunang tetenjoan, nu karolot bakal mareunang impian.

Daniel 1:17
Ieu opat nonoman ku Allah dipaparin pangaweruh, paham kana kasusastran jeung palsapah. Kajaba ti kitu Daniel mah ku Allah dipaparin kaahlian nerangkeun harti tetenjoan jeung impian.

Pengkhotbah 5:7
Sanajan sakumaha seringna oge anjeun ngalamun, sakumaha seringna oge digawe mubadir, atawa sakumaha lobana oge anjeun ngomong, kudu tetep sieun ku Allah.

Kejadian 20:3
Peutingna Allah nembongan ka eta raja dina impenan, sarta ngadawuh, ”Maneh bakal paeh, sabab Sarah teh awewe boga salaki.”

Kejadian 40:8
Walonna, ”Puguh tadi peuting ngimpi. Ku taya anu bisa nerangkeun ilapatna.” ”Allah anu maparin katiasa pikeun nerangkeun impi-impian teh,” saur Yusup. ”Cobi carioskeun ngimpen naon.”

Kejadian 42:9
Ras Yusup emut ka nu kaimpenkeun ngeunaan maranehna. Pok ngalahir deui, ”Maraneh mata-mata rek ngintip kalemahan nagara kami.”

Yeremia 23:32
Dengekeun Kami, PANGERAN, rek ngandika! Kami ngamusuh ka eta nabi-nabi, anu ngaku-ngaku yen anu diwejangkeunana teh meunang tina impian, padahal bohong. Impian-impian bohongna, anu dicaturkeunana bari gede omong, nyasabkeun umat Kami. Eta teh euweuh pisan gunana pikeun rahayat, tur Kami henteu ngutus nu karitu. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”

Matius 2:13
Samulangna tatamu, malaikat Pangeran sumping ka Yusup dina impenan, sasauran kieu, ”Murangkalih teh keur diteangan ku Herodes rek dipaehan. Geura hudang, murangkalih jeung ibu-Na ungsikeun ka Mesir. Cicing di ditu heula nepi ka ku Kami dibejaan deui.”

Matius 2:19
Sanggeus Herodes pupus, aya malaikat nembongan ka Yusup di Mesir dina impenan,

Bilangan 12:6
PANGERAN tuluy ngandika, ”Darengekeun ieu dawuhan Kami! Upama tea mah di maraneh aya nabi, mun Kami seja nembongan ka nabi mah cukup dina tetenjoanana bae. Nimbalan oge arek dina impianana wungkul.

Zakharia 10:2
Jalma-jalma mentana sok ka brahala, atawa ka tukang peleng, padahal jawabanana ngan jijieunan wungkul, omong kosong. Aya nu sok napsir impian, padahal tapsiranana matak sasab pipikiran, panglipur anu taya gunana. Kalakuan jalma jadi nguluyur, kawas domba nu ngalantrah. Pikarunyaeun, kawantu taya anu nungtun.

Yoël 2:28
”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma. Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami. Nu geus karolot bakal marareunang impian, nu ngarora bakal marareunang tetenjoan.

Yesaya 29:7-8
[7] Pasukan-pasukan musuh anu keur nempuh kota Altar Allah teh bakal sirna katut pakarang-pakarang jeung sagala kaperluanana, lir hiji impian, lir tetenjoan goreng ti peuting.[8] Bangsa-bangsa anu arek ngagempur Yerusalem pijadieun ibarat anu keur lapar ngimpi dahar, ari lilir angger lapar, ibarat nu keur halabhab ngimpi nginum, ari lilir tikorona angger garing.

Daniel 7:1-3
[1] Dina taun kahiji Belsyasar jumeneng raja di Babul, dina hiji peuting kaula meunang impian jeung hiji tetenjoan. Eta impian ku kaula dituliskeun, sarta ieu laporanana[2] hal tetenjoan kaula peuting harita: Angin ngagelebug ti unggal juru, niup ka sagara nepi ka sagara motah.[3] Pecenghul ti jero sagara aya nu unggah, opat rupa sato raksasa, bangunna beda-beda.

Ulangan 13:1-3
[1] Bisa jadi engke aya nabi atawa tukang norah impian-impian, nyebutkeun yen bakal aya mujijat atawa kaahengan,[2] anu maksudna rek ngagembang, sangkan maraneh ngabakti ka allah-allah anu samemehna tacan disembah ku maraneh. Kahade, najan upama panorahna bukti oge,[3] maraneh ulah kagoda. Eta jelema saenyana keur dianggo jalan ku PANGERAN anu rek nguji kasuhudan hate maraneh ka Mantenna.

Kejadian 41:25-27
[25] Piunjuk Yusup ka raja, ”Impenan Gusti, duanana sami hartosna. Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na.[26] Tujuh sapi nu lalintuh, hartosna tujuh taun, sareng tujuh ranggeuy gandum anu pepel, eta oge nawiskeun tujuh taun. Duanana sahartos.[27] Saparantos eta, tujuh sapi kuru sareng tujuh ranggeuy gandum anu hapa tur perang katebak angin ti gurun keusik, hartosna tujuh taun paceklik.

Matius 1:20-23
[20] Sabot ngamanah-manah kitu, dina impenanana anjeunna disumpingan ku malaikat anu sasauran kieu, ”Yusup, turunan Daud, ulah sieun nyokot Mariam keur pibojoeun maneh, sabab ngandungna teh ku kersana Roh Suci.[21] Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus — sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.”[22] Pang kajadian kitu teh supaya laksana sabda Allah anu diandikakeun ka nabi baheula, ungelna,[23] ”Hiji parawan bakal ngandung, ngowokeun putra pameget anu pijenenganeunana Immanuel” (hartina ”Allah nyarengan ka urang”).

Kejadian 41:8-12
[8] Nepi ka isukna manahna guling-gasahan. Geus kitu, tukang-tukang sihir, jelema-jelema pinter ti sa-Mesir diangkir kudu nerangkeun impenan, tapi weleh taya nu sanggup.[9] Ti dinya mantri nu ngurus leueuteun tea miunjuk ka raja, ”Kapungkur, nalika abdi Gusti gaduh dosa,[10] ku Gusti dihukum dikabuikeun, ka panjara anu di gedong kapala kawal karaton, bareng sareng mantri nu ngurus katuangan.[11] Hiji wengi abdi sareng pribadosna masing-masing kenging impenan, masing-masing aya hartosna.[12] Eta impenan disanggemkeun ka hiji nonoman urang Ibrani, sami-sami sakitan, gandekna kapala kawal karaton. Ku eta nonoman, impian abdi masing-masing diterangkeun pihartoseunana.

Ayub 33:14-18
[14] Allah teh ngandikana ku rupi-rupi jalan, ngan urangna tara daek nolih kana sagala dawuhana-Na.[15] Ari ngandika-Na, sakapeung dina impian atawa tetenjoan, sajeroning urang mondok.[16] Pangersa-Na sangkan dawuhana-Na teh digugu, sangkan urang sieun kana panggeuing Mantenna,[17] sangkan eureun tina migawe dosa, jeung sangkan ulah ieu aing.[18] Allah mah tara kagungan niat nyilakakeun jalma, malah jalma teh diaping tina ancaman malakalmaot.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society