A A A A A

Kehidupan: [Kearifan]


1 Korintus 2:14
Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui.

1 Korintus 12:10
Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.

1 Korintus 14:29-33
[29] Anu meunang warta ti Allah, kudu ngucapkeun eta warta, nu sejenna ngaregepkeun.[30] Tapi lamun ti nu karumpul aya deui anu meunang warta ti Allah, anu ti heula kudu eureun.[31] Aranjeun bisa piligenti ngucapkeun warta ti Allah, supaya bisa silih wurukan jeung silih kuatkeun kapercayaan.[32] Warta ti Allah kudu beres diucapkeunana ku anu meunang eta ilham,[33] sabab Allah teh resepeun kana kaberesan, teu resepeun ka nu kusut. Sakumaha kabiasaan di sakabeh jamaah Allah,

1 Yohanes 2:27
Sukur maraneh geus diterapan Roh Anjeunna. Satungtung Roh-Na aya dina hate maraneh, maraneh teu perlu diajar deui ku nu sejen, sabab Roh Anjeunna anu bakal ngawulangkeun sagala rupa kanyaho anu sayakti moal ngajarkeun anu bohong. Turut piwulang-Na, jeung sing tetep dina kasatunggalan jeung Kristus.

1 Yohanes 4:1
Dulur-dulur! Ulah percaya ka sambarang jelema anu majarkeun meunang Roh ti Allah. Coba heula enya lainna roh dina dirina teh Roh ti Allah, sabab ayeuna loba nabi palsu, riab ka mana-mana.

1 Raja 3:9
Ku margi kitu abdi sumeja nyuhunkeun kapinteran sacekapna, supados tiasa ngatur umat Gusti kalayan adil palamarta, terang nu sae nu awon. Upami teu kitu, kedah kumaha diaturna eta umat Gusti anu sakitu seueurna?”

1 Samuel 16:7
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”

1 Tesalonika 5:21
Uji sagala perkara: Mun hade cekel sing pageuh,

1 Timotius 4:1
Roh Suci geus netelakeun yen ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan,

Kolose 2:8
Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpaʼatna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa jeung ti roh-roh di jagat raya, lain ti Kristus.

Ibrani 4:12
Pangandika Allah teh nya hirup, nya kuat, tur leuwih seukeut ti batan pedang nu seukeut kenca katuhu, sanggup nusuk nepi kana nyawa jeung jiwa, tembus kana tulang sandi jeung sungsum, bisa maca pikiran jeung angen-angen manusa.

Ibrani 5:14
Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.

Hosea 14:9
Muga sakur nu bijaksana paham ka nu ditulis di dieu sarta nyimpen hal eta dina hatena. Jalan ti PANGERAN kabeh bener, sarta jalma nu bener lampahna naluturkeun eta jalan. Sabalikna nu daroraka bakal titarajong sarta lalabuh lantaran teu daek make eta jalan.

Yakobus 1:5
Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.

Yohanes 7:24
Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.”

Matius 10:16
”Regepkeun! Maraneh diutus teh lir domba nyampeurkeun ajag-ajag. Jadi sing waspada kawas oray, sing lemes kawas japati.

Matius 24:24
Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

Amsal 15:14-21
[14] Pangarti teh ku nu pinter mah diulik, ari nu gejul mah geus bodo teh enggeus bae.[15] Nu mariskin hirupna teu weleh ripuh, ari anu sararenang tara kendat sukan-sukan.[16] Miskin oge ari iman ka PANGERAN mah leuwih bagja ti batan beunghar tapi loba kasusah.[17] Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.[18] Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.[19] Di mana-mana ge ari kedul mah hese hirup. Hayang ulah manggih susah mah kudu jujur.[20] Anak anu bijaksana nyenangkeun hate bapana. Ngan jalma gejul anu ngarendahkeun ka indung mah.[21] Nu gejul mah bodo oge ngeunah-ngeunah bae. Ari nu dilampahkeun ku nu pinter mah pagawean bener.

Amsal 18:15
Jelema pinter mah kana nyiar elmu teh mani nyongsrong tur junun.

Amsal 28:11
Jalma beunghar sok umangkeuh pinter. Tabeatna kitu teh ku nu miskin tapi pinter mah kamaʼlum pisan.

Mazmur 119:125
Abdi teh gandek Gusti, mugi dipaparin pangarti, sangkan paham kana piwulang Gusti.

Roma 12:2
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

Kisah Para Rasul 17:10-11
[10] Barang reup peuting, Paulus jeung Silas ku nu geus palercaya disina arangkat ka Berea. Sanggeus sarumping tuluy lalebet ka tempat ibadah.[11] Urang Yahudi di dinya leuwih balageur, lain cara anu di Tesalonika. Warta hal Yesus kacida dibarandunganana. Unggal poe ngarulik Kitab Suci, pikeun nitenan bener henteuna pangajaran Paulus teh.

Filipi 1:9-10
[9] Didoakeun, aranjeun sing beuki gede kanyaah, sing tambah kaweruh anu sayakti, sing beuki bijaksana timbangan,[10] supaya terang ka anu panghadena. Lamun kitu, engke dina poean Gusti sumping teh aranjeun mulus beresih taya cawadeunana,

1 Timotius 6:3-5
[3] Anu papatahna papalingpang jeung eta, ngalawan pangandika sayakti Gusti urang Yesus Kristus jeung kana pangajaran agama urang,[4] eta teh guminter padahal taya kanyaho. Panyakitna teh bantahan, resep parebut omong nepi ka nimbulkeun dengki, resep pasea, resep nyawad, timburuan,[5] papaduan teu eureun-eureun jeung anu saruana, jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna. Jeung panyangkana agama teh bisa dipake jalan cari untung.

2 Korintus 11:13-15
[13] Paralsu kabeh oge, lain rasul-rasul! Kikituanana teh bohong, nyamur jadi rasulna Kristus anu bener.[14] Tapi teu aneh! Iblis oge bisaeun nyamur jadi malaikatna caang.[15] Atuh lamun bawahanana nyalalamur jadi abdining kayaktian oge geus teu aneh deui. Engke ge nararima tungtungna, satimpal jeung kalakuanana.

Amsal 2:1-5
[1] Regepkeun anaking, ieu Bapa rek papatah. Poma ulah mopohokeun nu ku Bapa diucapkeun.[2] Sakur nu jadi piwuruk, lenyepkeun sarta hartikeun.[3] Enya, kudu nunuhun menta kanyaho, kudu neda-neda menta pangarti.[4] Pek kotektak mangka gemet, lir neangan perak atawa pependeman.[5] Lamun eta dipilampah, engke hidep nyaho naon hartina sieun ku Allah, sarta bakal meunang kanyaho tina hal Allah.

Amsal 3:1-6
[1] Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun.[2] Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.[3] Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari.[4] Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.[6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society