A A A A A

Misteri: [Takdir]


Pengkhotbah 6:10
Sagala rupa enggeus lila ditangtukeun diatur yen kudu kitu, sarta urang nyaho yen moal aya jalma anu bisa ngalawan ka nu leuwih kuat.

Habakuk 2:3
Kudu dicatetkeun, sabab pijadieunana moal waka ayeuna, can waktuna. Tapi waktuna geus tereh, sarta ieu anu ditembongkeun ka maneh pasti kajadian. Bisa jadi rada leuir. Tapi dago-dago bae, tangtu kajadian jeung moal ditunda-tunda.

Yesaya 46:10
Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh. Kami geus ngadawuh yen pangersa Kami moal mencog, yen sakur anu ku Kami geus dikudukeun, moal teu dibuktikeun.

Yesaya 55:11
nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.

Yeremia 1:5
”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”

Yeremia 17:10
Kami, PANGERAN, waspada kana eusining pikiran, hate manusa ku Kami kauji. Unggal jelema ku Kami dibales nurutkeun lampah hirupna, satimpal jeung kalakuanana.”

Yohanes 16:33
Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”

Bilangan 23:19
Allah tara ngabohong cara jelema, tara gumingsir kawas manusa. Mun jangji pasti ngajadi, mun nyabda pasti laksana.

Amsal 16:3
Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.

Amsal 19:20-24
[20] Denge nu mere nasehat, sing daek mulungan luang, tangtu baris boga pangabisa.[21] Manusa ngareka itu jeung ieu, ari jadi henteuna mah kumaha kersa PANGERAN.[22] Jalma hawek mah pikasebeleun. Saleuheung nu miskin ti batan nu gede bohong.[23] Masing iman ka PANGERAN sangkan panjang umur, reugreug moal meunang bahla.[24] Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap.

Mazmur 37:37
Pek bandungan nu ibadah, nu bener, jalma resep rapih mah turunanana ge tangtu rendey.

Mazmur 138:8
Gusti tangtos kersa ngabuktoskeun sadaya jangji. Nun PANGERAN, asih Gusti teh langgeng. Sugri padamelan anu parantos diawitan, mugi disampurnakeun.

Wahyu 20:12
Kaula nenjo oge jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, narangtung hareupeun eta tahta. Kitab-kitab dibaruka, jeung aya deui hiji kitab sejen meunang muka, nya eta kitab catetan nu harirup. Eta jelema-jelema diputus hukumanana, luyu jeung kalakuanana masing-masing sakumaha anu dicatet dina kitab-kitab tea.

Roma 12:2
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

Roma 8:28-29
[28] Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.[29] Sakur anu geus kapilih ku Allah, ti samemehna keneh geus ditangtukeun sangkan jadi sakumaha kaayaan Putra-Na, ari Putra-Na bakal jadi anu kahiji ti pirang-pirang saderek.

Ef 2:8-9
[8] Aranjeun oge pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta.[9] ***

1 Petrus 2:8-9
[8] Aya deui ceuk Kitab Suci: ”Jalma-jalma bakal titarajong kana eta batu, bakal lalabuh ku eta batu.” Tah kitu anu henteu palercayaeun kana sabda Allah mah bakal titarajong. Kitu dipastikeunana ku Allah.[9] Ari aranjeun mah bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Allah anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeun ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang.

1 Korintus 2:7-9
[7] Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang.[8] Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung.[9] Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, ”Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna.”

Yeremia ๒๙:๑๑-๑๔
[๑๑] Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.[๑๒] Geus kitu maraneh, bakal daraek ngumaha ka Kami. Maraneh tangtu daratang mawa paneda, ku Kami ge tangtu dimakbul.[๑๓] Maraneh bakal nareangan Kami jeung tangtu kapanggih, sabab engke mah neanganana enya-enya terus jeung hate.[๑๔] Tangtu Kami teh pikapanggiheun, tuluy maraneh ku Kami dipulihkeun deui, dipulangkeun ka tanah sorangan. Rek dikumpulkeun ti saban kota, ti saban daerah tempat maraneh ku Kami dipaburencaykeun, baris dipulangkeun ka tanah urut maraneh diboyong ti dinya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society