A A A A A

Kehidupan: [Menemukan Cinta]


Yohanes ৩:১৬
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

1 Yohanes ৪:৮
Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.

Yohanes 15:3
Maraneh geus diberesihan ku pangajaran anu diwurukkeun ku Kami.

1 Korintus ১৩:১৩
Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.

1 Petrus 4:8
Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.

1 Yohanes 4:7
Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah.

1 Korintus ১৩:৪-৮
[৪] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[৫] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[৬] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[৭] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.[৮] Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.

Ef ৫:২৫
Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja.

1 Yohanes 4:19
Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.

Roma ৫:৮
Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

Yohanes 14:15
”Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami.

1 Yohanes ৪:১০
Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.

Kolose ৩:১৪
Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.

1 Korintus ১৬:১৪
Sakur anu dilampahkeun ulah tinggal ti kanyaah.

2 Timotius ২:২২
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.

1 Yohanes 4:16
Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna.

Yohanes 17:24
Ama! Eta jalmi-jalmi ku Ama parantos dipaparinkeun ka Abdi. Kahoyong mah maranehna sing araya di tempat Abdi, sina naringal kamulyaan Abdi anu ti Ama tea, tawis mikaasih ka Abdi ti memeh dunya diadegkeun.

Yohanes ১৩:৩৫
Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”

Matius ৫:৪৩-৪৮
[৪৩] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ[৪৪] Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,[৪৫] supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas.[৪৬] Ari nyaah ngan ka nu mikanyaah bae mah atuh lampah maraneh teh naon anu pantes dibales ku Pangeran? Nyaah ka nu nyaaheun mah tukang mulung pajeg oge osok.[৪৭] Daek someah ka babaturan wungkul mah naon luar biasana? Nu teu nyarahoeun ka Allah ge semet kitu mah geus biasa.[৪৮] Maraneh mah kudu sing sampurna, sakumaha Rama maraneh nu di sawarga sampurna.”

1 Korintus 13:1-3
[1] Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.[2] Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.[3] Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.

Roma 13:8
Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.

1 Yohanes ৪:৭-৮
[৭] Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah.[৮] Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.

1 Yohanes 3:1
Coba lenyepkeun, kumaha asihna Rama ka urang! Kacida mikaasihna teh, nepi ka urang disebat putra-putra-Na, putra-putra Allah. Kaayaan urang kieu teh dunya mah teu nyahoeun, da teu wawuheun ka Allah.

Lukas ৬:৩৫
Ulah kitu! Ka musuh kudu nyaah, kudu daek mere kahadean ka maranehna; ari mere nginjeum ulah bari ngarep-ngarep pulang deui. Lamun barisa kitu, gede piganjaraneun maraneh, tur bakal pijadieun putra-putra Allah Nu Maha Agung. Sabab Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah.

Roma 12:10
Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan.

Matius 6:24
”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.

Roma 13:8-10
[8] Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.[9] Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[10] Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur. Ku sabab kitu, nyaah ka batur teh nedunan sakabeh parentah Hukum Agama.

1 Korintus 13:2
Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.

Imamat 19:18
Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN.

Amsal 10:12
Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.

Kejadian 2:24
Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

2 Timotius 3:16
Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpaʼat pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,

Amsal 18:22
Nu boga pamajikan teh estu jelema bagja. Eta teh rahmat PANGERAN.

Matius 6:33
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Mazmur 12:6-7
[6] Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ayeuna keneh Kami rek datang, karunya ka nu dikaniaya, kana jeritna kanyeri nu dikakaya, sina talengtrem nu jadi harepanana.”[7] Jangji PANGERAN bisa dipercaya kabeh murni lir perak beunang nguji tujuh kali dina parapen.

2 Korintus 6:14
Kade ulah bareng baranggawe jeung anu henteu palercaya ka Allah, da moal aya beubeunanganana. Mana bisa nu bener ngahiji jeung nu teu bener. Mana bisa caang ngahiji jeung poek.

Matius 19:5
Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ

Roma 4:22
Nya ku eta kapercayaanana pang anjeunna ”diangken jelema bener ku Allah” teh.

Wahyu 22:19
Jeung saha bae anu ngurangan ucapan nubuat ieu kitab, buah tangkal kahirupan bagianana ku Allah bakal dicandak jeung teu meunang aya di Kota Suci nu kaungel dina ieu kitab.

Amsal 27:22
Nu gejul mah diteunggeulan satengah paeh ge angger bae gejul.

Yesaya 28:25
Tangtu lahanna teh dirarata heula, kakara diawuran ku sisikian kayaning hades, jinten. Ari binih tarigu jeung hanjeli, eta mah melakna dijajar-jajar. Turut-turut sisi kebonna dipelakan bibinihan lianna.

Keluaran 30:34
PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Maneh kudu nyieun deui arum-aruman, bahanna menyan putih, onik, getah rasamala arum, jeung dupa anu tulen, masing-masing lobana kudu sarua.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society