A A A A A

Kehidupan: [Puasa]


1 Korintus ๗:๕
Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu.

2 Samuel 1:12
Kitu jeung kitu bae jeung henteu bararang dahar nepi ka burit, nalangsa ku anu geus kasambut di pangperangan tur sakitu lobana: Saul, Yonatan, jeung bangsa Israil, umat PANGERAN.

Kisah Para Rasul 13:2
Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, ”Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.”

Kisah Para Rasul ๑๔:๒๓
Di unggal jamaah aranjeunna ngangkat pamingpin; sanggeus dipuasaan jeung dipangnedakeun, eta pamingpin-pamingpin dititipkeun ka Gusti anu jadi pananggeuhanana.

Daniel ๑๐:๓
Teu dahar nu ngeunah-ngeunah, teu dahar daging, teu nginum anggur, teu nyisiran, nepi ka tutup tilu minggu.

Ester 4:16
”Enggal tepangan sadaya urang Yahudi anu araya di Susan. Wartoskeun kedah paruasa muasaan abdi. Ulah dalahar nginum salebet tilu dinten siang wengi. Abdi oge sareng dayang-dayang sadaya tangtos puasa. Saparantos eta abdi bade ngadeuheus ka raja, sanaos baris ngalanggar undang-undang. Saupami abdi dugi ka tiwas, abdi iklas kabina-bina.”

Keluaran 34:28
Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun.

Yoël 2:12
PANGERAN nimbalan, ”Tapi ayeuna keneh geura tarobat sing bener, geura baralik deui ka Kami, kalawan puasa jeung midangdam.

Lukas 2:37
***

Lukas ๑๘:๑๒
Sim kuring mah sok puasa saminggu dua kali, sareng sok nyanggakeun perpuluhan tina sagala pangasilan sim kuring.ʼ

Nehemia ๑:๔
Meunang beja kitu, brek sim kuring diuk bari ceurik. Meunang sababaraha poe sim kuring teu dahar-dahar acan, prihatin teu leungit-leungit. Seug neneda ka Allah,

Mazmur 69:10
Kacintaan abdi ka Bait Gusti lir seuneu ngarerab hate; pamoyok anu dibaledogkeun ka Gusti, keunana ka abdi.

Mazmur 35:13-14
[13] Tapi waktu maranehna garering, kaula teh nepi ka dibaju karung, dahar ge teu hayang, bari mangnedakeun mani ngelukkeun sirah.[14] Teu beda ti mangnedakeun nu jadi sobat, atawa dulur pet ku hinis; dibarung ku melang liwat saking, melang ibarat ka indung sorangan.

Yoël ๒:๑๒-๑๓
[๑๒] PANGERAN nimbalan, ”Tapi ayeuna keneh geura tarobat sing bener, geura baralik deui ka Kami, kalawan puasa jeung midangdam.[๑๓] Tembongkeun yen hate maraneh rakacak ku rasa kaduhung, teu cukup ku nyosoeh pakean.” Geura baralik deui ka PANGERAN, Allah maraneh, Mantenna bageur jeung karunyaan, sabar sarta pengkuh kana jangji, salilana kersa maparin hampura, moal ngahukum.

Kisah Para Rasul 13:3-4
[3] Sabada paruasa jeung neneda, Barnabas jeung Saulus ditumpangan panangan ku aranjeunna tuluy diutus.[4] Barnabas jeung Saulus anu diutus ku Roh Suci arangkat ka Seleukia, ti dinya terus balayar ka pulo Siprus.

Daniel ๙:๓-๕
[๓] Kaula jumerit ka Gusti Allah, sasambat, puasa, make papakean karung, diuk dina lebu.[๔] Sagala dosa bangsa kaula diunjukkeun ka PANGERAN, Allah panutan kaula. Kieu piunjuk kaula, ”Nun Allah, Gusti Nu Agung! Abdi sadaya hormat ka Gusti. Gusti tigin kana jangji, satia asih ka nu nyaraah ka Gusti, tur ngestokeun kana sugri timbalan Gusti.[๕] Abdi sadaya rumaos dosa, jahat, lepat lampah. Parantos mungpang kana timbalan, baha kana aturan-aturan Gusti anu leres.

2 Samuel 12:15-17
[15] Sanggeus nyarios kitu Natan mulih. Sanggeus kitu, eta murangkalih anu ti Batseba bojo Uria teh ku PANGERAN dikeunaan kasakit parna kacida.[16] Daud neneda ka Allah, sasambat supaya eta murangkalih cageur. Daud nepi ka teu kersa tuang-tuang acan. Ari ti peuting sok ngerem anjeun di kamarna bari ngagoler dina lante.[17] Para pajabat karaton marek, bari nunuhun supaya anjeunna kersa lugay. Tapi teu kersaeun bae, jeung weleh teu kersaeun tuang.

1 Raja 21:25-27
[25] Wantu-wantu taya deui anu nyucudna saperti Ahab, nepi ka kagembang ku kajahatan, midamel gorengna ka PANGERAN taya papadana, dumeh kaangsonan ku Isebel garwana.[26] Dosa anjeunna kacida ngerakeunana, ngabakti ka arca-arca cara adat urang Emor baheula, anu ku PANGERAN geus ditundung ti eta tanah basa urang Israil rek arasup ka dinya.)[27] Anggeus Elias ngalahir, Ahab nyosoeh anggoanana bari tuluy dicuculan diganti ku karung. Teu kersa tuang, kulemna ge disasarap ku karung, alum liwung pinuh kaduhung.

Lukas ๔:๒-๔
[๒] Di gurun keusik digoda ku Iblis lilana opat puluh poe, sapanjang kitu henteu barangtuang naon-naon. Sanggeus waktu eta tutup Anjeunna ngaraos lapar.[๓] Ceuk Iblis ka Anjeunna, ”Lamun Anjeun Putra Allah, eta batu piwarang jadi roti.”[๔] Tapi waler Yesus, ”Ceuk Kitab Suci, ʼManusa moal bisa hirup ku roti wungkul.ʼ ”

Ezra 8:21-23
[21] Di sisi Walungan Ahawa sim kuring ngajak dulur-dulur paruasa jeung ngarendahkeun diri di payuneun Allah, seja neneda ka Mantenna, sangkan sim kuring jeung dulur-dulur katut barudak kitu deui babawaan ditangtayungan di jalan.[22] Arek nyuhunkeun dikawal ku hiji pasukan kuda teh bisi di jalan diganggu musuh, sim kuring isin ku raja, lantaran ka anjeunna geus micatur yen Allah urang tangtu nyarengan ka sakur anu ngandel ka Mantenna, sarta tangtu ngahukum ka sakur anu mungkur ti Mantenna.[23] Prak sim kuring jeung dulur-dulur paruasa, sarta neneda ka Allah nyuhunkeun ditangtayungan. Ku Mantenna dikabul.

Matius 6:16-18
[16] ”Jeung ari keur puasa ulah nyaleuy-nyaleuy beungeut kawas anu marunapek, paruasana teh nyiri-nyirikeun maneh ngarah kanyahoan puasa. Nya anu jadi ganjaranana oge eta, sakitu-kituna.[17] Maraneh mah ari keur puasa anggur kudu sibeungeut, buuk sisiran sing luis,[18] ngarah ulah kaciri ku batur yen keur puasa, sina kauninga ku Rama maraneh bae wungkul nu teu katenjo. Mantenna tangtu ngaganjar, da uningaeun sanajan puasana ngaririkip maneh oge.”

Yesaya ๕๘:๓-๗
[๓] Ceuk jelema-jelema, ”Jang naon puasa ari ku PANGERAN henteu dipirosea mah? Jang naon ngosongkeun beuteung ari ku Mantenna henteu dipalire?” Dawuhan PANGERAN, ”Saenyana maraneh paruasa teh ngan pikeun ngudag kapentingan pribadi bae, ka nu karuli ge nepikeun ka ngagencet.[๔] Maraneh mah paruasa teh kalah jadi kasar adat jeung cekcok nepi ka garelut. Dikira ku puasa kitu Kami daek ngadengekeun paneda maraneh?[๕] Paruasa mani ngariripuh maneh, mani ngulahekkeun sirah kawas daun jukut ngulapes, ngedeng dina karung diamparan lebu. Nu kitu anu ku maraneh disebut puasa teh? Dikira Kami resep kana cara siga kitu?[๖] Puasa pamenta Kami mah kieu: Kudu daek nulung batur. Mun batur meunang kateuadilan nepi ka jadi bangbaluh hatena, leupaskeun.[๗] Sing daek mere ka nu kalaparan, daek ngarapek semah miskin anu teu bogaeun imah, daek makean ka nu rudin, daek ngabantu ka dulur atawa ka baraya.

Yunus 3:5-9
[5] Urang Ninewe palercaya kana eta pesen PANGERAN. Maranehna mutuskeun yen kabeh kudu puasa, sakabeh jelema, ti nu pangmulyana nepi ka nu panghinana sarta kudu marake baju karung, nandakeun pertobat.[6] Barang raja Ninewe ngadenge eta perkara, neut cengkat tina tahtana, tuluy nyosoeh jubahna, diganti ku baju karung, tuluy diuk dina lebu.[7] Geus kitu anjeunna ngaluarkeun bewara ka sakumna rahayat Ninewe, ungelna, ”Ieu parentah raja jeung para gegedenna: Jalma-jalma, sapi, domba, teu meunang aya nu dahar naon-naon, teu meunang dahar, teu meunang nginum.[8] Jalma-jalma kabeh kudu marake baju karung. Sasatoan oge kudu dipakeanan karung. Saban jalma kudu sasambat ka Allah masing enya-enya pisan, sarta kudu miceun adat nu goreng, nyegah lampah nu jahat.[9] Muga-muga Allah robah manah sarta bendu-Na leler, supaya urang ulah paraeh!”

Lukas 18:1-12
[1] Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil ka murid-murid, pikeun ngajar supaya maranehna salawasna rajin neneda jeung ulah leutik hate.[2] Kieu saur-Na, ”Di hiji kota aya hiji hakim anu teu sieuneun ku Allah jeung teu padulian ka batur.[3] Di kota eta keneh aya hiji randa anu ngan pulang-anting bae ka eta hakim, menta dibelaan perkarana, pokna, ʼTulungan abdi mayunan lawan!ʼ[4] Lila eta hakim teh embungeun ngadenge pamentana, tapi tungtungna ceuk hatena, ʼNajan aing teu sieun ku Allah jeung teu padulian ka batur ge,[5] tapi ku sabab ieu randa kacida ngagangguna, keun ku aing rek dibela, sabab lamun henteu manehna bakal datang deui, datang deui, musingkeun aing!ʼ ”[6] Saur-Na deui, ”Tengetan omongan eta hakim anu teu bener teh![7] Ku sabab kitu, naha enya Allah moal kersaeun ngabelaan ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambat pitulung-Na? Naha enya bakal talangke nulungan ka umat-Na?[8] Sing percaya: Mantenna bakal gancang ngabela perkara maranehna. Tapi engke dina waktu Putra Manusa sumping, naha bakal mendak jelema anu percaya di ieu bumi?”[9] Yesus nyarioskeun deui ieu misil, pikeun jelema-jelema anu ngarasa dirina sorangan jelema hade, ari ka nu lian ngahandapkeun.[10] Kieu misil-Na: ”Hiji mangsa aya dua jelema arindit ka Bait Allah rek neneda; nu saurang urang Parisi, nu saurang deui tukang mulung pajeg.[11] Urang Parisi nangtungna misah, nenedana kieu, ʼNun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah. Sim kuring muji sukur lantaran henteu sapertos itu, tukang mulung pajeg.[12] Sim kuring mah sok puasa saminggu dua kali, sareng sok nyanggakeun perpuluhan tina sagala pangasilan sim kuring.ʼ

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society