A A A A A

Karakter Bagus: [Kebaikan]


1 Korintus 13:4-7
[4] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[5] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[6] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[7] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.

Ef 4:29
Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.

Mikha 6:8
Teu kudu, PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawe kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.

Kolose 3:12
Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.

Ef 2:7
Pang Allah midamel kitu teh supaya manusa di jaman engke nyaraho kana sih kurnia-Na anu sakitu luar biasana ka anu satunggal jeung Kristus.

Matius 5:24
tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.

Roma 2:4
Atawa sugan aranjeun ngamumurah kasaean manah-Na, sipat hampura-Na, jeung kasabarana-Na? Puguh, aranjeun terang yen Allah teh sae manah, da geuning kersaeun ngageuing sangkan aranjeun tarobat.

Galatia 5:22
Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,

Mazmur 141:5
Abdi nampi kana hukuman sareng panegorna jalmi sae, sawangsulna teu hayang dihormat ku jalmi jahat, lantaran paneda abdi salamina pikeun ngalawan kalakuanana anu goreng.

Yesaya 54:8
Kami bendu nepi ka ninggalkeun teh teu lila. Ayeuna rek mikanyaah sapapanjangna.” Kitu dawuhan PANGERAN, anu ngajait maneh.

Amsal 19:22
Jalma hawek mah pikasebeleun. Saleuheung nu miskin ti batan nu gede bohong.

1 Petrus 4:8
Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.

2 Petrus 1:5-7
[5] Ku sabab kitu kudu ihtiar enya-enya supaya beuki leuwih mantep percaya ka Kristus dibarengan ku hirup hade. Jaba ti eta aranjeun kudu baroga pangarti kana hal pangersa Allah;[6] pangarti deudeul ku ngawasaan diri; ngawasaan diri deudeul ku katabahan; katabahan deudeul ku ibadah, hirup numutkeun pangersa Allah;[7] ibadah tambah ku nyaah ka batur sakapercayaan; kanyaah eta deudeul ku kanyaah ka sakabeh jelema.

Ester 2:9
Hagai kacida katajina ku Ester, atuh pohara mikanyaahna. Ngarawatna leuwih enya-enya, taya waktu kapiceun dipake ngurut jeung ngatur daharna. Kamarna dibere nu pangalusna, malah dibere mojang petingan ti karaton tujuh urang, purah ngalalayanan.

Ef 4:32
Sabalikna kudu sareh, alus budi, jeung kudu silih hampura sakumaha aranjeun oge ku Allah geus dihampura ku karana Kristus.

Galatia 6:10
Ku sabab eta, saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.

Lukas 6:35
Ulah kitu! Ka musuh kudu nyaah, kudu daek mere kahadean ka maranehna; ari mere nginjeum ulah bari ngarep-ngarep pulang deui. Lamun barisa kitu, gede piganjaraneun maraneh, tur bakal pijadieun putra-putra Allah Nu Maha Agung. Sabab Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah.

Amsal 31:26
Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana.

1 Petrus 3:9
Jahat ulah dibales ku jahat, ambek ulah dibales ku ambek, anggur pangmentakeun berkah, da aranjeun oge disaur ku Allah teh supaya mareunang berkah-Na.

Rut 2:20-21
[20] Ceuk Naomi, ”Muga Boas ginanjar berkah PANGERAN, anu teu tinggal ti mikaasih ka umat-Na ka nu harirup keneh kitu deui ka nu geus maraot. Saenyana anjeunna teh baraya urang, landes keneh pisan, anu aya wajibna ngabelaan ka urang.”[21] Ceuk Rut deui, ”Jabi ti kitu teh saurna abdi kenging mulungan di humana dugi ka rengse usum motong.”

Rut 3:10
Ari saur Boas, ”Muga Nyai mendak berkahna PANGERAN. Nyai sakitu pengkuhna nyekel kabarayaan. Tina omongan Nyai bieu beuki tetela ti batan nu enggeus-enggeus, kumaha kasatiaan Nyai ka baraya. Buktina Nyai henteu milih nu lian nu ngora keneh, anu beunghar atawa anu miskin.

Nehemia 9:17
Maranehna embung tunduk, lali ka pitulung Gusti lali kana mujijat-mujijat Gusti. Nalika keur arangkuhna, maranehna milih kapala, sina nungtun wangsul deui ka Mesir, ka urutna kumawula. Nanging Gusti, Allah lautan hampura, sipat murah pinuh ku kanyaah, tara enggal-enggal amarah. Welas asih langkung-langkung, ka maranehna teu kersa ngantun.

Mazmur 31:21
Maranehna aman disumputkeun dina aub-aub Gusti, aman tina pangarah jalma-jalma jahat, ku Gusti disingkurkeun, tebih tina panghina musuh-musuhna.

Mazmur 117:1-2
[1] Puji PANGERAN, he sakabeh bangsa-bangsa! Puji Mantenna, he sakumna umat![2] Asih-Na ka urang pohara, kasatiaan Mantenna tetep salalanggengna. Puji PANGERAN!

Mazmur 119:76
Eta welas asih Gusti teh mugia jadi panglipur, luyu sakumaha jangji ka abdi Gusti.

Yesaya 54:10
Gunung jeung pasir bisa urug. Tapi kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna. Jangji Kami ka maneh moal udar, rek mere kanugrahaan.” Kitu dawuhan PANGERAN anu asih ka maneh.

Yeremia 2:2
ngumumkeun timbalana-Na ka sakur nu araya di Yerusalem. Kieu, ”Kami inget, maneh teh keur ngora keneh kacida satiana; basa urang mimiti ngajodo, maneh kacida mikacintana ka Kami, daek nunutur ka gurun keusik, ngambah tanah anu tara pisan dipelakan.

Yoël 2:13
Tembongkeun yen hate maraneh rakacak ku rasa kaduhung, teu cukup ku nyosoeh pakean.” Geura baralik deui ka PANGERAN, Allah maraneh, Mantenna bageur jeung karunyaan, sabar sarta pengkuh kana jangji, salilana kersa maparin hampura, moal ngahukum.

Yunus 4:2-3
[2] Tuluy sasambat kieu, ”Duh PANGERAN, sanggem abdi ge memeh mios ti rorompok, kumaha? Tangtos kieu pijadieunana! Eta margina pang abdi teras minggat ka Sepanyol! Abdi parantos apal, Gusti teh Allah anu sipat welas, sipat hampura, sabar teu aya watesna, sae salalamina, salamina sok tara cios bae ngahukum.[3] Kitu nu mawi, ayeuna mah cabut nyawa abdi, langkung sae maot ti batan hirup.”

Kisah Para Rasul 28:2
Pribumina balageur, ngaraku ka imahna jeung mangnyieunkeun durukan pikeun saliduru, kawantu hujan jeung tiris.

Kejadian 24:14
bade nyanggem ka salah saurang: ’Cik nyuhunkeun caina, Bapa halabhab.’ Upami wangsulanana: ’Mangga, malah onta-onta oge urang inuman,’ nya manehna anu ku Gusti kamanah baris pijodoeun juragan Ishak. Eta jadi tawis pikeun abdi, yen jangji Gusti ka dunungan abdi tetep pageuh.”

Yosua 2:12
Kuring miharep aranjeun kersa sumpah demi asma-Na, yen aranjeun baris nyieun kahadean ka kulawarga kuring, kawas anu dilampahkeun ku kuring ka aranjeun. Mugi jangji yen indung bapa kuring, dulur-dulur katut sakumna kulawarga kuring ku aranjeun moal dipaehan, tapi diauban. Kanggo eta mugia dipaparin tanda anu tiasa dipercanten.”

2 Korintus 6:6
Ku kaiklasan, ku kabijaksanaan, ku kasabaran, jeung ku kasomeahan, sim kuring sababaturan nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah; oge ku pitulungna Roh Suci, jeung ku kanyaah anu wening,

Titus 3:4
Geus kitu datang kasaean jeung asihing Allah Jurusalamet urang,

Kejadian 24:12
Badega teh seug neneda, ”Nun PANGERAN, Allah juragan Ibrahim. Mugi abdi dinten ieu ditepangkeun sareng anu nuju dipilari. Mugi Gusti emut kana jangji ka dunungan abdi.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society