|
Yohanes 14:6 |
Waler Gusti ka Tomas, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” |
|
Yakobus 1:12 |
Salamet jelema anu tabah ku gogoda, sabab sanggeusna tamat nahan eta gogoda, manehna bakal nampa ganjaran nya eta hirup anu sajati sakumaha jangji Allah ka sakur anu nyaah ka Mantenna. |
|
Yohanes 6:54 |
Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal hirup langgeng, jeung dina Poe Kiamat ku Kami bakal dihudangkeun. |
|
Yohanes 11:25-26 |
[25] Waler Yesus, ”Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot;[26] jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salalawasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?” |
|
Yohanes 6:51 |
Eta roti anu ti sawarga teh ieu, Kami. Anu ngadaharna tangtu hirup salalawasna. Eta roti teh nya eta daging Kami, anu baris diserenkeun pikeun ngahirupan jalma-jalma di dunya.” |
|
Wahyu 21:27 |
Tapi jelema anu najis jeung jelema anu aeb kalakuan atawa tukang bohong teu meunang asup. Anu bisa ka darinya ngan anu ngaranna aya dina kitab jelema-jelema nu harirup kagunganana Anak Domba tea. |
|
Mazmur 27:1-4 |
[1] Jabur Daud. PANGERAN teh cahaya jeung kasalametan kaula, kaula teu sieun ku saha-saha. PANGERAN ngaraksa tina sagala bahla, kaula taya karisi.[2] Lamun nu jarahat narajang ka kaula, rek maehan, tangtu tisusut terus ngajungkel.[3] Najan dikepung ku sakumna balad kaula moal rentag; najan musuh nyerang narajang, kaula tagen ngandel ka Allah.[4] Kaula geus menta hiji hal ka PANGERAN, ngan sarupa kahayang teh, nya eta hirup saumur-umur di gedong PANGERAN hayang ngarasakeun kasaean Mantenna, sarta bisa nanyakeun pituduh-Na. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |