A A A A A

Kehidupan: [Kekayaan]


1 Timotius ౬:౧౭-౧౯
[౧౭] Anu baleunghar elingan ulah adigung, ulah muhit kana barang anu sipat fana, kabeungharan upamana. Muhit teh kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kagenahan.[౧౮] Sina nyieun kahadean, sina sugih ku sipat asih beunghar ku sipat berehan,[౧౯] minangka nyengcelengan harta langgeng keur jaman engke, supaya bisa ngamilik hirup sajati.

Lukas 19:1-10
[1] Yesus lebet ka kota Yeriho, sarta angkat-Na terus ngalangkungan eta kota.[2] Di dinya aya hiji kapala tukang mulung pajeg, ngaranna Sakeus, jelema beunghar.[3] Manehna ihtiar hayangeun nenjo saha Yesus teh. Tapi ku sabab kahalangan ku jalma loba tur awakna pendek, ihtiarna teu hasil.[4] Tuluy lumpat miheulaan jalma loba, terekel naek kana hiji tangkal rek megat Yesus anu baris ngalangkung ka dinya.[5] Sumping ka lebah dinya Yesus tanggah sarta ngalahir, ”Sakeus, geuwat turun! Poe ieu Kami rek nganjang ka maneh.”[6] Sakeus turun tuturubun, tuluy ngamanggakeun ka Yesus bangun kacida atoheunana.[7] Tapi jelema-jelema jadi gegelendeng, pokna, ”Kumaha Anjeunna teh? Bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!”[8] Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, ”Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.”[9] Pilahir Yesus, ”Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.[10] Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit.”

Markus ౪:౧౯
tapi kadeseh ku kasalempangan hirup, ku hayang beunghar, jeung ku rupa-rupa kahayang napsu, teu nepi ka bijil hasilna.

Lukas 18:18-30
[18] Aya hiji pamingpin urang Yahudi naros ka Yesus, ”Pa Guru nu sae manah, sim kuring teh kedah kumaha supaya tiasa nampi hirup anu langgeng?”[19] Waler Yesus, ”Ku naon Kami disebut hade hate? Anu sae manah mah teu aya deui ngan Allah.[20] Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ʼManeh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.ʼ ”[21] Jawabna, ”Sumuhun, eta parantos dilakonan ti ngongora.”[22] Lahiran Yesus, ”Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami.”[23] Dilahiran kitu eta jelema mani ngaheruk, kawantu kacida beungharna.[24] Ningali kanalangsaan manehna Yesus ngalahir, ”Kacida banggana jelema beunghar asup ka Karajaan Allah teh![25] Babari keneh onta moncor kana liang jarum ti batan nu beunghar asup ka Karajaan Allah.”[26] Ngadarenge saur-Na kitu jelema-jelema naranya, ”Upami kitu, atuh saha nu pisalameteun?”[27] Waler Yesus, ”Perkara anu mustahil di jelema, Allah mah iasaeun bae.”[28] Piunjuk Petrus, ”Tingali! Abdi-abdi parantos ngantunkeun saniskanten, ngiring ka Bapa.”[29] ”Bener,” waler Yesus. ”Jeung sing percaya, saha-saha anu iklas ninggalkeun imahna atawa pamajikanana, atawa dulur-dulurna, atawa indung bapana atawa anak-anakna tina sabab Karajaan Allah,[30] bakal nampa sababaraha patikelaneun di jaman ayeuna, jeung bakal hirup langgeng di jaman engke.”

Wahyu ౩:౧౭
Ceuk maneh: ’Aing beunghar, senang sagala boga.’ Padahal maneh teh masakat, pikawatireun! Muluntu, taranjang, lolong!

Lukas 16:1-3
[1] Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Aya hiji jelema beunghar, boga hiji pagawe purah ngurus kakayaanana. Meunang pangaduan yen kakayaanana dipake awuntah ku eta pagawe.[2] Tuluy pagawena teh dicalukan, dipariksa, ʼGeuning maneh kitu bejana? Kadieukeun kabeh catetan kakayaan kami anu diurus ku maneh sing lengkep, ulah diurus ku maneh deui.ʼ[3] Eta pagawe ngomong sorangan, ʼAing tangtu dieureunkeun ku dunungan. Kumaha pipetaeun? Macul moal kuat, baramaen era.

Markus ౧౨:౪౩-౪౪
[౪౩] Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.[౪౪] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.”

Lukas 19:1-27
[1] Yesus lebet ka kota Yeriho, sarta angkat-Na terus ngalangkungan eta kota.[2] Di dinya aya hiji kapala tukang mulung pajeg, ngaranna Sakeus, jelema beunghar.[3] Manehna ihtiar hayangeun nenjo saha Yesus teh. Tapi ku sabab kahalangan ku jalma loba tur awakna pendek, ihtiarna teu hasil.[4] Tuluy lumpat miheulaan jalma loba, terekel naek kana hiji tangkal rek megat Yesus anu baris ngalangkung ka dinya.[5] Sumping ka lebah dinya Yesus tanggah sarta ngalahir, ”Sakeus, geuwat turun! Poe ieu Kami rek nganjang ka maneh.”[6] Sakeus turun tuturubun, tuluy ngamanggakeun ka Yesus bangun kacida atoheunana.[7] Tapi jelema-jelema jadi gegelendeng, pokna, ”Kumaha Anjeunna teh? Bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!”[8] Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, ”Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.”[9] Pilahir Yesus, ”Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.[10] Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit.”[11] Sabot jalma-jalma ngabarandungan keneh, Yesus terus nyarioskeun hiji misil. Harita Anjeunna geus deukeut pisan ka Yerusalem, sarta jalma-jalma nyarangka yen Karajaan Allah geus tereh ngawujud.[12] Ku sabab kitu, kieu saur-Na, ”Aya hiji jalma bangsawan, angkat ka hiji nagri jauh arek diangkat dijenengkeun raja, sarta sabadana seja mulih deui.[13] Memeh angkat, anjeunna ngumpulkeun sapuluh gandekna tuluy dititipan duit masing-masing sagebleg uang emas. Saurna, ʼGolangkeun ku maraneh sabot kami indit.ʼ[14] Tapi urang dinya teu raresepeun ka anjeunna. Ku sabab kitu sanggeus anjeunna angkat, maranehna ngirim utusan nepikeun piunjuk, ʼSim kuring sadaya teu suka dirajaan ku anjeunna!ʼ[15] Tapi eta bangsawan teh jadi dijenengkeunana raja, tuluy mulih. Geuwat nimbalan supaya gandek-gandek anu dititipan duit teh ngadareuheus, hoyongeun uninga kauntungan masing-masing.[16] Piunjuk nu ngadeuheus pangheulana, ʼJuragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung sapuluh artos emas.ʼ[17] ʼAlus,ʼ walerna, ʼmaneh gandek anu hade gawe! Ku sabab maneh gumati ka nu saeutik, ku kami rek dibere nyekel sapuluh kota.ʼ[18] Ngadeuheus anu kadua, unjukan, ʼJuragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung lima artos emas.ʼ[19] Walerna ka nu ieu, ʼManeh rek dibere nyekel lima kota.ʼ[20] Ari gandek nu saurang deui kieu unjukanana, ʼJuragan, artos kagungan teh ieu, ku abdi dibungkus ku saputangan.[21] Abdi sieun, reh terang Juragan bengis, sareng sok nyandak sanes kagungan ku anjeun, ngala sanes pelak ku anjeun.ʼ[22] Walerna, ʼGandek goreng hate! Saomong maneh bieu ku kami rek dipake ngahukum ka maneh! Ceuk maneh kami jelema bengis, sok nyokot anu batur, sok ngala pepelakan batur.[23] Nyaho kitu ku naon duit kami ku maneh teu digolangkeun, supaya ari kami datang eta duit katarima deui jeung batina?ʼ[24] Raja ngalahir ka nu araya di dinya, saurna, ʼCokot duit kami ti eta jelema, bikeun ka gandek anu meunang sapuluh uang emas.ʼ[25] Jawab anu diparentah, ʼJuragan, manehna parantos gaduh sapuluh uang emas.ʼ[26] Waler raja, ʼSing nyaraho, nu geus boga bakal dibere deui, sabalikna nu can boga, naon nu aya di manehna keur saeutik teh bakal dicokot pisan.[27] Ayeuna kari musuh-musuh kami, anu arembungeun dirajaan ku kami. Seredan ka dieu, paraehan hareupeun kami!ʼ ”

Lukas 18:22-23
[22] Lahiran Yesus, ”Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami.”[23] Dilahiran kitu eta jelema mani ngaheruk, kawantu kacida beungharna.

Markus ౧౨:౪౧-౪౪
[౪౧] Waktu Yesus calik deukeut peti derma di Bait Allah, Anjeunna ningalikeun anu ngarasupkeun duit kana eta peti. Loba anu baleunghar marerena teh galede.[౪౨] Tuluy aya hiji randa miskin ngasupkeun dua uang tambaga, duit receh anu pangajina panghandapna.[౪౩] Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.[౪౪] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.”

Matius 25:14-30
[14] ”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya hiji jelema rek indit nyaba, nyalukan bujang-bujangna rek nitipkeun duitna.[15] Ari nitipkeunana kumaha kasanggupan bujang-bujangna bae. Ka nu saurang nitipkeunana lima rebu uang emas, ka nu saurang deui dua rebu, jeung ka nu saurang deui sarebu. Geus kitu indit nyaba.[16] Bujang anu dititipan lima rebu buru-buru ngagolangkeun duitna, meunang untung lima rebu deui.[17] Anu dititipan dua rebu oge duitna digolangkeun, meunang untung dua rebu deui.[18] Ari anu dititipan sarebu anggur ngali lombang, duit dununganana teh dipendem.[19] Lila ti lila dununganana balik, tuluy balitungan.[20] Bujang anu dititipan lima rebu datang mawa duit titipan jeung batina lima rebu. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos lima rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu lima rebu deui batina.ʼ[21] Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ[22] Bujang anu dititipan dua rebu datang. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos dua rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu dua rebu deui batina.ʼ[23] Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ[24] Bujang anu dititipan sarebu datang. ʼJuragan,ʼ carekna, ʼabdi terang Juragan teh jalmi keras. Juragan ngala buah sanes di tempat pelak ku anjeun, ngala panen sanes di tempat kenging tebar ku anjeun.[25] Ku margi sieun, artos Juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Ieu artosna.ʼ[26] ʼJalma goreng hate, jeung pangedulan!ʼ ceuk dununganana. ʼJadi nyaho maneh yen kami ngala buah lain di tempat pelak kami, ngala panen lain di tempat beunang kami tebar?[27] Benerna ari nyaho kitu, duit kami teh pelak di bang, sangkan ari kami datang eta duit geus anakan.[28] Cokot duit kami ti ieu jelema, bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh rebu.[29] Sabab anu geus beubeunangan ku kami rek ditambahan sina leuwih loba, leuwih ti cukup. Sabalikna anu henteu beubeunangan, dalah nu aya di manehna kajeun kacida saeutikna ku kami rek dicokot.[30] Ieu bujang tanpa guna teh jongklokkeun ka ditu ka tempat nu poek, sina gegerungan tibeberegeg!ʼ ”

Matius 13:22
Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan.

Amsal ౧౩:౨౨
Jalma hade bisa ngawariskeun kakayaanana ka incu-incu. Sabalikna harta banda jelema jahat mah baris ragrag ka jalma anu balener.

Amsal 3:9-10
[9] Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.[10] Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.

Amsal 10:4
Nu kedul baris muluntu. Anu getol mah pibeunghareun.

Amsal 18:11
Ari ceuk pangrasa nu baleunghar, harta bandana teh bisa ngajaga dirina, lir kuta tohaga ngabudeur nagara.

Hosea ౧౨:౮
Ceuk maranehna, ’Urang geus beunghar. Urang pinter cari untung. Moal aya anu bisa nuduh yen urang beunghar teh meunang curang.’

Zakharia 14:14
Urang Yuda bakal tarung ngabelaan Yerusalem, bakal meunang harta rampasan ti bangsa-bangsa sakurilingna, emas, perak, jeung papakean kacida lobana.

Pengkhotbah 5:19
Mun hiji jelema ku Allah dibere kamakmuran jeung harta banda, tur diidinan nganiʼmatanana, kudu ngarasa sukur sarta nganiʼmatan sagala hasil gawena. Eta teh rahmat ti Allah.

Pengkhotbah ౬:౨
Aya jelema anu ku Allah dibeungharkeun, luhur harkatna loba bandana, sakur anu dipikahayang kabogaan. Ari heug bet henteu diparengkeun ngarasa niʼmatna, kalah ka anu sejen anu metik niʼmatna teh. Atuh beunghar ge cumah, tur henteu adil eta teh!

Ulangan 8:18
Sing aringet nu matak barisa usaha nepi ka jadi baleunghar teh saenyana mah paparin ti PANGERAN. Kawantu Mantenna mah nepi ka waktu ieu ge tetep satia kana jangji-Na anu bareto diikrarkeun ka karuhun maraneh.

Amsal 10:22
Berkah PANGERAN nu ngabeungharkeun teh, ari saukur getol mah moal matak nambahan beunghar.

Mazmur 37:16-17
[16] Najan saeutik, rejeki jalma bener mah leuwih maslahat, batan kakayaan tina ladang kajahatan;[17] sabab kakuatan jalma jahat ku PANGERAN bakal dipinggeskeun, ari mungguh jalma bener ku Mantenna tangtu dideudeul.

Amsal ౧౫:౧౬-౧౭
[౧౬] Miskin oge ari iman ka PANGERAN mah leuwih bagja ti batan beunghar tapi loba kasusah.[౧౭] Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.

Ulangan 8:17-18
[17] Jadi, poma ulah dir, boga pikir beunghar beunang sorangan, kuat kawasa beunang sorangan.[18] Sing aringet nu matak barisa usaha nepi ka jadi baleunghar teh saenyana mah paparin ti PANGERAN. Kawantu Mantenna mah nepi ka waktu ieu ge tetep satia kana jangji-Na anu bareto diikrarkeun ka karuhun maraneh.

Amsal 10:15
Kakayaan ngabenteng jalma baleunghar. Kamiskinan mah ngabinasa nu mariskin.

Mazmur 39:4-6
[4] jadi kakungkung ku rasa tagiwur. Beuki dipikiran, hate beuki susah, tungtungna sungut teh bedah,[5] ”Nun PANGERAN, sakumaha deui hirup abdi teh? Iraha abdi kedah maot teh? Wartoskeun, kantun sakumaha deui umur abdi teh?”[6] Ku pondok Gusti nangtoskeun umur abdi teh! Keur Gusti mah jangka hirup abdi taya hartosna. Tetela hirup manusa mah mung sarenghap ambekan,

Pengkhotbah 5:8-17
[8] Lamun anjeun nenjo pamarentah ngagencet ka kaum miskin, henteu mere kaadilan jeung teu kersaeun nguruskeun hakna, henteu kudu heran. Unggal pangagung diauban ku nu saluhureunana, tapi eta oge duanana diauban ku anu saluhureunana deui.[9] Malah raja oge masih keneh bae kudu gumantung kana hasil panen.[10] Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh. Eta kabeh ge mubadir.[11] Sabab beuki beunghar beuki loba sungut parabaneun. Minangka untungna teh sakadar nyaho yen beunghar.[12] Talunganan nu buburuh, najan daharna boa cukup boa henteu, tapi ari hees mah tibra. Sabalikna anu beunghar, lubak-libuk ge mindeng henteu bisa hees da melang ka bandana anu loba.[13] Aya anu matak ngarenjag anu kasaksi ku kami di ieu dunya: Jelema teu eureun-eureun ngumpulkeun duit, sangkan ari perlu kari make.[14] Ana heug bet meunang musibat, duitna ledis beresih, boro-boro nyesa keur anak.[15] Urang mulang ti ieu dunya teh mo beda ti waktu keur datang, ngaligincing, harta beunang popohoan ngusahakeun teh hamo kabawa.[16] Teu adil ieu teh! Bet urang teh datang lengoh mulang lengoh. Barang gawe ibarat ngajaring angin, naon hasilna?[17] Sapanjang hirup urang teh ngararampa di nu poek, susah hate, salempang, jengkel jeung gering.

Mazmur ౪౯:౧౦-౨౦
[౧౦] moal cukup pikeun luput tina kubur, sangkan hirup sapapanjangna.[౧౧] Sabab geus teu matak bireuk, jalma bijaksana ge sarua jeung nu bodo jeung nu biko, hilang ti dunya ninggalkeun hartana ka turunanana.[౧౨] Kuburanana teh enggonna salalanggengna; di dinya ngancikna sapapanjangna najan keur hirupna mah bogaeun tanah sorangan.[౧౩] Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.[౧౪] Pek awaskeun, kumaha jadina jalma-jalma anu arumangkeuh ku dirina, kumaha jadina nasib jalma anu umangkeuh ku kabeungharanana.[౧౫] Geus ditakdirkeun kudu maot, teu beda ti domba, bakal diangon ku ajal. Maranehna eleh ku anu hirupna bener, mayit-mayitna gancang buruk di alam paeh, jauh ti imah urut matuhna.[౧౬] Ari kaula mah ku Allah baris dijait, baris diluputkeun tina kakawasaan ajal.[౧౭] Ulah kaget nenjo batur jadi beunghar, masing batur beuki tambah beunghar oge.[౧౮] Da ari geus paeh mah hartana moal kabawa, kabeungharana moal nuturkeun ka jero kubur.[౧౯] Sanajan keur hirupna sugema, sarta pada muji-muji pinter usaha,[౨౦] pasti nyusul ajal karuhunna, di nu poek saendeng-endeng.

Mazmur 52:7
Maneh pinasti lebur ku Allah salalawasna, ku Mantenna bakal dibedol ka luar ti jero imah, disingkahkeun ti dunya anu harirup.

Pengkhotbah 5:10
Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh. Eta kabeh ge mubadir.

2 Tawarikh 1:11-12
[11] Dawuhan Allah ka Suleman, ”Pamenta maneh kacida merenahna. Lain menta kamuktian atawa rajabrana, lain menta supaya kamashur atawa supaya musuh-musuh tumpur atawa menta panjang umur. Maneh ku sabab dijieun raja umat Kami menta kabijaksanaan jeung kaweruh supaya bisa ngurus maranehna.[12] Heug, ku Kami dibere kabijaksanaan jeung kaweruh. Malah rek ditambah ku kabeungharan, dunya brana, tur bakal kamashur leuwih ti raja-raja sejen, boh nu saheulaeun, boh nu sapandeurieun.”

1 Raja 3:11-13
[11] lajeng nimbalan, ”Maneh menta kapinteran geusan marentah kalawan bener, lain menta umur panjang, lain menta kabeungharan, lain menta pati musuh.[12] Pamenta maneh ku Kami dimakbul. Maneh bakal boga kapinteran jeung kawijaksanaan, leuwih ti nu saheulaeun kitu deui ti nu sapandeurieun.[13] Malah anu teu dipenta ge ku Kami rek dipaparin, boh kabeungharan, boh kamulyaan, saumur-umur, moal katepi ku raja-raja lian.

Amsal ౨౮:౮
Beunghar ku jalan ngarentenkeun jeung meres, kabeungharanana bakal ragrag ka jelema anu nyaah ka nu miskin.

Mazmur 112:1-3
[1] Puji PANGERAN! Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.[2] Anak-anak jalma hade bakal kawasa di jero nagri turunanana bakal diberkahan.[3] Kulawargana bakal makmur sugih mukti, hade milik salalawasna.

Matius 6:33
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Matius 6:24
”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.

Amsal 21:5
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.

Ulangan 15:11
Moal nepi ka teu aya urang Israil anu miskin jeung walurat, tangtu aya bae. Nu matak Bapa meupeujeuhan pisan sing balabah ka maranehna.”

1 Korintus 16:2
Unggal poe Minggu aranjeun masing-masing kudu nyengcelengan sakadugana, nurutkeun pangala. Duitna kumpulkeun, supaya ari sim kuring datang duitna geus aya.

1 Petrus ౫:౨
Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.

Lukas 16:19-31
[19] ”Aya hiji jelema beunghar, papakeanana bangsa anu pangmarahalna, saban poe hirupna royal.[20] Aya deui hiji jelema, ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok, sok diuk gigireun panto jelema beunghar tea,[21] bari ngarep-ngarep aya sesemplekan roti anu murag tina meja makanna, jang ngeusi beuteungna nu lapar. Borokna dilaletakan ku anjing.[22] Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur.[23] Satengahing keur ngararasakeun kanyeri anu pohara di dunyana anu paraeh, manehna tanggah, beh ti kajauhan nenjo Ibrahim, jeung Lasarus anu diuk digedengeunana.[24] Tuluy manehna gegeroan, ʼAma Ibrahim! Sing hawatos ka abdi, Lasarus sina ka dieu, sina nyelupkeun ramona saeutik kana cai keur ngabaseuhan letah abdi supados rada tiis. Abdi teu tahan dina ieu seuneu, liwat saking nyerina.ʼ[25] Waler Ibrahim, ʼIh anaking, sing inget, hidep mah waktu keur hirup keneh geus meunang anu aralus, ari Lasarus mah anu garoreng. Ayeuna Lasarus kari senangna di dieu, hidep kari sangsarana di dinya.[26] Jeung deui ti dieu ka dinya teh aya jungkrang jero pisan, mustahil beunang dipeuntasan; nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.ʼ[27] Walon nu beunghar, ʼAma, upami kitu mah atuh Lasarus piwarang ka rorompok pun bapa bae,[28] reh abdi gaduh dulur limaan, sina dipepelingan supados maranehna mah ulah dugi ka tigebrus ka ieu tempat siksaan.ʼ[29] Waler Ibrahim, ʼMaranehna geus mareunang pepeling tina Kitab Musa jeung Nabi-nabi, keun sina nurutkeun pepeling tina eta kitab-kitab.ʼ[30] Walonna deui, ʼKu eta wungkul mah henteu cekap, Ama Ibrahim! Upami didongkapan ku anu hirup deui tinu maot mah tangtos maranehna tarobat.ʼ[31] Tapi waler Ibrahim, ʼAri geus teu narurut kana pepeling Musa jeung nabi-nabi mah, masih didatangan ku nu geus paeh oge moal ngagugu.ʼ ”

1 Timotius ౬:౧౦
Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.

Lukas 6:20
Yesus neuteup ka murid-murid-Na, pok sasauran, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!

Amsal 22:7
Nu mariskin jaradi badega nu baleunghar, anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.

Matius ౬:౧౯-౨౧
[౧౯] ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat.[౨౦] Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.[౨౧] Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society