A A A A A

Kehidupan: [Seks]


2 Korintus 12:21
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.

Ef 5:3
Ku sabab aranjeun teh umat Allah, geus tangtu bae kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di aranjeun, kecapna ge ulah disebut-sebut acan.

Ef 5:33
Jeung aranjeun oge eta ayat teh aya pakaitna, nya eta: Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.

Galatia 5:19
Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,

Kejadian 2:24
Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

Ibrani 13:4
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

1 Korintus 6:9
Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,

1 Korintus 6:18
Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.

1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

Matius 5:28
Ayeuna ceuk Kami, lalaki anu melong ka awewe bawaning ku bogoh, hatena geus ngaranyed.

Markus 7:22-23
[22] ngaranyed, hawek, migawe rupa-rupa kajahatan, nipu, nyieun kaaeban, mitenah, dengki, gede hulu, teu bisa diwarah.[23] Ieu sipat-sipat jahat, kabeh bijilna ti jero hate, matak najis ka diri.”

1 Tesalonika 4:3-5
[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.[4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,[5] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.

Markus 10:6-9
[6] Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ’Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe.[7] Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’[8] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.[9] Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”

Amsal 5:15-19
[15] Anu matak sing satia ka pamajikan. Kanyaah teh tamplokkeun ka dinya wungkul.[16] Anak ti awewe sejen mah moal aya pigunaeunana ka hidep.[17] Anak sah nu kudu dimumule teh, sina gede, ngarah engkena bisa ngabantu-bantu, lain nu sejen.[18] Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin,[19] mojang manis jeung tangginas lir mencek; sing katarik ku geulisna, jeung sing bagja ku cintana.

1 Korintus 13:4-8
[4] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[5] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[6] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[7] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.[8] Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.

Kidung Agung 7:6-12
[6] Ku manis enung, ku geulis! Sugri pangemat cinta, di enung nyampak sadia.[7] Salira lampanyat lir tangkal korma, pinareup lir ranggeuyan buahna.[8] Eta korma engke arek ditaekan arek diunduh buahna. Pinareup enung lir rantuyan buah anggur. Seungit napas enung, seger lir serengna jeruk.[9] Baham enung saibarat cianggur petingan. Saupama kitu, eta anggur baris ngocor ka panutan baris nyegeran lambeyna baris maseuhan waosna.[10] Da kuring anu anjeunna, nu teu kendat mikatineung.[11] Mangga panutan, urang iang ka padesan urang ngendong di tegalan,[12] ngarah enjing-enjing pisan bisa ningalian pelak anggur, parantos marentik atawa tacan, kembangna parantos beukah atawa tacan. Kitu deui dalima, parantos pentilan atawa tacan. Tah di dinya, abdi sumeja ngalayanan kacinta engkang.

1 Korintus 6:13-20
[13] Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.[14] Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.[15] Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas![16] Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.”[17] Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.[18] Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society