|
1 Timotius 5:8 |
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman. |
|
2 Korintus 4:16 |
Nya ieu sababna nu matak sim kuring tara nepi ka leutik hate teh. Sanajan raga badag beuki lila beuki ruksak, ari batin mah unggal-unggal poe oge teu weleh dianyarkeun deui. |
|
Ulangan 32:7 |
Inget-inget nu katukang, jaman baheula, tanyakeun ka bapa maraneh kumaha. Tanya kolot-kolot, perkara lalakon baheula. |
|
Ulangan 34:7 |
Musa pupus dina yuswa saratus dua puluh taun, salirana cangker keneh, socana awas keneh. |
|
Pengkhotbah 7:10 |
Kade ulah nanya, ”Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?” Nanya kitu teh belegug. |
|
Keluaran 20:12 |
Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami. |
|
Kejadian 6:3 |
Ngandika PANGERAN, ”Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun.” |
|
Kejadian 25:8 |
Jadi pupusna teh sanggeus sepuh pisan. |
|
Yesaya 40:29 |
Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun. |
|
Yesaya 46:4 |
Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun. |
|
Ayub 5:26 |
Hirup seubeuh panjang umur, nepikeun ka aki-aki, mun pare mah tepi ka koneng, nepi ka mangsa dipanen. |
|
Ayub 12:12-20 |
[12] Jalma nu geus karolot baroga hikmat, tapi Allah mah nya kagungan hikmat nya kagungan kakawasaan, jalma anu geus karolot baroga paham, ari Allah mah paham kagungan, wewenang kagungan.[13] ***[14] Nu diruag ku Allah taya nu bisa ngadegkeun deui. Anu dikurung ku Allah, taya anu bisa ngaleupaskeun.[15] Mun Mantenna nahan hujan, heug halodo. Mun cai ku Mantenna dibedahkeun, ger caah.[16] Mantenna digjaya, salalawasna unggul. Nu hianat, nu dihianat, duanana aya dina kakawasaana-Na.[17] Kapinteran pangagung dirampas, para pamingpin disina barodo.[18] Raja-raja dirorod didamel sakitan.[19] Imam-imam jeung nu ngasta kawasa direndahkeun.[20] Jalma-jalma nu dipake pananggeuhan dibungkem, pangarti jalma karolot dirorod. |
|
Ayub 32:7 |
Ceuk emutan, keun Bapa-bapa bae anu cacarios, kawantu sepuh-sepuh mah tangtos luhung panemuna. |
|
Yoël 2:28 |
”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma. Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami. Nu geus karolot bakal marareunang impian, nu ngarora bakal marareunang tetenjoan. |
|
Imamat 19:32 |
Masing hormat, ngajenan ka jelema-jelema anu geus karolot. Masing sarieun ku Kami. Kami teh PANGERAN. |
|
Filemon 1:9 |
Nanging paliyas ari marentah mah da ka anjeun teh nyaah. Ieu mah Paulus duta Kristus anu keur dibui ku karana Anjeunna teh mung seja aya anu disuhunkeun |
|
Mazmur 71:9 |
Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga. |
|
Mazmur 71:18 |
Ayeuna abdi parantos kolot cetuk huis, mugia ku Gusti ulah ditilar, nun Allah! Sarengan abdi ari keur nyanggemkeun kakawasaan sareng kadigjayaan Gusti ka sakumna turunan nu bakal datang. |
|
Mazmur 73:26 |
Najan jiwa raga abdi lemah, nanging Allah anu jadi kakiatan abdi. Anu dipikabutuh ku abdi salalamina mung Gusti. |
|
Mazmur 90:10-12 |
[10] Lamina umur abdi-abdi mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat, kitu ge bari ripuh seueur nu karasa, hirup sakedap, teras sirna.[11] Saha nu parantos ngarasa karongkahan mudalna bebendu Gusti? Saha nu sadar kumaha matak gimirna balukar tina duduka Gusti?[12] Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana. |
|
Mazmur 91:16 |
Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.” |
|
Amsal 17:6 |
Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana. |
|
Amsal 20:29 |
Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana, ari ka nu karolot hormat teh ku karana huisna. |
|
Amsal 23:22 |
Sing nurut ka bapa, teu ku bapa mah hidep moal aya. Sing ngajenan ka indung di mana indung geus kolot. |
|
Mazmur 37:35 |
Kungsi kaula nenjo aya jalma jahat jeung lalim, hirupna subur makmur jeg tangkal kiputri di Libanon; |
|
1 Tawarikh 29:28 |
Pupusna sanggeus yuswana kacida sepuhna, mulya, kawasa, dipikaajrih. Anjeunna diganti ku Suleman, putrana. |
|
1 Raja 3:14 |
Jeung upama maneh nurut tur pengkuh nyekel papakon-papakon Kami cara Daud bapa maneh, tangtu dipanjangkeun umur ongkoh.” |
|
Mazmur 103:5 |
Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade, nepi ka kaula awet ngora tur rosa tanaga kawas galudra. |
|
Titus 2:3 |
Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru, |
|
1 Timotius 5:1-2 |
[1] Ka nu geus karolot ulah keras-keras, ngomongan kudu cara ka bapa sorangan. Ka barudak ngora kudu kawas ka dulur sorangan.[2] Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan pikir beresih. |
|
Mazmur 71:8-9 |
[8] Abdi moal kendat-kendat muji ka Gusti, saban dinten sumeja ngagungkeun.[9] Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga. |
|
Filipi 3:20-21 |
[20] Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus.[21] Badan jasmani urang anu lemah piancureun ku Anjeunna bakal disalin, didamel saperti kaayaan salira-Na ku anjeun anu mulya. Anjeunna iasa midamel kitu sabab kagungan kakawasaan anu bisa nalukkeun saniskara. |
|
Yesaya 46:3-4 |
[3] Eh turunan Yakub sesa-sesa umat Kami, darengekeun: Maraneh teh ku Kami geus diurus ti barang brol dijurukeun.[4] Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun. |
|
Mazmur 92:12-15 |
[12] Parantos katingal musuh abdi teh areleh, parantos kakuping tingkoceakna anu jarahat.[13] Jalma bener bakal ngagedean cara tangkal korma, bakal jaradi cara kiputri Libanon.[14] Maranehna ibarat tatangkalan nu dipelak di gedong PANGERAN, jararadi di Bait-Na Allah urang,[15] nepi ka kolotna ge masih keneh buahan, tetep subur hejo ngemploh. |
|
Pengkhotbah 12:1-7 |
[1] Ku sabab eta meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh, meungpeung tacan nincak kana umur anu matak ripuh anu matak ngarasula, ”Hirup teh teu ngarasa bagja!”[2] Geus nepi ka kitu mah panonpoe, bulan, bentang-bentang, katembongna asa surem, asa mendung saendeng-endeng.[3] Leungeun paranti nakis bahaya geus lilinieun, suku keker beuki hengker, huntu kari saeutik jeung geus teu bisa dipake meuweung, panon geus lamur.[4] Ceuli geus kurang denge, sora ti jalan mah komo teu hawar-hawar acan. Sora panggilingan, sora anu kakawihan, geus mehmehan teu kadenge. Tapi ari keur sare ku sora manuk ge kageuingkeun.[5] Ka tempat nu luhur-luhur asa lewang asa paur, leumpang araringgis, buuk geus bodas camutmut, mawa awak ge disesered, sagala kahayang leungit. Tuluy ngajugjug ka panungtungan bari diceungceurikan sapanjang jalan.[6] Rantay perak bakal pegat, lampu emas bakal tiguling, bakal peupeus, tali timba bakal ngajemprung, gentong bakal bencar.[7] Jasad mulang jadi deui lebu, roh mulang ka Allah anu maparin. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |