A A A A A

Kehidupan: [Keluarga]


Yohanes 15:12-13
[12] Kieu parentah Kami teh: Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh.[13] Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.

1 Timotius 5:8
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.

Ef 6:4
Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.

Amsal 27:10
Ulah sok poho ka sobat, kitu deui ka sobat bapa. Waktu keur meunang kasusah, teu kudu menta tulung ka dulur. Tatangga deukeut leuwih bisa nulung ti batan dulur nu jauh.

Matius 12:48-50
[48] ”Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?[49] Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!” waler Yesus nunjuk ka murid-murid-Na.[50] ”Sing saha anu ngalampahkeun pangersa Rama Kami nu di sawarga, eta dulur Kami awewe lalaki jeung ibu Kami.”

Matius 19:18-19
[18] ”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,[19] sing hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.”

Kolose 3:13
Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.

Galatia 6:10
Ku sabab eta, saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.

1 Korintus 15:33-34
[33] Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.”[34] Pake pikiran sehat, geura eureun tina lampah doraka. Kudu arera, di aranjeun aya anu teu nyaraho ka Allah.

Amsal 18:24
Loba sobat nu teu awet, aya oge nu satia leuwih ti dulur sorangan.

Mazmur 133:1
Lagu paranti jarah ti Daud. Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!

Amsal 17:17
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?

Amsal 22:6
Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.

Keluaran 20:12
Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.

Yosua 24:15
Upama maraneh embung nyembah ka Mantenna, puguhkeun poe ieu keneh rek milih ngabakti ka saha, naha rek ngabakti ka aallahan anu disarembah ku karuhun maraneh di Mesopotami, atawa rek ngabakti ka sesembahan urang Emor, anu tanahna ayeuna diandih ku maraneh. Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”

Amsal 12:26
Jalma bener jadi tuduh jalan ka nu sejen, demi nu jahat mah sabalikna, sok nyasabkeun ka batur.

Ulangan 6:6-7
[6] Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun.[7] Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.

Yesaya 49:15-16
[15] Ku sabab kitu PANGERAN ngawaler, ”Ari indung naha sok pohoeun ka orokna? Naha sok teu nyaaheun ka anak tegesna? Tapi najan aya ge indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.[16] Kami hamo bisa poho ka maneh, eh Yerusalem! Ngaran maneh ku Kami geus ditulis dina dua dampal panangan.

Mazmur 103:17-18
[17] Tapi ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng, sarta kasaeana-Na tumuluy ka sakabeh turunan,[18] jalma-jalma anu nyekel jangji Mantenna, jeung anu gumati kana timbalana-Na.

Amsal 17:6
Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana.

Mazmur 127:3-5
[3] Anak teh kurnia ti PANGERAN, eta teh ganjaran sajati.[4] Anak lalaki anu lahir waktu bapana ngora keneh, eta lir jamparing anu dicangking ku prajurit.[5] Bagja jalma, anu loba boga jamparing saperti kitu, mun tepung jeung musuh di pangadilan, manehna moal kasoran.

Amsal 17:9
Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.

Amsal 6:20
Anaking, lampahkeun papatah Bapa, tuturkeun pitutur indung.

Amsal 27:6
Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna. Sabalikna lamun musuh ngarangkul, urang kudu curiga.

1 Korintus 15:33
Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.”

Amsal 23:24
Jadi bapana jelema bener mah pantes rek ngarasa bagja oge. Anak anu bijaksana, matak agul anu jadi bapa.

1 Raja 8:57
Mugia PANGERAN Allah urang nyarengan sakumaha geus nyarengan ka karuhun urang, henteu ngantunkeun.

Lukas 11:13
Sakumaha jahatna maraneh, tangtu nyaho naon nu hade bikeuneun ka anak! Komo deui Rama maraneh nu di sawarga mah! Mantenna tangtu maparinkeun Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna.”

Amsal 23:15
Anaking, mun hidep bijaksana, Bapa teh bungah.

Mazmur 55:12-14
[12] Di mana-mana ruksak, jalan-jalan pinuh ku tukang ngagencet jeung tukang nipu.[13] Saleuheung lamun anu ngahina teh musuh, kaula kuat nangankeun saleuheung lamun anu nyombong ka kaula teh lawan, kaula bisa nyingkir, nyumput ti manehna.[14] Ieu mah nu kitu teh anjeun pisan, batur sorangan, batur rerentetan, sobat dalit;

Amsal 27:17
Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society