A A A A A

Karakter Bagus: [Kontrol diri]

1 Korintus 9:25
Anu rek milu balap kudu ngalatih diri enya-enya supaya meunang, bisa ngarebut makuta kembang tanda kajuaraan. Eta sakadar balap ngarebut tanda kaunggulan anu umurna moal lila. Komo balap anu dilakonan ku sim kuring pikeun ngarebut tanda kaunggulan anu langgeng,

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

1 Tesalonika 5:6
Jadi ulah kaheesan kawas nu sejen, kudu tetep eling jeung caringcing.

2 Timotius 1:7
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.

Filipi 4:13
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.

Amsal 16:32
Mending sabar ti batan gagah. Mending ge bisa ngered diri, ti batan bisa ngarebut hiji kota.

Amsal 18:21
Sabab hirup teh goreng ku omong hade ku omong. Balukar tina omongan urang, nu nanggungna urang-urang keneh.

Amsal 25:28
Mun maneh teu bisa mengkek amarah, ibarat kota bolostrong euweuh kutana, babari ditarajangna.

Titus 1:8
Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, taʼat kana aturan.

Yesaya 55:10-11
[10] Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun,[11] nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.

Roma 12:1-2
[1] Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.[2] Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

Filipi 4:8-9
[8] Cindekna dulur-dulur, kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.[9] Lakonan pituduh-pituduh ti sim kuring anu geus diajarkeun jeung geus katarima ku aranjeun, boh tina omongan sim kuring, boh tina tingkah laku sim kuring. Lamun kitu, geus tangtu aranjeun bakal disarengan ku Allah anu iasa nengtremkeun hate.

Yakobus 1:19-21
[19] Dulur-dulur, sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.[20] Kaambek teh henteu sapuk jeung pangersa Allah.[21] Ku sabab kitu, piceun sagala kabiasaan anu kotor jeung jahat. Sing pasrah ka Allah, tarima pangandika-Na anu dipelak dina hate aranjeun, sabab eta teh bisa nyalametkeun aranjeun.

1 Petrus 5:6-8
[6] Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.[7] Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.[8] Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.

1 Korintus 9:24-27
[24] Loba anu milu balap, ari nu meunangkeun hadiahna mah ngan saurang.[25] Anu rek milu balap kudu ngalatih diri enya-enya supaya meunang, bisa ngarebut makuta kembang tanda kajuaraan. Eta sakadar balap ngarebut tanda kaunggulan anu umurna moal lila. Komo balap anu dilakonan ku sim kuring pikeun ngarebut tanda kaunggulan anu langgeng,[26] kudu leuwih satekah polah lumpat sakuat-kuat, nuju ka garis tungtung. Lamun dina ngadu tonjok mah ulah aya panonjok anu meleset.[27] Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.

1 Korintus 6:12-20
[12] Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.[13] Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.[14] Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.[15] Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas![16] Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.”[17] Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.[18] Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

2 Petrus 1:3-11
[3] Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang.[4] Ku jalan kieu, kurnia agung anu mulya kabina-bina anu dijangjikeun ku Mantenna, geus dipaparinkeun ka urang. Nya ku karana kurnia ieu aranjeun luput tina sagala pangaruh ieu dunya anu ngaruksak, sarta aranjeun geus katerapan ku sipat-sipat ilahi.[5] Ku sabab kitu kudu ihtiar enya-enya supaya beuki leuwih mantep percaya ka Kristus dibarengan ku hirup hade. Jaba ti eta aranjeun kudu baroga pangarti kana hal pangersa Allah;[6] pangarti deudeul ku ngawasaan diri; ngawasaan diri deudeul ku katabahan; katabahan deudeul ku ibadah, hirup numutkeun pangersa Allah;[7] ibadah tambah ku nyaah ka batur sakapercayaan; kanyaah eta deudeul ku kanyaah ka sakabeh jelema.[8] Aranjeun perlu ngabogaan ieu sipat-sipat. Lamun ieu sipat-sipat geus kapiboga tur beuki hirup, tangtu aranjeun bakal leuwih rajin jeung leuwih terang ka Gusti urang Yesus Kristus, sarta tangtu hasil.[9] Tapi lamun teu ngabogaan sipat-sipat kieu mah pandanganana sempit, jeung tangtu poho yen diri geus diberesihkeun tina dosa-dosa nu bareto.[10] Ku sabab kitu dulur-dulur, sing beuki saregep ihtiar, supaya beuki mantep ngadeg dina kaayaan geus disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun geus kitu mah pamohalan aranjeun undur tina kayakinan iman.[11] Ku jalan kieu aranjeun bakal dibere hak asup ka Karajaan anu langgeng, Karajaan Yesus Kristus, Gusti jeung Jurusalamet urang.

Ef 6:10-20
[10] Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.[11] Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.[13] Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.[14] Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,[15] sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.[16] Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.[17] Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.[18] Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah. Jadi kudu terus waspada, ulah eleh ku hoream. Ulah kendat mangnedakeun sakabeh umat Allah.[19] Sim kuring ge pangnedakeun, mugi-mugi ku Allah dipaparin bahan piucapeun anu layak dina waktuna kudu nyarita engke, jeung mugi sing ludeung nerangkeun rasiah Injil Kasalametan.[20] Nya pikeun ieu Injil Kasalametan sim kuring jadi utusan Allah teh, ayeuna keur dipanjara. Pangnedakeun sangkan wani nyaritakeun hal Injil Kasalametan sakumaha mistina.

Galatia 5:13-26
[13] Dulur-dulur! Aranjeun geus disalaur supaya bebas merdeka. Eta kabebasan ulah dipake ngumbar kahayang, kudu dipake silih pikanyaah, silih bantu.[14] Kapan parentah-parentah Hukum Agama oge karagum ku hiji timbalan kieu, ”Kudu masing nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[15] Lamun silih segag silih cakar, ahirna sarerea bakal binasa. Kahade, sing ati-ati.[16] Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.[17] Kahayang napsu papalingpang jeung pangersa Roh Allah, pangersa Roh Allah papalingpang jeung kahayang napsu jelema. Duanana silih lawan, temahna aranjeun moal bisa ngalampahkeun naon-naon.[18] Lamun nurutkeun panuyun Roh Allah, hirup aranjeun geus henteu kabawah ku Hukum Agama Yahudi.[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.[22] Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,[23] handap asor, nahan napsu. Ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum.[24] Napsu badan jeung sagala pangajakna teh ku jelema anu geus jadi kagungan Kristus Yesus mah geus dipaehkeun.[25] Ku sabab urang hirup teh ku Roh Allah, tangtu kudu nurut kana panuyunna.[26] Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.

Titus 2:1-15
[1] Ari hidep mah ngajar teh sing cocog jeung asas pangajaran anu bener.[2] Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.[6] Barudak ngora papatahan yen kudu ngawasaan diri.[7] Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh,[8] kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.[9] Anu kumawula papatahan yen kudu ngesto ka dunungan, sing matak pikaresepeun juraganana dina sagala perkara, mun diomongan ulah nyental,[10] ulah ceceremed, sing kaciri hade watek jeung satia, sagala peta sing matak jadi puji kana piwulang hal Allah Jurusalamet urang.[11] Sabab Allah teh geus nurunkeun nugraha-Na kersa nyalametkeun sakabeh manusa.[12] Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,[13] ngadago Poe berkah anu ku urang dicileuk, anu ngebrehkeun kamulyaan Allah urang anu agung jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus.[14] Anjeunna geus ngurbankeun salira-Na pipaedaheun urang, supaya urang bisa disalametkeun tina sagala kajahatan, jadi umat suci kagungana-Na ku anjeun, umat anu rajin ngalampahkeun kahadean.[15] Pek eta kabeh ajarkeun ku hidep. Ari ngajar, boh dina ngawawadian, boh dina ngaweweleh, kudu aya wibawa, ulah beunang dihahangu ku nu ngadengekeun.

Yakobus 3:1-18
[1] Dulur-dulur, ulah harayang jadi guru sarerea. Pan aruninga, guru mah ari geus disalahkeun teh mani pohara, disalahkeunana teh leuwih-leuwih ti nu sejen.[2] Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan. Jadi mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna, bisa ngawasaan sakujur dirina.[3] Kuda supaya nurut ka mana karep urang, sungutna dikadalian.[4] Kapal ku sabab gede, majuna kudu ku angin gede, tapi bisa diatur ku kamudi anu kacida leutikna nurutkeun kahayang jurumudi.[5] Letah oge nya kitu, sakitu lembutna, bet bisa dipake nyombongkeun diri ku perkara-perkara anu galede. Cipta, sakumaha gedena leuweung bisa disina kahuruan ku seuneu anu leutik![6] Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.[7] Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.[8] Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.[9] Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.[10] Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur![11] Teu aya cinyusu anu ngaburialkeun cai tawar ongkoh cai pait ongkoh tina liang eta-eta keneh.[12] Tangkal kondang moal buahan jetun, tangkal anggur moal buahan kondang, cinyusu asin moal ngabijilkeun cai tawar.[13] Kumaha di dieu aya anu bijaksana jeung berbudi? Buktikeun kituh ku lampah nu hade, ku panggawe anu hade, dibarengan ku rendah hate jeung lantip bijaksana.[14] Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.[15] Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.[16] Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.[17] Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura.[18] Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society