A A A A A

Kehidupan: [Berolahraga]


Lukas 22:25
Yesus ngalahir, ”Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ʼSobat Rahayatʼ.

Wahyu 13:12
seug make sagala kakawasaan sato anu kahiji di hareupeunana, maksa sakumna pangeusi jagat nyarembah ka sato anu kahiji anu raheut cageur deui tea,

Matius 20:25
Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.

Markus 10:42
Ku sabab kitu Yesus ngalahir ka sarerea, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu wawuh ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpin-pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.

Yeremia 9:24
Lamun hayang aya agulkeuneun, kudu agul teh lamun wawuh ka Kami, sarta ngarti kana pangersa Kami. Sabab kanyaah Kami taya watesna, sarta Kami salawasna midamel nu bener jeung nu saenyana. Nya kalakuan kitu karesep Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”

Kolose 2:23
Sigana bae alus soteh, ngajurung jelema muja ka malaikat-malaikat, siga enya ngajurung handap asor, jeung nitah nyiksa maneh, da pikeun ngadalian hawa napsu mah eta aturan teh taya kakuatanana naon-naon.

Ibrani 5:14
Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.

1 Petrus 5:2
Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.

Yehezkiel 22:29
Nu hianat jeung nu rarampog nerekab. Nu balangsak diteungteuinganan, urang asing bandana dirampas.

Matius 8:9
Abdi oge nu jadi bawahan saluhureun, upami nitah, ʼIndit!ʼ ka hiji prajurit, tangtos eta prajurit indit. Upami sanggem abdi, ʼKa dieu!ʼ tangtos nyampeurkeun. Upami sanggem abdi ka gandek, ʼIeu pigawe!ʼ tangtos dipigawe.”

1 Timotius 4:8
Olah raga aya gunana keur badan, ari latihan batin mah gunana kana sagala perkara, nungtun kana hirup di dunya jeung di aherat.

1 Korintus 6:19-20
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Filipi 4:13
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.

1 Korintus 10:31
Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.

2 Timotius 2:5
Olahragawan moal jadi juara lamun henteu tunduk kana katangtuanana.

1 Timotius 2:12
ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.

Amsal 31:17
Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.

Roma 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.

Mazmur 131:1
Lagu paranti jarah ti Daud. Nun PANGERAN, abdi parantos ampun tina kaadigungan, parantos tobat tina kaangkuhan. Tara urusan sareng perkara arageung atanapi sual-sual anu langkung ti sulit.

Kisah Para Rasul 24:16
Anu mawi jisim abdi sok ngelingan maneh, hoyong salamina gaduh budi rasa anu taya kuciwana, boh ka Allah, boh ka manusa.

1 Timotius 4:7
Dongeng-dongeng tahayul jauhan, da taya paedahna. Latih diri kana lampah ibadah.

Ibrani 12:2-11
[2] Puseurkeun paneuteup ka Yesus, tempat ngagantungkeun pangharepan urang ti awal nepi ka ahir. Anjeunna kuat nandangan panyiksa salib, henteu jejerih, henteu malire kana hinana anu maot disalib, lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang. Ayeuna Anjeunna geus linggih di tengeneun tahta Allah.[3] Pek wangwang, kumaha beuratna Anjeunna nandangan kagiruk jelema-jelema anu daroraka! Anu matak aranjeun ulah leutik hate, ulah nepi ka pegat pangharepan.[4] Aranjeun mah tarung jeung dosa teh teu nepi ka ngocorkeun getih.[5] Sageuy geus paroho kana pepeling Allah anu mepelingan aranjeun kawas ka putra-putra-Na! Pepeling-Na, ”Anaking, regepkeun pepeling Pangeran, ulah nyungkelit lamun diseukseukan.[6] Anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih, anu ku Mantenna diwarah tanda diangken putra.”[7] Sing sabar narima pameperih-Na anu teu beda ti pameperih hiji bapa, tanda Mantenna ngangken putra. Bapa mana anu tara meperih anakna?[8] Lamun aranjeun henteu dipeperih sakumaha layakna nu jadi putra-Na, tanda aranjeun lain putra-Na anu sah.[9] Ku bapa anu di dunya urang sok dipeperih, urang ngajenan ka anjeunna. Atuh komo ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih supaya hirup![10] Bapa urang nu di dunya, meperihna aya wates waktuna, anu meujeuhna ceuk timbanganana. Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna.[11] Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.

1 Petrus 2:14
ka para gupernurna, reh anu dikawasakeun ku Prabu pikeun ngahukum nu jahat jeung muji ka nu hade.

1 Petrus 2:1
Ku sabab kitu jaga diri tina sagala kajahatan. Ulah sok ngabohong deui, ulah sok pura-pura deui, ulah sok hiri dengki deui, ulah make deui basa anu nyararogok.

Pengkhotbah 1:13
Kami geus gilig seja nguji jeung nalungtik sagala anu enggeus kajadian di kolong langit. Manusa mah ku Allah geus dikersakeun kudu nyorang hese cape.

Pengkhotbah 3:10
Kami nyaho, urang teh sarerea ge ditibanan kabeubeurat ku Allah.

1 Korintus 6:19
Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.

3 Yohanes 1:2
Mugi anjeun aya dina kawilujengan, lulus mulus dina sagala perkawis, saperti mulusna kaayaan batin anjeun anu parantos kanyahoan ku sim kuring.

1 Korintus 9:24-27
[24] Loba anu milu balap, ari nu meunangkeun hadiahna mah ngan saurang.[25] Anu rek milu balap kudu ngalatih diri enya-enya supaya meunang, bisa ngarebut makuta kembang tanda kajuaraan. Eta sakadar balap ngarebut tanda kaunggulan anu umurna moal lila. Komo balap anu dilakonan ku sim kuring pikeun ngarebut tanda kaunggulan anu langgeng,[26] kudu leuwih satekah polah lumpat sakuat-kuat, nuju ka garis tungtung. Lamun dina ngadu tonjok mah ulah aya panonjok anu meleset.[27] Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.

1 Samuel 16:7
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”

Mazmur 104:9
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.

Kejadian 6:12
Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

Kejadian 7:20
tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.

Kejadian 8:5
Cai surud terus, sarta dina tanggal hiji bulan kasapuluh, puncak-puncak gunung mimiti tarembong.

Kejadian 9:11
Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.

1 Petrus 3:3-4
[3] Tembong geulis teh ulah ngan ku dangdanan lahir bae saperti upamana ku model buuk, ku emas-emasan, ku papakean.[4] Lemes budi, titih rintih, lemah lembut, eta kageulisan sajati, anu moal luntur ku umur, tur kageulisan anu eta anu dipandang utama ku Allah teh.

2 Timotius 4:7
Bapa enggeus beres balap, geus nepi ka garis ahir, henteu lesot tina iman,

1 Korintus 9:26-27
[26] kudu leuwih satekah polah lumpat sakuat-kuat, nuju ka garis tungtung. Lamun dina ngadu tonjok mah ulah aya panonjok anu meleset.[27] Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.

Yesaya 40:31
Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society