A A A A A

Karakter Bagus: [Keramahan]


Ibrani 3:2
Yesus satia ka Allah, anu ngangkat Anjeunna nyepeng eta padamelan, saperti Musa anu satia nohonan papancen di gedong Allah.

Yesaya 58:7
Sing daek mere ka nu kalaparan, daek ngarapek semah miskin anu teu bogaeun imah, daek makean ka nu rudin, daek ngabantu ka dulur atawa ka baraya.

1 Timotius 5:10
kalakuanana kaceluk mulus, bener rumawatna ka anak, akuan ka semah, daek asor ngalakonan kawajiban keur sasama saiman, daek nalang ka nu susah, jeung gumati kana gawe nu harade.

Titus 1:8
Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, taʼat kana aturan.

1 Petrus 4:8-9
[8] Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.[9] Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.

Kisah Para Rasul 16:33-34
[33] Wanci eta keneh peuting-peuting Paulus jeung Silas dikaluarkeun ti jero bui, raheut-raheutna diberesihan. Kapala panjara jeung sakulawargana dibaptis peuting eta keneh,[34] kacida barungaheunana lantaran geus palercaya ka Allah. Saulus jeung Silas dibawa ka imahna, disuguhan tuang.

Imamat 19:33-34
[33] Ulah sok sakama-kama ka batur teu sabangsa anu ngumbara di maraneh.[34] Aku maranehna kawas ka sasama urang Israil, pikanyaah cara ka awak sorangan. Sing aringet maraneh ge kungsi narumpang hirup di tanah batur di Mesir. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

Lukas 14:7-14
[7] Ku Yesus katiten aya tamu-tamu anu paheula-heula nyokot tempat anu utama; pok ngalahir ka maranehna,[8] ”Lamun diondang ka nu hajat kawinan, ulah ngadiukan korsi kahormatan. Boa teuing aya ondangan sejen anu harkatna leuwih ti batan aranjeun,[9] bisi kieu ceuk pribumi ka aranjeun, ʼNgalih, ieu mah haturan Juragan Anu.ʼ Tangtu kaisinan, tur kudu diuk di tempat pangtukangna.[10] Nu matak ari diondang teh mending milih tempat pangtukangna, sangkan ku pribumi diangkir, ʼSae ngalih ka ditu ka payun, langkung raos.ʼ Puguh bae matak naek darajat, kapandang ku tamu-tamu sejen.[11] Sabab saha-saha anu ngaluhurkeun maneh tangtu dihandapkeun, jeung saha-saha anu ngahandapkeun maneh tangtu dijungjung luhur.”[12] Geus kitu Yesus ngalahir ka pribumi, ”Lamun ngondang pesta dahar, beurang atawa peuting, ulah ngondang babaturan atawa duduluran atawa babarayaan atawa tatangga beunghar. Maranehna mah puguh bae bisa ngabales ngondang, jadi eta kahadean anjeun teh kabales.[13] Jadi ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong;[14] geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun. Nya Allah anu bakal ngabales eta kahadean anjeun teh, dina poean dihirupkeunana deui jelema-jelema anu harade hate.”

Matius 25:34-46
[34] Raja bakal ngalahir kieu ka nu di tengeneuna-Na, ʼKa darieu aranjeun, anu diberkahan ku Rama Kami. Geura arasup ka Karajaan anu geus disadiakeun pikeun aranjeun, ti barang dunya gumelar.[35] Bareto waktu Kami lapar ku aranjeun dibere dahar, waktu halabhab dibere nginum, waktu keur jadi semah asing diaku dianjrekkeun,[36] waktu keur sataranjang dibere pakean, waktu keur gering dipulasara, waktu keur dipanjara dilongokan.ʼ[37] Jawab nu balener, ʼGusti, waktos Gusti lapar teh iraha abdi-abdi ngahaturanan tuang, atanapi waktos Gusti hanaang iraha abdi-abdi ngahaturanan ngaleueut?[38] Waktos Gusti jadi semah asing, iraha abdi-abdi nganjrekkeun?[39] Waktos Gusti teu diraksukan iraha abdi-abdi ngahaturanan raksukan? Waktos Gusti teu damang, waktos Gusti dipanjara, iraha abdi-abdi mulasara, iraha abdi-abdi ngalayad?ʼ[40] Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ[41] Ari ka nu di beulah kenca kieu lahir-Na, ʼGeura nyaringkah ti Kami, eh maraneh anu disapa ku Allah! Geura les arasup ka jero seuneu langgeng anu geus disadiakeun pikeun Iblis jeung para malaikatna![42] Keur Kami lapar maraneh teu mere dahar, keur Kami halabhab maraneh teu mere nginum,[43] keur Kami jadi semah asing maraneh teu nganjrekkeun, keur Kami teu boga baju-baju acan maraneh teu mere, keur Kami gering maraneh teu ngurusanan, keur Kami dipanjara maraneh teu mirosea!ʼ[44] Maranehna bakal ngajarawab kieu, ʼGusti! Iraha abdi-abdi ningal Gusti lapar, hanaang, jadi semah asing, teu kagungan raksukan, teu damang, dipanjara, lajeng abdi-abdi teu nulungan?ʼ[45] Waler Raja, ʼKieu mun harayang nyaho: Samangsa-mangsa maraneh embung nulung ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, sarua jeung embung nulung ka Kami.ʼ ”[46] ”Eta jelema-jelema anu karitu bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan langgeng,” saur Yesus. ”Ari anu balener, anu ngalakonan pangersa Allah, bakal hirup bagja tur langgeng.”

Roma 12:13-20
[13] Batur sakapercayaan anu keur aya kakurangna, tulungan sapangabutuhna; tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.[14] Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu![15] Kudu milu bagja ka nu meunang bagja, milu ceurik ka nu ceurik.[16] Tata-titi ka batur kudu sarua. Nyekel kawajiban ulah bari kamagungan, kudu reujeung rendah hate. Ulah ngarasa aing pinter.[17] Nu goreng ulah dibales ku goreng. Usahakeun kumaha bae jalanna anu ceuk batur ge hade,[18] sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.[19] Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”[20] Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society