A A A A A

Tanda Matematika: [Angka 5]


Wahyu 13:5-18
[5] Eta sato meunang idin ngahina ka Allah, meunang marentah sakarep-karep ka jalma-jalma lilana opat puluh dua bulan.[6] Seug mimiti susumbar ngahina ka Allah, ngahinakeun jenengana-Na, ngahinakeun panglinggihana-Na, jeung ngahinakeun sakur nu aya di sawarga.[7] Meunang oge narajang jeung ngelehkeun umat Allah, meunang ngawasaan ka unggal kaom, bangsa, basa, jeung seler bangsa.[8] Bakal disarembah ku manusa sajagat, kajaba ku jelema-jelema anu ngaranna geus dicatet dina kitab daptar anu harirup milikna Anak Domba anu dipeuncit tea, anu dicatetkeunana ti memeh dunya dijadikeun.[9] Ku sabab kitu sing saha anu enya baroga ceuli, regepkeun ieu weweling:[10] ”Jelema anu geus pastina kudu kaboyong, anu pastina kudu paeh ku pedang tangtu paeh ku pedang. Ku lantaran kitu umat Allah kudu satia jeung tabah.”[11] Ti dinya kaula nenjo hiji sato sejen ti darat, tandukan dua jiga tanduk domba, sarta babasaanana kawas naga,[12] seug make sagala kakawasaan sato anu kahiji di hareupeunana, maksa sakumna pangeusi jagat nyarembah ka sato anu kahiji anu raheut cageur deui tea,[13] jeung nyieun rupa-rupa mujijat, malah bisaeun nyieun hujan seuneu ti langit kasaksian ku kabehan.[14] Kalawan paidin jeung wewenang ti sato anu kahiji, sato anu kadua teh nyasabkeun manusa pangeusi jagat ku mujijat-mujijatna. Tuluy deui marentah, nitah nyieun arca sato anu kahiji, anu raheut ku pedang tapi waluya deui tea, pikeun ngahormat.[15] Sato anu kadua teh dibere kasaktian bisa niupkeun napas hirup ka eta arca, nepi ka eta arca teh bisaeun ngomong nitah maehan sakur anu teu daek nyembah ka manehna.[16] Geus kitu jalma-jalma teh nu gede nu leutik, nu beunghar nu miskin, badega, lain badega, ku sato anu kadua dipaksa kudu dicap leungeunna anu katuhu atawa tarangna,[17] cap ngaran eta sato atawa cap angka anu ngalambangkeun ngaranna. Anu henteu make eta cap ngaran teu meunang barangbeuli atawa barangjual.[18] Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.

Matius 19:9
Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”

Wahyu 11:2-3
[2] Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan.[3] Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan.”

Matius 5:32
Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu nyerahkeun pamajikan lain ku sabab pamajikanana nyelewer, sarua jeung ngalantarankeun awewena ngaranyed. Lamun awewena kawin deui ka nu sejen, lalaki anu ngawinna oge kaasup ngaranyed.”

2 Timotius 3:16
Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpaʼat pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,

Wahyu 4:6-8
[6] Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata.[7] Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang.[8] Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: ”Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.”

Bilangan 5:11-31
[11] PANGERAN ngandika deui ka Musa,[12] maparinkeun ieu aturan keur urang Israil: Bisa jadi aya salaki anu curiga ka pamajikanana. Nyangka pamajikanana serong jeung geus nganajiskeun diri jinah jeung lalaki sejen. Tapi teu bisa mastikeun, lantaran kalakuan pamajikanana tea rikip tur teu aya saksi, sarta henteu kaperego. Atawa hiji salaki teu pupuguh timburuan ka pamajikanana, padahal pamajikanana teh teu serong teu naon.[13] ***[14] ***[15] Dina hal saperti kitu, eta salaki kudu mawa pamajikanana ka imam bari mawa tipung tarigu sakilo pikeun kurban, tipungna ulah dikucuran minyak jetun jeung ulah diteundeunan dupa, sabab eta mah kurban ti hiji salaki anu timburuan, pikeun ngabuktikeun hal anu sabenerna.[16] Awewena ku imam kudu dibawa ka hareupeun altar sina nangtung di dinya.[17] Imam kudu nyicikeun cai suci kana hiji paso, cemplungan taneuh sacolek tina dasar Kemah supaya jadi pait.[18] Udar buuk eta awewe ku imam sina ngarumbay, tipung kurban tea sina dicekel ku leungeunna. Paso eusi cai anu geus jadi pait jeung geus ngandung panyapa, cekel ku imam.[19] Geus kitu awewena sina ngaregepkeun ucapan anu diikrarkeun ku imam, anu kieu pokpokanana, ”Lamun maneh henteu jinah, panyapa anu dikandung ku ieu cai suci moal teurak ka maneh.[20] Sabalikna lamun maneh jinah,[21] demi kersaning PANGERAN, maneh masing jadi sasapaan di antara umat Mantenna. Ieu cai sing matak bareuh beuteung, sing matak murungkut puhu pingping.[22] Ieu cai masing muhit dina peujit, sing ngabareuhkeun beuteung, sing murungkutkeun puhu pingping maneh.” Awewe tea kudu ngahaminan, ”Amin, demi PANGERAN, sing kabuktian.”[23] Geus kitu eta panyapa teh ku imam kudu dituliskeun, tuluy kucekkeun kana cai pait tea.[24] Samemeh eta cai suci diinumkeun ka eta awewe, anu bisa jadi bakal nimbulkeun kanyeri luar biasa,[25] tipung pikurbaneun anu dicekel ku eta awewe tea cokot ku imam, tuluy unjukkeun ka PANGERAN, teundeun dina altar.[26] Cokot sakeupeul terus beuleum di dinya, tanda yen enggeus dikurbankeun. Geus kitu awewe teh sina nginum eta cai panyapa.[27] Upama enya manehna jinah, bakal ngarasa nyeri luar biasa, beuteungna jadi bareuh, puhu pingpingna jadi murungkut. Ngaranna bakal jadi sasapaan di kalangan bangsana.[28] Tapi saupama manehna taya dosana, moal kua-kieu sarta bakal bisa boga anak.[29] Kitu pikukuhna upama aya salaki nu curiga jeung timburuan, nyangka pamajikanana geus jinah. Awewena sina nangtung hareupeun altar, imam ngajalankeun upacarana.[30] ***[31] Ari salakina mah henteu kabawa salah. Sabalikna pamajikanana, lamun enya salah, kitu pitemaheunana.

1 Raja 7:23
Geus kitu Huram nyieun hiji tatalagaan tambaga, bangunna buleud. Jerona dua meter dua puluh senti, garis tengahna opat meter opat puluh senti, kurilingna tilu belas meter dua puluh senti.

Ulangan 6:4
Kanyahokeun eh urang Israil! Nya PANGERAN, ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh.

Maleakhi 3:10
Serenkeun sing gembleng perpuluhan maraneh ka Bait Kami, supaya di dinya teu kurang-kurang bahan dahareun. Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga, ngahujanan maraneh ku sagala rupa anu mangpaʼat.

Mazmur 104:9
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.

Kejadian 6:12
Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

Kejadian 7:20
tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.

Kejadian 8:5-9
[5] Cai surud terus, sarta dina tanggal hiji bulan kasapuluh, puncak-puncak gunung mimiti tarembong.[6] Opat puluh poe ti harita, Enoh mukakeun jandela,[7] pur ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak teh teu balik deui, terus bae ngalayang kukurilingan nepi ka saatna cai.[8] Sabot kitu, pur deui Enoh ngaleupaskeun japati, seja naksir cai geus orot atawa acan.[9] Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, eta japati teu manggih pieunteupeun. Kalayang balik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.

Kejadian 9:11
Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.

Kejadian 1:31
Sakur anu geus dipidamel-Na tea kabeh ku Allah ditilik sarta pohara kamanah-Na. Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kagenep.

Kejadian 3:15
Maneh jeung eta awewe baris silih pikaceuceub. Bangsa manusa jeung bangsa oray baris mumusuhan sapapanjangna. Manusa baris ngaremukkeun hulu maneh, ari maneh mo weleh ngarah-ngarah rek macok keuneung manusa.”

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

Keluaran 20:13
Ulah maehan.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society