Roma 8:28 |
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna. |
|
Yeremia 29:11 |
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup. |
|
Filipi 4:6-7 |
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus. |
|
Lukas 6:16 |
Yudas anak Yakobus, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat. |
|
Mazmur 34:18 |
Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna. |
|
Yesaya 40:28-31 |
[28] Na maneh tacan nyaho? Tacan ngadenge? PANGERAN teh Allah nu langgeng, sakubeng jagat Mantenna nu ngajadikeun. Mantenna tara cape tara lungse. Taya pisan anu nyaho kana eusining manah-Na.[29] Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.[30] Sanajan nu ngarora ge sok leuleus, barudak remaja sok ngudupruk beak tanaga.[31] Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo. |
|
Amsal 3:5 |
Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. |
|
Mazmur 42:11 |
Hate kaula nyelekit ngadenge panghina maranehna, anu teu eureun-eureun nyindiran, ”Mana Allah maneh teh?” |
|
Kolose 3:23-25 |
[23] Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.[24] Inget, Gusti kagungan ganjaran keur umat-Na, keur aranjeun. Sabab anu saenyana jadi dunungan aranjeun mah Kristus.[25] Jeung deui anu salah mah saha bae ge bakal nanggung balukarna, sabab Allah mah ngahukumna teh henteu ngabeda-bedakeun jelema. |
|
Pengkhotbah 1:2 |
Mubadir, mubadir, saur Ki Pandita. Hirup teh sihoreng mubadir, saniskarana mubadir. |
|
Pengkhotbah 12:8 |
Mubadir, mubadir, saur Ahli Pikir, kabeh mubadir. |
|
Ibrani 11:6 |
Taya saurang-urang acan jelema anu dipikaseneng ku Allah teu karana kapercayaanana. Sabab saha-saha anu datang ka Allah kudu percaya yen Allah teh aya, kudu percaya yen Allah tangtu ngaganjar ka jelema anu neangan Mantenna. |
|
Ibrani 13:5 |
Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |