A A A A A

Kehidupan: [Etika]


Kisah Para Rasul 2:38
Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.

Kolose 3:17-23
[17] Lamun aranjeun keur nganuhunkeun ka Allah Rama, boh nu dilampahkeun boh nu diucapkeun, kudu kalawan asmana Gusti.[18] Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus.[19] Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.[20] Barudak umat Kristus, maraneh salawasna kudu nurut ka kolot. Budak nu nurut ka kolot bakal diasih ku Allah.[21] Kolot-kolot ulah nganyenyeri hate anak, bisi anak reuntas hatena.[22] Para badega dina sagala rupa kudu ngesto ka dunungan anu di dunya, saregep teh ulah ngan keur di hareupeunana pedah hayang kaalem. Ngawula teh kudu ku karana iklas jeung ku karana isin ku Gusti.[23] Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.

Ulangan 23:17
Urang Israil lalaki awewe ulah aya anu lacur di kuil-kuil pamujaan,

Pengkhotbah 9:10
Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.

Yohanes 16:13
Tapi engke, lamun Roh tea geus sumping, maraneh bakal ditungtun sangkan nyaraho kana sagala hal anu saestu, sabab Anjeunna bakal nganyatakeun hal Allah anu saestu-estuna. Anu bakal disaurkeun ku Anjeunna lain pilahir-Na ku anjeun; anu bakal disaurkeuna-Na teh hal-hal anu geus kadangu ku Anjeunna bae, sarta maraneh ku Anjeunna bakal dibere nyaho naon-naon anu baris kajadian engke.

Imamat 19:2
pikeun sakumna urang Israil, ”Kudu beresih lampah. Sabab Kami PANGERAN Allah maraneh, suci.

Imamat 19:13-18
[13] Ulah miboga atawa ngarampas barang batur. Ulah nunda kulian jelema anu buburuh, ulah dipeutingkeun nepi ka isukna.[14] Ulah nyumpahan ka jelema torek, ulah ngajailan anu lolong neundeun tatajongeun dina jajalaneunana. Sing sieun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh.[15] Mun mutus perkara sah kudu jujur, kudu nurutkeun kumaha perkara nu sabenerna, ulah dumeh watir ka nu miskin atawa serab ku nu beunghar,[16] ulah bari ngagogoreng ngupat batur. Jeung lamun aya jelema kaancam hirupna teh belaan, terangkeun halna nu saenyana kumaha, malak mandar panyaksi maneh jadi pitulung. Kami teh PANGERAN.[17] Lamun keur pasalingsingan jeung batur ulah panas, mending ngelehan, ulah nepi ka matak jadi dosa ku hal manehna.[18] Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN.

Lukas 6:31
Pilampah ka batur lampah anu ku maraneh diharep malar batur oge milampah kitu ka maraneh.

Lukas 16:10
Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede.

Amsal 11:1-3
[1] PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.[2] Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.[3] Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna.

Amsal 19:1
Miskin oge ari jujur mah leuheung, ti batan nya gede bohong nya gejul.

Amsal 22:6
Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.

Amsal 25:21
Lamun musuh maneh kalaparan bere dahar, mun halabhab bere nginum,

Roma 1:26
Ku sabab kalakuanana karitu, ku Allah jadi diantep ngalajur napsuna anu hina. Nu awewe nyacapkeun napsu birahina lain ku cara anu lumrah.

Roma 2:1
Ari dulur-dulur osok nyalahkeun kalakuan batur? Inget, bisi aranjeun teu bisa hojah. Sabab lamun ka batur nyalahkeun tapi kalakuan sorangan saruana, eta sarua jeung nyalahkeun ka diri sorangan.

Matius 7:12-21
[12] Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.”[13] ”Kudu milih asup kana lawang nu sempit. Sabab lawang anu rubak mah brasna ka naraka, jalan ka dinya gampang, nu matak loba anu ka darinya.[14] Sabalikna lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik.”[15] ”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag.[16] Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.[17] Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.[18] Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.[19] Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.[20] Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna.”[21] ”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ʼGusti, Gusti!ʼ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.

Yohanes 13:34-35
[34] Ayeuna maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur.[35] Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”

2 Timotius 3:16-17
[16] Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpaʼat pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,[17] supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade.

Yehezkiel 16:49-50
[49] Adi maneh saanak-anakna awewe teh kamagungan, rasa maneh lubak-libuk ku hakaneun, rasa maneh aman taya pikahariwangeun, embung malire ka nu kekere, embung ha’at ka nu malarat,[50] sombong, bedegong. Ku Kami dibasmi. Maneh ge nyaho.

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

1 Korintus 6:9-11
[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,[10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.[11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.

Roma 13:8-10
[8] Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.[9] Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[10] Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur. Ku sabab kitu, nyaah ka batur teh nedunan sakabeh parentah Hukum Agama.

Yakobus 1:12-15
[12] Salamet jelema anu tabah ku gogoda, sabab sanggeusna tamat nahan eta gogoda, manehna bakal nampa ganjaran nya eta hirup anu sajati sakumaha jangji Allah ka sakur anu nyaah ka Mantenna.[13] Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ”Ieu cocoba teh ti Allah.” Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.[14] Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.[15] Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.

Markus 12:28-31
[28] Aya hiji guru agama milu ngadengekeun eta sual jawab. Ceuk anggapanana waleran Yesus ka urang Saduki teh keuna pisan. Pok manehna nanya kieu, ”Dupi parentah anu pangutamana, anu mana?”[29] Waler Yesus, ”Ieu anu pangutamana: ’Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal.[30] Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.’[31] Parentah pangutamana anu kadua: ’Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’ Taya deui parentah anu pangutamana salian ti ieu dua parentah.”

Lukas 10:10-28
[10] Tapi lamun di hiji kota pribumina arembungeun narima, papay sakabeh jalanna jeung celukkeun kieu,[11] ʼNajan sakeprul kekebul ieu kota anu nempel kana suku kaula, ku kaula dikirabkeun deui ka aranjeun! Ngan sing nyaraho, Karajaan Allah geus tereh ngadeg di aranjeun!ʼ[12] Sing percaya: Dina Poe Kiamat, Allah bakal leuwih welaseun ka nagara Sadumu jeung Gomora ti batan ka eta kota!”[13] ”Cilaka engke maneh, Korasin! Cilaka maneh, Betsaida! Lamun tea mah kaajaiban-kaajaiban anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana di Tirus jeung Sidon, ti bareto keneh oge urang dinya tangtu geus ngawuran maneh ku kekebul jeung marake baju karung nyirikeun tobat tina dosa-dosana.[14] Dina Poe Kiamat Allah malah bakal leuwih welaseun ka Tirus jeung Sidon ti batan ka maneh![15] Jeung maneh deui, Kapernaum! Baruk rek ngunggahkeun maneh ka sawarga? Maneh malah bakal dijongklokkeun ka naraka!”[16] Geus kitu Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Anu nurut ka maraneh, eta nurut ka Kami; anu teu ngaku ka maraneh, eta teu ngaku ka Kami; anu teu ngaku ka Kami, teu ngaku ka nu ngutus Kami.”[17] Tujuh puluh dua jelema anu diarutus tea geus marulang semu anu kacida barungaheunana. ”Gusti,” pihaturna, ”roh-roh jahat oge diparentah ku abdi-abdi kalayan nyebat jenengan Gusti teh tarunduk!”[18] Saur Yesus, ”Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.[19] Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kalajengking, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya anu bisa nyilakakeun ka maraneh.[20] Tapi ulah bungah ku dumeh roh-roh jahat nepi ka tarunduk ka maraneh; kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga.”[21] Waktu eta manah Yesus pinuh ku kabungah ti Roh Suci, pok ngalahir, ”Nun Ama Gustina langit sareng bumi! Abdi muji sukur, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun. Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh.”[22] Pilahir-Na deui, ”Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jelema-jelema anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama.”[23] Ti dinya sasaurana-Na teh ngan pikeun murid-murid-Na wungkul, kieu saur-Na, ”Maraneh kacida untungna geus narenjo perkara-perkara anu ayeuna geus nembrak ka maraneh![24] Kami ngabejaan, loba nabi jeung raja-raja anu harayangeun nenjo perkara anu geus katarenjo jeung kadarenge ku maraneh teh, tapi teu kalaksanakeun.”[25] Aya hiji guru Toret ngadoja kieu ka Yesus, ”Guru, lamun kaula hayang bisa hirup langgeng, kaula kudu kumaha?”[26] Waler Yesus, ”Kumaha ceuk Kitab Suci? Kumaha pamanggih anjeun tina hal eta?”[27] Tembalna, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sing sakuat-kuat jeung sabudi akal,ʼ jeung ʼKudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.ʼ ”[28] ”Bener kitu,” waler Yesus, ”pek eta lampahkeun, tangtu anjeun hirup.”

Ef 6:5-9
[5] Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.[6] Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.[7] Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.[8] Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.[9] Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.

1 Korintus 13:1-13
[1] Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.[2] Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.[3] Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.[4] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[5] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[6] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[7] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.[8] Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.[9] Sabab kanyaho jeung kamampuh bisa ngawejang anu dipaparinkeun ka urang teh tacan lengkep, tacan sampurna,[10] ku sabab kitu lamun anu sampurna geus datang, anu teu sampurna bakal leungit.[11] Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak. Ayeuna sanggeus kolot, sipat-sipat jeung kabiasaan budak teh dipiceun.[12] Anu ayeuna katingal ku urang teh lir kalangkang di jero eunteung, samar-samar. Engke mah anu katingal teh anu saenyana. Anu ayeuna sim kuring terang kakara saeutik, engke bakal terang ka anu lengkepna, sakumaha Allah oge lengkep uninga-Na ka sim kuring.[13] Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.

Roma 6:1-23
[1] Ari geus kitu urang rek kumaha? Arek terus hirup dina dosa supaya sih kurnia Allah tambah-tambah?[2] Tangtu bae moal kitu! Kapan urang teh geus maot tina dosa, piraku bisa keneh hirup dina dosa.[3] Aranjeun ge terang, yen waktu urang dibaptis supaya ngahiji jeung Kristus Yesus, eta urang dibaptis teh supaya maot jeung Anjeunna.[4] Jadi ku eta baptisan teh urang geus dikubur jeung Anjeunna, milu maot jeung Anjeunna, supaya sakumaha Kristus geus digugahkeun ku kakawasaan Rama anu mulya, urang oge bisa nyorang hirup anu anyar.[5] Ku sabab urang geus ngahiji jeung Kristus sarta maot bareng jeung Anjeunna, nya kitu keneh urang bakal dihudangkeun tina maot saperti Anjeunna, bakal hirup ngahiji jeung Anjeunna.[6] Sarta urang terang yen hirup urang anu heubeul geus paeh bareng jeung Kristus dina salib-Na, eta hirup anu pinuh ku dosa teh dilebur supaya henteu kajajah deui ku dosa.[7] Kapan ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa.[8] Ku sabab geus maot jeung Kristus, urang percaya yen hirup oge bakal bareng jeung Kristus.[9] Sabab urang terang Kristus geus digugahkeun tina maot, moal pupus deui, maot moal kawasa deui ka Anjeunna.[10] Maot anu disorang ku Kristus teh nya eta maot tina dosa, dosa moal kawasa deui ka Anjeunna; ayeuna Anjeunna hirup, jumeneng jeung Allah.[11] Aranjeun oge nya kitu, kudu ngarasa yen diri geus maot tina dosa, tapi geus hirup deui jeung Allah ku jalan Kristus Yesus.[12] Hirup aranjeun di ieu dunya ulah nepi ka kajajah deui ku dosa, anu temahna matak eleh ku hawa napsu sorangan.[13] Jeung ulah mikeun babagian diri jadi pakakasna dosa pikeun migawe kajahatan. Diri urang anu ku Allah geus dipindahkeun tina maot kana hirup teh anggur pasrahkeun ka Allah, sangkan dianggo pikeun ngalaksanakeun tujuan anu mulya.[14] Ulah ngadunungan kana dosa, sabab hirup aranjeun lain dibawah ku Hukum Agama Yahudi, tapi dibawah ku kurnia Allah.[15] Saterusna kudu kumaha? Naha meunang urang nyieun dosa deui pedah geus diereh ku sih kurnia Allah, lain diereh ku Hukum Agama deui? Ulah![16] Urang terang, jelema anu kumawula kudu ngawula kana parentah nu dikawulaan, boh ngawula kana dosa anu temahna maot, boh ngawula ka Allah anu ngalantarankeun bisa diangken deui ku Mantenna.[17] Puji sukur ka Allah! Aranjeun anu bareto ngawula kana dosa, ayeuna geus narima sarta ngajaralankeun eusi pangajaran anu bener.[18] Aranjeun geus dileupaskeun tina dosa, geus jaradi kawula perkara nu bener. ([19] Ku sabab pangarti aranjeun kurang, nu matak sim kuring make conto nu kumawula, supaya kaharti.) Bareto aranjeun sagemblengna jaradi kawula perkara-perkara anu kotor jeung jahat. Ayeuna oge kitu kudu gembleng jadi kawula, tapi ayeuna mah jadi kawula perkara-perkara nu bener, anu tujuanana mulya.[20] Keur waktu jadi kawula dosa, aranjeun henteu ngawula kana pangersa Allah.[21] Naon kauntungan aranjeun tina eta kalakuan, anu ayeuna mah aranjeun era lamun ngalampahkeun? Balukarna taya lian ti maot![22] Ayeuna aranjeun geus leupas tina dosa, geus ngawula ka Allah. Kauntunganana nya eta ayeuna mah hirup aranjeun diabdikeunana ngan ka Mantenna, anu bakal mawa kana hirup anu langgeng.[23] Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.

Matius 19:1-30
[1] Sanggeus nyarios kitu Yesus angkat ti Galilea ka daerah Yudea peuntaseun Walungan Yordan.[2] Nu naluturkeun loba pisan, sarta anu gareringna ku Anjeunna dicalageurkeun di dinya.[3] Aya urang Parisi anu nyalampeurkeun ka Anjeunna rek ngadoja, nyual kieu, ”Ari Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun bojona ku lantaran naon bae?”[4] Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?[5] Jeung Allah nimbalan, ʼKu hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.ʼ[6] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”[7] Ceuk urang Parisi, ”Geuning Musa ngayakeun aturan yen lalaki kudu mere surat talak ka pamajikanana anu diserahkeun?”[8] Waler Yesus, ”Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.[9] Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed.”[10] Ari ceuk murid-murid ka Anjeunna, ”Upami antawis salaki sareng pamajikan kitu sualna mah atuh langkung sae henteu kawin.”[11] Waler Yesus, ”Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.[12] Sababna jelema teu bisa kawin teh rupa-rupa, aya nu geus perbawa ti barang lahir, aya anu dilantarankeun ku pada jalma nepi ka teu bisa kawin, aya oge anu ku tekadna sorangan ngarah lugina kumawulana ka Allah. Anu bisa narima ieu pangajaran, pek lampahkeun kitu.”[13] Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus sina ditumpangan panangan jeung didungakeun ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.[14] Saur Yesus ka murid-murid, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.”[15] Ti dinya barudak teh ditumpangan panangan jeung didungakeun. Geus kitu Anjeunna angkat ti dinya.[16] Dina hiji poe aya budak ngora datang ka Yesus. ”Pa Guru,” carekna, ”lampah kumaha anu sae, anu kedah dilakonan ku abdi supados tiasa kenging hirup langgeng?”[17] Waler-Na, ”Ku naon nanyakeun mana nu hade? Nu hade mah ngan Hiji. Ari hayang bisa meunangkeun hirup mah lampahkeun bae parentah-parentah Allah.”[18] ”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,[19] sing hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.”[20] ”Eta mah parantos dilakonan,” ceuk eta budak ngora. ”Kedah kumaha deui?”[21] Waler-Na, ”Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa.”[22] Dipiwarang kitu teh eta budak ngora balikna nguyung, sabab loba pisan harta bandana teh.[23] Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Memang kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga teh.[24] Sakali deui, ceuk Kami kacida hesena jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga, leuwih hese ti batan onta moncor kana liang jarum.”[25] Ngadarenge kitu teh murid-murid mani arolohok, tuluy naranya, ”Upami kitu mah atuh saha nu tiasa salamet?”[26] Yesus neuteup ka maranehna, geus kitu saur-Na, ”Mustahil soteh ceuk manusa, keur Allah mah teu aya nu mustahil.”[27] Pihatur Petrus, ”Tingali! Abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, ngiring ka Bapa. Bakal kenging naon?”[28] Waler-Na, ”Sing percaya, engke dina Jaman Anyar, sarta Putra Manusa geus linggih dina tahta kamulyaana-Na, maraneh oge, dua welas urang panganut Kami bakal ngadiukan tahta, marentah ka dua welas kaom Israil.[29] Jeung sing saha anu iklas najan kudu pisah ti imah, ti dulur lalaki, ti dulur awewe, atawa ti bapa, ti indung, ti anak, atawa ninggalkeun rajakaya lantaran leuwih beurat ka Kami, ganjaranana bakal saratus kalieun jeung diganjar hirup langgeng.[30] Tapi nu ayeuna ti hareula, loba nu bakal jadi pandeuri. Anu ayeuna pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula.”

Kejadian 19:1-38
[1] Wanci sareupna, dua malaikat tea geus sarumping ka Sadumu. Waktu eta Elut keur calik-calik di gapura nagara, tempat nu lalar liwat. Ningali aya nu sumping teh geuwat cengkat tuluy mapagkeun. Anjeunna sujud payuneun tamu,[2] tuluy miunjuk, ”Juragan-juragan, mugi sindang ka rorompok, sim kuring sumeja ngalalayanan. Wengi ieu sae karulem di abdi bae, cai kanggo wawasuh sampean mah sayagi. Enjing nembe lajeng deui.” Waler tamu, ”Nuhun, kami mah rek meuting di alun-alun bae.”[3] Tapi bawaning ku dikeukeuhan, aranjeunna terus ngariring ka bumi Elut. Terus dituangkeun, katuanganana bangsa anu raraos.[4] Barang tamu-tamu rek karulem, burubul urang Sadumu dararatang ngepung bumi Elut, mani pinuh, boh nu kolot boh nu ngora.[5] Breng tinggorowok ka Elut, ”Mana eta jelema-jelema anu keur meuting di dinya? Kaluarkeun, arek dijima ku kabehan!”[6] Elut kaluar, panto ditutupkeun.[7] ”Dulur-dulur!” saurna. ”Ulah kitu ka tatamu, teu hade.[8] Kieu bae. Kuring boga anak awewe dua, parawan keneh. Pek bae rek dikitu rek dikieu oge, asal ulah ka tatamu. Tamu kuring eta teh, wajib ku kuring dibelaan.”[9] ”Halik silaing, urang deungeun! Jadi naon di dinya teh wani-wani mamagahan ka kami? Halik, bisi beak disasaak!” ceuk maranehna bari ngadorong Elut, rek ngaruksak panto.[10] Geuwat Elut ku tamuna dibedol ka jero, pantona terus ditulakan.[11] Ari jelema-jelema nu di laluar ku aranjeunna dijieun lalolong, sina talag-tolog teu bisa neangan panto.[12] Saur tamu ka Elut, ”Maneh boga baraya di dieu? Maneh kudu kaluar ti ieu nagara. Anak minantu, kitu deui baraya nu sejen-sejenna arajak.[13] Ieu nagara sakeudeung deui baris dibasmi ku kami. Rumahuhna jelema-jelema ku karana ieu nagara geus kadangu ku PANGERAN, sarta kami diutus ku Mantenna kudu ngabasmi ieu nagara.”[14] Ti dinya Elut nepangan pimantueunana nu duaan, saurna, ”Ujang, buru-buru urang kalaluar ti dieu, sabab ieu nagara sakeudeung deui rek dibasmi ku PANGERAN.” Tapi ceuk pamikir pimantueunana tangtuna oge eta mah ukur lulucon.[15] Wanci subuh, malaikat ngageugeuwat ka Elut, saurna, ”Buru-buru! Anak pamajikan bawa kaluar ti dieu, gancang, bisi kabawa cilaka jeung ieu nagara.”[16] Tapi Elut kaleked pisan, tungtungna anjeunna saputra garwa dikekenyang dicandak kaluar ti jero nagara, bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna. Sanggeus aya di luareun nagara, terus ditilar.[17] Saur malaikat nu saurang ka Elut, samemeh nilarkeun, ”Gancang ka ditu lumpat, supaya salamet. Ulah nyoreang ka tukang, jeung ulah eureun di lebak. Kudu terus ka pagunungan, supaya teu milu musna.”[18] Tapi saur Elut, ”Sanes kitu, Juragan![19] Leres Juragan teh sakitu mikarunya ka abdi. Juragan kalintang saena, kersa nyalametkeun ka abdi. Nanging pagunungan teh sakitu tebihna. Samemeh tepi ka ditu oge tangtos abdi-abdi paeh manten kaudag ku eta kacilakaan.[20] Kumaha upami ka kota nu itu bae, kota leutik? Ka dinya mah tangtos kabujeng da teu sabaraha tebihna. Ku Juragan ge katingali kotana alit. Widian ka dinya bae, supados abdi-abdi salamet.”[21] Walerna, ”Heug. Eta kota ku kami moal milu dibasmi.[22] Geuwat, lumpat sing tarik! Kami moal waka bisa nanaon samemeh maneh nepi ka dinya.” Ku sabab ku Elut disebut leutik, eta kota dingaranan Soar.[23] Wanci meletek panonpoe, Elut geus dugi ka Soar.[24] Ti dinya PANGERAN ngaragragkeun hujan walirang hurung ti langit, ka nagara Sadumu jeung Gomora.[25] Eta dua nagara katut salegana lebak ku PANGERAN dibasmi. Jelema-jelemana kitu deui sagala tutuwuhan di eta nagara katut daerahna beak teu aya nu ngari.[26] Ari istri Elut anggur ngalieuk ka tukang, sarta harita keneh jleg bae ngajadi tihang uyah.[27] Poe isukna, poek keneh, Ibrahim gagancangan muru ka tempat kamari sasarengan jeung PANGERAN tea,[28] seja nempo Sadumu jeung Gomora kitu deui lebak. Ana breh teh salegana tanah mani mulek ku haseup, tingpeledug lir bijil tina liang pameuleuman anu pohara gedena.[29] Sajeroning Allah ngabasmi eta dua nagara katut tanah lebak lemparna, manahna tetep mikaemut ka Ibrahim, sarta ku karana eta Mantenna ngawidian Elut salamet kaluar ti dinya.[30] Ku sabab teu wantun cicing di Soar, Elut ngalih ka pagunungan jeung dua putrana, ngadon matuh di hiji guha.[31] Hiji poe, ceuk putra nu kolot ka raina, ”Ama geus sepuh. Heug di dieu taya pisan lalaki. Atuh urang teh moal aya anu ngawin cara galibna di dunya supaya boga anak.[32] Urang kieu bae: Ama urang sina mabok, sina ngagaulan ka urang, supaya ti Ama boga anak.”[33] Peuting eta Elut ku putra-putrana dihaturanan leueuteun anggur nepi ka mabok, tuluy pagaul jeung putrana nu cikal. Tapi teu uningaeun yen kikituan jeung putrana, kawantu mabokna pohara.[34] Poe isukna, ceuk nu cikal ka adina, ”Tadi peuting, aceuk anu digarap ku Ama. Peuting engke giliran nyai. Amana urang sina mabok deui. Supaya urang pada-pada boga anak ti Ama.”[35] Tuluy ramana dimabokan deui, sarta peutingna Elut pagaul jeung putrana nu kadua. Tapi teu uningaeun yen kikituan, lantaran mabokna pohara deui bae.[36] Ti dinya putrana duanana ngarandung ti ramana keneh.[37] Anu cikal, anakna lalaki, dingaranan Moab, anu engkena jadi karuhun bangsa Moab kiwari.[38] Ari adina, anakna sarua lalaki, dingaranan Ben Ami, anu engkena jadi karuhun bangsa Amon.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society