A A A A A

Kehidupan: [Godaan]


Yakobus 1:13-18
[13] Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ”Ieu cocoba teh ti Allah.” Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.[14] Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.[15] Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.[16] Aranjeun ulah nepi ka katipu, dulur-dulur nu kaasih![17] Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit, Allah nu teu owah gingsir, sarta lain anu jadi lantaran poek kana naon bae.[18] Ku pangersa-Na ku manten Allah ngagelarkeun urang ku sabda-Na anu sayakti, supaya ti antara sakabeh mahluk dadamelana-Na urang meunang tempat anu pangutamana.

Lukas 22:40
Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, ”Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda.”

Yohanes 8:6
Maranehna saenyana ngadoja, ngarah kalepatan Anjeunna. Tapi Anjeunna anggur dongko, curat-coret dina taneuh ku rema-Na.

Matius 6:13
Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis. [Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin.]ʼ

Lukas 11:4
Mugi dosa abdi dihapunten, sakumaha abdi oge ngahapunten ka anu midamel kalepatan ka abdi. Sareng mugi abdi ulah dipaparin cocobi anu abot.ʼ ”

Lukas 4:13
Anggeus Iblis ngagoda Yesus ku rupa-rupa reka perdaya, terus indit ninggalkeun Anjeunna, saheulaanan henteu ngaganggu deui.

1 Korintus 7:2
Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

Matius 4:7
Waler Yesus, ”Tapi ceuk Kitab Suci: ʼManeh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.ʼ ”

Markus 8:11
Aya sawatara urang Parisi daratang ka Yesus, terus ngajak sual jawab ka Anjeunna. Niat maranehna hayang ngeuradan Anjeunna, tuluy marenta supaya Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah.

Matius 22:18
Yesus, anu uningaeun kana eta maksud julig ngawaler, ”Eh, anu marunapek! Rek mancing kasalahan Kami maraneh teh?

Amsal 7:25-26
[25] Kade ulah nepi ka ngiclik eleh ku awewe kitu.[26] Geus loba lalaki anu ancur ku nu kitu nepi ka naremahan pati. Geus meh teu kaitung.

Yakobus 4:1-4
[1] Tina naon asalna lamun di aranjeun aya pacogregan nepi ka sok garelut? Tina gedena hawa napsu aranjeun hayang meunangkeun kasenangan dunya, anu teu eureun-eureun nyundutan hate aranjeun.[2] Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.[3] Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan.[4] Aranjeun teu saratia! Na teu aruninga yen sosobatan jeung dunya teh sasat ngamusuh ka Allah? Sing saha anu hayang sosobatan jeung dunya, eta tandaning geus musuh jeung Allah.

1 Petrus 4:12
Dulur-dulur! Ulah kaget ku cocoba anu sakitu peurihna, kawas anu lain samanea.

2 Petrus 2:9
Tah kitu, Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda; uninga ka jelema doraka, anu kudu dihukum jeung dikerem ngadago Poe Hukuman,

Galatia 4:14
Harita, sakitu kaayaan badan sim kuring kacida ngarepotkeunana ka aranjeun, aranjeun teu geuleuh, teu nitah nyingkah, malah narima ka sim kuring cara ka malaikat ti sawarga, malah cara ka Kristus Yesus,

1 Tesalonika 3:5
Eta sababna nu matak sim kuring maksakeun ngutus Timoteus. Ku sabab sim kuring geus teu tahan hayang terang kaayaan kapercayaan aranjeun, Timoteus tuluy diutus, bari ngarep-ngarep mugia aranjeun ulah nepi ka eleh ku Iblis, ulah nepi ka beubeunangan sim kuring digawe teh gaplah.

1 Timotius 5:8
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.

1 Timotius 6:9
Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun, matak ambrug ngagurubag.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society