A A A A A

Kehidupan: [Kehilangan Pekerjaan]


1 Petrus 5:7
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

2 Korintus ۸:۹
Aranjeun geus terang kumaha murah asihna Gusti urang Yesus Kristus. Anjeunna teh sugih, tapi iklas hirup miskin, supaya kasugihan Anjeunna ngabeungharkeun aranjeun.

2 Timotius 2:15
Hidep sing sakedah polah sangkan kaanggo ku Allah, jadi pagawe anu teu era ngemban parentah Mantenna, jeung bener ngajarkeunana amanat kayaktian Allah.

Yesaya 41:10
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Yohanes 16:33
Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”

Yosua 1:9
Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.”

Filipi 4:19
Sabalikna sagala pangabutuh aranjeun tangtu bakal dicukupan ku Allah sim kuring nu langkung sugih, ku karana Kristus Yesus.

Amsal 30:8
Saperkawis tebihkeun abdi tina ngabohong. Kalih perkawis ulah dikersakeun miskin, ulah dikersakeun beunghar. Paparin sacekapna bae.

Mazmur 27:14
Sing percaya ka PANGERAN, masing teger, masing pangger, sing percaya ka PANGERAN!

Mazmur 37:25
Ti ngongora tepi ka kolot kieu, acan kungsi kaula nenjo jalma bener diantep ku PANGERAN, nepi ka anak incuna kapaksa jajaluk menta dahareun.

Mazmur 50:15
Upama meunang rerepit, sambat Kami, tan wande dijait sangkan maneh muji sukur ka Kami.”

Mazmur 55:22
Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.

Roma 8:28
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Filipi 4:6-7
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Yesaya 43:18-19
[18] Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah lengket kana kajadian nu baheula, ulah napel kana kajadian nu geus kaliwat.[19] Mending awaskeun nu anyar, anu rek dipidamel ku Kami, tereh bukti, bisa katenjo ayeuna keneh! Kami rek nyieun jalan di tanah gurun, jeung ngadamel susukan-susukan pikeun maraneh.

Yakobus 1:2-4
[2] Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae,[3] sabab aranjeun tarerang, yen lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.[4] Sing tetep mantepna, ulah boboleh teu payaan, supaya jadi jelema pasagi dina sagala hal taya kakuranganana.

Matius 6:28-33
[28] Jeung naha kudu salempang sieun teu make? Tenjo tuh! Kembang bakung anu jaradi sorangan di tegal: teu digarawe, teu nyarieun pakean.[29] Tapi sanajan kitu, Raja Suleman anu sakitu beungharna ge panganggona henteu sakitu alusna kawas eta kekembangan.[30] Jukut di tegal, anu poe ieu jadi poe isukna geus diduruk, ku Allah didangdanan mani alus. Atuh komo deui maraneh, moal teu dipaparin pakean! Ulah sok kurang percaya![31] Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ʼKumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!ʼ Atawa, ʼKumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!ʼ ([32] Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.[33] Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Roma 5:1-8
[1] Sanggeus urang diangken bener deui ku Allah ku jalan percaya, urang teh ku Allah dirapihan deui ku jalan Yesus Gusti urang.[2] Ku jalan Anjeunna, hirup urang anu percaya dibawa ka jero sih kurnia Allah, senang hate lantaran boga pangharepan bakal dipaparin kabagjaan ku Allah.[3] Hirup sangsara oge hate tetep senang, dumeh terang yen eta kasangsaraan teh bisa ngalantarankeun urang jadi sabar,[4] sarta eta kasabaran ngajadikeun urang tahan uji, ari anu tahan uji boga pangharepan.[5] Eta pangharepan moal matak kaduhung, sabab hate urang geus dieusian ku rasa asih Allah, nya eta Roh Suci, kurnia Allah ka urang.[6] Sajeroning urang keur teu bisa walakaya keneh, dina waktu anu geus ditangtukeun ku Allah, Yesus pupus jadi gaganti urang, jelema anu doraka.[7] Jelema mah beurat kudu maot pikeun nu adil oge, kajaba sugan pikeun jelema anu kacida hadena.[8] Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

Ayub 1:1-22
[1] Di tanah Us aya hiji jelema, Ayub jenenganana. Jelema ibadah tuhu ka Allah, temen lempeng hade manah, tata-titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah.[2] Kagungan putra tujuh pameget, tilu istri.[3] Kagungan ingon-ingon domba 7.000, onta 3.000, sapi 1.000, kalde 500. Bujangna mangpirang-pirang. Pangbeungharna di tatar Wetan mah.[4] Ari putra-putrana nu pameget damelna curak-curak pepestaan, bagilir di bumina masing-masing silih ondang, tara lali ngajak saderek-saderek nu istri.[5] Ari Ayub saban-saban putrana entas pesta, poe isukna pasti gugah subuh-subuh, nyanggakeun kurban, mundut ampun keur putra-putrana. Saban-saban kitu bae, sabab ceuk emutanana bisi aya talajak anak anu nincak dosa, teu kahaja, ngahina ka Allah.[6] Hiji mangsa, waktu mahluk-mahluk surga ngadeuheus ka payuneun PANGERAN, di antarana Si Panggoda oge aya.[7] Ku PANGERAN dipariksa, ”Ari maneh tas naon bae?” Jawab Si Panggoda, ”Tas luntang-lantung ngajajah jagat.”[8] Timbalan PANGERAN, ”Nyaho maneh ka abdi Kami nu ngaran Ayub? Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna. Ka Kami estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah.”[9] Si Panggoda ngajawab, ”Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti?[10] Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga. Sagala pagaweanana diberkahan, tur dibere ingon-ingon sakitu reana, mani matak heurin sanagara.[11] Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.”[12] Timbalan Allah ka Si Panggoda, ”Heug, sagala pangabogana kawasaan ku maneh, asal ulah ganggu ka dirina.” Leos Si Panggoda undur ti payuneun Allah.[13] Dina hiji poe, waktu putra-putra Ayub keur pesta di nu cikal,[14] torojol bujangna mawa beja ka Ayub, ”Cilaka Juragan! Waktos bujang-bujang nuju ngawaruluku ku sapi, sareng kalde sadayana nuju nyaratuan di sampalan,[15] ujug-ujug diambreg ku urang Syeba. Ingon-ingon diranjah, bujang-bujang tiwas sadayana. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan.”[16] Can anggeus ngomongna, torojol deui bujang mawa beja, ”Tiwas Juragan! Domba seep, nu ngangonna sadayana tiwas, dibentar gelap. Mung abdi nu salamet, ngawartosan ka Juragan.”[17] Ieu can anggeus nyarita, datang deui bujang mawa beja, ”Aduh Juragan! Onta seep diranjah ku rampog-rampog ti Kasdim dugi ka tilu bubuhan. Bujang-bujang tiwas sadaya. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan.”[18] Ieu can anggeus nyarita, geus torojol deui bae bujang mawa beja, ”Tobat Juragan! Putra-putra nuju pesta di nu cikal,[19] ana gelebug aya topan nebak ti leresan gurun keusik. Gedong ambrug burak-barik, nu di lalebet kitu deui putra-putra sadayana tiwas. Mung abdi anu salamet, ngawartosan ka Juragan.”[20] Neut Ayub cengkat, seug nyosoeh anggoanana awahing ku remuk nya manah. Rambutna digundulan, bruk meubeutkeun anjeun nyium taneuh.[21] Pok ngalahir, ”Kami datang ka dunya teu babawaan, mulang ge mo babawaan. PANGERAN anu maparin, ku PANGERAN deui dicandak. Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.”[22] Katarajang cilaka sakitu parnana oge imanna mah berekah, henteu nempuhkeun ka Gusti Allah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society