2 Raja 5:10 |
Elisa miwarangan gandek mopoyanan ka Naaman yen kudu siram di Walungan Yordan tujuh kali, tangtu kasawatna bakal damang. |
|
Ulangan 5:12 |
Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh. |
|
Keluaran 22:30 |
Baktikeun ka Kami cikal ingon- ingon maraneh sapi jeung domba. Cikal jaluna ingkeun heula di indungna tujuh poe, dina kadalapan poena sanggakeun ka Kami. |
|
Yohanes 6:35 |
Saur Yesus, ”Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui. |
|
Matius 26:26 |
Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. ”Ieu tampanan, dahar,” saur-Na, ”ieu teh daging awak Kami.” |
|
Bilangan 4:7 |
Meja paranti neundeun roti haturan PANGERAN kudu ditaplakan ku taplak biru. Piring-piring, pinggan-pinggan wadah dupa, pinggan-pinggan paranti kurban, kendi-kendi anggur kurban, teundeunan di dinya. Dina eta meja salawasna kudu aya roti haturkeuneun. |
|
Yosua 6:3-4 |
[3] Maneh jeung balad-balad di jero genep poe kudu ngurilingan eta kota, sapoe sakuriling.[4] Kudu jeung tujuh imam, masing-masing imam kudu marawa tarompet sarta laleumpangna kudu di heulaeun Peti Perjangjian. Dina poe katujuhna maneh sabalad-balad ngurilinganana teh kudu tujuh kali, dibarengan ku imam-imam nariup tarompet. |
|
Kejadian 2:1-3 |
[1] Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna.[2] Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagala padamelana-Na sabab geus rengse.[3] Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh. |
|
Kejadian 9:12-16 |
[12] Pikeun tanda eta perjangjian Kami anu langgeng ka maraneh jeung ka sakabeh mahluk anu nyawaan,[13] Kami baris masang katumbiri dina mega. Eta tandana perjangjian Kami ka alam dunya.[14] Samangsa-mangsa Kami ngalaput langit ku mega tuluy timbul katumbiri,[15] eta tanda Kami eling kana jangji ka maraneh jeung ka sasatoan, yen hamo deui caah ngabasmi sakabeh mahluk anu nyawaan.[16] Samangsa-mangsa dina mega tembong katumbiri, tangtu tembong ka Kami, sarta Kami tangtu inget kana jangji Kami anu langgeng, antara Kami jeung sakabeh mahluk anu kumelip di jagat. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |