A A A A A

Karakter Bagus: [Kehormatan]


1 Petrus 2:17
Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.

Roma 12:10
Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan.

1 Timotius 5:17
Para kokolot jamaah anu alus ngokolotanana sakumaha mistina nu jadi pamingpin, kudu meunang bayaran dua tikel, komo anu getol hutbah jeung rajin ngawuruk mah.

Yohanes 5:23
supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus- Na.

Yohanes 4:44
sabab saur-Na sorangan, ”Nabi tara dihargaan di nagrina sorangan.”

1 Timotius 1:17
Kamulyaan, kaagungan, kasanggakeun sapapaosna ka Mantenna, Raja abadi, gaib, Allah anu maha esa. Amin.

Roma 13:1-7
[1] Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.[2] Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.[3] Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,[4] da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.[5] Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.[6] Ieu keneh sababna pang aranjeun kudu malayar pajeg, lantaran pamarentah teh kawula Allah anu keur ngajalankeun aturan Mantenna.[7] Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg, boh cuke lamun kudu mayar cuke. Hargaan pamarentah, ajenan.

Roma 2:7
Jelema anu temen wekel dina kahadean malar bisa mulya, kaajen sarta hirup abadi, ku Allah bakal diganjar hirup langgeng.

Ibrani 13:4
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

Yohanes 12:26
Anu rek ngabdi ka Kami kudu daek nuturkeun Kami, supaya di mana Kami aya, abdi Kami oge aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami bakal dihormat ku Ama Kami.”

Ef 6:1-3
[1] Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade.[2] ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:[3] ”Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.”

Ef 6:2
”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:

Yohanes 5:22-23
[22] Rama ku manten moal ngahukum ka saha-saha, sabab hak ngahukum sagemblengna geus diserenkeun ka Putra,[23] supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus- Na.

Matius 15:4
Timbalan Allah, ʼManeh kudu hormat ka indung bapa.ʼ Jeung, ʼAnu ngagogoreng indung bapa kudu dipaehan.ʼ

1 Tesalonika 4:4
Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,

2 Petrus 1:17
Waktu Anjeunna ku Allah Rama diterapan kamulyaan jeung kaagungan di gunung nu suci tea, sim kuring jeung batur duaan keur reureujeungan jeung Anjeunna, sarta kadenge ku ceuli sorangan gentra Anu Maha Mulya ti sawarga, ngadawuhkeun salira Anjeunna, ungelna, ”Ieu teh putra kakasih Kami, anu dipisuka ku Kami!”

Wahyu 5:12-13
[12] tuluy ngarawih sorana tarik: ”Anak Domba nu geus ditelasan, layak nampi kakawasaan, kamuktian, kaluhungan, jeung kakuatan, kamulyaan, kaagungan, jeung pujian!”[13] Jeung kaula ngadenge mahluk-mahluk nu di sawarga, nu di bumi, nu di handapeun bumi, jeung nu di laut, cindekna sakabeh pangeusi jagat raya, ngarawih: ”Sanggakeun ka Mantenna, anu linggih dina tahta, jeung ka Anak Domba: Puji jeung bakti, kamulyaan jeung kaperkosaan, salalanggengna!”

Wahyu 7:12
Kabeh nyarebut, ”Amin! Puja jeung puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan jeung kawisesaan, kagungan Allah urang salalanggengna. Amin!”

1 Korintus 6:20
Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Ef 6:2-3
[2] ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:[3] ”Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.”

Wahyu 4:9-11
[9] Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna.[10] Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk:[11] ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.”

Markus 7:1-13
[1] Aya rombongan urang Parisi jeung guru-guru agama Yahudi ti Yerusalem anu daratang ka Yesus.[2] Maranehna narenjoeun yen aya murid-murid Yesus anu dalaharna ku leungeun anu ceuk agama mah henteu beresih, nya eta leungeunna henteu dikumbah heula nurutkeun aturan anu ku urang Parisi diparentahkeun ka jalma-jalma. ([3] Urang Parisi, sakumaha umumna bangsa Yahudi, kacida tuhuna kana adat karuhun, tara waka prak dahar lamun tacan beberesih heula leungeun nurutkeun cara anu tangtu.[4] Kitu deui, dahareun naon bae anu asalna ti pasar tara terus didahar lamun tacan dikumbah heula. Loba deui adat titinggal karuhunna teh, kayaning aturan meresihan cangkir, mangkok, paparabotan tina tambaga, jeung tempat tidur.)[5] Ku sabab kitu eta urang Parisi jeung guru-guru agama teh naranyakeun ka Yesus, pokna, ”Ku naon murid-murid Anjeun henteu nurut kana adat karuhun urang, dalahar make leungeun anu ceuk agama henteu beresih?”[6] Waler Yesus, ”Aranjeun teh munapek! Cocog jeung ramalan Yesaya ngeunaan aranjeun, anu kieu tea: ’Ieu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.[7] Cumah bae ibadah ka Kami, sabab ngajarkeun aturan beunang manusa, anu dianggapna aturan ti Kami.’[8] Kitu aranjeun teh, satia kana aturan beunang manusa, miceun parentah ti Allah.”[9] Saur-Na deui, ”Aranjeun kacida pinterna ngalindih parentah Allah ku aturan sorangan teh![10] Parentah ti Musa, ’Kudu hormat ka indung bapa,’ jeung, ’Anu ngagogoreng ka indung bapa kudu dipaehan.’[11] Tapi anu diajarkeun ku aranjeun mah, majar jelema anu boga naon bae anu bisa dipake nulung bapana atawa indungna, tapi nyebutkeun, ’Ieu mah kurban,’ (anu maksudna geus dibaktikeun ka Allah), eta jelema dibebaskeun tina kawajibanana nulung ka bapana atawa ka indungna.[12] ***[13] Ku lantaran kitu, eta pangajaran aranjeun anu dikeunakeun ka nu sejen teh ngabatalkeun dawuhan Allah. Loba keneh hal-hal saperti kitu anu dilampahkeun ku aranjeun teh.”

Matius 15:1-9
[1] Aya rombongan urang Parisi jeung guru-guru agama ti Yerusalem, naranya kieu ka Yesus,[2] ”Ku naon murid-murid Anjeun henteu marake adat karuhun urang? Ari rek dalahar tara ngarumbah leungeun heula nurutkeun aturan!”[3] Waler Yesus, ”Sabalikna aranjeun anu mentingkeun adat karuhun, ku naon ngarempak parentah Allah?[4] Timbalan Allah, ʼManeh kudu hormat ka indung bapa.ʼ Jeung, ʼAnu ngagogoreng indung bapa kudu dipaehan.ʼ[5] Tapi ceuk pangajaran aranjeun mah, lamun jelema boga bikeuneun ka bapana atawa ka indungna, tapi nyebutkeun yen, ʼAnu ku kuring rek dibikeun ka Bapa jeung Ema teh ku kuring geus dihaturkeun ka Allah,ʼ[6] eta jalma geus teu perlu deui ngahormat ka kolotna. Ku cara kitu teh aranjeun nyumahkeun parentah Allah, nurutkeun pangajaran sorangan.[7] Aranjeun teh munapek! Cocog jeung ramalan Yesaya ngeunaan aranjeun, anu kieu tea:[8] ʼIeu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.[9] Cumah bae ibadah ka Kami, sabab ngajarkeun aturan beunang manusa, anu dianggapna aturan ti Kami!ʼ ”

Lukas 14:7-8
[7] Ku Yesus katiten aya tamu-tamu anu paheula-heula nyokot tempat anu utama; pok ngalahir ka maranehna,[8] ”Lamun diondang ka nu hajat kawinan, ulah ngadiukan korsi kahormatan. Boa teuing aya ondangan sejen anu harkatna leuwih ti batan aranjeun,

2 Korintus 6:8
Sok dihargaan, sok dihahangu, sok dipoyok, sok dipuji; ngomong perkara anu sayakti, malah dianggap tukang ngabohong;

Wahyu 5:13
Jeung kaula ngadenge mahluk-mahluk nu di sawarga, nu di bumi, nu di handapeun bumi, jeung nu di laut, cindekna sakabeh pangeusi jagat raya, ngarawih: ”Sanggakeun ka Mantenna, anu linggih dina tahta, jeung ka Anak Domba: Puji jeung bakti, kamulyaan jeung kaperkosaan, salalanggengna!”

Wahyu 4:11
”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.”

1 Timotius 6:16
Ngan Mantenna nyalira anu teu keuna ku pati, anu jumeneng di jero cahaya anu hamo bisa didatangan. Can aya anu geus nenjo ka Mantenna, moal aya anu bisa nenjo ka Mantenna. Hormat jeung kakawasaan dibaktikeun ka Mantenna salalanggengna.

Ibrani 5:4
Imam agung teu aya anu ngajenengkeun maneh, sabab kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Harun contona.

Matius 15:8
ʼIeu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.

Matius 19:19
sing hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.”

Lukas 18:20
Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ʼManeh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.ʼ ”

Matius 13:57
Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, ”Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan.”

Markus 6:4
Saur Yesus ka maranehna, ”Nabi teh dihargaan di mana-mana. Tapi di lemburna jeung di kalangan kulawargana atawa baraya-barayana mah tara dianggap.”

Yohanes 12:23-26
[23] Yesus ngawaler, ”Geus waktuna Putra Manusa teh nampa kamulyaan.[24] Saenyana ceuk Kami: gandum sasiki lamun henteu dipelak dina taneuh sina paeh heula, angger bae ngan sasiki. Lamun geus disina paeh heula mah tangtu jadi, nu asal sasiki teh jadi loba.[25] Anu nyaah kana hirupna, hirupna tangtu leungit. Anu ngewa kana hirupna di ieu dunya, hirupna bakal kapimilik pikeun hirup anu langgeng.[26] Anu rek ngabdi ka Kami kudu daek nuturkeun Kami, supaya di mana Kami aya, abdi Kami oge aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami bakal dihormat ku Ama Kami.”

Ibrani 2:9
Tapi urang terang aya anu nyepeng kawasa kitu, nya eta Yesus. Anjeunna ku Allah disina leuwih handap sakeudeung ti batan para malaikat, sarta disina pupus jadi gaganti sakumna manusa, ku tina asihna Allah ka manusa. Urang terang, ku sabab Anjeunna geus nemahan pupus jeung nandangan sangsara, Anjeunna geus aya dina kaagungan jeung kamulyaan.

Keluaran 20:12
Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.

Yesaya 29:13
Dawuhan Pangeran, ”Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena. Agamana taya lian ti aturan- aturan jeung tali paranti beunang nyieun jalma. Eta bae anu diarapalkeunana teh.

1 Samuel 2:30
Kami, GUSTI Allah Israil, enya bareto jangji yen maneh saanak-anak, kitu deui kaom maneh, salawasna bakal jaradi imam pikeun Kami. Tapi ayeuna mah paliyas dilaksanakeun! Anu ngajenan ka Kami ku Kami bakal diajenan deui, anu ngahina ka Kami ku Kami bakal dihina deui.

Amsal 3:9
Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.

Ulangan 5:16
Kudu masing hormat ka bapa jeung ka indung, sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh, supaya maraneh jamuga jeung panjang umur di tanah anu bakal dipaparinkeun ku Kami.

Amsal 21:21
Sing bageur, sing someah, tangtu panjang umur, nu lian ge tangtu ngajenan jeung jujur ka urang.

Amsal 22:4
Masing ajrih sarta rendah hate ka PANGERAN, tangtu maneh bisa beunghar, kaajen, jeung umur panjang.

Amsal 14:31
Ngagencet ka nu miskin, eta teh ngunghak ka Allah nu ngadamelna. Welas asih ka nu miskin, eta teh hiji bakti ka Mantenna.

Mazmur 8:5-6
[5] manusa teh naon, ku Gusti dugi ka dipikaemut; naon manusa teh, ku Gusti dugi ka dipirosea?[6] Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan,

Amsal 29:23
Angkuh teh ngalantarankeun jelema rubuh. Ari anu rendah hate mah malah pada ngajenan.

Maleakhi 1:6
PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka imam-imam, ”Anak hormat ka bapa. Gandek ajrih ka juraganana. Mana hormat maraneh ka Kami, bapa maraneh? Mana kaajrih maraneh ka Kami, juragan maraneh? Maraneh ngahina ka Kami, tapi ceuk maraneh, ʼNgahina kumaha abdi-abdi ka Gusti?ʼ

1 Timotius 5:3
Ka randa-randa anu enyaan randana sing hormat.

1 Timotius 6:1
Gandek-gandek kudu mandang yen dununganana teh jelema nu wajib dihormat, supaya ulah aya jelema anu ngagogoreng kana jenengan Allah jeung kana pangajaran agama urang.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society