A A A A A

Karakter Bagus: [Kasih sayang]

Kolose 3:12
Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.

Keluaran 33:19
PANGERAN ngawaler, ”Heug, sagala kamulyaan Kami bakal ngaliwat ka hareupeun maneh, sarta jenengan Kami anu suci rek disebut. Kami, PANGERAN, rek nembongkeun katresnan jeung kawelas ka jelema anu kaanggo ku Kami.

Yesaya 30:18
Sangkilang kitu ge maraneh mo burung dihampura ku PANGERAN, mo burung diajeng-ajeng jeung dipikawelas, da Mantenna mah dina sagala perkara bener sapapanjangna. Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.

Yesaya 49:10-13
[10] Moal kalaparan, moal kahalabhaban, moal kabetrak ku panonpoe, moal kagarang ku tegalan anu panas ngentak-ngentak. Sabab bakal diasuh ku anu maha welas ka maranehna. Ku Mantenna bakal dibawa ka cinyusu.[11] Kami rek ngadamel jalan gede liwat gunung-gunung, jalan keur umat Kami.[12] Umat Kami bakal daratang ti nu jarauh, ti tatar kaler, tatar kulon, jeung ti tatar kidul, ti tanah Sinim.”[13] Langit geura emprak! Jagat geura surak! Gunung-gunung geura sarenggak! Sabab PANGERAN bakal ngalilipur ka umat-Na, bakal mikawelas ka maranehna, anu eukeur salangsara.

Yesaya 54:10
Gunung jeung pasir bisa urug. Tapi kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna. Jangji Kami ka maneh moal udar, rek mere kanugrahaan.” Kitu dawuhan PANGERAN anu asih ka maneh.

Yesaya 63:7
Kaula rek nyaritakeun kaasih PANGERAN anu teu keuna ku robah. Kaula muji sukur ku sagala damel-Na pikeun urang. Berkah-Na ka urang Israil taya wiwilanganana, welas asih-Na langgeng sapapanjangna.

Yakobus 5:11
Ceuk urang aranjeunna teh bagja ku kategeranana. Dulur-dulur geus ngadarenge carita Ayub anu sabar tumarima, ahirna ku Pangeran diganjar, da Pangeran mah sipat murah jeung sipat welas.

Ratapan 3:32
Mantenna sok maparin duka lara, tapi pasti jeung teguh asih-Na.

Mazmur 51:1
Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.

Mazmur 103:13
Sakumaha bapa nyaaheun ka anakna, PANGERAN teh nyaaheun ka sakur anu hormat ka Mantenna.

Mazmur 116:5
PANGERAN teh sipat hampura jeung murah manah, Allah urang sipat welas.

Mazmur 119:77
Sing hawatos, supados abdi hirup, margi abdi resep kana hukum Gusti.

Mazmur 119:156
Welas asih Gusti ageung pisan, nun PANGERAN, mugi welas ka abdi, mugi abdi disalametkeun.

Mazmur 145:9
Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.

Roma 9:15
Sabab Allah ngalahir kieu ka Musa, ”Kami bakal mikawelas ka sakur anu kamanah ku Kami; Kami rek ngurniaan ka saha Kami kersa.”

2 Korintus 1:3-4
[3] Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa.[4] Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.

Filipi 2:1-3
[1] Aranjeun jadi kuat lantaran ngahiji jeung Kristus. Bisa senang hate lantaran dipikaasih ku Anjeunna. Aranjeun diaping ku Roh Allah, harade hate jeung silih karunyaan pada batur.[2] Sing sahate deuih, sakanyaah, sajiwa, sapikiran, sangkan hate sim kuring leuwih senang.[3] Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.

Matius 9:35-38
[35] Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.[36] Manahna kacida ngahelasna ningali jelema-jelema anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna.[37] Seug ngalahir ka murid-murid, ”Pibuateun lega, ari nu dibuatna ngan saeutik.[38] Ku sabab eta kudu nyuhunkeun ka anu kagungan eta pibuateun, supaya Mantenna ngirim jelema-jelema anu bakal mibuatanana.”

Mazmur 103:1-5
[1] Ti Daud. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, mulyakeun sakuat-kuat jenengana-Na nu suci![2] Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, jeung ulah poho, kumaha saena Mantenna.[3] Mantenna ngahampura sakabeh dosa kaula, nyageurkeun sagala panyakit kaula.[4] Ngajaga kaula tina liang kubur, sarta ngaberkahan kaula kalayan asih jeung welas.[5] Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade, nepi ka kaula awet ngora tur rosa tanaga kawas galudra.

Matius 20:29-34
[29] Yesus jeung murid-murid kaluar ti Yeriho, loba pisan anu naluturkeun.[30] Di sisi jalan aya nu lolong duaan keur dariuk. Barang ngadarengeeun Yesus ngalangkung, tuluy tinggarero, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”[31] Ku nu sejen disentak sina repeh, tapi ngagerona kalah ka beuki tarik, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”[32] Yesus liren heula tuluy mariksa, ”Aya naon nyalukan Bapa?”[33] ”Hayang tiasa ningal, Juragan!” tembalna.[34] Yesus welaseun, seug panon maranehna diusap, bray bae bareunta barisa nenjo, tuluy ngiring ka Anjeunna.

Matius 14:13-21
[13] Sanggeus ngadangu warta hal Yohanes, Yesus angkat nyalira ka hiji tempat mencil kana parahu. Tapi jelema-jelema ngadarenge beja, tuluy budal nyarusul make jalan darat.[14] Waktu lungsur tina parahu, ningali jelema sakitu reana manah Yesus mani ngerik hawatoseun. Anu garering ku Anjeunna tuluy dicalageurkeun.[15] Sanggeus burit murid-murid nyalampeurkeun sarta arunjukan, ”Parantos burit, sareng ieu tempat teh mencil. Jalmi-jalmi sina maleser tedaeunana ka kampung-kampung.”[16] ”Ulah disina arindit,” saur Yesus. ”Suguh dahar ku maraneh bae saaya-aya!”[17] ”Kumaha da mung aya roti lima siki sareng lauk dua siki,” jawab murid-murid.[18] ”Bawa ka dieu,” saur Yesus.[19] Jalma rea ku Anjeunna dipiwarang dariuk dina jukut. Anjeunna nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah muji sukur ka Allah. Rotina disemplekkan tuluy diasongkeun ka murid-murid sina dibagikeun.[20] Jalma rea dalahar sareubeuheun. Sesa ngadahar ku murid-murid dikumpulkeun meunang dua welas karanjang.[21] Nu disuguh dahar teh aya lima rebu urang, jaba awewe jeung barudak.

Matius 15:29-39
[29] Ti eta tempat Yesus angkat deui mapay Talaga Galilea, tuluy unggah ka hiji pasir ngadon calik.[30] Jalma-jalma ngabrul daratang ka Anjeunna, mawa nu lumpuh, nu lolong, nu cingked, nu pireu, jeung nu garering ku kasakit sejen, dikumpulkeun deukeut sampean Yesus, seug ku Anjeunna dicalageurkeun.[31] Jelema-jelema mani arolohok nenjo anu pireu jadi bisa ngomong, anu cingked jadi walagri, anu lumpuh jadi bisa leumpang, anu lolong jadi bisa nenjo. Seug bae maruji ka Allah urang Israil.[32] Yesus nyaur murid-murid tuluy nyarios, ”Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe di darieu jeung Kami, ayeuna geus henteu barogaeun jang dahar. Kami teu tega nitah baralik teu disina dalahar heula, bisi kalempohan di jalan.”[33] Piunjuk murid-murid, ”Nanging di gurun keusik sapertos kieu, ti mana bade kenging tedaeun kangge jalmi sakitu seueurna?”[34] ”Sabaraha roti nu maraneh?” Yesus mariksa. ”Tujuh, sareng lauk saeutik,” tembal murid-murid.[35] Jelema-jelema ku Yesus dipiwarang dariuk dina taneuh.[36] Roti jeung lauk ku Anjeunna dicepeng tuluy Anjeunna muji sukur ka Allah. Roti disemplekan tuluy diserenkeun ka murid-murid sina dibagikeun.[37] Jelema-jelema dalahar nepi ka sareubeuheun. Rotina nyesa, ku murid-murid dikumpulkeun meunang tujuh karanjang.[38] Anu disuguh dahar harita lalaki wungkul aya opat rebu urang, jaba awewe jeung barudak.[39] Sanggeus dalahar ku Yesus dipiwarang baralik, ari Anjeunna terus kana parahu ngabujeng daerah Magadan.

Matius 6:30-44
[30] Jukut di tegal, anu poe ieu jadi poe isukna geus diduruk, ku Allah didangdanan mani alus. Atuh komo deui maraneh, moal teu dipaparin pakean! Ulah sok kurang percaya![31] Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ʼKumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!ʼ Atawa, ʼKumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!ʼ ([32] Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.[33] Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.[34] Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”[35] ”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.[36] Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.[37] Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep?[38] Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ʼCing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ padahal dina panon sorangan aya balok?[39] Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.[40] Ulah mikeun barang suci ka anjing, supaya anjingna ulah malik ngarontok ka maneh. Ulah mikeun mutiara ka bagong, sabab tangtu eta mutiara bakal diidek-idek.”[41] ”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.[42] Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.[43] Di antara bapa-bapa di dieu, aya anu kalah ka mere batu lamun anakna menta roti?[44] Atawa lamun anakna menta lauk kalah ka dibere oray?

Lukas 15:11-32
[11] Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua.[12] Anu bungsu nyarita ka bapana, ʼBapa, harta bagian abdi teh bade disuhunkeun ayeuna bae.ʼ Bapana ngagugu, tuluy kakayaanana dibagikeun ka anak-anakna.[13] Heuleut sawatara poe nu bungsu ngajualan warisan bagianana, duitna dibawa indit ka nagri anu jauh, dipake roroyalan sakarep-karep.[14] Sanggeus duitna beak, eta nagri katarajang bahla kalaparan; hirupna si bungsu geus muluntu.[15] Tuluy manehna buburuh ka hiji jalma urang dinya, dititah ka tegal ngajaga bagong.[16] Manehna kacida lapareunana nepi ka kabita hayang ngeusian beuteung ku parab bagong, tapi teu aya anu mere dahareun naon-naon.[17] Kakara manehna eling, hatena ngalengis, ʼDi bapa mah dahareun kuli-kuli ge datang ka leuwih, ari aing di dieu nepi ka meh paeh kalaparan![18] Mending oge balik ka bapa, rek wakca: Bapa, abdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa.[19] Parantos teu pantes diangken deui putra, jadikeun kuli bae abdi mah.ʼ[20] Sanggeus mikir kitu bral indit rek balik ka bapana. Jauh-jauh keneh bapana geus nenjoeun, hatena ngahelas liwat saking tuluy muru, gabrug ngarangkul jeung ngagalentoran.[21] ʼBapa,ʼ ceuk anakna, ʼabdi rumaos dosa ka Allah sareng ka Bapa. Parantos teu pantes diangken deui putra.ʼ[22] Tapi bapana anggur nyalukan bujang-bujangna. ʼGeuwat!ʼ carekna. ʼBawa ka dieu pakean anu pangalusna, pakekeun ka ieu anak kami. Pakekeun ali kana ramona, tarumpahan sukuna.[23] Peuncit sapi anu panglintuhna, urang pesta suka-suka![24] Sabab ieu anak kami anu geus paeh ayeuna hirup deui, leungit kapanggih deui.ʼ Ti dinya tuluy bae pesta.[25] Ari nu cikal harita keur di tegal. Dina waktu keur balik, sanggeus deukeut ka imah, ngadenge sora tatabeuhan jeung nenjo anu keur ngarigel.[26] Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun, ʼAya naon di imah?ʼ[27] Ceuk bujang, ʼTuang rayi sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna, reh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.ʼ[28] Si cikal ambek terus pundung embungeun ka imah. Ku bapana diteang terus dicombo, diolo sina balik.[29] Tapi tembalna ka bapana, ʼAbdi baranggawe di Bapa parantos mangtaun-taun sapertos kuli bae, parentah Bapa teu aya anu dipungpang. Parantos kenging naon ti Bapa? Teu dipaparin embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan sareng babaturan.[30] Ari eta, putra Bapa anu nembe sumping tas ngawur-ngawur harta banda Bapa ka awewe balangor, ku Bapa mani dipangmeuncitkeun sapi anu panglintuhna!ʼ[31] Walon bapana, ʼAnaking! Ujang mah kapan salawasna oge jeung Bapa bae. Jeung deui banda Bapa nya banda hidep keneh.[32] Pantes lamun urang ayeuna sukan-sukan suka bungah, sabab adi ujang anu sasatna geus paeh ayeuna hirup deui, leungit datang deui.ʼ ”

Romanian Bible 1928
Public Domain: 1928 Unbound Bible Biola University