Yohanes 3:16 |
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng. |
|
1 Tesalonika 4:14 |
Urang percaya yen Yesus geus gugah tina pupus-Na. Ku sabab eta kudu percaya yen sakur anu maotna percaya ka Yesus, tangtu ku Allah bakal dihirupkeun deui sangkan babarengan deui jeung Anjeunna. |
|
Yohanes 11:26 |
jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salalawasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?” |
|
Roma 6:23 |
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang. |
|
Mazmur 23:4 |
Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi. |
|
Wahyu 21:4 |
Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.” |
|
Roma 14:8 |
Keur hirupna, hirupna teh pikeun Pangeran, geus maotna, maotna teh pikeun Pangeran. Jadi, hirup jeung maot teh kagungan Pangeran. |
|
Pengkhotbah 12:7 |
Jasad mulang jadi deui lebu, roh mulang ka Allah anu maparin. |
|
Lukas 23:43 |
Yesus ngawaler, ”Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.” |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |