A A A A A

Kehidupan: [Kesalahan]


Ibrani 10:22
Ku sabab eta hayu urang sing deukeut ka Allah reujeung hate anu iklas, iman nu yakin, batin anu geus dikosongkeun tina rasa salah, jeung raga anu geus diberesihan ku cai anu ngagenclang.

Yakobus 2:10
Ngalanggar salah sahiji ayat eta hukum, ngalanggar oge anu sejen-sejenna.

Ibrani 10:2
Upama enya eta anu ngabarakti teh dosana geus disucikeun, piraku terus bae ngarasa dosa, ngurbanna tangtu areureun.

Ulangan 5:17
Maraneh ulah maehan.

Mazmur 32:1-6
[1] Jabur Daud. Lagu atikan. Bagja jalma anu dihampura dosana, anu diampun kasalahanana.[2] Bagja jalma anu kadorakaanana ku PANGERAN teu diasupkeun kana itungan, kitu deui jalma anu tara nipu.[3] Satungtung teu acan ngaku dosa, abdi kasiksa ku ceurik sadinten jeput.[4] Siang wengi ku Gusti dipeupeuhan, nun PANGERAN, awak taya tangan pangawasa, lir cireumis kaserot surya.[5] Ti dinya abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa. Sadaya kalepatan diangken, seug ku Gusti dihapunten.[6] Kitu margina dina waktos duka lara, umat Gusti nu satia kedah neneda, supados dina waktos caah kasusah datang maranehna teu katarajang.

Yeremia 51:5
Kami, Allah, PANGERAN Nu Maha Kawasa can kungsi ninggalkeun Israil jeung Yuda, sanajan maranehna teh geus boga dosa ka Kami, Nu Maha Suci di Israil.

Hosea 5:15
Umat Kami ku Kami rek ditinggalkeun, nepi ka cukup nandanganana sangsara ku karana dosa-dosana, sarta tuluy nareangan Kami. Ari geus sangsara kitu mah sugan daraekeun neangan Kami.”

Imamat 5:14-19
[14] PANGERAN ngandika deui ka Musa perkara katangtuan kieu:[15] Jelema anu boga dosa teu kahaja henteu mayar-mayar kaperluan anu disucikeun haturan PANGERAN, kudu ngurbankeun domba atawa embe jalu anu mulus, pikeun nebus kasalahanana. Dombana ditaksir heula pihargaeunana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.[16] Tunggakanana kudu dibayar, ditambah dengda saperlimana tina tunggakanana. Dombana serenkeun ka imam supaya dikurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dosana dihampura.[17] Jelema anu teu kahaja ngalanggar cegahan PANGERAN, eta salah sarta kudu dihukum.[18] Hukumanana kudu nyerenkeun domba atawa embe jalu anu mulus, sarta hargana ditaksir nurutkeun patokan Kemah PANGERAN. Eta sato ku imam kudu dikurbankeun pikeun nebus dosa eta jelema.[19] Eta teh kurban ganti rugi pikeun kasalahanana ka PANGERAN.

Imamat 7:1-10
[1] Ieu aturan kurban kasalahan. Aturanana suci.[2] Pikurbaneunana peuncit di tempat paranti meuncit sato kurban beuleuman, nya eta di kalereun altar, sarta getihna kudu disiramkeun kana opat pongpok altar.[3] Gajihna kabeh ala kana altarkeun, nya eta gajih buntut, gajih jeroan,[4] giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.[5] Beuleum gajihna kabeh ku imam dina altar, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Eta kurban kasalahan.[6] Kulawarga imam anu lalaki kabeh kudu milu ngadahar eta daging kurban. Didaharna kudu di tempat anu suci, sabab eta kadaharan teh suci.[7] Boh pikeun kurban pamupus dosa boh pikeun kurban kasalahan, aya katangtuanana, nya eta dagingna pikeun imam anu ngurbankeun.[8] Sato kurban beuleuman kulitna pikeun imam anu ngurbankeun.[9] Tiap kurban kadaharan, boh anu meunang meuleum boh anu digoreng atawa didadar, eta pikeun imam anu ngurbankeun.[10] Kurban kadaharan anu henteu diasakan, boh nu make minyak boh nu tuhur, eta pikeun para imam turunan Harun, bagikeun sing walatra di antara maranehna.

Kejadian 26:10
Abimelek, ”Teu sae kitu. Da saupami kitu mah gampil bae tuang geureuha teh digunasika ku salah saurang rahayat sim kuring, matak lepat ka sadaya urang dieu.”

Bilangan 5:5-10
[5] PANGERAN maparinkeun ieu aturan ka Musa,[6] pikeun urang Israil: Lamun aya anu henteu satia ka PANGERAN lantaran ngarugikeun batur,[7] kudu ngaku kana kasalahanana sarta karugian baturna tea kudu dibayarkeun deui sajenisna ditambah saperlimana.[8] Upama baturna tea geus maot tur teu aya baraya deukeutna, duit pamayar karugian teh kudu diserenkeun ka PANGERAN pikeun imam. Kajaba ti eta kudu ditambah ku domba jalu pikeun upacara mupus kasalahanana.[9] Naon bae pangbakti urang Israil ka PANGERAN anu diserenkeun ka imam, eta keur imam.[10] Jadi sagala pangbakti anu diserenkeun ka imam, keur imam.

Imamat 5:1-5
[1] Kurban pamupus dosa perlu kudu dihaturkeun dina hal-hal anu kieu: Lamun aya jelema anu kalawan resmi dipenta panyaksina di pangadilan, tapi teu mere katerangan tina hal anu ku manehna geus katenjo atawa kadenge, nepi ka manehna kudu nanggung balukarna.[2] Lamun aya jelema anu teu kahaja nyabak barang najis, upama bae bangke sato, tapi sanggeusna tuluy ngarasa yen dirina jadi najis jeung salah.[3] Lamun aya jelema anu teu kahaja nyabak barang najis naon bae anu asal ti jelema, tapi sanggeusna tuluy ngarasa kana kasalahanana.[4] Lamun aya jelema anu sumpah sambarangan tina hal naon bae, tapi geus kitu tuluy ngarasa yen eta kalakuanana teh salah.[5] Dina hal-hal saperti kitu, jelema nu salah teh kudu ngaku kana kasalahanana.

Imamat 5:15-16
[15] Jelema anu boga dosa teu kahaja henteu mayar-mayar kaperluan anu disucikeun haturan PANGERAN, kudu ngurbankeun domba atawa embe jalu anu mulus, pikeun nebus kasalahanana. Dombana ditaksir heula pihargaeunana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.[16] Tunggakanana kudu dibayar, ditambah dengda saperlimana tina tunggakanana. Dombana serenkeun ka imam supaya dikurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dosana dihampura.

Imamat 4:2-3
[2] Musa kudu ngembarkeun ka urang Israil, yen lamun aya anu boga dosa lantaran ngalanggar cegahan PANGERAN teu kahaja, kudu nekanan ieu aturan.[3] Upama anu boga dosa teh Imam Agung, anu geus tangtu mawa ka sakumna rayat, manehna kudu ngurbankeun sapi jalu ngora anu mulus ka PANGERAN, pikeun nebus dosana.

Imamat 4:13
Upama anu dosana sakumna bangsa Israil, sarta jadi kasalahan anu ngalanggar cegahan PANGERAN ngan teu kahaja,

Imamat 4:27
Upama anu boga dosana rayat biasa, teu kahaja ngalanggar salah sarupa cegahan PANGERAN,

Mazmur 32:1-5
[1] Jabur Daud. Lagu atikan. Bagja jalma anu dihampura dosana, anu diampun kasalahanana.[2] Bagja jalma anu kadorakaanana ku PANGERAN teu diasupkeun kana itungan, kitu deui jalma anu tara nipu.[3] Satungtung teu acan ngaku dosa, abdi kasiksa ku ceurik sadinten jeput.[4] Siang wengi ku Gusti dipeupeuhan, nun PANGERAN, awak taya tangan pangawasa, lir cireumis kaserot surya.[5] Ti dinya abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa. Sadaya kalepatan diangken, seug ku Gusti dihapunten.

Yesaya 6:7
Tel ruhakna ku eta diantelkeun kana biwir kaula, sarta ceuk eta mahluk, ”Biwir maneh geus diantelan ku ieu. Kadorakaan maneh geus nyingkir, dosa maneh geus dihampura.”

1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

Roma 8:1
Pikeun anu hirupna ngahiji jeung Kristus Yesus, hukuman teh geus teu aya,

Ibrani 9:14
Lamun getih jeung lebu sato tea bisa ngaberesihkeun kokotor diri manusa, geus komo deui getih Kristus! Ku jalan Roh anu langgeng Kristus ngurbankeun salira-Na ku anjeun ka Allah, jadi kurban anu sampurna. Getih Anjeunna ngaberesihkeun batin urang tina hal-hal anu taya mangpaʼatna, nepi ka urang bisa ngabakti ka Allah anu jumeneng.

Mazmur 103:12
Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.

2 Korintus 5:17
Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

Roma 3:21-23
[21] Tapi ayeuna mah Allah geus maparin pituduh, kumaha jalanna supaya manusa bisa diangken bener deui ku Mantenna. Ari jalanna teu aya patalina jeung Hukum Agama. Hukum Musa kitu deui nabi-nabi netelakeun kitu.[22] Allah kersa ngangken manusa bener deui teh lamun manusa anut ka Yesus Kristus. Allah kersaeun kitu teh pikeun sakabeh anu percaya ka Kristus, lantaran manusa mah teu aya bedana;[23] kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.

2 Korintus 5:21
Pikeun kasalametan urang, Kristus anu tanpa dosa teh ku Allah disina nanggung dosa urang, sangkan dina kasatunggalan jeung Anjeunna urang bisa diangken bener ku Allah.

Mikha 7:19
Tangtos Gusti kersa mikawelas deui ka abdi sadaya. Dosa-dosa abdi sadaya tangtos ku Gusti bakal diluluh lajeng dialungkeun ka dasar laut!

1 Yohanes 3:19-20
[19] Ku jalan kitu urang terang yen urang aya dina kayaktian ti Allah. Lamun geus terang kitu, urang aya di payuneun Allah teh bisa ngarasa teger.[20] Urang osok oge disalahkeun ku budi rasa sorangan, tapi urang terang yen Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang, sarta uninga kana saniskara.

Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.

Yesaya 43:25
Najan kitu Kami teh Allah anu daek ngahampura dosa-dosa maraneh, sabab kitu sipat Kami. Dosa maraneh ku Kami moal diinget-inget.

Wahyu 12:10
Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, ”Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.

2 Korintus 7:10
Kanalangsaan oge ari ku Allah dianggo lantaran sangkan urang eling mah matak jamuga, taya ngarugikeunana. Beda deui jeung nalangsa ku lantaran nyeri hate, eta mah nungtun kana paeh.

Ibrani 4:16
Ku sabab eta hayu urang ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna.

Roma 8:31-39
[31] Tina hal ieu kabeh, naon ucapkeuneun urang? Lamun Allah aya di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?[32] Allah, anu henteu ngoretkeun Putra ku Manten sangkan jadi kurban gaganti urang, moal enya ka urang moal maparinkeun perkara-perkara lianna?[33] Saha nu rek bisa ngagugat-gugat kasalahan urang, umat anu geus kapilih ku Allah, tur geus dinyatakeun teu salah ku Allah ku manten?[34] Saha nu rek bisa nyalahkeun urang? Urang bakal aya anu ngabelaan! Nya eta Yesus Kristus, anu geus pupus, anu geus digugahkeun deui kana hirup, anu linggih di tengeneun Allah.[35] Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?[36] Hal eta dina Kitab Suci kaungel kieu, ”Ku karana Gusti, abdi-abdi salamina aya dina bahya pati, dijieun sapertos ka domba peunciteun.”[37] Moal, moal bisaeun! Eta kabeh malah geus eleh, urang geus unggul ku pitulung Anjeunna anu welas asih ka urang![38] Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke,[39] nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.

Roma 3:26
Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna netelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha anu percaya ka Yesus.

Roma 14:23
Sabalikna lamun hamham ku anu rek didahar tapi tetep bae didahar, tangtu ku Allah disalahkeun, lantaran ngadaharna teh pasalingsingan jeung kayakinan imanna. Sagala rupa anu henteu make dasar iman, eta dosa.

Yohanes 3:17
Sabab Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh lain pikeun ngahukum alam dunya, tapi pikeun nyalametkeun.

Amsal 16:4
Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes.

Kisah Para Rasul 3:19
Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura. Upama aranjeun tarobat,

1 Yohanes 2:1
Anaking! Bapa nulis ieu teh rek ngelingan, aranjeun ulah milampah dosa. Tapi mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama.

Kejadian 20:6-16
[6] Allah ngawaler, ”Enya Kami ge nyaho niat maneh teh beresih; pang ku Kami dicegah ulah ngaganggu Sarah oge supaya maneh ulah nepi ka nyieun dosa ka Kami.[7] Pulangkeun deui ka salakina. Salakina teh nabi, tangtu baris mangnedakeun hampura pikeun maneh, supaya ulah tulus paeh. Lamun henteu dipulangkeun, maneh sakulawedet tangtu paeh.”[8] Isukna isuk-isuk pisan Abimelek ngempelkeun para ponggawa, nyarioskeun hal eta. Maranehna kacida sarieuneunana.[9] Ti dinya Abimelek nyaur Ibrahim, sarta saurna, ”Ku naon anjeun mana kitu? Lepat naon sim kuring ka salira, nepi ka sim kuring katut rahayat sanagara nandangan musibat? Nu sanes mah moal aya nu wantun kitu ka sim kuring, sapertos salira.[10] Cobi, naon margina?”[11] Waler Ibrahim, ”Lantaran panyangka sim kuring teh sieun di dieu mah taya nu sieun ka Allah, ana heug urang dieu harayangeun ka pun bojo, heug bae sim kuring pada maehan.[12] Nanging leres pun bojo teh adi, sabapa mung misah indung, nu matak ku sim kuring ditikah.[13] Kitu nu mawi, waktos Allah nimbalan sim kuring kedah ngantunkeun babakan pun bapa ngumbara ka nagri sanes, pun bojo teh ku sim kuring sok dipesen kieu, ’Nyai sing bela ka Akang, di mana bae oge Nyai kudu nyebutkeun yen Akang teh lanceuk.’ ”[14] Ti dinya Sarah ku Abimelek dipulangkeun ka Ibrahim, malah bari ditambahan ku domba, sapi jeung jelema-jelema purah kumawula.[15] Saurna ka Ibrahim, ”Saena mah tetep-tetep bae sareng urang dieu. Tanah mah kantun milih nu mana copna, da sugri nu katingali ku salira teh sadayana oge tanah gagaduhan.”[16] Ari saurna ka Sarah, ”Sim kuring ngahaturanan ka tuang raka sarebu uang perak, kanggo panyecep ka sugri anu reureujeungan sareng Nyai, sina nyakseni yen salira taya kuciwa.”

Yesaya 53:10
PANGERAN ngadawuh, ”Eta geus pangersa Kami anjeunna kudu sangsara. Pupus jadi kurban pikeun nebus dosa. Ku jalan kitu yuswana bakal panjang, sarta piningalieun turunanana. Nya ku jalan anjeunna, pangersa Kami bakal ngajadi.

Lukas 15:18-19
[18] Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa.[19] Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ

Matius 18:21-35
[21] Petrus unjukan ka Yesus, ”Gusti, upami pun dulur gaduh lepat ka abdi, sabaraha kali abdi kedah ngahampurana? Tujuh kali?”[22] ”Lain tujuh kali. Kudu tujuh puluh kali tujuh kali,” waler-Na.[23] ”Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana.[24] Sanggeus ngayakeun pamariksaan, aya badega anu dideuheuskeun, hutangna jutaan.[25] Ku sabab teu bisaeun ngalunasan, ku raja dititah dijual jeung saanak bojona, katut sagala pangabogana pikeun ngalunasan hutangna.[26] Eta badega ngarumpuyuk sujud bari ngalengis, ʼNyuhunkeun sarantos, tangtos bade dilunasan sadayana!ʼ[27] Raja karunyaeun, malah hutangna dibebaskeun.[28] Ari geus di luar, eta badega teh amprok jeung badega deui anu boga hutang ka manehna rerebuan. Ku manehna ditongtak terus dicekek jeung disentak, ʼBayar hutang maneh!ʼ[29] Baturna mani ngalengis bari deku, ʼSabar, menta tempo, engke ge dibayar!ʼ[30] Ku manehna teu didenge, kalah ka dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas.[31] Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana, tuluy arunjukan ka raja.[32] Badega kejem teh disaur jeung dicarekan, ʼDasar badega tanpa guna! Maneh mani ngalengis ka kami, nepi ka hutang maneh ku kami dipupus,[33] lantaran karunya. Cik maneh oge sing aya rasrasan ka batur!ʼ[34] Raja kacida benduna, eta badega tuluy dijebloskeun ka panjara, dihukum, nunggu hutangna lunas kabeh.”[35] Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society