A A A A A

Kehidupan: [Makanan]


Pengkhotbah 9:7
Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.

Keluaran 16:12
”Kami geus ngadangu gegelendengna urang Israil. Bejakeun, wanci sariak layung maranehna bakal nyaratu lauk, isuk-isuk bakal dalahar saseubeuhna. Sangkan nyarahoeun yen Kami PANGERAN, Allah maranehna.”

Kejadian 1:29
Maneh ku Kami geus disadiaan sagala rupa sisikian jeung bubuahan keur dahareun.

Kejadian 9:3
Ti semet ayeuna, eta ku maraneh bisa didahar cara pepelakan anu harejo. Kop bae pikeun dahareun.

Yesaya 1:19
Lamun narurut ka Kami, sagala pibagjaeun nu aya di ieu tanah ku maraneh tangtu kapetik.

Yohanes 4:4-34
[4] ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria.[5] Angkat-Na geus nepi ka Sikhar, hiji kota di Samaria, teu jauh ti hiji lahan anu ku Yakub diwariskeun ka Yusup putrana.[6] Di eta lahan aya hiji sumur, katelahna sumur Yakub. Yesus geus ngaraos cape angkat, tuluy calik di sisi eta sumur. Harita kira-kira tengah poe.[7] Geus kitu aya hiji awewe urang Samaria ka dinya rek ngala cai. ”Cik Kami menta caina, hayang nginum,” saur Yesus ka eta awewe. ([8] Ari murid-murid-Na keur mareuli tuangeun ka kota.)[9] Walonna, ”Juragan teh urang Yahudi, naha mundut ngaleueut ka abdi, urang Samaria?” (Urang Yahudi embungeun sakokoh jeung urang Samaria.)[10] Waler Yesus, ”Lamun Nyai nyaho kana paparin Allah jeung ka ieu anu menta nginum, tangtu Nyai anu bakal menta nginum ka Anjeunna; ku Anjeunna tangtu dibere cai anu matak hirup.”[11] Walonna, ”Ti mana Juragan pikengingeun eta cai anu matak hirup? Ieu sumur teh jero, sareng Juragan teu kagungan timba.[12] Ieu sumur warisan ti Yakub, karuhun bangsa abdi. Anjeunna sapala putra ngalaleueutna tina ieu sumur, ingon-ingonna ngarinumna ti dieu. Juragan teh nganggap langkung unggul ti batan Yakub?”[13] Waler Yesus, ”Nu nginum cai ieu sumur bakal halabhab deui.[14] Sabalikna anu nginum cai anu rek dibikeun ku Kami mah moal halabhab deui, sabab eta cai bakal jadi cinyusu di jero hatena, anu salawasna ngabijilkeun cai anu matak hirup langgeng.”[15] ”Abdi nyuhunkeun, Juragan!” ceuk eta awewe, ”supados ulah halabhab deui sareng teu kedah bulak-balik ka dieu nimba.”[16] Waler Yesus, ”Teang heula salaki Nyai, bawa ka dieu.”[17] Walonna, ”Abdi teu gaduh salaki.” Waler Yesus, ”Bener ceuk Nyai teu boga salaki teh.[18] Nyai geus lima kali kawin. Lalaki anu ayeuna saimah jeung Nyai lain salaki. Nyai geus terus terang.”[19] ”Juragan teh tangtos nabi,” ceuk eta awewe.[20] ”Karuhun urang Samaria ngabakti ka Allah di gunung ieu, namung ceuk urang Yahudi tempat ngabakti ka Allah teh kedah di Yerusalem.”[21] Waler Yesus, ”Nyai sing percaya ka Kami, ka hareup mah ngabakti ka Allah Rama teh lain di gunung ieu, jeung lain di Yerusalem.[22] Urang Samaria saenyana teu nyaraho ka anu disembahna. Urang Yahudi mah nyarahoeun saha anu disembahna teh, sabab pisalameteun teh datangna ti urang Yahudi.[23] Mangsa ka hareup mah, malah ayeuna ge geus mimiti, ku kakawasaan Roh Allah jalma-jalma bakal nyarembah ka Allah Rama teh bari nyaraho enya ka Mantenna, bakal sapagodos jeung pangersa-Na.[24] Allah teh Roh, anu matak ngan ku lantaran kakawasaan Roh bae jalma-jalma pibisaeunana ngabakti ka Allah Rama bari nyaraho enya ka Mantenna teh.”[25] Walon eta awewe, ”Abdi terang yen Kristus engke bade sumping. Anjeunna nu bakal nerangkeun sagala perkawis ka abdi sadaya.”[26] Waler Yesus, ”Eta teh Kami, anu ayeuna keur cacarita jeung Nyai.”[27] Sabot kitu murid-murid Yesus daratang. Maranehna hareraneun pedah Yesus cacarios jeung awewe; tapi teu aya anu nanya ka eta awewe, ”Perlu naon ka dieu?” atawa nanya ka Anjeunna, ”Naha Bapa sasauran sareng eta awewe?”[28] Ari awewe tea ngalesotkeun wadah caina tuluy lumpat ka kota deui, bebeja ka nu araya di dinya,[29] ”Hayu geura, urang nenjo jelema anu bisaeun nyaritakeun kalakuan kuring bareto. Palangsiang eta teh Kristus tea, nya?”[30] Jalma-jalma tuluy budal ti jero kota rek maranggihan Yesus.[31] Murid-murid ngahaturanan tuang ka Yesus, ”Pa Guru, mangga geura tuang!”[32] Tapi waler-Na, ”Kami geus boga dahareun anu maraneh teu nyaraho.”[33] Murid-murid silih tanya jeung baturna, ”Geus aya nu ngahaturanan kitu?”[34] Pilahir Yesus, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.

Yohanes 6:27-35
[27] Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng. Nya dahareun anu kitu anu rek dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa teh, sabab Anjeunna ku Allah Rama geus dibere kawasa.”[28] Piunjuk maranehna, ”Kedah kumaha atuh abdi-abdi supados tiasa ngalampahkeun pangersa Allah?”[29] Waler Yesus, ”Kudu percaya ka anu diutus ku Allah! Kitu pangersa-Na teh.”[30] Piunjuk maranehna deui, ”Bade midamel kaahengan naon kangge tawisna anu tiasa katingal ku abdi-abdi, supados abdi-abdi percaya ka Pa Guru? Bade midamel naon?[31] Karuhun abdi-abdi waktos di gurun keusik ngadalahar manna, sakumaha kaungel dina Kitab Suci, ’Maranehna ku Anjeunna dibere dahareun, roti ti sawarga.’ ”[32] Waler Yesus, ”Anu mere roti ti sawarga lain Musa. Sing percaya, anu maparin roti anu saestuna ti sawarga mah Ama Kami.[33] Eta roti ti Allah teh nya Anjeunna, anu lungsur ti sawarga, anu mere hirup ka alam dunya.”[34] ”Juragan,” piunjuk maranehna, ”mugi sing saterasna eta roti teh dipaparinkeunana ka abdi-abdi.”[35] Saur Yesus, ”Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui.

Matius 4:4
Tapi waler Yesus, ”Aya dawuhan dina Kitab Suci: ʼJelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah.ʼ ”

Matius 5:6
Bagja jelema anu kacida hayangna kana ngalampahkeun pangersa-pangersa Allah, ku Allah bakal disugemakeun!

Matius 6:25
Nu matak Kami ngingetan, hirup teh ulah salempang sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, ulah salempang awak teu kabajuan. Hirup teh lain leuwih ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan papakean?

Amsal 15:17
Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.

Amsal 25:27
Dahar madu ari loba teuing mah teu hade. Pamuji ge ari loba teuing mah nya kitu.

Amsal 27:7
Beuteung geus seubeuh mah madu ge embung. Sabalikna lamun eukeur kalaparan, nu pait ge asa amis.

Mazmur 104:15
sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana.

Mazmur 136:25
Mantenna maparin dahareun ka sakabeh mahluk hirup, asih-Na langgeng.

1 Korintus 6:13
Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.

1 Korintus 8:8
Padahal saenyana kadaharan mah moal bisa leuwih ngaraketkeun hirup urang ka Allah. Teu ngadahar moal rugi, ngadahar moal untung.

1 Korintus 10:31
Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.

1 Timotius 4:4-5
[4] Saniskara anu diciptakeun ku Allah teh hade, taya nu wajib ditolak, kabeh kudu ditarimakeun dibarengan ku muji sukur.[5] Sabab lamun geus diberkahan ku Allah jeung geus disanggakeun dina paneda, eta kadaharan teh jadi sapuk jeung manah Allah.

Markus 7:14-23
[14] Geus kitu jalma rea ku Anjeunna sina kumpul deui. Ti dinya saur-Na, ”Darengekeun ku sarerea, supaya ngarti.[15] Anu asal ti luar asup ka awak urang teu aya anu matak najis. Anu matak jadi najis mah anu kaluar ti diri urang. [[16] Pek darengekeun ari baroga ceuli mah!]”[17] Sanggeus Anjeunna aya di bumi ngantunkeun nu rea, murid-murid marenta diterangkeun pilahir-Na anu tadi.[18] Waler-Na, ”Kutan maraneh ge saruana teu ngarti kana eta hal? Anu asal ti luar asup kana awak, memang teu aya nu matak najis,[19] sabab asupna lain kana hate tapi ka jero beuteung, ti dinya kaluar deui.” (Ieu kasaurana-Na netelakeun yen kadaharan mah naon bae ge meunang didahar.)[20] Saur-Na deui, ”Anu matak najis teh anu kaluar ti jelema.[21] Sabab anu asal ti jero bijil kaluar mah kaluarna ti jero hate, nya eta rupa-rupa pikiran goreng anu mawa kana lampah tuna susila, maling, maehan,[22] ngaranyed, hawek, migawe rupa-rupa kajahatan, nipu, nyieun kaaeban, mitenah, dengki, gede hulu, teu bisa diwarah.[23] Ieu sipat-sipat jahat, kabeh bijilna ti jero hate, matak najis ka diri.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society