A A A A A

Karakter Bagus: [Akuntabilitas]


Roma 14:12
Ku hal eta urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.

Roma 1:20
Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na. Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho.

Amsal 27:17
Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.

Yakobus 5:16
Ku sabab eta ari aya dosa ka pada batur sing waraleh, sing silih doakeun supaya dicalageurkeun. Doa jelema nu tumut kana pangersa Allah mah gede maunatna.

Roma 2:12
Nu lain bangsa Yahudi henteu barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana di luareun eta. Urang Yahudi barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana saluyu jeung eta.

Lukas 12:47-48
[47] Gandek anu nyaho kana kahayang dunungan tapi dirina teu sadia jeung henteu ngajalankeun kahayang dununganana, tangtu dirangket satakerna.[48] Ari gandek anu teu ngarti mah kana karep dununganana, sanajan nepi ka kudu dirangket oge dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui nu dipenta ti dirina; beuki gede narimana, beuki gede nu dipenta ti dirina.”

1 Tesalonika 5:11
Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.

Yakobus 4:17
Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.

Roma 4:15
Hukum Agama Yahudi teh jadi lantaran Allah bendu. Tapi moal aya palanggaran lamun papagonna teu aya.

1 Timotius 1:10
keur nu teu boga ahlak, keur nu cabul patemon, keur culik, keur tukang bohong, keur nu sok mere panyaksi palsu, jeung sajaba ti eta anu ingkar tina pangajaran anu bener,

Matius 12:36
Kaula ngingetan, dina Poe Kiamat unggal jelema kudu nanggung balukar omongan-omonganana anu mubadir.

Lukas 12:48
Ari gandek anu teu ngarti mah kana karep dununganana, sanajan nepi ka kudu dirangket oge dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui nu dipenta ti dirina; beuki gede narimana, beuki gede nu dipenta ti dirina.”

Yehezkiel 18:20
Nu kudu paeh mah nu boga dosana. Anak moal bisa nanggung dosa bapa, bapa moal bisa nanggung dosa anak. Mana nu hade meunang ganjaran, mana nu jahat meunang siksaan tina kajahatanana.

Ef 5:21
Reujeung batur kudu patunduk-tunduk, cirining ajrih ka Kristus.

Ibrani 10:25
Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.

Yehezkiel 33:8
Saupama Kami mere nyaho yen aya hiji jalma jahat anu kudu paeh, tapi maneh henteu ngelingan ka eta jelema sina ngarobah kalakuanana sangkan hirupna salamet, eta jelema baris tulus paehna, tetep dosana, tapi sual paehna nya maneh anu ku Kami dikudukeun tanggung jawab.

Matius 12:36-37
[36] Kaula ngingetan, dina Poe Kiamat unggal jelema kudu nanggung balukar omongan-omonganana anu mubadir.[37] Sabab ucapan-ucapan aranjeun sorangan anu baris dipake nangtukeun aranjeun salah atawa teu salah.”

Galatia 6:1-2
[1] Lamun aya batur migawe teu bener, pepelingan ku aranjeun, anu ariman. Tapi mepelinganana sing leuleuy, jeung kahade bisi aranjeun sorangan kabawakeun.[2] Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.

Ibrani 10:24
Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.

Mazmur 51:5
Abdi teh rumaos lepat, kadorakaan abdi tansah jadi emutan.

1 Yohanes 2:2
Memang ku karana Yesus Kristus pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang bae, dosa sakabeh jelema oge dihampura.

2 Korintus 5:10
Sabab urang kabeh engke kudu jonghok di payuneun Kristus, dipariksa kalakuan. Unggal jelema bakal narima bagianana satimpal jeung kalakuan hirupna di dunya, hade atawa goreng.

2 Korintus 4:17-18
[17] Kasangsaraan ieu nu henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan, bakal jadi jalan geusan ngahontal hirup anu langgeng, anu bagjana tanpa tanding, leuwih ti batan kasangsaraanana.[18] Jadi sim kuring mah neuteup teh museur ka anu teu katembong, lain ka nu katembong. Sabab anu katembong mah umurna moal lila, sabalikna anu teu katembong mah umurna langgeng abadi.

Ef 4:25
Ulah sok ngabarohong deui! Ka batur sakapercayaan kudu jujur, sabab kabeh geus jaradi anggahota salira Kristus.

Galatia ௬:௨
Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.

Kisah Para Rasul 14:17
Tapi Mantenna salawasna nyirikeun yen aya, tembong dina sagala padamelana-Na anu harade pikeun aranjeun, nya eta: nurunkeun hujan ti langit, maparin musim hasil bumi, maparin dahareun, jeung nyenangkeun hate aranjeun.”

2 Korintus 2:6
da hukuman ti kalolobaan aranjeun oge ka eta jelema teh geus cukup.

1 Samuel 16:7
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”

1 Korintus ௧:௧௦
Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.

2 Raja ௧௨:௪-௫
[௪] Hiji mangsa Yoas marentah ka imam-imam, supaya duit anu katarima tina kurban-kurban di Bait Allah, boh tina kurban-kurban anu baku, boh anu didermakeun kitu bae, supaya disimpen.[௫] Tiap imam kudu tanggung jawab kana duit anu dibaktikeun ku jelema-jelema anu dilalayananana. Eta duit baris dipake pikeun ngomean karuksakan Bait Allah samangsa perlu.

Mazmur 82:1
Jabur Asap. Allah mingpin pasamoan sawargawi. Dina eta pasamoan Mantenna mutuskeun kieu:

Mazmur 82:6
Memang ceuk Kami, ʼMaraneh mahluk-mahluk ilahi, putra-putra Nu Maha Agung.ʼ

Ayub 1:6-12
[6] Hiji mangsa, waktu mahluk-mahluk surga ngadeuheus ka payuneun PANGERAN, di antarana Si Panggoda oge aya.[7] Ku PANGERAN dipariksa, ”Ari maneh tas naon bae?” Jawab Si Panggoda, ”Tas luntang-lantung ngajajah jagat.”[8] Timbalan PANGERAN, ”Nyaho maneh ka abdi Kami nu ngaran Ayub? Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna. Ka Kami estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah.”[9] Si Panggoda ngajawab, ”Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti?[10] Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga. Sagala pagaweanana diberkahan, tur dibere ingon-ingon sakitu reana, mani matak heurin sanagara.[11] Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.”[12] Timbalan Allah ka Si Panggoda, ”Heug, sagala pangabogana kawasaan ku maneh, asal ulah ganggu ka dirina.” Leos Si Panggoda undur ti payuneun Allah.

Ayub 2:1-7
[1] Waktu mahluk-mahluk surga ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, Si Panggoda milu deui.[2] Ku PANGERAN dipariksa, ”Maneh tas ti mana?” Si Panggoda ngajawab, ”Tas luntang-lantung ngajajah jagat.”[3] PANGERAN mariksa deui, ”Geus nyaho lain, ka abdi Kami Ayub tea? Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna. Ka Kami estu gumusti, tata-titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah. Mangkilang ku maneh geus dijuligan teu puguh-puguh lantaran Kami kaangsonan, tetep bae satuhu cara sasari.”[4] Si Panggoda ngajawab, ”Jelema mah asal keur ngabelaan nyawa, tara lebar ku banda.[5] Coba ragana terapan siksa, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.”[6] Ari pilahir PANGERAN, ”Hade, ayeuna manehna aya dina kakawasaan maneh, asal ulah nepi ka paeh.”[7] Leos Si Panggoda undur ti payuneun PANGERAN, nerapkeun panyiksa ka Ayub, sakujur salirana disina parecah pareurih kabina-bina.

1 Tawarikh 28:8
Ku sabab kitu ayeuna di payuneun Allah urang, jeung dina ieu pajemuhan sakumna bangsa Israil anu jadi umat PANGERAN, kami meredih ka maraneh, rahayat kami, sing balener nya nurut kana sagala timbalan PANGERAN Allah urang, supaya bisa tetep ngamilik ieu tanah anu sakieu hadena, wariskeuneun ka saanak incu salalanggengna.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society