A A A A A

Kehidupan: [Infertilitas]


1 Samuel 2:21
Berkahing PANGERAN, Hana boga deui anak, tilu lalaki dua awewe. Ari Samuel beuki ageung, sarta jongjon kumawula ka PANGERAN.

Ulangan 7:14
Di saalam dunya taya deui bangsa anu sakitu diberkahanana kawas maraneh. Boh jelema boh ingon-ingon di maraneh moal aya anu gabug.

Ulangan 8:2
Sing aringet, PANGERAN Allah maraneh sakitu ngapingna, nuyun ngambah tanah gurun geus opat puluh taun ieu. Mantenna sok maparin kasukeran-kasukeran, mecak hate maraneh daraek henteuna anut kana sagala timbalana-Na.

Kejadian 1:28
Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.

Kejadian 25:21
Ku sabab garwana henteu bae kagungan putra, ku anjeunna dipangnedakeun ka PANGERAN. Panedana dikabul, Rabeka bobot,

Ibrani 11:11
Ku karana percaya, Ibrahim jadi kagungan putra, sanajan geus kacida sepuhna tur Sarah gabug. Anjeunna percaya Allah bakal ngalaksanakeun jangji-Na.

1 Korintus 3:16
Tarerang yen diri aranjeun teh gedong Allah? Tarerang yen di jero diri aranjeun teh aya Roh Allah?

Yakobus 1:17
Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit, Allah nu teu owah gingsir, sarta lain anu jadi lantaran poek kana naon bae.

Yohanes 16:33
Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”

Mazmur 113:9
Mantenna ngurniaan ibu rumah tangga anu gabug, dibagjakeun dipaparin anak. Puji PANGERAN!

Mazmur 127:3
Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.

Mazmur 128:3
Bojo maneh bakal saibarat tangkal anggur anu buahna leubeut di jero imah maneh, anak-anak maneh nu lalaki bakal saibarat tangkal jetun ngora, ngariung meja maneh.

Mazmur 139:13
Gusti nu nyipta saban babagian raga abdi, Gusti nu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang.

Mazmur 147:3
Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.

Markus 11:24
Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya anu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere.

Filipi 4:13
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.

Roma 12:12
Dina keur aya anu diharep, hate kudu masing janglar, sing tawekal dina kasusah, jeung sing rajin neneda.

Lukas 1:36-37
[36] Sangkan Nyai terang, Elisabet baraya Nyai anu kacaturkeun gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna keur ngandeg geus kagenep bulan ieu.[37] Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil.”

Roma 5:3-5
[3] Hirup sangsara oge hate tetep senang, dumeh terang yen eta kasangsaraan teh bisa ngalantarankeun urang jadi sabar,[4] sarta eta kasabaran ngajadikeun urang tahan uji, ari anu tahan uji boga pangharepan.[5] Eta pangharepan moal matak kaduhung, sabab hate urang geus dieusian ku rasa asih Allah, nya eta Roh Suci, kurnia Allah ka urang.

Lukas 1:13-21
[13] Tapi malaikat teh ngalahir, ”Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.[14] Pisakumahaeun anjeun bagjana upama eta geus lahir, nu sejen oge loba anu bakal bungah![15] Eta teh bakal jadi jelema penting di payuneun Allah. Ulah sina nginum anggur atawa inuman keras lianna. Ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci,[16] jeung bakal nungtun urang Israil baralik deui ka Pangeran Allahna.[17] Manehna ku Pangeran diutus ti heula, bakal kuat jeung kawasa cara Nabi Elias; bakal ngarapihkeun kaom bapa jeung anak-anakna; bakal nungtun tukang ngaralawan baralik deui kana pikiran anu bener. Jadi eta teh bakal nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu daraek ngabdi ka Mantenna.”[18] Piunjuk Jakaria ka malaikat, ”Perkawis eta kumaha bade buktosna? Abdi parantos kolot, pun bojo nya kitu keneh.”[19] Waler malaikat, ”Kaula teh Jabrail, purah aya di payuneun Allah anu ngutus kaula ayeuna ka anjeun, nepikeun ieu warta anu pikabungaheun.[20] Ieu hal tangtu bukti dina waktuna, tapi ku anjeun teu dipercaya. Ku sabab anjeun henteu percaya, anjeun bakal pireu, moal bisa ngomong nepi ka mangsa anu diomongkeun ku kaula kajadian.”[21] Jalma-jalma anu keur ngadaragoan Jakaria hareraneun dumeh anjeunna sakitu lilana di jero.

Mazmur 112:1-10
[1] Puji PANGERAN! Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.[2] Anak-anak jalma hade bakal kawasa di jero nagri turunanana bakal diberkahan.[3] Kulawargana bakal makmur sugih mukti, hade milik salalawasna.[4] Jalma hade, nu karunyaan, bageur, jeung adil, di nu poek bakal meunang sinar caang.[5] Bagja jalma anu daek nulung mere nginjeum, sarta jujur dina ngajalankeun usahana.[6] Jalma hade hamo gagal, sarta salalawasna bakal kapieling.[7] Manehna moal rentag ku beja imanna tabah tur percaya ka PANGERAN.[8] Hatena teu salempang, teu hariwang, sabab ngarasa yakin yen musuhna baris eleh.[9] Ka nu miskin daek mere reujeung murah hate, kahadeanana moal aya batalna, hirupna bakal kawasa jeung diajenan.[10] Nenjo kaayaanana kitu, nu jarahat arambekeun, tingpendelik arijideun, tuluy musna, harepanana mudedes salalawasna.

Yesaya 54:1-17
[1] Eh Yerusalem, bareto maneh ibarat awewe nu teu boga anak. Ayeuna mah maneh bakal bungah, sabab bakal boga anak. Tur leuwih loba ti batan anu boga keneh salaki.[2] Kemah maneh kudu dilegaan, tambang-tambangna panjangan. Pancuh-pancuhna sing parageuh.[3] Wawatesan wewengkon maneh bakal ngalegaan ka ditu ka dieu. Rahayat maneh bakal marulang deui, ka tanah anu ayeuna keur diandih ku bangsa-bangsa sejen. Kota-kota anu geus saruwung bakal gegek ku jelema.[4] Tong salempang! Sabab maneh moal aya anu ngahina deui, moal aya anu ngawiwirang deui. Kabalangsakan lantaran maneh geus teu satia ti ngongora, engke mah kapopohokeun. Kaprihatinan waktu keur cuang-cieung jadi randa, moal kainget-inget deui.[5] Anu nyiptakeun maneh, anu jenenganana PANGERAN Nu Maha Kawasa, bakal jadi ibarat salaki maneh. Allah Israil nu suci, raja sakuliah jagat, bakal ngajait maneh.[6] Eh Israil, maneh ibarat hiji pamajikan anu ti ngongora ditinggalkeun ku salaki, nepi ka nguluwut pikir. Tapi ku PANGERAN geus dihiap deui. Dawuhana-Na,[7] ”Kami ninggalkeun teh ngan sakeudeung. Ayeuna rek ngaku deui, diwuwuh ku asih anu taya papadana.[8] Kami bendu nepi ka ninggalkeun teh teu lila. Ayeuna rek mikanyaah sapapanjangna.” Kitu dawuhan PANGERAN, anu ngajait maneh.[9] ”Keur jaman Enoh Kami geus jangji, yen moal ngeueum deui ieu bumi. Ayeuna Kami jangji moal bendu deui ka maneh, moal nyeuseul atawa ngahukum deui.[10] Gunung jeung pasir bisa urug. Tapi kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna. Jangji Kami ka maneh moal udar, rek mere kanugrahaan.” Kitu dawuhan PANGERAN anu asih ka maneh.[11] PANGERAN ngadawuh, ”Yerusalem, Yerusalem! Maneh teh balangsak. Euweuh nu nulung, euweuh nu ngalilipur. Pademen maneh ku Kami rek dipasangkeun deui, batu-batuna rek make anu aralus.[12] Munara-munarana rek ku mirah dalima. Gapura-gapurana ku batu manikem anu ngagebur. Kutana rek ku permata.[13] Rahayat maneh arek diwuruk ku Kami pribadi. Hirupna sina makmur, sina talengtrem.[14] Maneh arek diajegkeun, ku adil jeung bener. Jeung aman, moal kasedek ku nu rek nindes, moal kasorang ku bahya.[15] Mun maneh aya nu nempuh, eta lain idin Kami. Anu merangan ka maneh, saha ge tangtu rubuh.[16] Panday beusi Kami nu ngayakeunana, sina nyieun seuneu, nyieun pakarang. Serdadu-serdadu nu make eta pakarang pikeun maehan, Kami nu nyiptakeunana.[17] Jadi satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu. Jeung satiap maneh aya anu merkarakeun, maneh bakal bisa ngalawan. Abdi-abdi Kami ku Kami tangtu diraksa, disina arunggul.” Kitu dawuhan PANGERAN.

1 Samuel 1:1-28
[1] Di desa Ramah di pagunungan Epraim, aya hiji jelema kaom Epraim, ngaranna Elkana bin Yeroham, incu Elihu, warga Tohu ti kaom Sup.[2] Boga bojo dua, Hana jeung Penina. Penina boga anak, Hana henteu hiji-hiji acan.[3] Saban-saban taun Elkana sok indit ngabakti jeung ngurban ka PANGERAN Nu Maha Kawasa di Silo. Harita anu jadi imam PANGERAN teh duaan, putra Eli, jenenganana Hopni jeung Pinehas.[4] Unggal-unggal tas ngurban Elkana sok ngirim daging ka Penina saanak-anak.[5] Ka Hana oge ngirim, ngan ari ka Hana mah sakumaha nyaaheunana oge ngirimanana teu sabaraha, da ieu mah ku PANGERAN teu dikersakeun boga anak.[6] Turug-turug ku maruna ngan dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena pedah teu boga anak.[7] Kituna teh saban taun, unggal ka gedong PANGERAN tara teu dipeupeurih, nepi ka Hana ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan.[8] Ku Elkana dibeberah, ”Nyai, ku naon ceurik? Ku naon teu daek dahar? Nguluwut ku naon? Lain Akang teh leuwih nyaah ka Nyai ti batan ka barudak sapuluh?”[9] Dina hiji poe tas dalahar di gedong PANGERAN di Silo, Hana ngejat tuluy sasambat ka PANGERAN bari ceurik sesegruk. Kabeneran Imam Eli harita keur calik hareupeun lawang.[10] ***[11] Hana ikrar kieu, ”Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, tingali ieu abdi nuju kasesahan. Mugi mikaemut. Upami abdi ku Gusti dikersakeun gaduh anak tur lalaki, bade diiklaskeun sumeja kasanggakeun, saumurna sina kumawula ka Gusti sareng moal dicukur-cukur.”[12] Sabot Hana manteng neneda ka PANGERAN lila pisan, biwirna ku Eli diawas-awas.[13] Ku sabab nenedana henteu kedal, ngan semet kuwas-kuwes henteu soraan, disangkana teh mabok.[14] Eli ngalahir, ”Meugeus mabok teh! Nanaonan, geura eling!”[15] Wangsul Hana, ”Bapa, abdi sanes keur mabok, teu nginum naon-naon. Nuju neneda, ngucutkeun kanalangsaan ka PANGERAN.[16] Bapa ulah lepat panggalih nyangka abdi awewe teu puguh. Neneda dugi ka kieu teh ku margi parantos teu kiat ku nalangsa.”[17] Waler Eli, ”Euh, sing gede hate atuh, mugia paneda Nyai diijabah ku Allah Israil.”[18] Wangsul Hana, ”Nyuhunkeun pidu’ana ti kersa Bapa.” Geus kitu tuluy kaluar, seug barang dahar. Hatena geus janglar.[19] Isukna Elkana sakulawarga harudang, tuluy sembahyang ka kersa PANGERAN, ti dinya marulang ka Ramah. Hana ku Elkana ditemahan, sarta PANGERAN ngabulkeun panuhunna.[20] Hana ngandeg, tuluy ngalahirkeun hiji anak lalaki, seug dingaranan Samuel, da carekna, ”Beunang nyuhunkeun ti PANGERAN.”[21] Geus meujeuhna Elkana sakulawarga ka Silo deui nyanggakeun kurban taunan, jeung mayar kaulna ka PANGERAN.[22] Tapi Hana henteu milu, carekna ka salakina, ”Abdi mah engke bae ari si ujang parantos eureun nyusu. Si ujang bade dibantun ka gedong PANGERAN, sina terus di ditu bae saumur hirupna.”[23] Ceuk Elkana, ”Heug kumaha Nyai bae, dagoan di dieu nepi ka si ujang disapih. Mugia PANGERAN ngalaksanakeun pangandika-Na ka Nyai.” Hana tetep di lembur bari ngasuh orok.[24] Sanggeus disapih, Samuel ku Hana dibawa ka Silo, bari mawa sapi hiji umur tilu taun, tipung sapuluh kilo jeung anggur sawadah. Basa dibawa ka Kemah PANGERAN di Silo teh Samuel alit keneh pisan.[25] Sanggeus sapina dipeuncit, eta murangkalih teh dibawa ka Eli.[26] Piunjuk Hana ka Eli, ”Punten Bapa, emut keneh manawi ka abdi, anu kapungkur katingali ku Bapa neneda di dieu, ka PANGERAN?[27] Harita abdi teh nyuhunkeun dipaparin anak, ayeuna parantos dimakbul. Ieu pun anak teh.[28] Ayeuna seja dibaktikeun ka PANGERAN, saumur hirupna sina ngawula ka Mantenna.” Geus kitu aranjeunna sembahyang di dinya ka PANGERAN.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society