A A A A A

Misteri: [Naga]


Yehezkiel 29:3
Bejakeun ieu anu ku Kami bakal ditimbalkeun ka eta raja Mesir. Kieu: Eh buhaya raksaksa anu ngadakom di walungan, ieu Kami musuh maneh. Carek maneh Walungan Nil boga maneh, beunang nyieun maneh.

Yehezkiel 32:2
Timbalana-Na, ”Eh anak manusa, raja Mesir ingetan sing keras. Omongkeun ieu timbalan Kami: Talajak maneh lir singa di antara bangsa-bangsa, padahal maneh leuwih nyemu buhaya anu keur kecebar-kecebur di walungan. Cai walungan mani medok ku leutak, da diaduk-aduk ku suku maneh.

Yesaya 27:1
Dina mangsa eta PANGERAN bakal metakeun kakawasaan jeung pedang-Na anu pikagimireun, bakal ngahukum ka Lewiatan, naga tukang rungkal-ringkel luar-leor, jeung bakal ngabinasakeun mahluk raksasa anu ayana di laut.

Yesaya 51:9
Enggal tandang, nun PANGERAN, anggo kakawasaan, tulungan abdi sadaya, anggo kakawasaan, sapertos jaman kapungkur. Nya Gusti anu kapungkur nyacag mahluk laut anu ngaran Rahab.

Ayub 7:12
Na ku naon ku Gusti dugikeun ka diawas-awaskeun teuing? Mani sapertos ka mahluk sagara nu pikasieuneun bae!

Ayub 41:18-21
[18] Beresinna mani ngaburinyay, matana moncorong lir surya kakara medal.[19] Bangusna nyebrot hurung, cahayana racleng patingburinyay.[20] Irungna gegebosan ngabijilkeun saab, ngelun siga haseup pangdurukan jukut dina pariuk.[21] Ambekanana ge mani kingkilaban, sungutna mura-murakeun seuneu.

Mazmur 18:8
Geus kitu bumi ngadegdeg jeung genjlong, dasar gunung-gunung aringgeung sabab Allah bendu.

Mazmur 44:19
Abdi-abdi teu kantos hianat ka Gusti, teu kantos mengpar tina timbalan Gusti.

Mazmur 74:13
Kalayan tanaga rongkah Gusti meulah laut sareng ngaremukkeun hulu naga-naga laut.

Wahyu 1:7
Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti!

Wahyu 11:7
Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana.

Ulangan 32:33
ibarat cianggur nu dijieun tina peurah oray.

Wahyu 13:8
Bakal disarembah ku manusa sajagat, kajaba ku jelema-jelema anu ngaranna geus dicatet dina kitab daptar anu harirup milikna Anak Domba anu dipeuncit tea, anu dicatetkeunana ti memeh dunya dijadikeun.

Wahyu 16:13
Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu.

Keluaran 7:10-12
[10] Bral Musa jeung Harun ngadareuheus ka raja sakumaha ditimbalanana ku PANGERAN. Harun ngalungkeun iteukna ka hareupeun raja sapara mantrina, seug iteukna jadi oray.[11] Sabalikna raja nyaur jelemana anu palinter jeung tukang-tukang sihirna. Seug maranehna oge nyarieun anu sarupa kitu ku sihirna,[12] narurutan ngaralungkeun iteuk sarta iteukna jaradi oray. Tapi orayna dileglegan ku oray ti Harun.

Ayub 40:15-20
[15] Coba awas-awas kuda Nil, boh eta boh maneh, nya Kami anu nyieunna. Ari nyatuna mah jukut, teu beda ti sapi.[16] Tapi awakna bedasna kabina-bina, urat-uratna laliat.[17] Ana buntutna centang, mani nanjeur jeg kai kiputri, urat pingpingna pating berehil.[18] Balung-balungna tarareuas jeg tambaga, babajegna jeg ruji-ruji beusi.[19] Di antara mahluk-mahluk Kami, ngan eta anu pohara matak helokna. Elehna ngan ku Anu nyiptakeunana.[20] Jukut piparabeunana, sasat disodoran ti gunung-gunung, tempat pangulinan sato galak.

Wahyu 12:1-17
[1] Geus kitu di langit aya hiji tetenjoan luar biasa, kacida ahengna: Aya hiji awewe, pakeanana panonpoe, sukuna napak kana bulan, sirahna make makuta anu make dua welas bentang,[2] rek ngajuru geus sabroleun, ngoceak nyantekkeun brolna.[3] Aya deui tetenjoan aheng di langit: aya naga beureum kacida gedena, huluna tujuh, kabeh marake makuta, tandukna sapuluh.[4] Buntutna ngadudut sapertilu bentang-bentang, dibalangkeun ti langit ka bumi. Seug eta naga ngadangong hareupeun eta awewe, rek nyaplok orokna lamun geus kaluar.[5] Brol awewe teh ngajuru, orokna lalaki, anu bakal murba bangsa-bangsa, marentahna make iteuk beusi. Orokna harita keneh aya anu ngejatkeun ka Allah, kana tahta-Na.[6] Ari indungna ngejat ka gurun keusik, di ditu tempatna geus aya ti Allah, sarta bakal diurus di dinya lilana 1.260 poe.[7] Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga.[8] Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga.[9] Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.[10] Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, ”Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.[11] Dulur-dulur urang enggeus tarung paeh-paeh hirup-hirup nepi ka bisa unggul ngelehkeun manehna, ku karana getih Anak Domba, jeung ku karana kayaktian anu diuarkeunana.[12] Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.”[13] Barang naga teh eling yen dirina geus ditotogkeun ka bumi, tuluy ngudag ka awewe anu tas ngajurukeun budak lalaki tea.[14] Tapi eta awewe ku Allah dibere jangjang rajawali sapasang sina hiber ka tanah gurun urut bareto, bakal diurus di dinya tilu satengah taun lilana, aman tina panarajang naga.[15] Naga murakeun cai tina sungutna ngajadi banjir rek malidkeun eta awewe.[16] Tapi bumi nulungan, seug calangap nyedot cai anu diburakeun ku naga.[17] Bawaning ku gemes ka eta awewe, naga indit rek ngabasmi turunanana, nya eta jelema-jelema anu tigin kana timbalan-timbalan Allah, jeung gumati kana kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus.

Wahyu 13:1-18
[1] Ti dinya kaula nenjo aya hiji sato hanjat ti laut, huluna tujuh tandukna sapuluh. Unggal tanduk make makuta, dina unggal huluna aya tulisan hiji ngaran anu ngahina ka Allah.[2] Awakna jiga awak macan tutul, sukuna jiga suku biruang, sungutna jiga sungut singa. Naga tea nyerenkeun kakawasaanana, tahtana jeung wewenangna ka eta sato.[3] Huluna anu hiji tayohna tadina raheut parna ngan geus cageur deui. Saeusi jagat mikahelok tuluy naluturkeun.[4] Naga pada muja-muja pedah geus mere wewenang ka eta sato. Satona ge disembah diparuji, pokna, ”Saha anu sarua jeung ieu? Saha nu bisa ngalawan?”[5] Eta sato meunang idin ngahina ka Allah, meunang marentah sakarep-karep ka jalma-jalma lilana opat puluh dua bulan.[6] Seug mimiti susumbar ngahina ka Allah, ngahinakeun jenengana-Na, ngahinakeun panglinggihana-Na, jeung ngahinakeun sakur nu aya di sawarga.[7] Meunang oge narajang jeung ngelehkeun umat Allah, meunang ngawasaan ka unggal kaom, bangsa, basa, jeung seler bangsa.[8] Bakal disarembah ku manusa sajagat, kajaba ku jelema-jelema anu ngaranna geus dicatet dina kitab daptar anu harirup milikna Anak Domba anu dipeuncit tea, anu dicatetkeunana ti memeh dunya dijadikeun.[9] Ku sabab kitu sing saha anu enya baroga ceuli, regepkeun ieu weweling:[10] ”Jelema anu geus pastina kudu kaboyong, anu pastina kudu paeh ku pedang tangtu paeh ku pedang. Ku lantaran kitu umat Allah kudu satia jeung tabah.”[11] Ti dinya kaula nenjo hiji sato sejen ti darat, tandukan dua jiga tanduk domba, sarta babasaanana kawas naga,[12] seug make sagala kakawasaan sato anu kahiji di hareupeunana, maksa sakumna pangeusi jagat nyarembah ka sato anu kahiji anu raheut cageur deui tea,[13] jeung nyieun rupa-rupa mujijat, malah bisaeun nyieun hujan seuneu ti langit kasaksian ku kabehan.[14] Kalawan paidin jeung wewenang ti sato anu kahiji, sato anu kadua teh nyasabkeun manusa pangeusi jagat ku mujijat-mujijatna. Tuluy deui marentah, nitah nyieun arca sato anu kahiji, anu raheut ku pedang tapi waluya deui tea, pikeun ngahormat.[15] Sato anu kadua teh dibere kasaktian bisa niupkeun napas hirup ka eta arca, nepi ka eta arca teh bisaeun ngomong nitah maehan sakur anu teu daek nyembah ka manehna.[16] Geus kitu jalma-jalma teh nu gede nu leutik, nu beunghar nu miskin, badega, lain badega, ku sato anu kadua dipaksa kudu dicap leungeunna anu katuhu atawa tarangna,[17] cap ngaran eta sato atawa cap angka anu ngalambangkeun ngaranna. Anu henteu make eta cap ngaran teu meunang barangbeuli atawa barangjual.[18] Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.

Wahyu 20:1-15
[1] Geus kitu kaula nenjo hiji malaikat turun ti sawarga, mawa konci guha kereman (abys) jeung ngajingjing rante semu beurat pisan.[2] Tuluy newak naga, si oray kahot, anu saenyana mah Iblis atawa Setan, terus dirante lilana pikeun sarebu taun.[3] Tuluy digebluskeun ka jero guha kereman, lawang guhana terus dikonci jeung disegel. Sarebu taun pililaeunana manehna moal bisaeun deui ngagoda ka manusa. Lamun eta jaman geus beak, eta naga bakal dileupaskeun heula sakeudeung.[4] Geus kitu kaula nenjo aya tahta-tahta, anu nyaralikanana dibarere kawasa mutus hukum. Salian ti eta nenjo aya nyawa-nyawa jelema anu maraotna diteukteuk beuheung lantaran nyebarkeun kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus jeung nguarkeun sabda amanat Allah, teu nyarembah ka sato tea jeung kana arcana, jeung henteu marake tanda eta sato boh dina tarang boh dina leungeun. Maranehna geus harirup deui sarta jaradi raja jeung Kristus, sarebu taun pililaeunana.[5] Harirupna deui teh dina mangsa nu disebut mangsa hudang nu kahiji. (Salian ti maranehna mah nu paraeh teh tacan waka diharirupkeun deui, giliranana lamun geus beak anu sarebu taun.)[6] Bagja tur kacida diberkahanana sakur anu hirup deui dina mangsa hudang nu kahiji. Paeh nu kadua pikeun maranehna mah geus moal aya pangaruhna. Maranehna bakal jaradi imamna Allah jeung imamna Kristus, sarta bakal marentah bareng jeung Anjeunna dina eta jaman sarebu taun.[7] Sanggeus jaman nu sarebu taun beak, Iblis bakal dileupaskeun ti jero tahanan,[8] seug ngagoda ka bangsa-bangsa sakuliah dunya, nya eta Gog jeung Magog. Maranehna ku Iblis dibawa kana perang, bilanganana teu kira-kira lobana mani kawas keusik di basisir laut,[9] disebar di saalam dunya, ngepung pakemahan umat Allah jeung kota anu ku Allah didama-dama. Tapi maranehna beak dilebur ku seuneu ti langit.[10] Ari geus kitu Iblis nu nipu maranehanana digebruskeun ka lautan seuneu jeung walirang. Di dinya geus nyampak sato tea jeung nabi palsuna, digebruskeunana ti heula. Maranehna bareng disiksa di dinya beurang peuting, kitu bae salalanggengna.[11] Geus kitu kaula nenjo hiji tahta gede warna bodas sarta aya nu nyalikan. Bumi jeung langit leungit ngejat ti payuneuna-Na, teu tembong deui.[12] Kaula nenjo oge jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, narangtung hareupeun eta tahta. Kitab-kitab dibaruka, jeung aya deui hiji kitab sejen meunang muka, nya eta kitab catetan nu harirup. Eta jelema-jelema diputus hukumanana, luyu jeung kalakuanana masing-masing sakumaha anu dicatet dina kitab-kitab tea.[13] Laut nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Maot jeung alam maot nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Kabeh diputus hukumanana satimpal jeung kalakuanana.[14] Geus kitu Maot jeung alam maot digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu teh nya eta paeh kadua.)[15] Jelema-jelema anu ngaranna henteu aya dina kitab anu harirup, digebrus-gebruskeun ka eta lautan seuneu.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society