A A A A A

Kehidupan: [Perang]


Pengkhotbah 3:8
Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.

Ef 6:11
Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.

Yesaya 2:4
Mantenna bakal memeres perkara bangsa-bangsa galede. Maranehna bakal ngarobah pedangna jadi wuluku, tumbakna dijieun arit. Bangsa-bangsa moal perang deui, moal tatahar perang deui.

Yesaya 19:2
PANGERAN ngandika, ”Urang Mesir ku Kami rek disina perang pada batur, dulur perang jeung dulur, tatangga perang jeung tatangga, kota perang jeung kota, raja tarung jeung raja, parebut kakawasaan.

Yeremia 46:16
Serdadu maraneh patingkudupruk, seug silih ajak pada batur, ’Geuwat, mending mulang, kumpul jeung sanak baraya, nyingkiran pedang musuh!’

Yeremia 51:20
Dawuhan PANGERAN, ”Eh Babul, maneh teh gada Kami, pakarang perang Kami. Maneh ku Kami dipake pikeun ngaremukkeun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan.

Yoël 3:9
Embarkeun kieu ka sakabeh bangsa: ʼGeura tatan-tatan perang, panggil prajurit-prajurit, kumpulkeun serdadu-serdadu, terus maju!

Mikha 7:8
Taya alesan pikeun musuh-musuh urang ngarasa senang ku kaayaan urang. Urang geus tijuralit, tapi bakal hudang deui. Ayeuna urang nandangan poek, tapi bakal dipaparin caang deui ku PANGERAN.

Matius 24:6
Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat.

Mazmur 68:30
Pintonkeun ti Bait Gusti di Yerusalem, tempat raja-raja nyaranggakeun upeti ka Gusti.

Wahyu 21:7
Sakur nu unggul eta putra Kami, ku Kami rek dibere cai eta, Kami pijadieun Allahna.

Roma 8:37
Moal, moal bisaeun! Eta kabeh malah geus eleh, urang geus unggul ku pitulung Anjeunna anu welas asih ka urang!

Roma 12:19
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”

1 Timotius 6:12
Kudu ihtiar meunangkeun ganjaran iman, nya eta hirup anu langgeng. Sabab hidep disaur ku Allah basa ngikrarkeun pangaku kapercayaan disaksian ku jalma loba teh, nya geusan meunangkeun eta hirup anu langgeng.

2 Korintus 10:4
Pakarang paranti sim kuring tarung lain pakarang nu aya di ieu dunya, tapi pakarang-pakarang ampuh kagungan Allah, anu ku sim kuring dipake ngagempur benteng-benteng, ngagempur alesan-alesan palsu,

Roma 13:4
da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.

Zakharia 10:5
Urang Yuda pasti jaya, ibarat prajurit anu ngaluluh musuhna dina leutak. Ana tarung tangtu disarengan ku PANGERAN, nepi ka pasukan kuda musuhna ge moal teu lebur.

Zakharia 14:2
Bangsa-bangsa ku PANGERAN bakal dikumpulkeun, sina merangan Yerusalem. Eta nagri bakal kajabel, imah-imah diranjah, awewe- awewe diperkosa. Rahayat saparo diakut ka pangbuangan, saparona deui diantep di eta kota.

Yakobus 4:1-2
[1] Tina naon asalna lamun di aranjeun aya pacogregan nepi ka sok garelut? Tina gedena hawa napsu aranjeun hayang meunangkeun kasenangan dunya, anu teu eureun-eureun nyundutan hate aranjeun.[2] Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.

Ulangan 20:1-4
[1] ”Lamun maraneh budal ngayonan musuh, heug musuh bogaeun pasukan kareta jeung kuda, turug-turug baladna leuwih gede, maraneh teu kudu rentag. PANGERAN Allah maraneh anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tan wande nyarengan.[2] Samemeh perang campuh, imam kudu ngahatean balad. Kieu,[3] ’Eh bangsa Israil! Ayeuna maraneh rek indit jurit. Tong sieun ku musuh. Ulah miris mangsar-mingsir.[4] PANGERAN Allah maraneh bakal nyarengan. Ku Mantenna maraneh tinangtu unggul.’

Roma 13:1-5
[1] Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.[2] Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.[3] Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,[4] da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.[5] Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.

Mazmur 144:1-15
[1] Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang.[2] Mantenna papayung anu bela ka kaula, panyalindungan jeung jurusalamet kaula. Di Mantenna kaula percaya yen aman. Mantenna nundukkeun bangsa-bangsa ka kaula.[3] Nun PANGERAN, naon manusa teh pangna ku Gusti dipirosea? Eta teh mung manusa, ku Gusti bet diperhatoskeun?[4] Manusa teh mung sapertos angin sahius umurna mung sapertos kalangkang ngolepat.[5] Nun PANGERAN, soehkeun langit sing muka, lajeng lungsur, rampa gunung-gunung, tangtos meledug haseupna.[6] Burinyaykeun kilat, buyarkeun musuh-musuh Gusti, pentang-pentangkeun jamparing Gusti, musuh sina putat-patit lalumpatan.[7] Sodorkeun panangan Gusti ti luhur, abdi rawel, tarik ti jero cai, luputkeun tina genggeman bangsa asing,[8] anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.[9] Nun Allah, abdi bade ngalagukeun lagu anyar, bade dikawihkeun dipirig kacapi, kanggo Gusti.[10] Gusti maparin kaunggulan ka raja-raja sareng nyalametkeun Daud, abdi Gusti.[11] Uculkeun abdi ti musuh anu barengis luputkeun tina genggeman bangsa asing anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.[12] Mugia anak-anak lalaki urang dina mangsa ngorana sing saibarat pepelakan, morontod sarta karuat, anak-anak awewe sing saibarat tihang-tihang agung, panghias juru-juru karaton.[13] Mugia leuit-leuit urang parinuh, ku rupa-rupa hasil bumi, domba-domba urang di tegal-tegal aranakanana sing puluhan rebu.[14] Mugia sapi urang baranahan pirang-pirang jeung ulah aya nu kaluron atawa leungit. Mugia di jalan-jalan di nagri urang taya ceurik taya susah.[15] Bagja temen bangsa anu kaayaanana sarupa kitu! Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society