A A A A A

Karakter Bagus: [Kebersihan]

Yesaya 1:16
Beresihan heula diri. Eureunan kalakuan anu doraka teh. Eureun nyieun dosa,

Mazmur 51:7
Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh.

1 Yohanes 1:7-9
[7] Lamun hirup urang geus di nu caang sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Yesus Putra-Na, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur.[8] Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh, sarta Allah teu linggih di jero hate urang.[9] Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

Yehezkiel 36:25
Rek dibanjuran ku Kami ku cai anu herang, sangkan beresih tina brahala-brahala jeung tina sagala rupa rereged anu narapel.

Mazmur 51:10
Ridoan abdi nguping sora kabungah sareng kasuka supados tiasa deui ngarasa bagja, sanaos ku Gusti parantos disasaak sareng diririkes.

Kisah Para Rasul 9:1-31
[1] Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,[2] mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.[3] Barang geus deukeut ka Damsik, Saulus ngadak-ngadak katojo ku hiji cahaya ti langit,[4] nepi ka tibeubeut kana taneuh, tuluy aya soara anu ngalahir ka anjeunna, ”Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?”[5] ”Saha Juragan teh?” saur Saulus. Waler anu nyoara, ”Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.[6] Ayeuna geura hudang, tuluykeun ka Damsik, engke di ditu maneh bakal dibejaan naon anu kudu dipilampah ku maneh.”[7] Rerencangan saperjalananana areureun, pungak-pinguk, rareuwaseun nepi ka teu barisaeun ngomong-ngomong acan ngadenge soara teu tembong jirimna.[8] Saul hudang tina taneuh tuluy beunta, tapi teu iasaeun ningali naon-naon. Ku rerencanganana ditungtun ka jero kota Damsik.[9] Meunang tilu poe teu ningalina, sajeroning kitu anjeunna teu tuang teu leueut.[10] Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. ”Ananias!” dawuhan Gusti. ”Nun, Gusti!” wangsulna.[11] Dawuhan Gusti, ”Ayeuna maneh kudu indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus. Eta jelema ayeuna keur neneda.[12] Dina tetenjoanana manehna nenjo jelema ngaran Ananias datang numpangkeun leungeun ka dirina supaya bisa deui nenjo.”[13] Waler Ananias, ”Gusti, eta jalmi teh seueur kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat Gusti di Yerusalem.[14] Nu mawi ka Damsik oge bade nangkepan umat Gusti, malah ngabantun serat kawasa ti imam-imam kapala.”[15] Dawuhan Gusti, ”Teang bae! Sabab manehna ku Kami geus dijadikeun pangbantu anu bakal ngamashurkeun jenengan Kami ka luareun bangsa Yahudi anu teu anut agama Yahudi, ka raja-rajana, jeung ka urang Israil oge.[16] Kami pribadi rek mere nyaho ka manehna sagala panganiayaan anu bakal karandapan ku dirina tina sabab Kami.”[17] Ananias angkat terus lebet ka panganjrekan Saulus. ”Saderek Saulus, Gusti Yesus anu katingali ku Saderek di perjalanan, ngutus sim kuring ka dieu, supados Saderek iasa deui ningali sareng nampi panuyunna Roh Suci,” saur Ananias bari numpangkeun panangan ka Saulus.[18] Harita keneh aya anu ragrag tina soca Saulus siga sisit lauk, bray anjeunna iasa deui ningali. Saulus ngadeg tuluy dibaptis.[19] Sanggeus tuang salirana jagjag deui. Di Damsikna Saulus meunang sawatara poe deui, ngahiji jeung anu palercaya ka Yesus,[20] malah lebet ka imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, mertelakeun yen Yesus teh Putra Allah.[21] Urang Yahudi kacida hareraneunana ku anjeunna, aromongna, ”Lain anu di Yerusalem maehan para panganut Yesus tea, eta teh? Pang ka dieu oge pan rek nangkepan jelema-jelema anu karitu, rek diserenkeun ka imam-imam kapala.”[22] Tapi pangaruh pertelaan ti Saulus beuki gede. Bukti-bukti perkara Yesus anu dipedar ku anjeunna kacida ngayakinkeunana, yen Yesus teh Raja Salam nu nyalametkeun, nepi ka bangsa Yahudi anu di Damsik teu bisaeun ngabantah.[23] Sanggeus liwat sawatara poe deui, urang Yahudi sakait rek maehan Saulus,[24] tapi anjeunna aya anu ngawartosan. Anu rek maraehanana beurang peuting megat anjeunna di lawang kota.[25] Tapi dina hiji peuting anjeunna dikaluarkeun ti jero kota ku para panganutna, diulur dina karanjang ti luhur tembok kota.[26] Sanggeus sumping ka Yerusalem, Saulus ihtiar nyaketan para panganut Gusti, tapi maranehna sarieuneun lantaran teu palercayaeun.[27] Geus kitu anjeunna dibantu dikenalkeun ku Barnabas ka rasul-rasul, diterangkeun hal anjeunna ditembongan jeung didawuhan ku Gusti di jalan ka Damsik, jeung hal kateuneunganana mertelakeun Yesus di Damsik.[28] Sanggeus ku rasul-rasul ditampi, Saulus ngider di Yerusalem, ngawulang ku pajenengan Gusti kacida ludeungna.[29] Malah sok sasauran jeung sual jawab jeung urang Yahudi anu basana basa Yunani, tapi ku maranehna rek dipaehan.[30] Kanyahoan ku para panganut Gusti, anjeunna tuluy dicandak ka Kesarea, ti dinya terus ka Tarsus.[31] Ti harita kaayaan jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria tuluy aman jeung tengtrem. Kalawan pitulung Roh Suci jamaah beuki kuat, anu palercaya beuki loba, harirupna alajrih ka Gusti.

Ulangan 23:12-14
[12] Di luareun pasanggrahan kudu aya tempat paranti miceun.[13] Ana maraneh aya kaperluan ka dinya kudu mawa cocokel keur nyieun lombang kotoran, urutna kudu dirimbunan.[14] Kahade pasanggrahan ulah kanajisan, sabab di pasanggrahan teh aya PANGERAN Allah maraneh nyarengan, ngaraksa, bakal nyerenkeun musuh ka maraneh. Jadi maraneh di pasanggrahan teh ulah nyieun lampah nista, sabab geus tangtu PANGERAN ngalieus ti maraneh.”

Amsal 20:9
Jalma mana anu wani nyebutkeun yen dirina enyaan beresih, geus lubar tina dosana?

Filipi 4:8
Cindekna dulur-dulur, kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.

Mazmur 73:1
Jabur Asap. Sabenerna, Allah teh nyaah ka Israel, nyaah ka sakur nu beresih hate.

Wahyu 1:5
jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,

2 Korintus 7:1
Dulur-dulur! Eta jangji-jangji teh kabeh ditujukeunana ka urang. Ku sabab kitu urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.

Imamat 19:28
Teu meunang ngukir awak, dicocogan. Ari keur kapapatenan teu meunang nurihan maneh. Kami teh PANGERAN.

Imamat 20:13
Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

2 Petrus 3:8
Tapi dulur-dulur ulah poho, mungguh di Allah mah sapoe jeung sarebu taun ge taya bedana, sarua bae.

2 Korintus 5:17
Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

Matius 23:25-28
[25] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Cangkir jeung piring luarna diberesihan, ari jerona kotor pinuh ku daki paksa-pirusa jeung ku beubeunangan tina kasarakahan.[26] Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.[27] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.[28] Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”

Lukas 6:31
Pilampah ka batur lampah anu ku maraneh diharep malar batur oge milampah kitu ka maraneh.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

Matius 23:26
Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.

Matius 5:8
Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!

Kejadian 18:4
Saparantos wawasuh sampean, leleson di dieu handapeun tangkal.

Keluaran 19:14
Musa lungsur ti gunung, ngawartosan jalma-jalma sina sasadiaan pikeun ngabakti. Prak jalma-jalma nyareuseuh papakean.

Ulangan 23:12
Di luareun pasanggrahan kudu aya tempat paranti miceun.

Roma 5:8
Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

1 Timotius 4:12
Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.

2 Korintus 6:14-18
[14] Kade ulah bareng baranggawe jeung anu henteu palercaya ka Allah, da moal aya beubeunanganana. Mana bisa nu bener ngahiji jeung nu teu bener. Mana bisa caang ngahiji jeung poek.[15] Mana bisa Kristus samupakat jeung Iblis. Rek meunang kaboga naon anu palercaya ka Allah cacampuran jeung anu henteu palercaya?[16] Mana bisa Bait Allah ngahiji jeung imah brahala? Urang teh Bait Allah anu jumeneng! Sabab timbalan Allah ku manten ge kieu: ”Kami rek cicing di umat Kami, sarta hirup jeung maranehna; Kami baris jadi Allah maranehna, maranehna baris jadi umat Kami.”[17] Ku sabab kitu Allah ngandika, ”Tinggalkeun jalma anu daroraka, pisahkeun diri ti maranehna. Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis, tangtu maraneh ditarima ku Kami.[18] Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa.”

Kisah Para Rasul 9:1-20
[1] Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,[2] mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.[3] Barang geus deukeut ka Damsik, Saulus ngadak-ngadak katojo ku hiji cahaya ti langit,[4] nepi ka tibeubeut kana taneuh, tuluy aya soara anu ngalahir ka anjeunna, ”Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?”[5] ”Saha Juragan teh?” saur Saulus. Waler anu nyoara, ”Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.[6] Ayeuna geura hudang, tuluykeun ka Damsik, engke di ditu maneh bakal dibejaan naon anu kudu dipilampah ku maneh.”[7] Rerencangan saperjalananana areureun, pungak-pinguk, rareuwaseun nepi ka teu barisaeun ngomong-ngomong acan ngadenge soara teu tembong jirimna.[8] Saul hudang tina taneuh tuluy beunta, tapi teu iasaeun ningali naon-naon. Ku rerencanganana ditungtun ka jero kota Damsik.[9] Meunang tilu poe teu ningalina, sajeroning kitu anjeunna teu tuang teu leueut.[10] Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. ”Ananias!” dawuhan Gusti. ”Nun, Gusti!” wangsulna.[11] Dawuhan Gusti, ”Ayeuna maneh kudu indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus. Eta jelema ayeuna keur neneda.[12] Dina tetenjoanana manehna nenjo jelema ngaran Ananias datang numpangkeun leungeun ka dirina supaya bisa deui nenjo.”[13] Waler Ananias, ”Gusti, eta jalmi teh seueur kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat Gusti di Yerusalem.[14] Nu mawi ka Damsik oge bade nangkepan umat Gusti, malah ngabantun serat kawasa ti imam-imam kapala.”[15] Dawuhan Gusti, ”Teang bae! Sabab manehna ku Kami geus dijadikeun pangbantu anu bakal ngamashurkeun jenengan Kami ka luareun bangsa Yahudi anu teu anut agama Yahudi, ka raja-rajana, jeung ka urang Israil oge.[16] Kami pribadi rek mere nyaho ka manehna sagala panganiayaan anu bakal karandapan ku dirina tina sabab Kami.”[17] Ananias angkat terus lebet ka panganjrekan Saulus. ”Saderek Saulus, Gusti Yesus anu katingali ku Saderek di perjalanan, ngutus sim kuring ka dieu, supados Saderek iasa deui ningali sareng nampi panuyunna Roh Suci,” saur Ananias bari numpangkeun panangan ka Saulus.[18] Harita keneh aya anu ragrag tina soca Saulus siga sisit lauk, bray anjeunna iasa deui ningali. Saulus ngadeg tuluy dibaptis.[19] Sanggeus tuang salirana jagjag deui. Di Damsikna Saulus meunang sawatara poe deui, ngahiji jeung anu palercaya ka Yesus,[20] malah lebet ka imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, mertelakeun yen Yesus teh Putra Allah.

1 Korintus 15:29
Lamun anu maot moal dihirupkeun deui, naon gunana jelema dibaptis ku karana anu geus maot? Ngarep-ngarep naon? Lamun enya nu geus maot moal dihirupkeun deui saperti ceuk sawareh, pikeun naon maranehanana dibaptis ku karana nu geus maot?

Imamat 18:22
Teu meunang jima jeung papada lalaki, eta kalakuan pikacuaeun Allah.

Roma 1:26-27
[26] Ku sabab kalakuanana karitu, ku Allah jadi diantep ngalajur napsuna anu hina. Nu awewe nyacapkeun napsu birahina lain ku cara anu lumrah.[27] Nu lalaki saruana, sapatemon jeung papada lalaki deui, lain jeung awewe. Jelema-jelema nyieun kalakuan anu ngerakeun jeung papada batur sajinis, nepi ka maranehanana kudu nandangan balukarna tina kalakuan sorangan.

1 Korintus 14:40
Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.

Matius 7:18-23
[18] Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.[19] Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.[20] Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna.”[21] ”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ʼGusti, Gusti!ʼ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.[22] Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ʼGusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!ʼ[23] Ku Kami bakal diwalon, ʼKami teu wawuh ka maraneh. Geura nyalingkir, eh durjana-durjana!ʼ ”

Yohanes 5:39-40
[39] Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula![40] Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang!

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society