A A A A A

Kehidupan: [Janda]


Yakobus 1:27
Ibadah anu beresih, anu taya kuciwana di payuneun Allah, nya eta anu rumawat ka nu yatim pahatu, sarta mitulung ka randa nu kasusahan, jeung nyandet diri malar henteu kagendam ku pangajak napsu dunya.

Kisah Para Rasul 6:1
Anu aranut ka Yesus beuki loba bae. Hiji mangsa urang Yahudi anu ngaromongna basa Yunani, kukulutus ka urang Yahudi pribumi, lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan pangbagian rejeki sapopoe.

1 Timotius 5:3-16
[3] Ka randa-randa anu enyaan randana sing hormat.[4] Tapi lamun randana boga anak atawa incu, anakna atawa incuna heula papatahan sina ngurus ka eta indungna atawa ninina, males budina, luyu jeung parentah agama. Lampah kitu sapuk jeung kersa Allah.[5] Randa anu geus nunggelis nepi ka taya anu baris ngurus, tinggal ngaharep ka Allah, sina neneda ka Mantenna beurang peuting, nyambat pitulung-Na.[6] Tapi randa anu resep senang-senang, eta mah hirup keneh ge sasat geus paeh.[7] Geuing, wurukan, supaya hirupna ulah aya celana.[8] Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.[9] Randa anu umurna can genep puluh taun ulah waka diasupkeun kana daptar. Jeung deui: bogana salaki ngan sakali,[10] kalakuanana kaceluk mulus, bener rumawatna ka anak, akuan ka semah, daek asor ngalakonan kawajiban keur sasama saiman, daek nalang ka nu susah, jeung gumati kana gawe nu harade.[11] Randa nu ngarora keneh tong diasupkeun kana daptar, bisi ari teu tahaneun hayangeun kawin deui tuluy nirca ti Kristus,[12] ngalanggar ikrarna ka Anjeunna yen moal kawin deui.[13] Jeung ongkoh sok dialajar natangga ka saban imah. Malah aya nu leuwih goreng ti kitu, dialajar ngupat, campur kana urusan batur, jeung ngobrolkeun anu teu parantes.[14] Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.[15] Da aya randa-randa anu nirca tuluy milu ka setan.[16] Jeung lamun di hiji kulawarga aya randana, eta kulawarga wajib ngabayuan anggotana anu geus jadi randa, ulah neumbleuhkeun ka jamaah, keun jamaah mah sina laluasa ngabayuan randa-randa anu geus teu baroga baraya.

1 Timotius 5:9
Randa anu umurna can genep puluh taun ulah waka diasupkeun kana daptar. Jeung deui: bogana salaki ngan sakali,

1 Timotius 5:3
Ka randa-randa anu enyaan randana sing hormat.

1 Timotius 5:16
Jeung lamun di hiji kulawarga aya randana, eta kulawarga wajib ngabayuan anggotana anu geus jadi randa, ulah neumbleuhkeun ka jamaah, keun jamaah mah sina laluasa ngabayuan randa-randa anu geus teu baroga baraya.

Kisah Para Rasul 9:39
Petrus geuwat angkat, bareng jeung nu ngangkir. Sasumpingna terus dicandak ka loteng, ditaluturkeun ku randa-randa. Bari tingsalegruk randa-randa teh narembongkeun rupa-rupa papakean meunang Dorkas nyieunan waktu keur hirup keneh.

Kisah Para Rasul 6:1-6
[1] Anu aranut ka Yesus beuki loba bae. Hiji mangsa urang Yahudi anu ngaromongna basa Yunani, kukulutus ka urang Yahudi pribumi, lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan pangbagian rejeki sapopoe.[2] Ku sabab kitu pakumpulan teh ku dua welas rasul dipiwarang kumpul. Saur rasul-rasul, ”Teu hade lamun urang nepi ka henteu ngawurukkeun pangandika Allah lantaran nguruskeun bae sual duit.[3] Ku sabab kitu, dulur-dulur, coba neangan jelema tujuhan ti urang keneh anu geus kanyahoan dieusian Roh Suci jeung berbudi, urang angkat pikeun ngatur urusan kitu,[4] supaya urang bisa jongjon neneda jeung ngawurukkeun pangandika Allah.”[5] Eta nasehat kacida pada ngarempuganana. Seug pakumpulan teh milih tujuh jelema, nya eta Stepanus, jelema pengkuh iman jeung dieusi Roh Suci, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu asup agama Yahudi.[6] Tuluy dideuheuskeun ka rasul-rasul, ku rasul-rasul dipangnedakeun ka Allah, mugi-mugi pagaweanana diberkahan.

1 Timotius 5:11-14
[11] Randa nu ngarora keneh tong diasupkeun kana daptar, bisi ari teu tahaneun hayangeun kawin deui tuluy nirca ti Kristus,[12] ngalanggar ikrarna ka Anjeunna yen moal kawin deui.[13] Jeung ongkoh sok dialajar natangga ka saban imah. Malah aya nu leuwih goreng ti kitu, dialajar ngupat, campur kana urusan batur, jeung ngobrolkeun anu teu parantes.[14] Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.

1 Korintus 7:8-9
[8] Ayeuna nasehat pikeun anu tacan kawin, jeung awewe randa. Hadena mah angger nyorangan cara sim kuring.[9] Tapi ari teu tahan mah pek bae kawin, sabab ti batan marudah napsu mending kawin.

Mazmur 68:5
Puji Allah, puji jenengana-Na, sadiakeun jalan pikeun Mantenna nu ngambah mega. Jenengan Mantenna PANGERAN, sing aratoh di payuneuna-Na!

Ulangan 14:29
Eta bahan dahareun teh keur urang Lewi, da teu barogaeun tanah milik, pikeun urang asing, pikeun yatim pahatu jeung randa-randa, anu caricing di kota-kota maraneh. Maranehna meunang daratang nyarokot naon bae butuhna. Lamun hal eta ku maraneh dilampahkeun, sagala usaha maraneh tangtu baris diberkahan ku PANGERAN Allah maraneh.”

Ulangan 16:11-14
[11] Sing barungah di payuneun PANGERAN, di tempat anu dipilih ku Mantenna tea, bareng jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para yatim pahatu, jeung randa-randa anu caricing di kota-kota maraneh.[12] Peupeujeuh ieu pikukuh-pikukuh teh gumatikeun. Ulah paroho, maraneh bareto di Mesir geus dibadegakeun.”[13] ”Sanggeus beres ngirik gandum jeung meres buah anggur, maraneh kudu nyieun Pesta Saung Daun lilana tujuh poe.[14] Pek saruka-suka jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para pahatu, randa-randa, batur sakota.

Yeremia 49:11
Tapi randa-randana meunang nyalindung ka Kami. Kitu deui kaom pahatuna serenkeun ka Kami supaya kaurus.

Maleakhi 3:5
Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”Kami rek ebreh ka maraneh pikeun ngahakiman, sakalian jadi saksi tina perkara tukang-tukang sihir, perkara nu ngaranyed, perkara saksi-saksi palsu, perkara jelema-jelema anu ngalicikan upah kuli-kuli, perkara jelema-jelema tukang nyokot rejeki randa-randa, barudak pahatu, jeung urang asing; cindekna perkara jelema-jelema anu henteu ngendahkeun ka Kami.”

Ulangan 14:28-29
[28] Unggal-unggal tutup taun katilu, maraneh kudu marawa saperpuluhna tina hasil tanah, kumpulkeun di kota-kota maraneh.[29] Eta bahan dahareun teh keur urang Lewi, da teu barogaeun tanah milik, pikeun urang asing, pikeun yatim pahatu jeung randa-randa, anu caricing di kota-kota maraneh. Maranehna meunang daratang nyarokot naon bae butuhna. Lamun hal eta ku maraneh dilampahkeun, sagala usaha maraneh tangtu baris diberkahan ku PANGERAN Allah maraneh.”

Ayub 22:9
Ka nu geus raranda cadu ngabantu, ka nu yatim tega ngarampog, tur neungteuinganan.

Ratapan 5:3
Para bapa parantos maraot ku musuh, indung-indung ayeuna jaradi randa.

Keluaran 22:22-24
[22] Ulah nyusuker ka randa atawa ka nu pahatu.[23] Upama maraneh nyusuker, seug maranehna sasambat menta tulung ka Kami, tangtu ku Kami dimakbul,[24] tur Kami tangtu bendu datang ka maraneh ku Kami disina paeh ku perang, pamajikan jadi randa, anak jadi yatim.

Yesaya 10:1-2
[1] Cilaka maraneh! Maraneh nyieun hukum sakarep-karep, dipake nyiksa ka umat Kami.[2] Maraneh nyieun aturan anu ngahalang-halang hak jeung kaadilan pikeun rahayat anu mariskin. Aturan anu ngawenangkeun maraneh ngarampas pangaboga randa-randa jeung kaom pahatu.

Keluaran 22:24
tur Kami tangtu bendu datang ka maraneh ku Kami disina paeh ku perang, pamajikan jadi randa, anak jadi yatim.

Yeremia 15:8
Tanah maraneh sina loba randa, leuwih loba ti batan keusik basisir. Barudak ngora keur meumeujeuhna, arek dibasmi, indungna sina naralangsa. Ku Kami rek didadak ditinggang ku karupek jeung kareuwas.

Ayub 27:15
Nu barisa keneh hirup baris hus hos ditekukan ku panyakit, ku randana ge moal ieuh diceungceurikan.

Yesaya 10:2
Maraneh nyieun aturan anu ngahalang-halang hak jeung kaadilan pikeun rahayat anu mariskin. Aturan anu ngawenangkeun maraneh ngarampas pangaboga randa-randa jeung kaom pahatu.

Yeremia 18:21
Nanging ayeuna mah nun PANGERAN, mugi anak-anakna sina tumpes ku kalaparan, maranehanana sorangan sina tumpur ku perang. Awewe-awewe sina katinggal ku salaki sareng ku anak, nu karolot sina maraot ku panyakit, barudak ngorana sina paraeh di medan perang.

Mazmur 78:64
Imam-imam tariwas ku pedang, randa-randana teu meunang nyaleungceurikan.

Keluaran 22:22
Ulah nyusuker ka randa atawa ka nu pahatu.

Ulangan 27:19
’Sing disapa ku Allah, jelema anu ngarampas hak jalma ngumbara, hak para pahatu, jeung hak randa-randa.’ Umat sakumna, ’Amin!’

Ulangan 24:17
Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana.

Lukas 2:37
***

Ulangan 10:18
Sipat-Na jujur satia, sanajan ka nu pahatu atawa ka randa-randa. Heman ka anu marilu hirup di urang, sarua dipaparinan dahar pake.

Yesaya 1:17
lampahkeun anu bener. Usahakeun sangkan kaadilan terap. Belaan anu sangsara. Belaan hakna budak pahatu. Tangtayungan randa-randa.”

Roma 7:3
Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.

1 Timotius 5:4
Tapi lamun randana boga anak atawa incu, anakna atawa incuna heula papatahan sina ngurus ka eta indungna atawa ninina, males budina, luyu jeung parentah agama. Lampah kitu sapuk jeung kersa Allah.

Ulangan 24:19-21
[19] Lamun keur dibuat di lahan sorangan aya ranggeuyan-ranggeuyan anu tinggaleun, ulah diimeutan. Keun bae jang nu keur ngalumbara, jang para pahatu, jang randa-randa, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.[20] Sanggeus buah jetun jeung buah anggur maneh dipupu sakali, enggeus bae ulah diala deui, keun nu tacan kaala mah keur urang asing, keur para pahatu, keur randa-randa.[21] ***

Ayub 24:3
Ka kalde-kalde para pahatu teu dikarikeun, kitu keneh sapi milik para randa nu teu bisa mayar hutang.

Yehezkiel 22:7
Jalma-jalma pangeusi nagri taya saurang nu hormat ka indung bapa. Urang asing ku maneh dihianat. Randa-randa jeung pahatu bandana ku maneh direbut.

1 Timotius 5:10
kalakuanana kaceluk mulus, bener rumawatna ka anak, akuan ka semah, daek asor ngalakonan kawajiban keur sasama saiman, daek nalang ka nu susah, jeung gumati kana gawe nu harade.

Amsal 15:25
Nu adigung baris ditumpes rumah tanggana ku PANGERAN. Sabalikna pangaboga randa mah ku Mantenna ditangtayungan.

Zakharia 7:10
Ulah nindes ka randa-randa, ka yatim pahatu, ka urang asing nu ngaradon hirup di maraneh, jeung ka nu keur nandangan kasusah. Jeung ulah boga niat jahat ka nu sejen.ʼ

Markus 12:42-43
[42] Tuluy aya hiji randa miskin ngasupkeun dua uang tambaga, duit receh anu pangajina panghandapna.[43] Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.

Ayub 29:13
Jalma-jalma anu dijait ku kuring, kacida tumarimana, kitu deui randa-randa, ku kuring disarenangkeun.

Ulangan 24:19
Lamun keur dibuat di lahan sorangan aya ranggeuyan-ranggeuyan anu tinggaleun, ulah diimeutan. Keun bae jang nu keur ngalumbara, jang para pahatu, jang randa-randa, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.

Ulangan 26:12
Unggal-unggal taun katilu maraneh kudu mere perpuluhan, nya eta sapersapuluh tina sakabeh hasil tanah ka urang Lewi, ka urang asing, ka para pahatu, jeung ka randa-randa, supaya di saban lingkungan masarakat, maranehna oge mareunang rejeki. Sabada ngaluarkeun perpuluhan,

1 Timotius 5:5
Randa anu geus nunggelis nepi ka taya anu baris ngurus, tinggal ngaharep ka Allah, sina neneda ka Mantenna beurang peuting, nyambat pitulung-Na.

Yeremia 7:6
Ulah macikeuh deui ka urang asing, ka yatim pahatu jeung ka randa-randa. Ulah maehan deui jelema anu taya salahna di ieu tanah. Ulah ngabarakti deui ka allah-allah sejen, sabab eta teh bakal nyilakakeun ka maraneh.

Mazmur 94:6
Randa sareng barudak pahatu diparaehan, kitu deui anu ngalumbara di ieu tanah.

Mazmur 146:9
PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara, di nagri urang, nulungan ka randa-randa jeung para pahatu, sabalikna rarancang jalma jahat mah ku Mantenna disina gagal.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society