A A A A A

Kehidupan: [Ayat Untuk Wanita]


Mazmur 46:5
Tuh aya walungan, mawa hegar nyeboran ka Kota Allah, ka gedong suci, panglinggihan Nu Maha Agung.

Mazmur 139:14
Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan.

1 Timotius 3:11
Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.

1 Korintus 11:12
Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.

1 Korintus 15:10
Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah. Rahmat Mantenna ku sim kuring henteu ditatambuh. Malah sim kuring mah ngalakonan pagawean rasul teh leuwih getol ti batan rasul-rasul sejen. Tapi bisa kitu soteh ngan ku karana rahmat Allah keneh anu nyarengan sim kuring dina pagawean.

Lukas 1:45
Nyai estu bagja parantos kersa percaya yen perkawis anu diandikakeun ku Pangeran teh tangtos buktos!”

Amsal 11:16
Istri lungguh mah hormateun, sabalikna awewe teu boga budi mah nista. Jalma kedul mustahil rek boga duit. Nu rikat usahana mah pibeunghareun.

Amsal 14:1
Awewe binangkit ngamumule rumah tanggana. Sabalikna awewe gejul mah ngabaruntakkeun.

Amsal 19:13
Anak bodo bisa matak ancur bapana. Pamajikan nu cerewed ibarat cai nyakclakan teu eureun-eureun.

Amsal 21:9
Mending cicing di luhur hateup, ti batan saimah jeung pamajikan cerewed.

Amsal 21:19
Mending miceun maneh ka gurun keusik, ti batan hirup jeung pamajikan tukang humandeuar jeung cerewed.

1 Petrus 3:1-2
[1] Ari aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui,[2] da geus katarik ku kasujudan aranjeun.

Ef 5:22-23
[22] Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.[23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.

Amsal 31:16-17
[16] Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena.[17] Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.

Titus 2:3-5
[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

Kejadian 2:18-24
[18] GUSTI Allah ngandika, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.”[19] Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.[20] Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.[21] Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging.[22] Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.[23] Seug eta lalaki teh ngucap kieu, ”Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. ’Awewe’ bakal disebutna, sabab asal ti lalaki.”[24] Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

1 Timotius 2:9-15
[9] Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara.[10] Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.[11] Awewe mah kudu lungguh andalemi,[12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.[15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.

Amsal 31:1-31
[1] Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna,[2] ”Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh?[3] Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh.[4] Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak.[5] Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat.[6] Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara,[7] sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna.[8] Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya.[9] Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.”[10] Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata.[11] Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki.[12] Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri.[13] Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean.[14] Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh.[15] Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe.[16] Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena.[17] Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.[18] Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting.[19] Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan.[20] Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere.[21] Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia.[22] Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes.[23] Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting.[24] Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin.[25] Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun.[26] Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana.[27] Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun.[28] Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji.[29] Ceuk salakina, ”Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana.”[30] Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.[31] Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society