A A A A A

Karakter Bagus: [Pengudusan]


2 Tesalonika 2:13
Saban waktu sim kuring wajib muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, dulur-dulur, anu diasih ku Gusti. Sabab aranjeun ku Allah dipilih pangheulana pikeun disalametkeun, lantaran percaya kana eta warta anu sayakti, disalametkeun ku pangawasa Roh, sangkan jaradi umat suci kagungana-Na.

2 Timotius 2:21
Jalma anu beresih tina kajahatan bakal dipake pikeun pagawean anu penting, husus keur Gustina baris dianggo ngajalankeun pagawean-pagawean mulya.

Kisah Para Rasul 26:18
Bareuntakeun panonna, tarobatkeun tina poek kana caang, tina pangawasa Iblis kana kakawasaan Allah, sina palercaya ka Kami supaya dosa-dosana bisa dihampura, jeung mareunang tempat di kalangan umat Allah.ʼ ”

Kolose 2:11
Ku ngahiji jeung Anjeunna, aranjeun teh geus disunat. Lain sunat anu dijieun ku manusa, tapi sunat padamelan Kristus anu ngabebaskeun aranjeun tina tabeat anu pinuh ku dosa.

Kolose 3:1-5
[1] Aranjeun geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Upayakeun supaya bisa meunangkeun anu aya di sawarga, tempat Kristus linggih di tengeneun Allah.[2] Tujukeun pikiran kana perkara-perkara anu aya di ditu, ulah kana perkara-perkara nu aya di dunya,[3] sabab aranjeun teh geus maot, hirup aranjeun ngancik buni jeung Kristus di Allah.[4] Nu jadi hirup aranjeun nu sajatina teh nya eta Kristus. Samangsa engke Anjeunna ngebrehkeun salira, aranjeun oge tangtu araya jeung Anjeunna sarta dipaparin kamulyaan Anjeunna.[5] Ku sabab kitu aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).

Ef 1:13
Ti barang mimiti narima amanat-Na anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu bakal nyalametkeun, aranjeun teh geus jadi umat Allah, percaya ka Kristus, ku Allah diterapan cap tanda kagungana-Na nya eta Roh Suci, numutkeun jangji-Na.

Keluaran 13:2
”Sakabeh anak cikal lalaki kudu dibaktikeun ka Kami. Unggal anak cikal urang Israil anu lalaki, kitu deui cikal sato jalu, eta kagungan kami.”

Keluaran 31:13
supaya misaur ka urang Israil, ”Maraneh kudu ngagumatikeun poe Sabat, poe reureuh Kami, karana eta poe teh jadi tanda di antara Kami jeung maraneh turun-tumurun, anu nandakeun yen maraneh geus dipilih dijieun umat Kami.

Galatia 2:20
Ayeuna anu hirup di jero diri sim kuring geus lain sim kuring, tapi Kristus. Ieu hirup anu keur dilakonan teh, hirup reujeung percaya ka Putra Allah, anu geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.

Ibrani 2:11
Yesus nyucikeun manusa tina dosa-dosana, ku jalan kitu Anjeunna jeung sakur anu disucikeun dosana jadi sa-Rama, sarta ku lantaran geus sa-Rama, Yesus henteu lingsemeun ngangken saderek ka maranehna.

Ibrani 9:14
Lamun getih jeung lebu sato tea bisa ngaberesihkeun kokotor diri manusa, geus komo deui getih Kristus! Ku jalan Roh anu langgeng Kristus ngurbankeun salira-Na ku anjeun ka Allah, jadi kurban anu sampurna. Getih Anjeunna ngaberesihkeun batin urang tina hal-hal anu taya mangpaʼatna, nepi ka urang bisa ngabakti ka Allah anu jumeneng.

Ibrani 10:10-14
[10] Yesus Kristus geus ngajalankeun hal anu dipundut ku Allah, ku sabab kitu urang kabeh geus diberesihkeun tina dosa ku jalan kurban salira Kristus ku anjeun, anu dijalankeunana ngan sakali pikeun salalanggengna.[11] Sakur imam Yahudi netepan kawajiban imamna unggal-unggal poe, ngurban deui, ngurban deui, nu dikurbankeunana kitu-kitu keneh. Kurban-kurbanna sama sakali teu bisa dipake ngaleungitkeun dosa.[12] Tapi Kristus mah ngajalankeun kurbanna ngan sakali, kurban pamupus dosa, kurbanna laku pikeun salalawasna. Sanggeus ngajalankeun kurban Anjeunna linggih di tengeneun Allah,[13] sarta ayeuna keur ngantos lawan-lawan anu ku Allah bakal diserenkeun ka Anjeunna baris dijadikeun jojodog sampeana-Na.[14] Jadi Anjeunna mah ngan ku hiji kurban geus iasa nyampurnakeun manusa anu geus diberesihkeun tina dosa, keur salalanggengna.

Ibrani 12:10-14
[10] Bapa urang nu di dunya, meperihna aya wates waktuna, anu meujeuhna ceuk timbanganana. Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna.[11] Memang keur dipeperih mah asa nalangsa, boro-boro bungah. Tapi sanggeusna, lamun urang tawekal nandanganana, tangtu karasa bagja jeung jamugana.[12] Pentang-pentangkeun leungeun anu geus leuseuh, jagjagkeun tuur anu nyorocod,[13] leumpang salawasna kudu di jalan lempeng, supaya suku anu geus pincang ulah nepi ka tipalitek, malah sing jadi cageur.[14] Sing akur jeung pada batur, kudu dialajar hirup suci, sabab lamun teu kitu pamohalan bisa patenjo jeung Gusti.

Ibrani 13:12
Eta sababna Yesus oge ditelasanana di luareun kota, getih Anjeunna nyucikeun umat-Na tina dosana.

1 Korintus 1:2
Kahatur jamaah Allah di Korinta, ka sakur anu geus disaur dijadikeun umat suci Allah, geus jadi kagungana-Na ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus, babarengan jeung anu di mana-mana anu nyarembah ka Kristus Yesus Gusti urang, Gusti maranehanana oge.

1 Korintus 6:11
Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.

1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

1 Yohanes 3:9
Sing saha anu jadi putra Allah ulah migawe deui dosa, sabab geus kaancikan ku sipat Allah; jeung ku sabab Ramana teh Allah, tangtu moal bisa terus migawe dosa.

1 Petrus 1:2
mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah. Geus jadi pangersa Allah Rama aranjeun ku Mantenna dipilih dijadikeun umat-Na anu geus disucikeun ku Roh Mantenna sangkan aranut ka Yesus Kristus, supaya bebas tina dosa ku jalan disucikeun ku getih Anjeunna.

1 Tesalonika 4:3
Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.

1 Tesalonika 5:23
Mugia Allah anu maparin katengtreman ka urang sing nyucikeun tingkah laku aranjeun, sangkan suci sakujur diri, jiwa, nyawa, jeung raga, sing ulah aya celana dina waktu sumping Gusti urang Yesus Kristus.

2 Korintus 5:17
Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

1 Tesalonika 4:3
Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.

1 Tesalonika 5:23
Mugia Allah anu maparin katengtreman ka urang sing nyucikeun tingkah laku aranjeun, sangkan suci sakujur diri, jiwa, nyawa, jeung raga, sing ulah aya celana dina waktu sumping Gusti urang Yesus Kristus.

2 Korintus 5:17
Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

2 Korintus 12:21
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.

Yohanes 17:17-19
[17] Mugi maranehna dijadikeun kagungan Ama anu disahkeun ku kaestuan. Nya pangandika Ama kaestuan teh.[18] Maranehna ku Abdi diutus ka dunya sapertos Abdi diutus ku Ama ka ieu dunya.[19] Abdi ngabaktoskeun diri ka Ama, supados maranehna oge tiasa dibaktoskeun ka Ama, supados leres-leres jadi kagungan Ama.

Filipi 1:6
Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.

Filipi 2:13
Sabab Allah ku manten oge aya jeung barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.

Roma 6:6
Sarta urang terang yen hirup urang anu heubeul geus paeh bareng jeung Kristus dina salib-Na, eta hirup anu pinuh ku dosa teh dilebur supaya henteu kajajah deui ku dosa.

Roma 15:16
enggoning jadi kawula Kristus Yesus, digawe pikeun bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Cara sim kuring nepikeun Injil Kasalametan ti Allah teh make cara imam, hayang supaya bangsa-bangsa nu lain Yahudi bisa layak disanggakeun ka Allah ku Roh Suci.

2 Petrus 1:2-4
[2] Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu, rehna geus terang ka Allah jeung ka Yesus, Gusti urang.[3] Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang.[4] Ku jalan kieu, kurnia agung anu mulya kabina-bina anu dijangjikeun ku Mantenna, geus dipaparinkeun ka urang. Nya ku karana kurnia ieu aranjeun luput tina sagala pangaruh ieu dunya anu ngaruksak, sarta aranjeun geus katerapan ku sipat-sipat ilahi.

1 Tesalonika ٤:٣-٥
[٣] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.[٤] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,[٥] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.

Yohanes 15:1-4
[1] Pilahir Yesus, ”Kami teh tangkal anggur nu sajati, Ama Kami nu jadi tukang kebonna.[2] Unggal dahan Kami anu teu daekeun buahan ku Mantenna ditilas, ari anu sok baruahan daunna dipangkas diberesihan, supaya buahanana laleubeut.[3] Maraneh geus diberesihan ku pangajaran anu diwurukkeun ku Kami.[4] Sing tetep ngahiji di Kami, Kami oge baris tetep ngahiji di maraneh. Maraneh anu jadi dahan-dahan moal baruahan lamun henteu ngahiji di Kami, sabab dahan mustahil buahan lamun henteu ngahiji dina tangkalna.

Roma 6:1-23
[1] Ari geus kitu urang rek kumaha? Arek terus hirup dina dosa supaya sih kurnia Allah tambah-tambah?[2] Tangtu bae moal kitu! Kapan urang teh geus maot tina dosa, piraku bisa keneh hirup dina dosa.[3] Aranjeun ge terang, yen waktu urang dibaptis supaya ngahiji jeung Kristus Yesus, eta urang dibaptis teh supaya maot jeung Anjeunna.[4] Jadi ku eta baptisan teh urang geus dikubur jeung Anjeunna, milu maot jeung Anjeunna, supaya sakumaha Kristus geus digugahkeun ku kakawasaan Rama anu mulya, urang oge bisa nyorang hirup anu anyar.[5] Ku sabab urang geus ngahiji jeung Kristus sarta maot bareng jeung Anjeunna, nya kitu keneh urang bakal dihudangkeun tina maot saperti Anjeunna, bakal hirup ngahiji jeung Anjeunna.[6] Sarta urang terang yen hirup urang anu heubeul geus paeh bareng jeung Kristus dina salib-Na, eta hirup anu pinuh ku dosa teh dilebur supaya henteu kajajah deui ku dosa.[7] Kapan ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa.[8] Ku sabab geus maot jeung Kristus, urang percaya yen hirup oge bakal bareng jeung Kristus.[9] Sabab urang terang Kristus geus digugahkeun tina maot, moal pupus deui, maot moal kawasa deui ka Anjeunna.[10] Maot anu disorang ku Kristus teh nya eta maot tina dosa, dosa moal kawasa deui ka Anjeunna; ayeuna Anjeunna hirup, jumeneng jeung Allah.[11] Aranjeun oge nya kitu, kudu ngarasa yen diri geus maot tina dosa, tapi geus hirup deui jeung Allah ku jalan Kristus Yesus.[12] Hirup aranjeun di ieu dunya ulah nepi ka kajajah deui ku dosa, anu temahna matak eleh ku hawa napsu sorangan.[13] Jeung ulah mikeun babagian diri jadi pakakasna dosa pikeun migawe kajahatan. Diri urang anu ku Allah geus dipindahkeun tina maot kana hirup teh anggur pasrahkeun ka Allah, sangkan dianggo pikeun ngalaksanakeun tujuan anu mulya.[14] Ulah ngadunungan kana dosa, sabab hirup aranjeun lain dibawah ku Hukum Agama Yahudi, tapi dibawah ku kurnia Allah.[15] Saterusna kudu kumaha? Naha meunang urang nyieun dosa deui pedah geus diereh ku sih kurnia Allah, lain diereh ku Hukum Agama deui? Ulah![16] Urang terang, jelema anu kumawula kudu ngawula kana parentah nu dikawulaan, boh ngawula kana dosa anu temahna maot, boh ngawula ka Allah anu ngalantarankeun bisa diangken deui ku Mantenna.[17] Puji sukur ka Allah! Aranjeun anu bareto ngawula kana dosa, ayeuna geus narima sarta ngajaralankeun eusi pangajaran anu bener.[18] Aranjeun geus dileupaskeun tina dosa, geus jaradi kawula perkara nu bener. ([19] Ku sabab pangarti aranjeun kurang, nu matak sim kuring make conto nu kumawula, supaya kaharti.) Bareto aranjeun sagemblengna jaradi kawula perkara-perkara anu kotor jeung jahat. Ayeuna oge kitu kudu gembleng jadi kawula, tapi ayeuna mah jadi kawula perkara-perkara nu bener, anu tujuanana mulya.[20] Keur waktu jadi kawula dosa, aranjeun henteu ngawula kana pangersa Allah.[21] Naon kauntungan aranjeun tina eta kalakuan, anu ayeuna mah aranjeun era lamun ngalampahkeun? Balukarna taya lian ti maot![22] Ayeuna aranjeun geus leupas tina dosa, geus ngawula ka Allah. Kauntunganana nya eta ayeuna mah hirup aranjeun diabdikeunana ngan ka Mantenna, anu bakal mawa kana hirup anu langgeng.[23] Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society