A A A A A

Misteri: [Dinosaurus]


Yesaya 27:1
Dina mangsa eta PANGERAN bakal metakeun kakawasaan jeung pedang-Na anu pikagimireun, bakal ngahukum ka Lewiatan, naga tukang rungkal-ringkel luar-leor, jeung bakal ngabinasakeun mahluk raksasa anu ayana di laut.

Kejadian 1:21
Allah ngadamel mahluk-mahluk laut anu galede katut sagala rupa sasatoan anu harirup di laut, kitu deui sagala rupa bangsa manuk. Seug ku Allah ditilik sarta kamanah.

Mazmur 104:26
paranti kapal-kapal balayar, tempat ulin Lewiatan, mahluk raksasa laut ciciptan Gusti.

Roma 1:18
Allah ti sawarga nembongkeun bendu-Na kana sakabeh dosa jeung kajahatan manusa, sabab kajahatanana teh ngahalangan maranehna pikeun nyaho ka nu bener.

Kejadian 1:24-31
[24] Allah ngandika, ”Di darat sing aya rupa-rupa sasatoan, sato piaraan, sato leuweung, nu galede, nu laleutik.” Seug bae jadi.[25] Sanggeus dipidamel, ku Allah ditilik sarta kamanah.[26] Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”[27] Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe.[28] Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.[29] Maneh ku Kami geus disadiaan sagala rupa sisikian jeung bubuahan keur dahareun.[30] Ari bangsa sasatoan jeung bangsa manuk ku Kami dibere jujukutan jeung dangdaunan keur hakaneunana.” Nya kitu kajadianana.[31] Sakur anu geus dipidamel-Na tea kabeh ku Allah ditilik sarta pohara kamanah-Na. Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kagenep.

Ayub 40:15-24
[15] Coba awas-awas kuda Nil, boh eta boh maneh, nya Kami anu nyieunna. Ari nyatuna mah jukut, teu beda ti sapi.[16] Tapi awakna bedasna kabina-bina, urat-uratna laliat.[17] Ana buntutna centang, mani nanjeur jeg kai kiputri, urat pingpingna pating berehil.[18] Balung-balungna tarareuas jeg tambaga, babajegna jeg ruji-ruji beusi.[19] Di antara mahluk-mahluk Kami, ngan eta anu pohara matak helokna. Elehna ngan ku Anu nyiptakeunana.[20] Jukut piparabeunana, sasat disodoran ti gunung-gunung, tempat pangulinan sato galak.[21] Gupakna handapeun tatangkalan anu carucukan, sok nyelegon dina dapuran kaso di sisi rawa,[22] diiuh-iuh ku tatangkalan nu carucukan jeung tangkal bidara, anu rajeg sisi walungan.[23] Najan walungan ngocorna tarik teu inggiseun. Cai neumbagan bangusna ge, anteng-anteng bae.[24] Saha nu bisa nyolok matana nepi ka lolong sangkan eta bisa kagusur? Saha nu bisa ngabarengkos bangusna?

Ayub 41:1-10
[1] Bisa maneh newak Lewiatan, ditohok atawa dieurad letahna tuluy dibedol?[2] Bisa maneh ngerong cungurna ku dadung atawa ngait cacapekna ku ruruhit,[3] nepi ka eta lumengis menta dileupaskeun deui, atawa ampun-ampunan menta karunya,[4] atawa ngikrarkeun akad sumpah yen seja kumawula ka maneh saumur-umur?[5] Bisa eta teh ku maneh dicocoo kawas manuk ingu, atawa dijieun tongtoneun lanjang-lanjang maneh?[6] Na eta teh bisa ditatawarkeun ka palika, atawa dijual ka tukang lauk sakeleng-sakeleng?[7] Na teurak kulitna ditusuk ku trisula atawa ditojos huluna ku tohok?[8] Pek pangangguran toel, sakali ge maneh kapok, bangbaungeun saumur hirup, mo poho-poho basa keur tarungna![9] Kakara ku nenjona ge geus ngalumpuruk, kabur manten pangacian.[10] Ana eta geus culanggeuk, dangongna pikagimireun, bororaah aya nu wani deukeut-deukeut.

Yosua 10:1-10
[1] Adonisedek, raja Yerusalem, geus meunang beja, yen Ai geus beunang jeung geus ditumpurkeun ku Yosua, sarta rajana dipaehan sakumaha anu tumiba ka nagri Yeriho jeung rajana. Jeung geus meunang beja yen urang Gibon geus rarapihan sarta hirup rukun jeung urang Israil.[2] Ku hal eta, urang Yerusalem kacida ngarasa seberna, sabab Gibon teh sarua gedena jeung nagri anu mana bae oge di dinya anu dikapalaan ku raja, malah leuwih gede ti batan Ai, katurug-turug jelema-jelemana arahli perang.[3] Ku kituna, Adonisedek ngajurungan utusan ka Raja Hoham di Hebron, Raja Piram di Yarmut, Raja Yapia di Lakis, jeung Raja Debir di Eglon, pokna kieu,[4] ”Diantos sumpingna, bantuan ngarurug Gibon, sabab urang dinya parantos rarapihan sareng Yosua, nya sareng urang Israil.”[5] Eta lima raja urang Emor, nya eta raja-raja: Yerusalem, Hebron, Yarmut, Lakis jeung Eglon, meungkeut kakuatan, tuluy ngepung sarta ngarurug Gibon.[6] Urang Gibon ngirim lisan ka Yosua di pakemahan di Gilgal, kieu, ”Juragan, mugi ulah ngantep. Enggal sumping, tulungan sim kuring. Mugi dijait. Raja-raja Emor ti pagunungan parantos ngahiji ngalawan sim kuring.”[7] Seug Yosua nyandak balad katut jeung balad petinganana, budal ti Gilgal.[8] Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Tong sieun ku musuh. Ku Kami maneh geus ditangtukeun baris tangtu unggul. Maranehna moal aya nu kuat ngalawan ka maneh.”[9] Yosua sabaladna terus maju sapeupeuting ti Gilgal, muru ka Gibon, arek ngayakeun gempuran ngadadak ka urang Emor.[10] Urang Emor ku PANGERAN disina kacida geumpeurna narenjo balad urang Israil teh. Maranehna ku urang Israil dibasmi di Gibon, anu harirup keneh diudag tarurun ti lamping gunung di Bet Horon, haben dibeberik jauh pisan nepi ka Aseka jeung Makeda di beulah kidul.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society