A A A A A

Karakter Bagus: [Kesabaran]


1 Korintus 13:4
Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.

Filipi 4:6
Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.

Pengkhotbah 7:9
Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.

Roma 12:12
Dina keur aya anu diharep, hate kudu masing janglar, sing tawekal dina kasusah, jeung sing rajin neneda.

Ef 4:2
Salawasna kudu rendah ati, someah, sabar. Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun.

Galatia 6:9
Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.

Kejadian 29:20
Digawe tujuh taun keur meunangkeun Rahel, karaosna ku Yakub mah ukur popoean bae, awahing ku cinta-cintana.

Amsal 15:18
Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

1 Samuel 13:8-14
[8] Geus tujuh poe anjeunna ngantos-ngantos Samuel, kitu dipiwarangna. Tapi Samuel can sumping keneh ka Gilgal. Jalma-jalma mimiti tinglaleos naringgalkeun.[9] Seug bae anjeunna ngalahir, ”Kadieukeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan.” Ti dinya anjeunna ngahaturkeun kurban beuleuman.[10] Ari rengse ari jebul Samuel sumping. Saul mapagkeun seja ngabageakeun.[11] Tapi Samuel ngalahir, ”Hidep tas damel naon?” Saul ngawaler, ”Abdi dikantunkeun ku balad, ngantos Bapa teu sumping dina waktosna. Mangkaning urang Pelisti parantos aya di Mikmas.[12] Emutan teh eta urang Pelisti tangtos narajang ka abdi, ka Gilgal, heug abdi teu acan nunuhun ka PANGERAN, nya teras ngawantun-wantun maneh nyanggakeun kurban.”[13] Waler Samuel, ”Hidep kalangsu, henteu ngesto ka PANGERAN Allah. Tadina upami hidep ngesto ka Mantenna bade dilanggengkeun nyangking Israil turun-tumurun.[14] Ayeuna moal cios, baris kandeg, ku PANGERAN bakal digentos ku nu cocog kana manah-Na, sina nyangking umat-Na da hidep mah parantos henteu ngesto.”

Lukas 15:11-24
[11] Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua.[12] Anu bungsu nyarita ka bapana, ʼBapa, harta bagian abdi teh bade disuhunkeun ayeuna bae.ʼ Bapana ngagugu, tuluy kakayaanana dibagikeun ka anak-anakna.[13] Heuleut sawatara poe nu bungsu ngajualan warisan bagianana, duitna dibawa indit ka nagri anu jauh, dipake roroyalan sakarep-karep.[14] Sanggeus duitna beak, eta nagri katarajang bahla kalaparan; hirupna si bungsu geus muluntu.[15] Tuluy manehna buburuh ka hiji jalma urang dinya, dititah ka tegal ngajaga bagong.[16] Manehna kacida lapareunana nepi ka kabita hayang ngeusian beuteung ku parab bagong, tapi teu aya anu mere dahareun naon-naon.[17] Kakara manehna eling, hatena ngalengis, ʼDi bapa mah dahareun kuli-kuli ge datang ka leuwih, ari aing di dieu nepi ka meh paeh kalaparan![18] Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa.[19] Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ[20] Sanggeus mikir kitu bral indit rek balik ka bapana. Jauh-jauh keneh bapana geus nenjoeun, hatena ngahelas liwat saking tuluy muru, gabrug ngarangkul jeung ngagalentoran.[21] ʼBapa,ʼ ceuk anakna, ʼabdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. Parantos teu pantes diangken deui putra.ʼ[22] Tapi bapana anggur nyalukan bujang-bujangna. ʼGeuwat!ʼ carekna. ʼBawa ka dieu pakean anu pangalusna, pakekeun ka ieu anak kami. Pakekeun ali kana ramona, tarumpahan sukuna.[23] Peuncit sapi anu panglintuhna, urang pesta suka-suka![24] Sabab ieu anak kami anu geus paeh ayeuna hirup deui, leungit kapanggih deui.ʼ Ti dinya tuluy bae pesta.

Mazmur 37:7-9
[7] Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi.[8] Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.[9] Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung.

Roma 8:24-30
[24] Sabab pang urang bisa disalametkeun teh ku lantaran nyekel pangharepan. Tapi lamun anu diarep-arep geus breh mah, lain ge pangharepan deui. Da saha atuh anu ngarep-ngarep keneh anu geus breh?[25] Urang henteu weleh ngarep-ngarep lantaran anu diarep-arep tacan breh.[26] Roh Allah oge kitu, sumpingna nulungan teh lantaran urang lemah. Urang mah henteu terang kumaha kuduna neneda. Nya Roh ku anjeun anu melas-melis ka Allah mangunjukkeun ucap-ucap anu henteu bisa kedal.[27] Allah anu uninga kana eusi hate urang, ka anu dipimaksud ku Roh teh ngartoseun, yen anu dipundut-Na teh pikeun umat-Na sarta sapuk jeung pangersa-Na.[28] Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.[29] Sakur anu geus kapilih ku Allah, ti samemehna keneh geus ditangtukeun sangkan jadi sakumaha kaayaan Putra-Na, ari Putra-Na bakal jadi anu kahiji ti pirang-pirang saderek.[30] Kitu carana Allah nyaur sakur anu ku Mantenna geus ditangtukeun teh. Sakur anu disaur, diangken sarta nampa kamulyaan ti Mantenna.

2 Tesalonika 1:4-5
[4] Eta sababna aranjeun ku sim kuring dipuji di jamaah Allah, dialem, lantaran kapercayaan aranjeun tetep tangguh, tahan nangankeun sagala kabalangsakan jeung cocoba.[5] Eta nandakeun adilna putusan Allah, nepi ka aranjeun layak jadi warga Pamarentahan Mantenna, sabab geus balangsak ku karana hal eta.

Ibrani 11:13-16
[13] Jelema-jelema anu kacatur bieu tetep percaya nepi ka parupusna. Aranjeunna memang teu kungsi ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi hal eta ku aranjeunna geus kasawang sarta dipercaya. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara.[14] Sakur anu rumasa kitu kawas aranjeunna, nandakeun keur neangan tempat pikeun lemah caina sorangan.[15] Anu dipikir ku aranjeunna lain lemah cai anu geus ditinggalkeun. Sabab lamun anu dipikirna lemah cai asalna mah, bisa bae aranjeunna marulang deui.[16] Anu dipikirna teh lemah cai anu leuwih pikasenangeun, lemah cai di sawarga. Ku sabab kitu Allah henteu ngaraos lingsem dipi-Allah ku aranjeunna, sabab Allah geus nyadiakeun tempat pikeun aranjeunna.

Kejadian 29:20-28
[20] Digawe tujuh taun keur meunangkeun Rahel, karaosna ku Yakub mah ukur popoean bae, awahing ku cinta-cintana.[21] Tutup anu tujuh taun, Yakub unjukan ka Laban, ”Abdi nagih perjangjian, putra Ama tikahkeun ka abdi, margi parantos seep waktosna.”[22] Prak Laban hajat, urang dinya kabeh diondang.[23] Tapi peutinganana, anu dianteurkeun ka Yakub teh lain Rahel, tapi Lea, seug salulut.[24] Lea ku Laban dibere emban saurang, ngaranna Silpa.[25] Isukna ku Yakub kakara katangen, sihoreng eta teh Lea. Yakub ngadesek ka Laban, ”Geuning kitu Ama mah, ngabobodo! Abdi ngawula teh hayang Rahel!”[26] Walon Laban, ”Di dieu mah teu lumrah adi dikawinkeun miheulaan lanceuk.[27] Sabar heula saminggu ieu nepi ka bubar hajat, kakara Rahel ku Ama diserenkeun. Tapi hidep kudu digawe di Ama tujuh taun deui.”[28] Yakub satuju. Sabubarna hajat kawinan, Rahel diserenkeun ka Yakub.

2 Samuel 5:4-5
[4] Waktu anjeunna diangkat jadi raja, yuswana tilu puluh taun, sarta ngarajaanana opat puluh taun.[5] Waktu ngarajaan nagara Yuda wungkul, lilana tujuh satengah taun, calikna di Hebron. Tuluy ngalih ka Yerusalem, ngarajaan sakuliah Israil jeung Yuda, meunang tilu puluh tilu taun.

Mazmur 75:2
Abdi-abdi muji sukur, nun Allah, muji sukur! Abdi-abdi ngabewarakeun kaagungan Gusti,

Habakuk 2:3
Kudu dicatetkeun, sabab pijadieunana moal waka ayeuna, can waktuna. Tapi waktuna geus tereh, sarta ieu anu ditembongkeun ka maneh pasti kajadian. Bisa jadi rada leuir. Tapi dago-dago bae, tangtu kajadian jeung moal ditunda-tunda.

Roma 5:2-4
[2] Ku jalan Anjeunna, hirup urang anu percaya dibawa ka jero sih kurnia Allah, senang hate lantaran boga pangharepan bakal dipaparin kabagjaan ku Allah.[3] Hirup sangsara oge hate tetep senang, dumeh terang yen eta kasangsaraan teh bisa ngalantarankeun urang jadi sabar,[4] sarta eta kasabaran ngajadikeun urang tahan uji, ari anu tahan uji boga pangharepan.

Wahyu 6:9-11
[9] Anak Domba muka segel nu kalima. Breh di handapeun altar katenjo aya nyawa para sahid, anu diparaehan lantaran nguarkeun sabda Allah jeung saratia nerangkeun hal kayaktianana.[10] Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, ”Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?”[11] Seug maranehna masing-masing dileler jubah warna bodas jeung ditimbalan reureuh heula sakeudeung, ngadago sasamana ngabdi anu oge bakal diparaehan kawas maranehna, supaya jangkep kabeh.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society