A A A A A

Misteri: [Alien]


Kolose 1:16
Sabab nya ku Anjeunna Allah ngajadikeun saniskara nu aya di langit jeung di bumi, nu katingal jeung nu teu katingal, kaasup roh-roh kawasa, pupunjungan-pupunjungan, pangawasa-pangawasa jeung sakur anu nyakrawati di dalam gaib. Sakumna alam ciciptan Allah diwujudkeunana teh ku Kristus jeung keur Kristus.

Ulangan 4:19
Jeung ulah kagembang nyembah ngabakti ka anu katembong di langit, kayaning panonpoe, bulan jeung bentang-bentang. Nu karitu mah ku PANGERAN geus diajangkeun keur sembaheun bangsa-bangsa sejen.

Ulangan 17:3
ngabakti jeung ngawula ka allah-allah sejen, atawa nyembah ka panonpoe atawa ka bulan atawa ka bentang-bentang, anu papalingpang jeung pangandika PANGERAN.

Ef 2:19
Ayeuna mah aranjeun anu lain bangsa Yahudi teh lain bangsa sejen deui, geus papada jadi warga umat Allah, jadi anggota-anggota kulawarga Allah,

Ef 6:12
Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.

Keluaran 12:49
Jadi eta anu lain pribumi teh tunggal sapapakon jeung urang Israil asli.”

Keluaran 22:21
Ulah neungteuinganan atawa ngagencet ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir.

Keluaran 23:9
Ulah neungteuinganan ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir, nyaho kumaha rasana jalma ngumbara.”

Yehezkiel 1:4-7
[4] Barang tanggah, katingal aya angin topan nebak ti kaler, bray kilat ngaburinyay tina gumplukan mega, langit lebah dinya mani ngagebur. Anu kasorang ku eta kilat mani ruhay cahayaan lir sinar parunggu.[5] Di jero topan tea, di tengah-tengahna, aya opat mahluk siga-siga jelema.[6] Beungeutna opat-opat, jarangjangan opat-opat.[7] Sukuna barebeng jeung talapokan siga talapok sapi, harerang kawas parunggu anyar digosok.

Kejadian 1:26
Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”

Kejadian 2:1
Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna.

Ibrani 11:13
Jelema-jelema anu kacatur bieu tetep percaya nepi ka parupusna. Aranjeunna memang teu kungsi ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi hal eta ku aranjeunna geus kasawang sarta dipercaya. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara.

Ibrani 13:2
Kudu akuan ka anu datang ka imah urang. Aya sawatara jelema, ku lantaran akuan kungsi ngaku semah, teu nyahoeun yen semahna teh malaikat.

Yesaya 13:5
Eta bangsa-bangsa daratang ti nagri-nagri anu jarauh, ti unggal tungtung jagat. PANGERAN anu keur ngentab manah geus saged ngalebur eta nagri sakuliahna.

Yesaya 45:12
Ieu Kami, anu ngajadikeun bumi, jeung ngajadikeun manusa pangeusina. Kami make pangawasa ngabeberkeun langit. Kami anu ngatur panonpoe, bulan jeung bentang-bentang.

Yesaya 60:8
Itu iring-iringan kapal ti mana, tingsoloyong kawas mega, lir japati muru kandangna?

Imamat 24:22
Ieu hukum teh pikeun maraneh kabeh urang Israil, jeung oge pikeun urang asing anu caricing di maraneh, karana Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.”

Nehemia 9:6
Breng urang Israil ngunjukkeun paneda, kieu, ”Nun PANGERAN, mung Gusti anu jumeneng PANGERAN. Gusti nu ngadamel sakuliah antariksa, nu ngadamel bentang-bentang, Gusti ngadamel daratan, lautan saeusina, ngahirupan saniskara. Sadaya kakuatan langit ka Gusti sujud sumembah.

Mazmur 97:6
Satungkebing langit ngutarakeun kaadilan Mantenna, sakumna bangsa-bangsa nyaraksian kamulyaana-Na.

1 Petrus 2:11
Dulur-dulur! Kaula rek mepelingan. Aranjeun di dunya teh ibarat anu ngumbara! Ulah nurutkeun pangajak napsu, anu salawasna ngalawan kana budi rasa.

Kisah Para Rasul 19:35
Ahirna bisa oge direpehkeun ku panitera kota. Pokna, ”Dulur-dulur! Urang Epesus geus euweuh nu bireuk deui, kota Epesus teh purah ngariksa kuil Dewi Artemis jeung batu suci anu ragrag ti langit,

Wahyu 12:12
Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.”

Wahyu 13:1
Ti dinya kaula nenjo aya hiji sato hanjat ti laut, huluna tujuh tandukna sapuluh. Unggal tanduk make makuta, dina unggal huluna aya tulisan hiji ngaran anu ngahina ka Allah.

Amos 9:2-3
[2] Sanajan ngaliang ka enggon nu paeh mo burung kakoreh, ngabecir ka langit, ku Kami mo burung kacangking.[3] Sanajan nyumput ka puncak Gunung Karmel, rek dikotektak, mo burung katewak. Nyumput ka dasar laut, Kami rek nitah naga laut sina ngerekeb maranehna.

Imamat 19:33-34
[33] Ulah sok sakama-kama ka batur teu sabangsa anu ngumbara di maraneh.[34] Aku maranehna kawas ka sasama urang Israil, pikanyaah cara ka awak sorangan. Sing aringet maraneh ge kungsi narumpang hirup di tanah batur di Mesir. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

Wahyu 9:7-11
[7] Ari simeutna siga kuda anu dirarahaban ku rarahab perang. Huluna siga make makuta emas, beungeutna siga beungeut jelema.[8] Baruukan kawas buuk awewe, huntuna siga huntu singa,[9] dadana siga make baju beusi. Sora jangjangna ngaguruh sada kareta muru tarung ditarik ku kuda loba.[10] Buntutna siga buntut kala jeung aya panyeureudna, paragi nyeureudan jalma-jalma lima bulan lilana.[11] Aya rajana anu ngatur, ngaranna dina basa Ibrani Abadon, dina basa Yunani Apolion (hartina ”Tukang Ngaruksak”), nya eta malaikat anu ngajaga liang guha tea.

Kejadian 6:1-22
[1] Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir.[2] Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna.[3] Ngandika PANGERAN, ”Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun.”[4] Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur.[5] Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna,[6] Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna,[7] Mantenna ngalahir kieu, ”Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana.”[8] Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.[9] Ieu carita Enoh. Anjeunna kagungan tilu putra, Sem, Ham jeung Yapet. Di jaman anjeunna harita, ngan anjeunna jelema nu hade teh. Hirupna rumaket ka Allah.[10] ***[11] Salian ti anjeunna mah kabeh oge goreng katingalina ku Allah, katelengesanana geus sumebar ka mana-mana.[12] Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.[13] Ngandika Allah ka Enoh, ”Kami geus nyieun putusan, jelema teh kabeh rek dianggeuskeun umurna. Rek ditumpes sama sakali, sabab dunya teh geus dedet ku kalakuan maranehanana anu telenges.[14] Maneh kudu nyieun kapal tina kai kibeusi, kamar-kamarkeun, lampudan luar jerona ku ter.[15] Ukuran panjangna eta kapal 133 meter, rubakna 22 meter, luhurna 13 meter.[16] Kudu make hateup, jeung sisi-sisina bere antara 44 sentimeter. Jieun tilu umpakan, sisina pantoan.[17] Ieu bumi ku Kami arek dibasmi ku caah. Sakur mahluk anu kumelip arek ditumpes.[18] Tapi ka maneh mah Kami seja mere jangji. Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.[19] Bawa deuih saban rupa golongan sasatoan, masing-masing hiji jaluna, hiji bikangna; kitu keneh manuk, supaya karaksa.[20] ***[21] Bebekelan ulah kari, keur maneh jeung sasatoan.”[22] Eta timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.

Yehezkiel 1:1-28
[1] Sim kuring, Yeheskel bin Busi, pangkat imam. Hirup di nagri Babul, matuh di sisi Walungan Kebar, bareng jeung sasama bangsa Yahudi, jadi boyongan. Dina tanggal lima, bulan kaopat, taun katilu puluh, ningal langit muka. Breh aya titingalan ngeunaan salira Allah.[2] Harita nincak taun kalima Raja Yoyakin jadi boyongan di nagri Babul.[3] Di dinya, di sisi Walungan Kebar, nagri Babul, kakuping gentra PANGERAN nimbalan ka sim kuring, sarta sim kuring keuna ku pangawasa-Na.[4] Barang tanggah, katingal aya angin topan nebak ti kaler, bray kilat ngaburinyay tina gumplukan mega, langit lebah dinya mani ngagebur. Anu kasorang ku eta kilat mani ruhay cahayaan lir sinar parunggu.[5] Di jero topan tea, di tengah-tengahna, aya opat mahluk siga-siga jelema.[6] Beungeutna opat-opat, jarangjangan opat-opat.[7] Sukuna barebeng jeung talapokan siga talapok sapi, harerang kawas parunggu anyar digosok.[8] Jaba ti bareungeutan, jeung jarangjangan teh, baroga leungeun opat-opat deui, bangunna siga leungeun jelema, ayana di handapeun tiap jangjang.[9] Ari jangjangna maleber dua-dua, tungtung jeung tungtung antel kana jangjang baturna, ngawangun pasagi opat. Ana mahluk-mahluk tea obah, bareng obah opatanana, tapi awakna henteu kabawa ngagilir.[10] Ari beungeutna anu opat-opat tea, bangunna ge pada-pada opat rupa, beda-beda. Nu beulah hareup beungeut jelema, nu beulah katuhu beungeut singa, nu beulah kenca beungeut sapi, nu beulah tukang beungeut manuk rajawali.[11] Jangjangna maleber dua-dua ka luhur, paantel jeung tungtung jangjang batur gigireunana, ari jangjang anu dua deui ngalalingkup nutupan awakna.[12] Nyanghareupna masing-masing bisa ka opat jihat, jadi bisa bareng ka ditu ka dieu ka mana karepna bari teu kudu luak-lieuk.[13] Di tengah-tengah eta opat mahluk aya anu kawas obor ngagebur, obah- obah teu daek cicing. Hurungna ngagegedur, kilatna mancawura.[14] Opat mahluk tea oge henteu cicing, suat-siet ka ditu ka dieu kawas kilat.[15] Sabot sim kuring nelek-nelek eta opat mahluk, breh ningal aya opat gilinding napak kana taneuh di gigireunana masing-masing.[16] Eta gilinding sarua bangunna, jeung tingpaloncorong kawas sorot batu permata. Di tengah saban gilinding aya gilinding hiji deui di tengah asna.[17] Jadi gilinding teh bisa obah ka opat jihat.[18] Pelekna masing-masing pinuh katutup ku mata.[19] Ana opat mahluk tea pindah, gilinding tea ge pindah nuturkeun; ana opat mahluk tea ngapung, gilinding tea ge nuturkeun ngapung.[20] Opat mahluk tea pipindahan ka mana karep, gilinding-gilinding oge nya kitu, da diatur ku opat mahluk tea.[21] Jadi saban opat mahluk tea maju, atawa eureun, atawa ngapung, gilinding-gilinding tea ge nuturkeun kitu.[22] Di luhureun sirah opat mahluk tea aya anu siga lalangit melengkung, kawas tina kristal, matak serab.[23] Nya di handapeun eta ayana opat mahluk tea, meberkeun dua jangjangna masing-masing sina paantel jeung tungtung jangjang baturna, sarta jangjang anu dua deui ngalingkup nutupan awakna.[24] Sora jangjangna ari keur hiber mani ngaguruh sada guruhna laut, sada ambregna aleutan balad gede, jeg soara gentra Allah Nu Maha Kawasa. Ari hiberna eureun, jangjangna dilingkupkeun.[25] Tapi soara guruhna mah kadenge keneh, datangna ti luhureun lalangit nu melengkung tea, di luhureun sirah mahluk anu opat.[26] Di luhureun lalangit tea aya anu siga singgasana tina batu nilem, dilinggihan ku anu siga manusa.[27] Eta anu siga manusa teh cahayaan kawas cahaya parunggu nu keur dilebur ku seuneu. Cahayana mancawura matak serab pisan,[28] jadi warna-warni cara cahaya katumbiri. Sihoreng eta cahaya anu pikahelokeun teh tanda yen PANGERAN aya di dinya. Bruk bae sim kuring nyuuh kana taneuh, geus kitu ngeng aya gentra.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society