A A A A A

Kehidupan: [Rasa sakit]


Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Mazmur 34:18
Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.

Mazmur 147:3
Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.

Wahyu 21:4
Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”

Matius 4:23-25
[23] Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.[24] Beja perkara Anjeunna sumebar nepi ka sakuliah nagri Siria. Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit, anu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun.[25] Jelema-jelema ngaleut ngariring ka Anjeunna ti Yerusalem, ti Dekapolis, ti Yudea, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan.

Mazmur 23:1-6
[1] Jabur Daud. PANGERAN teh Gusti pangangon abdi, abdi moal kakirangan.[2] Abdi diaubkeun di sampalan hejo ngemploh, dicandak ka cai anu seger tur leuleuy.[3] Ku Mantenna dijagjagkeun deui, dipingpin nyorang jalan nu bener, saluyu sareng jangji-Na.[4] Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.[5] Gusti nyayagikeun idangan keur abdi, di hareupeun panon musuh-musuh; abdi ku Gusti dipapag lir tamu kaajen, dipaparin inuman sedep, gelasna mani leber.[6] Abdi ngaraos kasaean sareng kanyaah Gusti. Gusti nyarengan ka abdi saumur-umur, sarta gedong Gusti bakal jadi pamatuhan abdi saumur hirup.

2 Korintus 1:3-8
[3] Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa.[4] Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.[5] Ku lantaran sim kuring sering nandang kasangsaraan anu karandapan ku Kristus, nya ku karana Kristus oge batin sim kuring kacida ditegerkeunana ku Allah.[6] Upama sim kuring nyandang sangsara, eta teh pikeun aranjeun, pikeun pijamugaeun aranjeun; saupama sim kuring meunang pitulung, aranjeun oge jadi katulungan, bisa sabar jeung kuat nandangan sangsara saperti anu kasorang ku sim kuring.[7] Kapercayaan sim kuring ka aranjeun dina ieu hal henteu galideur, yen aranjeun oge mun pareng nyandang kasangsaraan saperti anu keuna ka sim kuring bisa teger cara sim kuring.[8] Dulur-dulur! Sim kuring miharep aranjeun terang kumaha sangsarana sim kuring di wilayah Asia, cocoba anu kaalaman teh kacida gedena jeung beuratna, nepi ka geus teu ngarepkeun bisa keneh hirup,

1 Petrus 4:12-19
[12] Dulur-dulur! Ulah kaget ku cocoba anu sakitu peurihna, kawas anu lain samanea.[13] Malah kudu atoh dumeh nandangan sangsara saperti Kristus, sabab engke lamun Kristus geus nganyatakeun kamulyaana-Na, aranjeun bakal pinuh ku kabungah.[14] Bagja lamun aranjeun dipoyok ku dumeh anut ka Kristus, tandana aranjeun dilinggihan ku Roh anu mulya, Roh Allah.[15] Ulah nyieun pisangsaraeun saperti upamana maehan, jadi bangsat, jadi penjahat, atawa pipilueun kana perkara batur.[16] Sabalikna, sangsara ku lantaran jadi Kristen mah teu kudu ngarasa era, malah kudu muji sukur ka Allah dumeh meunang sesebutan tina jenengan Kristus.[17] Ayeuna geus waktuna pangadilan dimimitian. Anu bakal diadilan ti heula nya eta umat Allah ku manten. Tah! upama Allah mimiti ngadilanana ti urang heula, leuh pikumahaeun temen pibalukareunana jelema-jelema anu henteu palercaya kana Injil Kasalametan ti Allah,[18] sabab ceuk Kitab Suci: ”Cacakan jelema hade geus seuseut salamet, komo jelema dosa doraka, kumaha teuing.”[19] Ku sabab kitu, anu nandangan sangsara ku karana pangersa Allah sing hade-hade nya lampah, bari sumerah ka Allah anu ngajadikeunana, anu pengkuh kana jangji-Na.

Yohanes 16:16-24
[16] ”Kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.”[17] Murid-murid aya anu silih tanya, ”Naon maksudna? Saur-Na: ’Ngan kari sakeudeung deui urang narenjo Anjeunna teh,’ tapi saur-Na keneh: ’Sakeudeung deui oge bakal narenjo deui.’ Jeung saur-Na: ’Sabab Kami rek mulang ka Rama.’[18] Naon hartina ’sakeudeung deui teh’? Teu ngarti urang mah Anjeunna nyaurkeun naon.”[19] Yesus uningaeun yen maranehna harayang nanya, tuluy Anjeunna nyarios, saur-Na, ”Ceuk Kami bieu, ’Ngan kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.’ Eta anu disualkeun ku maraneh teh?[20] Satemenna ceuk Kami: Maraneh bakal ceurik jeung prihatin, tapi dunya mah bakal suka. Maraneh bakal nalangsa, tapi kanalangsaan maraneh bakal robah jadi kagumbiraan.[21] Awewe nu rek ngajuru tangtu susah hatena lantaran tereh nandangan kanyeri, tapi barang geus ngajuru sagala kanyerina moal dirasa, kasilep ku rasa bagja dumeh orokna geus lahir ka dunya.[22] Nya kitu maraneh oge: Ayeuna sarusah hate. Tapi Kami tangtu datang deui ka maraneh, sarta maraneh bakal ngarasa bagja, rasa bagja moal beunang disisilihan.[23] Dina mangsa eta maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya, naon bae pamenta maraneh ka Rama anu dipenta bari mawa ngaran Kami, ku Rama tangtu dikabul.[24] Nepi ka ayeuna maraneh can barangpenta naon-naon mawa ngaran Kami. Pek marenta, tangtu bakal narima, sangkan kasenangan hate maraneh sampurna.”

Ibrani 12:1-11
[1] Jadi urang teh disaksian ku anu sakitu lobana di sakurilingeun urang. Anu matak hayu sakur anu matak beurat jeung dosa anu napel pageuh dina diri urang teh urang piceun, supaya bisa nempuh pangbalapan nu keur dilakonan.[2] Puseurkeun paneuteup ka Yesus, tempat ngagantungkeun pangharepan urang ti awal nepi ka ahir. Anjeunna kuat nandangan panyiksa salib, henteu jejerih, henteu malire kana hinana anu maot disalib, lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang. Ayeuna Anjeunna geus linggih di tengeneun tahta Allah.[3] Pek wangwang, kumaha beuratna Anjeunna nandangan kagiruk jelema-jelema anu daroraka! Anu matak aranjeun ulah leutik hate, ulah nepi ka pegat pangharepan.[4] Aranjeun mah tarung jeung dosa teh teu nepi ka ngocorkeun getih.[5] Sageuy geus paroho kana pepeling Allah anu mepelingan aranjeun kawas ka putra-putra-Na! Pepeling-Na, ”Anaking, regepkeun pepeling Pangeran, ulah nyungkelit lamun diseukseukan.[6] Anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih, anu ku Mantenna diwarah tanda diangken putra.”[7] Sing sabar narima pameperih-Na anu teu beda ti pameperih hiji bapa, tanda Mantenna ngangken putra. Bapa mana anu tara meperih anakna?[8] Lamun aranjeun henteu dipeperih sakumaha layakna nu jadi putra-Na, tanda aranjeun lain putra-Na anu sah.[9] Ku bapa anu di dunya urang sok dipeperih, urang ngajenan ka anjeunna. Atuh komo ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih supaya hirup![10] Bapa urang nu di dunya, meperihna aya wates waktuna, anu meujeuhna ceuk timbanganana. Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna.[11] Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.

Roma 8:18-28
[18] Dina kayakinan sim kuring, kasangsaraan anu kasorang ku urang ayeuna, lamun dibandingkeun jeung sagala kamulyaan anu bakal diebrehkeun ka urang mah taya pisan hartina.[19] Saalam dunya kacida ngarep-ngarepna kana wancina Allah ngebrehkeun kamulyaan putra-putra-Na.[20] Sabab dunya jadi ruksak teh lain kahayangna sorangan, tapi geus kitu kersana Allah. Najan kitu aya keneh anu jadi pangharepan, nya eta:[21] Hiji waktu dunya teh bakal dileupaskeun tina genggeman anu ngaruksakna, bakal nampa kamerdekaan anu agung babarengan jeung putra-putra Allah.[22] Urang terang, nepi ka wanci ieu saalam dunya humarurung ku kanyeri lir nyerina awewe nu ngajuru.[23] Anu humarurung kitu teh lain dunya bae, urang oge, anu geus nampa Roh Allah (kurnia Allah anu katampa pangheulana), humaregung sajeroning batin, ngarep-ngarep sangkan diri urang sakujur gancang-gancang dibebaskeun ku Allah sarta dijadikeun putra-putra-Na.[24] Sabab pang urang bisa disalametkeun teh ku lantaran nyekel pangharepan. Tapi lamun anu diarep-arep geus breh mah, lain ge pangharepan deui. Da saha atuh anu ngarep-ngarep keneh anu geus breh?[25] Urang henteu weleh ngarep-ngarep lantaran anu diarep-arep tacan breh.[26] Roh Allah oge kitu, sumpingna nulungan teh lantaran urang lemah. Urang mah henteu terang kumaha kuduna neneda. Nya Roh ku anjeun anu melas-melis ka Allah mangunjukkeun ucap-ucap anu henteu bisa kedal.[27] Allah anu uninga kana eusi hate urang, ka anu dipimaksud ku Roh teh ngartoseun, yen anu dipundut-Na teh pikeun umat-Na sarta sapuk jeung pangersa-Na.[28] Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Mazmur 91:1-16
[1] Anu nyalindung ka Nu Maha Agung, anu aya dina pangraksa Nu Maha Kawasa,[2] bisa unjukan ka Mantenna, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.”[3] Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni.[4] Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na.[5] Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak.[6] Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang.[7] Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu.[8] Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat.[9] Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan.[10] Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun.[11] Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana.[12] Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu.[13] Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan.[14] Allah ngandika, ”Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan.[15] Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana maranehna kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan.[16] Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society