A A A A A

Kehidupan: [Parenting]


Kolose ३:२१
Kolot-kolot ulah nganyenyeri hate anak, bisi anak reuntas hatena.

Ef ६:४
Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.

Keluaran 20:12
Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.

Ibrani 12:11
Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.

Amsal 13:24
Nu tara ngawarah anak tandaning teu nyaah. Mun enya nyaah ka anak tangtu daek ngelingan.

Amsal २२:६
Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.

Amsal 29:15
Budak mah kudu diatik jeung dipeperih. Mun diantep sakarepna, temahna ngerakeun indung.

Amsal 29:17
Peperih anak teh, sangkan matak agul jeung moal nyieun hal anu matak ngerakeun.

Ratapan 3:22-23
[22] Asihing PANGERAN teh taya kandegna, welas-Na taya suda-Na,[23] tetep seger lir hawa isuk, tur pasti lir surya medal.

Matius ६:३३-३४
[३३] Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.[३४] Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”

Filipi ४:६-७
[६] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[७] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Amsal 1:8-9
[8] Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.[9] Papatahna matak alus kana ahlak, lir kongkorong atawa sorban nambahan pantes kana dangdanan.

1 Petrus 5:2-3
[2] Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.[3] Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.

Kisah Para Rasul २:३८-३९
[३८] Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.[३९] Sabab hal eta dijangjikeunana ku Allah teh pikeun aranjeun saanak incu, jeung pikeun anu araya di tempat-tempat anu jarauh, cindekna pikeun sakabeh, anu bakal disalaur ku Pangeran Allah urang.”

Mazmur 127:3-5
[3] Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.[4] Anak lalaki anu lahir waktu bapana ngora keneh, eta lir jamparing anu dicangking ku prajurit.[5] Bagja jalma, anu loba boga jamparing saperti kitu, mun tepung jeung musuh di pangadilan, manehna moal kasoran.

2 Timotius 3:14-16
[14] Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep.[15] Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.[16] Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpaʼat pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,

Ulangan 6:6-9
[6] Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun.[7] Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.[8] Cangreudkeun dina leungeun, sangsangkeun dina tarang, supaya terus inget.[9] Tuliskeun dina tihang panto jeung di gapura-gapura.”

Ef 6:1-4
[1] Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade.[2] ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:[3] ”Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.”[4] Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.

Yosua 4:20-24
[20] Batu anu dua belas siki bawa ti Walungan Yordan tea ku Yosua disusun di dinya.[21] Saurna ka urang Israil, ”Baring supagi anak maraneh nanyakeun boga harti naon ieu susunan batu teh,[22] terangkeun yen ieu jadi tanda pitulung PANGERAN, waktu Mantenna mendet Walungan Yordan nepi ka maraneh bisa mareuntas,[23] sakumaha Mantenna geus ngabendung Laut Beureum nepi ka urang bisa meuntas.[24] Sangkan unggal jelema di ieu bumi bakal nyaho kumaha rongkahna kakawasaan PANGERAN, sarta maraneh baris hormat ka PANGERAN Allah maraneh sapanjangna.”

Ibrani 12:7-11
[7] Sing sabar narima pameperih-Na anu teu beda ti pameperih hiji bapa, tanda Mantenna ngangken putra. Bapa mana anu tara meperih anakna?[8] Lamun aranjeun henteu dipeperih sakumaha layakna nu jadi putra-Na, tanda aranjeun lain putra-Na anu sah.[9] Ku bapa anu di dunya urang sok dipeperih, urang ngajenan ka anjeunna. Atuh komo ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih supaya hirup![10] Bapa urang nu di dunya, meperihna aya wates waktuna, anu meujeuhna ceuk timbanganana. Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna.[11] Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.

Mazmur 78:1-7
[1] Lagu atikan ti Asap. Bandungan, he umat, regepkeun ieu piwuruk, regepkeun ieu pepeling kami.[2] Kami rek ngucapkeun siloka, ngaguar rasiah alam baheula,[3] hal-hal anu urang geus ngadenge, geus nyaho tina carita karuhun urang.[4] Ka anak incu nu ayeuna, mo aya nu dikilungan, nya kitu deui ka turunan anu engke, kumaha mashurna PANGERAN, dadamelana-Na, pangawasa-Na, jeung mujijat-mujijat-Na, anu geus dipidamel ku Mantenna.[5] Mantenna ka Israil geus maparin hukum, ka turunan Yakub maparin papakon. Mantenna nimbalan ka karuhun urang, yen ieu hukum kudu diajarkeun ka anak-anakna;[6] malar turunan ieu ngajarkeun ka anu pandeuri, sarta ku ieu ge kudu diajarkeun ka anak-anakna.[7] Ku jalan kieu maranehna ge bakal nanjeurkeun harepan ka Allah, jeung moal paroho kana sagala pitulung-Na, sabalikna bakal taʼat kana parentah Mantenna, salilana,

Titus 2:2-8
[2] Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.[6] Barudak ngora papatahan yen kudu ngawasaan diri.[7] Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh,[8] kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.

Amsal 3:1-12
[1] Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun.[2] Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.[3] Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari.[4] Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.[6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.[7] Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah.[8] Lamun kitu, eta teh ibarat ubar, kana raheut matak cageur, tur kanyeri oge nyingkir.[9] Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.[10] Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.[11] Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling.[12] Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society